Dua Lalakon - Nazarudin Azhar

 

Ilustrasi: Head Black Yellow Purple kénging Alexeij Jawlensky 

GEUS peuting yeuh. Geus waktuna reureuh. Wanci sareureuh kolot, ceuk kolot baheula mah. Ngan kumaha deui, ngaranna jalma butuh.

Di imah, si Asih geus tibra meureun. Tadi isuk ménta dianteur ka bidan, dipariksa, pédah asa teu ngarareunah awak waé cenah. Heueuh, keur kakandungan horéng téh. Karék dua bulan. Istirahatkeun, Sih, keun waé tong gawé heula. Kaputeun nu ti Bu Dodoh geus parat, lin? Heueuh. Ceuk bidan gé kapan cenah tong capé teuing, bisi kaluron. Duh, alhamdulillah. Rumah tangga geus lila, kakara ayeuna rék diparengkeun boga budak. Matak, najan dina saku geus aya bekel mulang, tur jumlahna rada lumayan, balik mah engké wé, susuganan meunang deui panumpang sagorolong deui mah.

Turun ti imah téh tas lohor, kakara tilu kali narik. Heueuh, milik mah teu bisa dihayang-hayang, teu bisa sakahayangna.

Ngabéca jaman ayeuna mah loba saingan atuda. Geus puguh angkot jeung ojég mah, anyar kénéh kapan jol ojég onlén. Tukang ngojégna ngarora kénéh, bararesih, sareungit. Jeung awéwé lalaki deuih, henteu lalaki wungkul jiga baréto. Darajat tukang ojég naék.

Akang gé geus wé atuh jadi tukang ojég onlén, ceuk si Asih. Batur gé loba lulusan SMA, malah cenah sarjana, nu jadi tukang ojég ayeuna mah. Piraku Akang rék terus ngabéca?

Hih, ari ilaing, mana motorna? Horéam ngiridit mah. Bisi teu kabayar. Duit sésa pesangon ti pabrik mah keun waé tong dibancang deui, bisi isuk géto aya karerepet, teu kudu unjam-injeum. Anggur mah tambahan, susuganan laksana ké hayang wawarungan téh.

Karunya wé, Akang tara biasa gawé beurat, ayeuna kudu ngabéca.

Teu nanaon atuh ngabéca gé, Sih. Nu penting mah halal. Umur sakieu mah geus hésé néangan gawé deui ka pausahaan téh.

Nya, teu nanaon jadi tukang béca gé kétang, tapi ulah éléh sét, ceuk si Asih. Saminggu ka tukang, awak téh disemprot heula ku minyak seungit ku si Asih. Asalna mah kuring gé nyanggéréng, nanaonan ieu téh, Asih? Akang téh rék ngabéca, lain rék indit begér!

Hih, ari Akang, ngarah sareungit, ngarah panumpang betaheun. Barina gé ieu téh lain minyak samanéa, oléh-oléh ti Haji Ésah, bawa ti Arab! Sugan wé atuh mawa milik, da minyak ti tanah suci!

Diambeuan, enya wé awak téh jadi seungit ajengan, euy. Malah saterusna minyak seungitna gé dibabawa. Tah na kotak! Diawét-awét. Hapé deuih, boga uing gé, teu éléh ku ojég onlén. Ngan éta mah sok dipapaké ku si Asih, nampa pesenan kaputeun.

Dur Asar, sanggeus solat di téras masjid agung, aya nu hayang dianteur kukurilingan. Lalaki geus kolot. Jigana mah ménak, béda sieupna. Pakéan rarapih, jeung katémbong komaraan. Hayang jalan-jalan, cenah, hayang mulangkeun panineungan, hayang nénjo deui kaayaan kota nu geus heubeul ditinggalkeun.

Muhun mangga, cekéng téh. Badé ka mana waé kinten-kintenna?

Ah, ngurilingan kota wé, Jang. Geus sono Bapa téh ka ieu kota, sanggeus puluhan taun ngumbara…

Ooh, muhun. Mangga atuh…

Clak manéhna kana béca, diboséh lalaunan, da kitu paméntana.  

Sajajalan manéhna teu nyarita, ukur sok nitah eureun sakeudeung, kitu gé ukur ku kodeu leungeun. Eureun di tempat-tempat nu meureun ngandung ajén sajarah pikeun manéhna. Kungsi diintip ti tukang, basa manéhna ménta eureun di hareupeun urut bioskop, manéhna nyusut beungeutna ku saputangan. Meureun nyusut cipanon.

Kuring saban poé ngulayaban di ieu kota, ngabéca. Saban poé ngaliwatan tempat-tempat nu sarua, teu ieuh meunang harti nu leuwih, nu katémbong ukur tempat nu biasa. Tapi pikeun manéhna, jigana mah éta tempat téh méré gambaran kaéndahan dina mangsa keur ngora. Mangsa mimiti wanoh kana geter-geter cinta. Meureun kitu gé.

