Hujan Sésa Janari - Sajak-Sajak Cécép Burdansyah

Ilustrasi: The Rain Landscape (1866-1944) kénging Wassily Kandisky


Hujan Sésa Janari
: Thomas Jefferson

Jumaah kamari 
aya hujan sésa janari
ngaleut buruh-buruh ti jero pabrik
ngahaleuangkeun lagu kanyeri
upah korédas parebut kuota jeung béas.

Dina lambaran kanyaah kolot
nu geus heubeul ditilepan
kuring ngageuri 
mun bisa ulah aya nagri 
tapi saréréa hirup walagri.

Bandung, 2023



Innalillaahi

Maca diri dina kaca 
loba nu teu karampa.

Nyungsi diri ku pangarti 
loba nu teu katepi.

Ngojayan sagala kahayang
tihothat ninggalkeun solat
brasna ka astana.

Bandung, 2023



Balada Anak Jadah

Dina amparan sajadah
kumelip anak jadah 
rénghapna mapaykeun bapa:
aya di surga, walon indung
bari nginghak.

Dina amparan jaman
kumelendang anak jalanan
seurina miharep surti:
saha nu rék paduli, cék politisi
bari jebi.

Koran-koran jeung televisi
ngémbarkeun kamalaratan
isukna dina warta:
congo bedil ti aparat
meunggaskeun harepan rayat. 

Bandung, 2023



Homo Ludens

Ulah segut teuing maca sajak komo jeung nulisna
bisi kalinglap nepi ka haté rajét
pikir diri jadi nabi.

Ulah tibabaranting nganggit puisi 
nepi ka langlang-lingling umaku panghadéna
malah tijuralit terus disangka ririwit 
antukna balaréa ngarasa rujit.

Tong boro sajak atawa puisi
apan hirupa gé sakadar kaulinan
kitu cék Johan Huizinga,
dina bukuna Homo Ludens.

Bandung, 2023



Tunggara

Pameunteu salira
nu karaggeum dina 
instagram,
nyaliara jadi tunggara.

Bandung, 2023



Sonéta Hujan Miripis

Tilu taun ka tukang kasaksian pisan
ngeplak sawah héjo matak hégar téténjoan
ladang tandur lalaki-awéwé nu geus cueut ka hareup
singkil gawé bari galécok isuk pagéto urang bisa kénéh dahar.

Sataun ti harita ngaliwat deui ka lebah dinya 
sawah jadi cengkalan taneuh garing lir biwir keur barusuh
Wétaneunana buldoser jeung papan réklameu ngajeblag
unggal hujan miripis ngalangkang cipanon.

Har, har, cék selenting béja 
bakal aya kawasan satelit keur jalma-jalma élit 
ari jalma leutik nu kamari tandur tuluy kamarana.

Bieu pisan meunang deui béja ti kabupatén
lebah dinya gegedén gunting pita dikeprokan 
imah agréng saréak siga dagang goréngan.

Bandung, 2023



CÉCÉP BURDANSYAH, nulis fiksi, sajak jeung éséy, dina basa Sunda jeung Indonésia. Opat kali dilélér hadiah sastra LBSS, sakali dilélér hadiah jurnalistik Moh. Kurdi ti Paguyuban Pasundan. Taun 2019 jadi juara harepan saémbara nulis kritik Dèwan Kesenian Jakarta. Bukuna nu geus medal: Anak Jadah (kumpulan carpon, 2002), Sangkakala (kumpulan carpon, 2022), jeung Sastra Sunda Hampuraeun (kumpulan éséy, 2023). Carponna, "Pulangkeun Hayam Aing", dipilemkeun tur jadi pinunjul dina sababaraha féstival pilem pondok, nasional jeung internasional. Ayeuna muka prakték jadi advokat.

Posting Komentar

0 Komentar