TINA hasil panalungtikan Tom van den Berge (Van Kennis tot Kunst, Soendanese
Poezie in de Koloniale Tijd, 1993: 11-75) urang meunang katerangan yén nu
naralungtik basa Sunda nu jolna ti kalangan bangsa Walanda, ti pertengahan abad
ka-19 nepi ka taun 1942 téh aya tilu golongan, nyaéta juragan kebon (“de
planter”), juru Injil (“de zendeling”), jeung élmuwan (“de
wetenschapper”).
Di antara juru Injil nu aya andilna
kana kamekaran basa Sunda téh nyaéta Leendert Borst (1877-1956). Salah sahiji
buktina mangrupa buku De Soendaneesche Taalcursus (1919) nu disusun
babarengan jeung Leo Lezer. Dina éta buku ditétélakeun jatidiri Borst jeung
Lezer. Cenah L.A. Lezer mah “Particulier Onderwijzer in de Soendaneesche
taal” (guru swasta basa Sunda), sedengkeun L. Borst “Leeraar aan de
Soendaneeschen Taalcursus voor Officieren” (guru kursus basa Sunda keur
para opsir tentara).
Buku kursus basa Sunda beunang Lezer
jeung Borst téa didaptarkeun ku E.M. Uhlenbeck dina bukuna nu eusina ngeunaan sawangan
kana kajian basa-basa di Pulo Jawa jeung Madura, A Critical Survey of
Studies on the Languages of Java and Madura (1964, 2012: 32), minangka
salasahiji buku ulikan basa Sunda.
Méméh leuwih jauh, urang ilikan
heula riwayat singgetna dina Sumber-sumber Zending tentang Sejarah Gereja di
Jawa Barat, 1858-1963 (2006) susunan Th. van den End. Cenah, Leendert Borst
téh lahir 26 Oktober 1877. Bapana boga toko. Ari pagawéanana antarana kungsi
jadi guru sakola dasar, guru MULO (1900), jadi utusan atawa juru Injil (1
Oktober 1907). Manéhna kakara nepi ka Batavia, 2 Nopémber 1907. Antara 1908
nepi 1920 Borst jadi kepala Sakola Pendidikan Guru Zending (Zendingkweekschool)
di Bandung, antara 1921-1932 jadi guru sakola dasar di Centrale Commissie.
Borst kawin ka Clara Magdalena Kup, 10 Agustus 1904.
Leendert Borst (1877-1946) jeung pamajikanana, Clara Magdalena Kup (1880-1956). Sumber: Na vijftig jaren: gedenkboek van de Nederlandsche Zendingsvereeniging, 1868-1908 (1908). |
Riwayat séjénna aya dina
genealogieonline.nl. Di dinya mah urang meunang émbohna. Disebutkeun ngaran
bapana jeung indungna, Jacob Borst (1849-1918) jeung Kaatje de Bruijn
(1854-1932). Pagawéanana “Zendingsonderwijzer in Indie” (guru Injil di
Hindia Walanda). Kawinna ka Clara Magdalena Kup (1880-1956) dina 10 Agustus
1904 téh diémbohan ngaran tempatna, di Rotterdam, Zuid-Holland. Budakna tilu,
Jacob Borst (1913-1990), Jacobus Johannes Borst (1915-1974), jeung Catharina
Borst. Ari Leendert Borst maotna téh 1 Désémber 1946 di Oegstgeest,
Zuid-Holland.
Ayeuna urang ilikan nu leuwih wincikna tina buku beunang Th. van den End
(2006) jeung guntingan-guntingan koran. Ceuk van den End (2006: 11), salian
ngajalankeun misi, juru Injil téh nojokeun paniténna kana widang atikan,
ubar-ubaran, jeung kagiatan ékonomi katut sosial. Nya dina taun 1907, Nederlandsche
Zendingsvereeniging (NZV) munggaran ngirimkeun utusan husus pikeun widang
atikan nyaéta L. Borst, nu di Walandana jadi guru sakola.