Lebah hiji imah heubeul, nu diliuhan ku tangkal tanjung, manéhna nitah eureun deui. Jrut manéhna turun. Bangun hayang tenget, nangtung rada lila, deukeut pager beusina. Kuring gé milu turun, rada anggang di tukangeunana, milu ngilik-ngilik éta imah. Wangunan nu meureun dijieunna gé jaman walanda. Jandélana jarangkung, suhunanana jucung, tapi bangun taya kahirupan. Jandélana narutup, najan katémbong buruanana mah lalening tapak nyapuan.  Mindeng ngaliwat ka dieu gé mun keur nambangan, tapi da ukur sok ngaliwat wé. Karék ayeuna ngilikan éta imah, kabawakeun ku nu keur ngumbar panineungan. 

Manéhna katémbong ngarénghap jero. Basa malik deui rék leumpang ka lebah béca, katémbong imut tapi panonna bareubeu.

Geuleuyeung deui, béca diboséh lalaunan. Nyalsé pisan, malah kuring gé bari udud sagala. Asa milu tumaninah.

Ti dinya léok ka Jalan Sarikaya. Manéhna ngodeuan, béca nyisi méh adek kana trotoar, reg dierém. Teu turun di dinya mah. Manéhna ukur diuk bari melong ka lebah garéja.

Handapeun runggunuk tangkal mahoni, kuring anjeucleu na sadel. Di jalan teu pati réa patalimarga. Lain jalan utama tuda. Ukur aya jajaran imah heubeul di kénca katuhueun jalan, jeung garéja nu boa umurna gé geus ngaratus taun.

Kuring tangtu waé teu bisa ngabadé naon nu aya dina pikiranana. Tapi diwawaas, meureun ieu tempat gé sarua geus méré panineungan ka manéhna, nu kiwari teu katémbong pasemonna, naha ngemu kasedih atawa kumaha. Buruan garéja simpé.

Teu unggal poé aya nu kieu téh. Meunang borongan pikeun kukurilingan. Panumpangna teu ngarurusuh, malah ménta sangkan nyalsé baé di jalanna.

Geus rada lila, sababaraha minggu ka tukang, di tempat kuring eureun ieu, kungsi aya ibu-ibu, kira umur 65 taunan katénjona mah, maké kabaya héjo sahéab bangun nu karék mulang ti ondangan. Kaciri kénéh sésa-sésa kageulisanana mangsa keur ngora. Jalma nu jigana arang nandangan kasusah, diimpleng sanggeus sabéngbatan ningali paromanana. Teu apal, naha manéhna kaluar ti éta garéja atawa ti imah nu aya di gigireunana. Kasampak geus nangtung, ngagupayan. Basa disampeurkeun, ditanya badé ka mana, jawabanana sarua jeung si bapa nu kiwari keur jadi panumpang. Inget ayeuna mah. Enya, kungsi aya kajadian nu sarua.

Hayang jalan-jalan cenah. Pasosoré hadé poéna. Nya kitu, jiga nu kalakonan poé ieu, kuring ngaboséh béca ka jalan panuduhan manéhna. Ngaliwatan urut bioskop, taman kota, sakola Pasundan …. Ngan asana ukur sakali-kalina nitah eureun téh harita mah, basa ngaliwatan pendopo kabupatén, manéhna nitah asup ka jalan nu liuh ku tatangkalan, nu misahkeun alun-alun jeung wangunan pendopo.

Teu turun, tina jok béca manéhna meuntaskeun pelongna ka béh ditueun pager pendopo, tungtung paneuteupna duka di mana.

Kuring gé milu ninténan kaayaan. Abringan barudak maraké sapédah. Jalma-jalma nu arulin di alun-alun. Tukang dagang jajanan. Wangunan pendopo jiga nu geueuman. Mun keur aya kagiatan wungkul sok raména téh. Sakapeung sok milu ngetém di ieu jalan, sok rajeun meunang panumpang mun bubaran acara.

 Rada lila di hareupeun pendopo téh. Malah roko nu keur dikenyot gé ampir béak sabatang, basa manéhna nitah indit deui téh.

 Béca ngageuleuyeung, nyorang jalan nu teuing méré temah naon kana rasa manéhna, nu meureun keur ngundeuran deui panineungan nu kasampeur, jeung ngahaja disampeur tina lalakon hirupna di ieu kota. Tepi ka anjog deui di tempat inditna, di dieu, di hareupeun gareja.

Jrut kuring miheulaan, tuluy nuyun leungeunna basa manéhna turun. Kuring manggut sanggeus nampanan duit tina ramo-ramona nu bodas beresih. Sakedapan kaciri imutna, tina paroman nu kaciri bagja. Hayang negeskeun, ngan meureun teu sopan. Sanggeus nganuhunkeun, kuring nyakuan duit, clak deui kana béca. Sanggeus rada anggang, ngarérét ka tukang, si ibu téh geus euweuh.

