Lalakon Aki-Aki Tolohéor - Yus R. Ismail

 

Ilustrasi: Old Man in Warnemunde (1907) kénging Edvard Munch

Ngajenghok barang rét ka warung sayuran peuntaseun jalan. Siga Euis keur balanja. Apal dedeganana, enya ogé aya kana opat puluh taunna henteu panggih. Rada bayuhyuh, tapi henteu saperti awéwé séjén. Malah ti tukang mah henteu pantes disebut nini-nini.

Enya, apan ayeuna téh umurna 68 taun. Dua bulan kaliwat kuring apan ulang taun anu ka-70. Enya ogé euweuh anu ngawilujengkeun atawa mangnyangukonéngkeun, tapi sorangan mah inget. Ka si Nunung, Ilyas, Dadang mah moal teuing inget. Ongkoh deuih barudak téh ti baheula ogé tara diulangtaunkeun, malah tara diinget-inget tanggal dijurukeunana ogé. Lamun kuring 70 taun, hartina Euis 68 taun. Enya, da ngan béda dua taun kuring jeung manéhna téh. Apan basa kuring kelas tilu SPG manéhna kelas hiji mimiti resepna ogé.

Ampir lima taun hahadéan jeung Euis. Henteu aya halangan-harungan. Da puguh mimitina ogé papada resep, sarua bogohna. Kulawarga sarua ngadukungna. Ampir unggal malem minggu kuring idek liher di imah Euis, geus henteu kawas tamu deui. Sakapeung henteu saukur ngobrol duaan jeung Euis, tapi ngadon ngaliwet atawa garapléh jeung dulur-dulur lalakina. 

Éta ogé kabéjakeun sababaraha kali aya lalaki anu ngahéroan Euis. Tapi Euis mah lain awéwé gélényé. Tara-tara acan ngalayanan. Cenah salah sahiji alesanana apan geus boga kuring. Kuring ogé lain lalaki anu gampang katarik ati ku awéwé, atawa resep ngaheureuyan awéwé gélényé. 

Anu jadi masalah téh, kuring bet kabéngbat ku dongéng. Ti leuleutik saenyana resep kana dongéng téh. Utamana basa mimiti bisa maca di kelas dua SD. Perpustakaan sakola asana ampir kabéh bukuna dibacaan. Lamun maca koran ogé apan diimeutan nepi ka iklan-iklanna. Tah, basa kuliah di IKIP Bandung, bet kabungbulengan ku carita Musashi karangan Eiji Yoshikawa, pangarang Jepang. Basa Euis lulus ti SPG, saenyana kungsi sababaraha kali manéhna nalék leuwih daria, iraha cenah rék nanyaan, ngabadamikeun waktuna ka balé nyungcung. Ceuk kuring, apan kuliah ogé acan lulus.

Sabada lulus ti IKIP, kuring langsung ngumbara ka Pagaralam di Pulo Sumatera. Ngadon ngajar di SMA Pagaralam. Eta ogé Amih sareng Apih kungsi naros ngeunaan Euis. Tapi kuring ukur baluar-balieur bari teu puguh ngajawab. Sabada tilu taun ngumbara di Pagaralam, dina hiji poé mah Amih nelepon semu ngananaha, bari tungtungna pokna téh, “Mulang heula minggu ayeuna. Pokona mulang!”

Henteu bisa mungpang saupama Amih anu miwarang. Sigana menteri pendidikan ogé moal bisa ngahalangan. Isukna poé Saptu, kuring mulang. Dua poé di jalanna ogé jaman harita mah, taun 1980-an. Ti Pagaralam ka Bandung tumpak beus, terus ka Sumedang bari di Sumedangna ogé ka jero deui lembur téh. Capé di jalanna mulang téh. Ari idin ka kepala sekolah ukur saminggu.

Amih mimitina mah nanya, kumaha cenah hubungan jeung Euis téh, iraha arék nanyaan anu serieus? Amih sareng Apih mah da siap iraha waé ogé. Lantaran jawaban kuring henteu puguh—alesan ngudag heula karir, acan merengseng hayang, jeung alesan naon waé anu harita ngaliwat kana pikiran, Amih tungtungna mah nyeukseukan. Sapeupeuting kuring diceramahan. Tara bisa ngajawab upami Amih tos kitu mah. 