Dina emprona, numutkeun “Opgaven aan de Commissie voor de Kweekschool van hetgeen door de drie klassen van de Kweekschool werd afgewerkt in den cursus 1909, met het oog op de overgangsexamens in December 1909” (dina van den End, 2006: 369-370), dina Agustus 1908, Juru Injil Iken nyérénkeun pingpinan Sakola Zendingkweekschool di Bandung ka L. Borst. Ku Borst, dangka atikanana ditambahan jadi opat taun. Guru séjénna aya dua, Naftali Titus jeung Sakeus Masnoen. Unggal kelasna, paling henteu ti kelas hiji nepi ka kelas tilu, aya pangajaran basa Sunda.
Ngeunaan sajarah Zendingkweekschool Bandung bisa diilikan deuih tina buku van den End (2006: 369-370) jeung Na vijftig jaren: gedenkboek van de Nederlandsche Zendingsvereeniging, 1868-1908 (1908). Ceuk van den End (2006: 13), geus ti taun 1899, Juru Injil Albers ngadongsok pangurus NZV sangkan milu ngamajukeun atikan bumiputra kalawan sistematis. Di antarana Alkema, juru Injil résor Bandung, geus ngatik hiji budak sangkan jadi guru sakola. Dina 1901, pangurus NZV nitah Alkema sangkan ngaronjatkeun atikanana jadi Zendingkweekschool. Di éta sakola, basa panganteurna basa Sunda. Ujian munggaranana diayakeun dina taun 1903 sarta dihadiran ku Juru Naséhat pikeun Urusan Bumiputra C. Snouck Hurgronje. Ari nu kungsi jadi kepala sakolana antarana L. Borst (1908-1920), H.D. Woortman (1920-1924), H. Lasschuit jeung T A. Gaikhorst (1924-1930), jeung T.A. Gaikhorst (1930-1932).
Dina Na vijftig jaren: gedenkboek van de Nederlandsche Zendingsvereeniging, 1868-1908 (1908) disebutkeun yén Zendingkweekschool téh diadegkeun dina Pébruari 1902, sabada Alkema konsultasi jeung Conferentie der Zendelingen katut Hoofdbestuur NZV. Maksudna sangkan urang Sunda nu ngaragem agama Nasrani bisa diatik jadi guru agama jeung guru sakola. Sangkan leuwih ngaronjat, NZV ngutus L. Borst sarta ngangkat jadi kepala sakolana. Borst téh cenah di Walandana guru nu nyangking hoofdakte di salah sahiji Diaconiescholen. Aktif deuih jadi pendéta di Rotterdam téh. Taun tukang (1907), Borst kadua pamajikanana miang ka Batavia, sangkan tatahar miluan heula ujian basa Malayu, géografi, jeung antropologi Hindia.
Ari diajar basa Sundana iraha L.
Borst téh? Ceuk Het Vaderland jeung Algemeen Handelsblad édisi 28
Juli 1911, Borst lulus basa Sunda (“voor de Soendaneesche taal”) dina
ujian nu diayakeun di Batavia antara 6-8 Juni 1911. Lulusna bareng jeung A.C.
Deenik nu harita jadi guru di Sakola Pendidikan Guru Bumiputra di Bandung (“de
onderwijzer aan de kweekschool voor inlandsche onderwijzers te Bandoeng”).
Borst mah harita geus jadi kapala Zendingkweekschool di Bandung téa (“directeur
der particuliere kweekschool voor inlandsehe onderwijzers te Bandoeng”).
Bisa jadi nya ti harita Leendert
Borst anléhna kana basa Sunda téh. Nu engkéna bisa gawé babarengan jeung L.A.
Lezer nyusun buku kursus basa Sunda. Samalah engkéna jadi instruktur para opsir
nu kudu diajar basa Sunda heula. Di lingkungan garéja, engkéna L. Borst nyusun
buku ngawih dina basa Sunda, Panglipoer (1916). Ceuk De Preanger-bode
(25 Pébruari 1916), buku padoman manyanyi dina basa Sunda nu sakeudeung deui
bakal dikaluarkeun. L. Borst, direktur Zendingskweekschool di Bandung,
nu ngumpulkeunana.
Ari gawé bareng L.A. Lezer jeung L.