Enya di dieu naék jeung turunna téh. Inget kénéh najan unggal poé panggih jeung rupa-rupa panumpang gé, da nyéta arang langka aya nu ngaborong jiga harita jeung ayeuna mah.

Hayang pisan, malah sapok-pokeun kuring hayang nyaritakeun pangalaman kungsi diajak ku si ibu geulis harita, ka lalaki kolot nu kiwari keur melong ka lebah garéja. Susuganan ieu carita bisa nyambung, ngan dipikir-pikir, asa taya gunana, bisi nu diajak ngobrol malah ngarasa kaganggu. Keur mah ti tadi gé teu kadéngé deui nyarita, iwal ti basa keur ngajak hayang indit jalan-jalan mah.

Ukur diwawaas, asa pantes mun di antara maranéhna kungsi aya hubungan téh. Atawa, kungsi boga pangalaman dina hirup nu hamo kapopohokeun, tur kiwari waktuna pikeun salahsaurang di antarana, ngundeuran deui kekembangan nu hégar di taman panineunganana…

Mun enya téh, leuh, kuring bagja bisa jadi bagian tina éta panineungan, nu tangtuna gedé pisan hargana pikeun maranéhna. Najan ukur tukang béca, tapi tukang béca nu geus nganteur dua insan dina mangsa nu béda, tapi dina galur carita nu sarua éndahna…

Lamunan kuring kitu sotéh. Boa ukur kabeneran, tur duanana taya hubungan nanaon, béda jalma, béda lalakon.

Sanggeus sababaraha menit di dinya, manéhna ngodeuan deui ku leungeun katuhuna. Geuleuyeung béca diboséh. Méngkol ka Jalan Gandaria.

Teu nitah eureun di jalan éta mah. Parat tepi ka parapatan, ti dinya manéhna nunjuk ka kénca, ka Jalan Pabuaran.

Lampu sisi jalan bruy-bray caraang. Lampu-lampu toko geus baranang.

Ayeuna teras ka mana, Pa?

Bapa rék mulang, jajapkeun ka Jalan Sirnarasa…

Dianteurkeun wé ka dinya, ka lebah imah nu dituduhkeun ku manéhna, nu katémbong réa jalma. Réa karangan bunga deuih. Créng manéhna mayar. Teu pok ngahargakeun, tapi manéhna méré rada gedé. Malah di luar sangkaan.

Manéhna tuluy asup ka buruan imahna, léngkahna ayem pisan, ngaliwatan jalma-jalma nu keur ngarobrol, nu beungeutna aralum…

Di béh ditueunana, kaciri aya awéwé, maké kabaya héjo saulas jiga nu mapagkeun …

Kuring ngalenyap. Kulit punduk karasa ngandelan. Hayang negeskeun, tapi jul-jol nu turun tina kandaraan. Aya nu nitah kuring mindahkeun béca sangkan teu ngahalangan. Kuring nyurung béca ka deukeut gang di gigireun éta imah. 

Saha nu pupus?

Bapa Sasmita, ceuk nu ditanya. Maotna mah di Jakarta. Tos sepuh. Urang dieu, ngan heubeul ngumbara di Jakarta. Kakara tadi Asar tepi ka dieu, dianteurkeun ku ambulan…

Dina karangan bunga nu ngajajar di buruan imah jeung sisi jalan, kabaca ngaranna: Rd. Sasmita Wiradiredja. Lain jalma biasa nu maot téh. Kaciri tina ngaranna, jeung réa nu ngucapkeun béla sungkawa, di antarana ti para pajabat pamaréntahan.

Hayang nanya ka jalma nu aya di dinya, naha wawuh ka lalaki kolot nu cikénéh turun tina béca, tuluy asup ka éta imah? Tapi kuring teu pok, kapegat ku sora adan Magrib nu ngalanglaung ti masjid teu jauh ti dinya. Jeung deui, asa teu perlu hayang écés kana naon nu cikénéh kalakon. Enya. Keun waé. Rék dijieun peperenian batin wé, pangalaman sabot keur ngabéca…

Duit nu katampa gé geuning ieuh duit enyaan, lain daun. Emh. Alhamdulillah, rejeki si utun inji, Asih…

Haté ngagerentes mapatkeun du’a keur nu anyar ninggalkeun ieu alam pawenangan. Keur almarhum, jalma nu kuring teu wawuh, tapi sabot maca ngaranna, bréh waé pasemon si Bapa nu tadi jadi panumpang téa.***

 

Tamansari, 2 Désémber 2023

 

NAZARUDIN AZHAR, pangarang, matuh di Tasikmalaya. Kumpulan carponna “Lagu Cinta jeung Sajabana” medal taun 2021 ku Penerbit Layung.

Posting Komentar

0 Komentar