Tampélé ‘na Kokocoran - Agus Sugianto

 

Ilustrasi: Treelined Road (1928) kénging Sam Glankoff

IEU lain carita Bi Karsih, Bi Nésmi jeung Bi Rati anu untuy-untuyan meuntas jalan tol Cisumdawu bari tuluy viral di dunya maya. Anu vidéona waktu diwawancara langsung dirékam pada ngalalajoanan, pada ngabagikeun dina pésbuk, tik-tok, jeung twitter. Tiluanana ngaku meuntas jalan tol téh lantaran rék ngalongok sawah katut munding ingon-ingon di peuntas ditu. Kapaksa meuntasan jalan tol lantaran pamaréntah teu méré jambatan pameuntasan. Aya éta ogé jalan fly over, tapi kudu nguriling aya kana lima kilona.

“Mani teu nyontangkeun pisan,” ceuk Bi Karsih bari menerkeun karémbong.

“Teu karunyaeun meureun pamaréntah téh ka jelema pantar Ibi mah,” Bi Nésmi ngéngklokan.

“Pa Kuwu deui …,” Bi Rati teu kebat.

“Ari ieu kanggo naon?” ceuk nu ngawawancara nunjuk kana éstégér.

“Apan kanggo meuntas. Ambéh satata luhurna.”

“Supados teu kedah luncat.”

“Kénging Mustakim.”

“Sakitu ogé aya anu haat.”

“Heueuh, éléh ku Mustakim pamaréntah téh,” anu tiluan patémpas-témpas.

“Mustakim téh saha?”

“Tuh, Mustakim!” Méh bareng nunjuk ka handapeun tangkal mindi sisi jalan. Kaciri aya lalaki jeung awéwé keur ngobrol handapeunana.

“Bobogohan waé!” ceuk Bi Nésmi rada nguciwes.

“Hayoh, timburuan …,” ceuk Bi Karsih.

“Meunyi!” Bi Nésmi ngelél.

“Adi lanceuk, maenya bobogohan?”

“Meujeuhna wé, béda bapa séjén indung apanan.”

Tah, ieu mah lalakon Mustakim anu cikénéh diaromongkeun. Anu ayeuna keur ngiuhan handapeun tangkal mindi bari ngobrol jeung Siti Rohani, awéwé anu ceuk Bi Nésmi mah kabogohna Mustakim. Urang lembur nyarebutna Siro, nénéhna tina Siti Rohani. Teuing ngarah téréh, teuing alatan teu lumrah meureun jelema cicing di lembur saumuran sakitu boga ngaran dua kecap.

Sabréhan ogé Mustakim jeung Siro téh—urang nurutan urang lemburna wé maké nénéhna—kaciri pakokolot supa. Umurna ceuk taksiran mah 40 taunan punjul saeutik. Siga leuwih kolot sotéh alatan kasusah anu kaeunteungkeun dina sorot panon jeung gurat caréhamna. Mustakim dirorok diaku anak ku kolotna Siro. Bisana kitu téh lantaran indung bapana Siro taun-taun rumah tangga teu waé boga budak. Nya ngangkat anak dulurna itung-itung pamikat. Kabiruyungan, sataun ti ngukut Mustakim téh brol Siro. Keur ukuran urang lembur mah duanana ogé kaitung pantes. Mustakim kawilang gandang sakitu mah, ari Siro hideung santen manis. Cacak kasurung ku dangdanan mah moal teu aya tempoeun.

Ki Résem, bapana Siro téh kuncén makam Mbah Ruyung Keling, pahlawan lembur anu ngalawan Walanda jeung Jepang, ditumbu ku ngayonan huru-hara gorombolan. Perlaya lantaran keuna ku pitapak musuh, tuluy diraponan ku gorombolan. Mbah Ruyung Keling ditangtang ijén patutunggalan ku jawara panglima gorombolan. Der tarung, jogol bégalan pati di lamping pasir. Waktu panglima musuh kaséség, gurudug téh pasukan gorombolan anu nyarumput satukangeun kakayon narajang. Mbah Ruyung Keling bobor karahayuan, ruyung hideung gagaman pusakana digabreskeun kana dadana, tobros kana tonggong. Kitu ceuk dongéng anu nyebar di éta wewengkon. Mbah Ruyung Keling dimakamkeun di handapeun pasir leutik sisi lembur. Najan teu réa, tapi sok aya wé urang lembur sabudeureun éta wewengkon anu ngadon jarah. Daratang bari ngeupeulan, méré sodakoh. Makam karamat téh jadi lahan kahirupan keur kulawarga Siro anu teu boga tanah najan satalapok peucang. Waktu bapana Siro nilar, pagawéan kuncén téh ragragna ka Mustakim.

Waktu sumebar béja bakal aya pembangunan jalan tol, Ki Résem neundeun harepan kana pusara Mbah Ruyung Keling. Lamun anu séjén mah miharep bakal meunang ganti untung tina sawah atawa kebonna kajabel ku jalan tol, Ki Résem mah neundeun harepan téh kana makam anu dirawatna.

