Ilustrasi: Purgatorium (2017) kénging Aleksandr Glukhov. |
Béja ngeunaan vidéo rékaman pernikahan Zidan jeung Salsa anu robah sabada disetél deui teu wudu matak geunjleung. Ari runtuyan acarana mah sarua ti mimiti bubuka nepi ka pungkasan, ngan anu dirapalan téh lain Zidan jeung Salsa. Pangantén lalaki robah jadi Yudi, urut beubeureuh Salsa. Piraku …? Piraku …? ceuk urang lembur. Maenya …? Maenya …? ceuk urang kota.
Tamu ondangan teu tulus baralik. Anu geus mulang daratang deui, panasaran ku nu mawa béja. Anu diondang teu datang masamoan tinggurudug, anu teu diondang daratang. Ngaliud ngagimbung di imah nu boga hajat parat ti patengahan, balandongan, buruan nepi ka tempat parkir jeung jalan. Vidéo rékaman anu geus robah téa langsung viral di dunya maya. Dilalajoan ku ratusan juta warga Facebook, Twitter, Tiktok jeung Instagram. Béja pabéja-béja. Anu geus meunang béja dibéjaan ku nu kakara meunang béja. Harénghéng alah batan mamaréng.
Sabalikna jeung sahéng di luar, di jero imah mah tiis combrék kawas tonggérét kadempét. Kulawarga pangantén lalaki narangtung sidakep, panon miyuni hayam aduan ngulincer néangan layan di pakalangan. Pangantén lalaki mencétan ramo ku sorangan. Taktakna diusapan ku nu tadi nyérénkeun. Kulawarga pangantén awéwé dariuk dina karpét, ngareluk ngadagoan saha anu rék muka omongan. Pangantén awéwé mah teu milu ngariung. Pa Lurah jeung Ketua DKM silih rérét. Pa Lurah unggeuk, Ketua DKM déhém.
“Teu saé teras paheneng-heneng. Ayeuna mah sok urang ngawitan badanten kumaha bulé hideungna,” ceuk Ketua DKM rut-rét ka nu hadir.
“Ari abdi, saabdieun, pami nuturkeun kakeuheul mah mani hoyong kumaha …,” ceuk anu tadi masrahkeun teu kebat.
“Palay kumaha maksadna?” anu tadi narima rada teugeug.
“Ké … ké … ké …, Pa! Urang kupingkeun heula,” Ketua DKM ngahuit, “mangga teraskeun, Pa!”
“Atuda asa ditaplokan ku kokotor. Cobi wé bayangkeun upami Bapa aya dina posisi abdi. Wiwirang di kolong catang, nya gedé nya panjang,” cenah.
“Perkara wirang mah komo nincak di abdi, Pa. Kulawarga Bapa onaman tiasa ngalepatkeun ka abdi. Ari abdi rék neumbleuhkeun ka saha?” cenah deuih.
“Janten kumaha atuh?”
“Har! Dah bawang dah kapas ari abdi mah.”
“Tos! Tos! Cobi ari hidep kumaha?” Ketua DKM malik ka pangantén lalaki.
“Pondok ti abdi mah. Abdi ragrag talak tilu!” pangantén lalaki tandes, kaciri nahan kekerot.
“Sapuk!” kulawarga lalaki saur manuk.
“Diteraskeun mah bilih pajarkeun beubeulieun,” anu di tukang ngéngklokan.
“Tah, geuning kitu saur jinisna téh, kumaha?” Ketua DKM nunjuk ka kulawarga pangantén awéwé.
“Carék tadi ogé abdi mah dulang tinandé. Panjang mangga, pondok hayu. Da teu rumasa cidra, kasaksén ku sadayana.”
“Cindek pami kitu mah. Ujang sareng si Enéng pipirakan. Saterasna wawakil ti kulawarga pameget sareng kulawarga istri badanten perkawis itu-ieuna. Abdi sareng Pa Lurah saksi. Urang opatan wé ngawangkongna, supados teu kagok ku nu ngaréwong.”
Luyu jeung hasil babadamian, pangantén lalaki jeung kulawargana marulang harita kénéh. Iwal anu nyérénkeun jeung mamangna pangantén anu teu milu balik téh, niat musawarah téa. Ngahaja ménta batur ngarah aya batur ngobrol mangsa balik cenah. Teu nyebutkeun sieun dikukumaha.
“Sasat dirérémokeun atuda,” ceuk ibu-ibu anu ngajaga parasmanan ngaharéwos. “Budak keur meujeuhna sono bogoh ka Yudi, hayoh diadu-adu ka nu séjén.”
“Untung sakitu ogé henteu kabur kawas dina berita geuning.”
“Ah, kacida wé éta mah.”
Obrolan lalaki mah séjén deui.
“Gara-gara dividéokeun ieu téh.”
“Ah, teu kurang-kurang batur ogé. Ieu mah anu ngarékamna sigana séntimén.”
“Si Kémal lin?”
“Ceuk urang mah mending kawinkeun si Enéng jeung Yudi, vidéokeun ku si Kémal. Hayang nyaho robah deui henteu?”
