Rawayan - Sajak-sajak Muhamad Faisal

Ilustrasi: "The Piano Lesson" kénging Alexandra Ekster (1925).


RAWAYAN
 
Anaking,
 
Baheula bapa nyorangan di jambatan
Nyorang pipikiran sorangan
Ngalabuhkeun manéh ngahiji jadi riak cai
Ngajirim jadi leuwi
 
Ayeuna aya nu nungtun anjeun meuntas walungan
Ti jauh anjeun gugupayan kawas hayang jadi rawayan
Antara kakeuheul bapa jeung kahandeueul abah
Nu terus palid ku rongkahna kanyaah
 
2023

 
 
PAPATAHAN
 
Anaking,
 
Papatahan bapa cara ménta hampura
Sabab ti leuleutik abah saukur ngandelkeun
Paneunggeul jeung pangwarah
 
Papatahan bapa sangkan bisa ngéjah kanyaah
Kawas neueulkeun biwir kana tarang
Atawa nyadiakeun keukeupan paranti mulang
 
2023
 
 

GANTUNGAN KONCI
 
Anaking,
 
Sakapeung hirup taya nu leuheung pikeun disorang
Sakapeung sok aya kaludeung ngagantung beuheung sorangan
Tapi bet ngarandeg sabot nempo dina konci ngagantung harepan
: Anjeun nu satia ngadagoan sangkan bapa mulang
 
2023
 
 

ÉS KRIM
 
Anaking,
 
Sugan jaga anjeun bakal inget
Pabeubeurang urang nyimpang
Ngadon niis ka toko és krim
 
Ti saprak datang anjeun tuturubun asup
Sabot bapa nunda sakur pipikiran
Di parkiran
 
Di jero anjeun segut nyuruput
Sabot bapa ngahuleng sakedapan
Geuning nyawa téh kawas boba
Nu terus ngurangan disedotan
 
Di luar aya nu masih lamokot és krim
Sabot bapa ningali imut anjeun
Geuning hirup téh leuheung keur disorang
Sanajan terus leyur dilamotan waktu
                                                          
2023
 

 
GALUNGAN
 
Jungjunan,
 
Kuring mireungeuh
Tacan kungsi meunang dina unggal galungan
Boh jeung harepan boh jeung panineungan
 
Geuning bener ceuk Chairil
Hirup mah ngadago-dago piéléheun
Mun lalampahan tacan manggih pigeusaneun
Kuring hayang mulang kana lahunan
Ka anjeun nu saenya-enyana keukeupan
 
2023
 
MUHAMAD FAISAL, lahir di Bogor, 21 September 1994. Alumni Prodi Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI Bandung. Salila kuliah kungsi aktif di komunitas sastra Turus Hima Pensatrada UPI. Karya-karyana dimuat dina Manglé, Tribun Jabar, jeung Buruan.co. Ayeuna cepeng gawé jadi guru Basa Sunda di SMAN 1 Cisarua, Kabupatén Bogor.

Posting Komentar

0 Komentar