“Teu ilahar ganti untung keur makam mah, Ki,” ceuk Pa Lurah. “Komo ngan saésé. Kajaba lamun pajaratan umum, sarorog meureunan.”

“Apan makam ogé aya taneuhan, Pa Lurah.” Ki Résem ngiceupna kerep.

“Dikumkeun jeung lahan tempatna. Henteu diwincik hiji-hiji, Ki. Dina meunangna ogé sigana bagéan si Darli nu boga tanahna,” ceuk Jurutulis.

“Apan kuring anu ngurus, anu ngarawatan éta makam, Lis.” Ki Résem mingkin kerep ngiceupna.

“Ieu mah ganti untung lahan, lain muruhan anu digawé, Ki,” Pa Lurah ngajawabna bari kéom.

“Nya éta mah terserah Pa Lurah wé. Itu ieuna masrahkeun kumaha hadéna. Nu penting mah éta makam aya balitunganana. Sabab lain sakuburan-kuburanana. Saréréa ogé apal saha anu dipendem di dinya. Kuring mah tibang nguruskeun. Lamun téa dianggap keukeuh peuteukeuh, kuring mah darma nepikeun.” Ki Résem neuteup seukeut ka nu haladir.

Pa Lurah, Jurutulis, jeung Mang Darli silih rérét kawas anu badami kudu kumaha nya pipetaeun. Ka dituna mah kawas anu padago-dago saha anu rék nyarita. Pa Lurah unggeuk ka Jurutulis.

“Heug atuh, Ki. Engké lamun datang pengelola ti Jakarta, ku kuring rék ditepikeun. Tapi papaitan ti ayeuna yeuh, kuring mah darma nepikeun. Masalah hasil jeung henteuna mah teu bisa nangtukeun,” ceuk jurutulis anu diunggeukan ku nu haladir.

Ki Résem ngagosok-gosokkeun dampal leungeun.

“Saheulaanan mah kitu wé. Urang pada-pada ngadunga sangkan lulus banglus bari hasil maksud sakumaha kuduna,” Jurutulis mungkas obrolan.

Jalan tol ngembat panjang satungtung deuleu, nya hideung nya leucir. Tinggal nunggu peresmian téh bet malédogkeun kahareneg kana angen balaréa. Bi Karsih, Bi Nésmi, jeung Bi Rati hareugeueun nyeueung sawah jeung ingon-ingonna di peuntas ditu. Asa budak leutik disapih nyusu alatan adian deui ku ayana jalan tol téh. Jambatan anu dipiharep jadi panumbu tineung téh taya béjana. Dina sesela gonjak karasa aya peurih anu teu kalis dibunian. Ayeuna atuh bisa kénéh meuntas najan hésé béléké tétérékélan kana éstégér ogé. Kumaha engké lamun jalan geus diresmikeun? Leukeur téh meureun diteukteuk, jajantung atuh dirabut.

Pa Lurah jeung Jurutulis jadi arang ngalanto ka kantor désa, kawas anu nyilib, nyingkahan warga anu nagih jangji. Sihoréng lain ka Ki Résem wungkul ngajangjian rék ngusahakeun téh. Ari jangji téa apan kawas baju sereg, matak sesek kana beuteung, matak gejed kana léngkah.

“Naha atuh Bapa téh sok gampil ngobral jangji?” ceuk pamajikanana.

“Ari sugan téh moal pikieueun. Bayangan kami mah pamaréntah bakal nyaah ka rahayat, piraku teuing rék tambélar.” Pa Lurah ngadayagdag kana panyarandéan korsi.

Kaayaan kitu téh puguh wé lolongkrang lega keur anu teu saidéologi mah.

“Atuda ékol mah taya usumna, jangji mah euweuh musimna,” ceuk Mang Dartam, tukang balantik sapi, anu geus panceg rék maju pilkadés bari nyéréngéh.

Ari Ki Résem jadi guligah. Cuw-céw béja, pajar makam karamat téh akon-akon wungkul. Mbah Ruyung Keling tokoh fiktif. Makam anu salila ieu dikuncénan téh teuing kuburan saha. Malah aya anu nyebut éta mah kuburan ulon-ulon gorombolan, diruang di dinya lantaran euweuh hiji ogé pajaratan anu daék narima.

“Teungteuingeun!” ceuk Ki Résem unggal-unggal.

Teu kuat nahan katugenah, Ki Résem gering pikir badis beunang ku werejit, nepi ka puput umurna.

Kalungguhan kuncén saterusna ragrag ka Mustakim salaku ahli warisna, kumplit jeung katugenah pikirna. Can-can acan ogé geus jadi panggeuhgeuyan.

“Rék nguncénan naon, nya euy? Kuburan kari urutna, teuing di mana lebah-lebahna,” ceuk saurang.