“Heueuh, nya.” Ger saleuseurian.
Teuing éta obrolan téh nepi ka kulawarga nu boga hajat, teuing sapikiran. Heuleut tilu bulan ti harita, Enéng dirapalan jeung Yudi. Lungsur-langsar sagalana. Vidéona henteu robah deuih, sarua jeung aslina. Si Kémal anu kamari-kamari teu weléh pias nahan bangbaluh sieun disalahkeun kaciri marahmay. Béhna mah anu nungguan idah téh tiluan: Enéng, Yudi jeung si Kémal.
Ngaran Kémal jadi kacapangan. Majarkeun téh lamun dirékam ku manéhna mah moal beunang dibohongan, hamo bisa dirékayasa. Vidéona bisa ngarobah nasib. Jeung enyana deuih. Waktu pertandingan final maén bal Domba Cup di Kacamatan Trusmi antara Alap-Alap FC jeung Arsélon, panitia manggil Kémal. Ari anu jadi sababna, Arsélon geus kawéntar sok curang, sok nyogok wasit sangkan biluk ka manéhna. Bener wé, sababaraha kali kaputusan wasit nimbulkeun kontrovérsi, nguntungkeun pihak Arsélon. Lamun kurang-kurangna sentak kaamanan mah sigana geus ragot sabada kick off kénéh. Pertandingan lekasan, Arsélon unggul 2-0. Panitia langsung muter vidéo rékaman Kémal harita kénéh disaksian ku saréréa. Nyata bédana. Dina vidéo mah Alap-Alap FC anu unggul, skorna 3-1. Wasit ngesahkeun gul Alap-Alap anu tadi dianulir jeung méré pinalti dua kali. Saluyu jeung waktu technical meeting, pertandingan diulang pagétona. Wasitna diganti. Hasilna persis pisan, Alap-Alap FC ngéléhkeun Arsélon 3-1!
Kémal disatatakeun jeung Hakim Jin Bao. Unggal aya pasualan rumit anu hésé diputuskeun, Kémal diogan. Vidéo hasil rékamanana dijieun patokan pikeun nyokot kaputusan, jadi dasar bebeneran jeung kaadilan. Pasualan hutang piutang, pembagian harta gono-gini, rajapati, korupsi, money laundry tug nepi ka perkara pilkadés, pilbup, pilgub, pilég jeung pilprés bisa réngsé kalawan aman daméy. Nagara aman raharja, répéh rapih, gemah ripah loh jinawi.
Pamor Kémal mingkin ngajaul. Sémah daratang ka imahna taya eureunna. Diondang ka ditu-ka dieu, ka luar kota, ka luar pulo, malah ka mancanagara. Kanal Youtube-na beuki ngélébét, subscriber-na teu kawadahan. Follower akun média sosialna ngéléhkeun artis jeung atlét olah raga sakuliah dunya. Naon rupa anu pakait jeung Kémal, tangtu jadi trending topic.
Hiji soré aya sémah tiluan. Anu hiji mah tangtungan négro, dedeganana jangkung gedé, maké jas didasi rapih pisan. Anu dua deui mah dangdananana basajan beresih, siga dangong urang Kanékés. Bédana téh iket lalakina jeung potongan baju anu awéwé asa ahéng, henteu sidik potongan naon-naonna.
“Nepangkeun abdi Ron Mallet,” ceuk anu dijas.
“Ron Mallet ti Amérika?” Kémal colohok.
Anu ditanya tibang ngahéhéh bari unggeuk.
“Dupi ieu?” Kémal nanya ka nu duaan.
“Piraku teu apal?” Ron Mallet kerung.
Kémal gideug.
“Teu béda ti sangkaan kami, Ambu,” ceuk nu lalaki.
“Enya geuninganan,” témbal nu awéwé.
Kémal rungah-ringeuh ngadéngé nu lalaki nyebut ambu téh. Apan kaciri pisan lamun anu duaan téh siga sapantaran.
“Saha téa?” Kémal malik ka Ron Mallet.
“Sangkuriang jeung Dayang Sumbi,” pokna Ron Mallet bari seuri.
Kémal calangap ayeuna mah. Panonna teu ngiceup nyidik-nyidik anu duaan. Anu disidik-sidikna mah ayem wé.
“Bolay waé kitu, Ambu?” ceuk Sangkuriang.
“Ari Ambu mah kumaha anu boga paniatan,” ceuk Dayang Sumbi.
Sihoréng Sangkuriang jeung Dayang Sumbi téh hayang ngoméan carita baheula. Sangkuriang ngarasa kateumbleuhan, ngarasa disalahkeun ku sajarah. Dianggap doraka ka indung, wani mikabogoh, hayang ngapimilik. Padahal apan lalakon téh boga duaan. Katresna téh henteu nogéncang. Kanyataan anu kaungkab ukur nodél kasadaran kamanusaan, henteu bisa mupus keleter romansa nu kungsi aya. Nya minangsaraya ka Ron Mallet anu nyiptakeun mesin waktu, sangkan diamprokkeun jeung Kémal pikeun ngayakeun réka balén peristiwa ngabendung Citarum, nyieun parahu.