Pukul dua belas leuwih kakara meunang ka pangkéng ngareureuhkeun awak anu asa pasiksak. Tapi geuning henteu bisa reup. Karunya ogé ka Euis. Lain sakali dua kali manéhna nélépon. Surat mah teu kaitung. Tapi ukur dua kali dibalesan, pondok, ukur nyaritakeun riweuh da puguh guru anyar. Eta ogé saukur ngabalesan. Karunya. Ongkoh Euis mimiti curiga, cenah kuring boga anu anyar. 

Indit deui ka Pagaralam téh pasusubuh. Amih ngomat-ngomatan sangkan kuring manggihan heula Euis. Tapi kuring saukur nyérangkeun suhunan imahna ti kajauhan. Hawa masih tiis, seger, tapi haté mah ngaguruh balas pacampurna sakabéh rasa. Kacipta, Takezo alias Miyamoto Musashi ogé sigana kieu rarasaanana téh, waktu ninggalkan Otsu di Jambatan Hanada. Tapi kumaha deui, kudu téga, kudu ludeung ninggalkeun keur anu masih hayang ngumbara mah. Enya, apan kitu ceuk Takezo ogé. Awéwé téh tali pikeun anu hayang ngumbara mah. Takezo masih hayang ngulik jalan pedang ku cara jadi ronin, alias samurai anu henteu boga dunungan. Ari kuring, masih hayang apruk-aprukan néangan dongéng anu masih bacacar di pakampungan di kolot-kolot anu pinuh kaweruh.

Tilu taun ti harita, mireng béja Euis ngadahup ka dokter puskésmas. Terus pindah ka Malang, Jawa Timur. Kuring mah basa umur 35 taun kakara taluk ku urang Mulak Sebingkai, mojang Besemah, urut murid di SMA Pagaralam. Yulisa, mojang anu dédéngéeun lamun ngahaleuangkeun batanghari sembilan. Ti harita mah henteu kungsi mireng deui béja ngeunaan Euis.

Sabada pangsiun, tadina moal incah ti Pagaralam. Puguh geus kapélét ku hawa Gunung Démpo. Ongkoh deuih apan Apih sareng Amih tos ngarantunkeun. Barudak malencar, nurutan kuring meureun. Nunung di Bogor, Ilyas di Acéh, Dadang mah di Brunei Darussalam. Tapi dua taun ka tukang, Yulisa henteu katulungan basa kaserang Covid-19. Kaleleban, inget waé. Bet kapikiran mulang ka lembur.

Ngeusian bumi Bi Engkar anu aya dua taunna kosong. Puguh barudakna henteu aya anu nganjrek di lembur. Ari bumi Amih sareng Apih mah dieusian ku Néndén, adi kuring. Néndén jeung dulur séjénna atoh kuring mulang téh. 

Tadina ogé mulang téh rék ngareureuhkeun pikir jeung awak. Pulak-pelak di buruan. Da éta karesep sabada pangsiun téh. Sakapeung nganjang ka babaturan anu kari dua-tilu urang deui di lembur téh. Tapi dina hiji soré, basa keur nyébor sosin di sisi balong, aya pengumuman di masjid. Innalillahi ...! Bapa Parjo, pangsiunan dokter, carogé Ibu Euis, ngantunkeun cenah. Ceuk béja mah, Pa Parjo téh ragrag tina tangkal buah. Anjeunna ngarayap naék kana tangkal buah, ngudag manuk anis anu leupas tina kurungna.

Keur nyébor téh bet inget kana carita Cinta di Tengah Wabah Koléra. Haté mah ngananaha, bet inget kana novel Gabriel Garcia Marquez, Love in the Time of Cholera. Ah, jajauheun atuh diri téh siga Florentino Ariza mah. Florentino mah lalaki anu satia kana hiji cinta. Cinta munggaran ka mojang umur 13 taun, Fermina Daza. Sanajan kungsi ngacacang dina pangalaman-pangalaman birahi jeung 622 awéwé, apan cintana ka Fermina Daza mah henteu pareum.

Kuring mah lain Florentino. Henteu bisa ngajaga cinta kawas kitu. Buktina, apan baheula ogé ngolémbar, hararésé diajak ngamonuménkeun cinta dina jatuk rami. Padahal henteu aya anu ngahalangan antara cinta kuring jeung Euis téh. Papada bogoh, papada dirojong ku kulawarga, papada satata dina hirup kumbuh di lembur. Béda jeung cinta Florentino Ariza anu dihalangan status sosial jeung posésifna bapa Fermina Daza. 