“Apan di pintu tol. Parukuyan menyan sapuratina diringkid ka dinya,” baturna némbalan.

“Kotak sodakohna kadé poho!”

“Teu kudu éta mah. Apan maké kartu, tinggal ngantelkeun kana tarang!”

Ari Mustakim anu diupatna anteng paduduaan handapeun tangkal mindi sisi jalan. Basa disampeurkeun, kakara sidik, lain keur ngobrol horénganan. Tapi keur paheneng-heneng, pagigir-gigir, kahalangan ku ransel hideung, mencrong ka peuntaseun jalan tol, ka lebah makam anu geus teu kaciri urutna.

“Siga anu rék indit-inditan?” Nanya kitu sotéh bari ngarérét kana ransel.

“Puguh rék ka Jakarta. Sugan wé hirup aya menyatna,” témbalna jero.

“Ari makam rék saha anu nguncénan?”

“Makam nu mana?” Mustakim seuri konéng.

Pabuburit Mustakim norojol ka imah. Sisinarieun. Taktak, beuheung, jeung sorot panonna kawas nu seunggah kamomotan bangbaluh. Kaitung panjang cacaritana mah. Ngan lamun dicindekkeun, asana ngan dua siki: mihapé Siro jeung miharep lalakon manéhna dicarponkeun.

“Sugan wé aya nu haat maca,” pokna.

“Perkara makam téa kumaha? Dibuntukeun baé?”

Ditanya kitu téh Mustakim kawas anu ngawahan. Sanajan bari pegat-pegat, teu burung manéhna ngadongéng. Bener cenah makam téh mamalihan. Mbah Ruyung Keling ukur karangan. Tokoh rékaan Ki Résem jeung kokolot lembur peuntas. Ngahaja diciptakeun, supaya warga lembur dieu jeung lembur peuntas anu sok silih satru gara-gara parebut cai usum katiga, pahili ingon-ingon, pasalia tapel wates sawah jeung kebon, atawa tina perkara maén bal, bisa akur. Berekah cenah, sanggeus dibéjaan yén urang lembur dieu jeung lembur peuntas sakocoran sasungapan turunan Mbah Ruyung Keling mah, tara kadéngé aya anu pagétréng deui. Kokolot lembur peuntas kungsi ngélingan ka Ki Résem ngeunaan kéncléng sodakoh ti nu jarah. Tapi Ki Résem kalah ka nyakakak. Pokna téh cenah keun baé, ambéh Mbah Ruyung Keling leuwih pageuh bungkeuleukanana.

Ditanya sual Siro, naon maksudna mihapé téh, manéhna teu réa carita.

“Nya mihapé wé ….”

“Mihapé téh mihapé kumaha?” Panasaran dilelekan.

“Baheula ari ka sawah sok resep ngala tampélé. Nyarumput handapeun jukut dina kokocoran. Ngalana disair maké lampit urut kulambu. Anu kasair tuluy dipais, digoréng garing, dibeuleum batur mumuluk atawa ngawadang. Anu katéwak ku barudak terus dipiara jadi kaulinan dina kéler. Anu ngagarung, teu kasungsi nasibna, bareng jeung ngajelegedegna perumahan, pabrik, jalan, jeung pangwangunan lianna. Tampélé mah potrét panggiridig jaman. Ti mimiti révolusi hijau nepi ka jenggléngan jalan tol. Teu kabéh kacatet. Malah meureun réréana. Hadéna aya anu ngotrétkeun babasan balég tampélé,” cenah kawas anu ngaitkeun tineung. Disusul tepus naon maksudna, weléh teu betus.

Kabeneran pagétona pasangrok di mini markét jeung Siro. Nya tuluy dipapaykeun, sugan aya talatah séjén ari ka jinisna mah.

“Da kitu Kang Mustakim mah, keukeuh waé dina rangkay sak wasangkana,” cenah bari imut maur. “Badé kumaha ngayakinkeunana, upami jalmi tos cangcaya kana kereteg dirina ….”

Tah, kitu lalakon Mustakim téh. Kawas anu disuguhan kotak pandora. Salawasna ngasongkeun tarucing. Kitu pisan anu karasa saupama manggihan Siro keur ngajanteng di tengah jalan, neuteup lemesna aspal. Teuing naon maksudna. Anu kacipta téh Mustakim ogé di Jakarta keur kitu peta. Siro jeung Mustakim kawas gurat lempeng anu ditumbukeun ku jalan tol: Siro tol Mustakim, heueuh! ***


AGUS SUGIANTO, pituin urang Kampung Cibenda Désa Batusari Kacamatan Dawuan Kabupatén Subang. Kiwari ngumbara di Suranenggala Cirebon, dibenum jadi guru Bimbingan jeung Konseling di SMP Negeri 1 Suranenggala Cirebon. 

Posting Komentar

3 Komentar