Sanggeus dirékam dividéokeun ku Kémal mah kanyahoan yén Dayang Sumbi henteu kungsi ngirab-ngirab boéh rarang anu disangka balébat ku hayam jago. Anu kajadian Dayang Sumbi menekung ka Hyang Maha Agung ménta sangkan Sangkuriang tinekanan sapaneja. Hayam réang kongkorongok mah balukar kagareuwahkeun ku careuh anu mémang meujeuhna ngagalaksak, taya hubunganana jeung Dayang Sumbi. Dina perkara ieu Dayang Sumbi henteu mais henteu meuleum.
Heuleut dua poé ti harita kurunyung sémah duaan. Dangdanan kabaheulaan disamping nyanding susumping, digeulang nyandang makuta. Pangersa Déwa Guru diiring Batara Narada lumungsur ti Kahyangan. Ngahaja nepungan Kémal sabab aya urusan anu kudu gancang diréngsékeun. Duanana tos sarepuh pisan. Rambutna cetuk sadaya, peupeuteuyanana tos kokoplokan. Geulangna kénca katuhu katingal lalogor, meusmeus diasrodkeun. Kadigjaya teu walakaya adu hareupan reujeung gangasna mangsa.
“Hyang Otipati gingsir pikir. Hariwang dinaha-naha ku rundayan perkara Gatotkaca. Bisi dipiraku-piraku Jabang Tutuka bisa perlaya ku konta. Cenah meureun sakitu samakta ku ageman, ajian jeung gagaman, asak beuleum Candradimuka. Apanan Naga Percona ogé teu mangga pulia ku inyana,” Batara Narada mertélakeun. “Kami ngadéngé béja didinya boga kabisa ngarobah gurat carita.”
“Ampun paralun kaulanun, abdi mah purna katuna, teu bodo-bodo acan.” Kémal ngeluk, ajrih ku nu ngabahudenda sawarga loka.
“Pokona kitu maksud kaula ka dieu. Andika tinangtu ngarti,” Sang Otipati sumabda.
Ku lantaran Gatotkaca geus kasambut di médan tempur, réka balén adegan bitotama di tegal Kurusétra téh di-copy paste tina gambar lopian. Bréh téh Gatotkaca keur mengpengan hiber, tukangeunana ngabelesur sang konta ngukuntit unggal réngkak saban gerak tiap rénghap. Anu diudag anu ngudag meuntas rohang nembus waktu. Ku lantaran museur teuing kana nyingkahan konta, Gatotkaca teu engeuh kana benda langit ti luar angkasa. Barasat, jelegur! Putra Pringgandani téh pejah katabrak météor. Warugana ngoléang ngalayang kawas kalakay kaanginan. Konta anu leungiteun udagan terus ngabiur ka langit pingpitu.
Hyang Otipati jeung Narada undur bari sugema. Kémal nyangsaya hareupeun léptop. Pamuluna siga lungsé nakeranan. Ménéjer pribadina ngajengjen. Leungeunna nyekelan buku agénda jeung daftar sémah anu geus ngantri.
“Agénda kabéh batalkeun, sémah sinah marulang! Kuring hayang reureuh. Lamun aya anu komplén, béré ganti rugi!” ceuk Kémal bari peureum.
“Sumangga, Kang,” ménéjer unggeuk-unggeukan. “Badé liburan ka mana manawi? Agénda sareng akomodasina ku abdi badé disiapkeun.”
Kémal henteu némbalan, kalah peureum tipepereket. Kémal lain hayang liburan. Hayang reureuh.
Isukna Kémal nyieun pangumuman yén perusahaan jasa rékamanana dibubarkeun. Kanal Youtube jeung akun média sosialna ditutup.
Saminggu ti harita Kémal miluan tés P3K di Kementerian Komunikasi jeung Informatika. Hasilna langsung diumumkeun harita kénéh. Kémal teu lulus, niléy ujianana teu nyumponan batas passing grade anu geus ditangtukeun. Kémal kutuk gendeng sabab ngarasa jawabanana balener. Buktina anu niron ka manéhna, jawabanana disaruakeun, lulus.
Balik ti tempat ujian, Kémal langsung nyetél vidéo suasana ujian tadi. Manéhna rerencepan ngarékam maké kaméra mini anu dipasang dina kancing kaméjana. Kémal lalajo vidéo bari keun siah-keun siah. Diperkarakeun ku aing mah, gerentesna.
Vidéo lekasan, Kémal mencétan tarang. Rékaman téh sarua hasilna jeung aslina. Kémal tetep teu lulus. Baturna anu dibéré niron angger katarima.
Kémal ngahuleng. Key seuri sorangan.
“Dasar, sisit iguana!” Pet léptopna di-shut down.***
AGUS SUGIANTO, pituin urang Kampung Cibenda, Désa Batusari, Kacamatan Dawuan, Kabupatén Subang. Kiwari ngumbara di Suranenggala, Cirebon, dibenum jadi guru bimbingan jeung konséling di SMP Negeri 1 Suranenggala, Cirebon.
0 Komentar