Tapi dipikir-pikir, henteu kitu ogé. Rasa mah apan kuring ogé angger aya. Nganteng ka Euis. Henteu gampang ngadadarkeun kahayang ngumbara ngulik pangarti anu henteu jelas pikeun alesan nunda saheulaanan. Matak harita kuring angger ngajawab henteu jelas, ku naon bet ninggalkeun Euis. Ari rasa mah apan nyérédét basa neuteup suhunan imah Euis, saméméh miang ninggalkeun lembur kadua kalina. Haté lewang henteu saukur basa léngkah mimiti buleud patékadan moal nepungan Euis heula, tapi mangtaun-taun sabada éta. Pastina kawas Takezo basa ninggalkeun Otsu di Jambatan Hanada. Jararauh panineungan.

Harita téh ka magrib meureun lima menit deui mah. Kakara mulang ti makam umum tas ngurebkeun Pa Parjo. Kuring diuk dina korsi téras imah Euis. Basa rentang-rentang Euis datang, kuring nangtung nyampeurkeun. Barudak Euis jeung dulurna nu séjén mah terus ka jarero imah. Meureun nyangkana kuring rék ngucapkeun béla sungkawa. Padahal basa paadu hareupan jeung Euis, anu pok tina biwir kuring:

“Euis, kurang leuwih opat puluh taun saenyana Akang téh miara rasa dina haté. Rasa anu kungsi ngagalura mangsa urang rumaja. Ayeuna aya kasempetan. Muga urang dihijikeun deui. Akang ngalamar Euis, engké sabada waktu idah réngsé.”

Euis mundur. Tarangna kerung. Neuteup siga ngimeutan anu anyar pinanggih. Basa kuring malikan deui naon anu diomongkeun, rénghap Euis ngerepan. Gantawang téh:

“Balik siah! Jelema teu boga cedo! Jelema teu uyahan! Atah adol!”

Kuring ngungkug balik saméméh dulur-dulur Euis kaluar ti imah. Euis lumpat bari ceurik. Boro-boro popoéan, henteu jam-jaman acan, Nunung nélépon nanyakeun bener henteuna naon anu diomongkeun ka Euis. Waktu kuring ngaenyakeun, Nunung ogé ngananaha. 

“Ari Apa, siga anu lieur ...!” Kitu pok-pokan Nunung anu masih inget téh. “Entong ngisinkeun kulawarga atuh, Pa ...!”

Peutingna kuring henteu bisa saré. Ngananaha diri sorangan. Naha bet kamalinaan kabéngbat ku dongéng téh. Apan antara kuring jeung Florentino Ariza mah dipisahkeun ku waktu, ku jaman, ku tempat, ku ageman, ku tradisi, ku budaya jeung ku anu séjénna. Naha bet nurutan anu henteu unina.

“Akang, abdi téh mendakan wartos anu henteu raos,” ceuk Néndén basa pasusubuh ka imah kuring. 

Pasti moal lila ogé guyur salelembur. Pasti aya anu ngageuhgeuykeun, nyebut teu boga cedo, kurang saeundan jeung réa-réa deui. Bari mirengkeun Néndén ngananaha téh haté mah seuri. Keun baé. Keun baé kitu. Apan Fermina Daza dina Love in the Time of Cholera ogé mimitina mah kitu, kawas Euis. Engké mah geus sorangan, dina waktu haté ngarasa simpé, sanajan leutik pasti aya tempat pikeun malikan mikiran deui kuring.

Sarua jeung diri kuring, sakieu geus kakolotan, aya kénéh pikiran jeung haté teu uyahan. Najan leutik, geuning bisa ngabadagan lir jurig kiciwis.***

 

Rancakalong, 20-23 Agustus 2023.


YUS R. ISMAIL, ngarang dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Réa carponna anu kungsi dimuat dina Manglé, Tribun Jabar, Galura, Pikiran Rakyat, Republika, Media Indonesia, Kompas.id, Detik.com, Jawa Pos, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos jeung réa-réa deui. Ayeuna nganjrek di Rancakalong, ngarang jeung tani kekembangan. 

Posting Komentar

0 Komentar