Borst geus sumebar wartana ti katompérnakeun 1917. Ceuk De Preanger-bode
(28 Désémber 1917), nepi ka kiwari tacan aya buku keur diajar basa Sunda nu
ringkes sarta nyayagikeun bagian-bagian pokona pikeun kapereluan latihan
narjamahkeun, boh kana basa Sunda boh ka basa luar. Cenah, geus aya sababaraha
buku Sunda nu mangrupa dialog, tapi kondisina tacan nyumponan standar dina
basa-basa Eropah. Lezer, cenah, geus nyusun “Kleinen Leercursus voor de
Soendaneesche taal” (kursus leutik keur basa Sunda), tapi ngan nyayagikeun
tarjamahan tina basa Sunda.
Bulan ayeuna atawa bulan hareup bakal
dikaluarkeun buku winangun naskah (sténsil?), nu asalna diniatkeun ku L.A.
Lezer minangka “Grooten Leercursus” (kursus gedé). Keur medalkeun éta
buku, Lezer ngajakan gawé bareng ka L. Borst, diréktur Zendingskweekschool nu
ogé bakal jadi instruktur kursus basa Sunda keur para opsir ti mimiti 1 Januari
1918. Taun ieu ogé (1917), Borst nyangking jabatan salaku nu nguji sertifikat
basa Sunda (keur guru) katut nu nguji basa Sunda dina komiteu pikeun ngajén
calon pajabat jawatan karéta api (SS).
Ngan cenah, nu leuwih pentingna, buku
Lezer jeung Borst téh buku nu alus pisan keur sing saha baé nu hayang diajar
basa Sunda kalawan mandiri (“Maar in de eerste plaats is het boek voor
ieder, die Soendaneesch wil bestudeeren, een uitstekend boek voor zelfstudie”).
Pangpangna mah keur pagawé (Eropah) di pakebonan nu tangtu enggoning diajarna
basa Sunda téh, hamo aya nu nalingakeun. Di jero bukuna aya tarjamahan, boh
kana basa Sunda boh tina basa Sunda. Aya glosarium deuih dina basa Walanda
jeung Sunda, katut tarjamahanana.
Dua buku karya reujeung L.A. Lezer jeung L. Borst. |
Tina éta guntingan koran, urang
meunang sababaraha fakta nu matak narik. Pangpangna mah, nepi ka 1917 atawa
1918, basa Sunda dianggap penting ku urang Walanda. Lantaran basa Sunda kudu
dikawasa ku para opsir kolonial, para pejabat jawatan karéta api, jeung pagawé
pakebonan, saméméh mancén gawé di Tatar Sunda. Lebah dieu, Borst nu lulus ujian
basa Sunda dina 1911, dina 1917-1918 geus bisa dianggap ahli basa Sunda. Da
bukti, manéhna diangkat jadi juru uji kamampuh basa Sunda urang Walanda nu rék
digarawé, samalah milu nyusun buku kursus basa Sunda deuih.
Husus komiteu nu bakal ngaruji
kamampuh basa Sunda para opsir Walanda dina 1917 téh diwangun ku Raden Dr.
Hoesein Djajadiningrat (“ambtenaar voor de beoefening der Indische talen”),
L. Borst (“directeur van de Protestantsche Zendings-Kweekschool te Bandoeng”),
jeung Mas Atma Djoemena (“assistent-leeraar aan den Soendaneeschen
taal-cursus voor officieren”).
Ari nu lalulus ujianana antarana 1e
luitenant der infanterie W. A. van der Beek, 1e luitenant der artillerie
J. Boodt, 1e luitenant der infanterie G. H. Claasen, 1e luitenant der
artillerie L. van Cleeff, 1e luitenant der infanterie F. van Dijk; kapitein
der infanterie P. D. A. Frankamp, kapitein der infanterie
P. van Hulstijn, 2e luitenant der militair administratie D. Kamstra, kapitein
der infanterie P. Roskes jeung de kapitein der infanterie
N. P. van der Stok (Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie, 29
Désémber 1917).
Demi buku kursus téa jadina dibéré
judul Praktische leercursus voor zelfonderricht in de Soendaneesche taal.
Nu nyusunna angger teu robah, L. Borst jeung L.A. Lezer. Mimiti nyebarna dina
minggu katilu Méi 1918. Dina De Preanger-bode édisi 18 Méi 1918
ditétélakeun poé ieu redaksi De Preanger-bode narima buku Praktische
leercursus voor zelfonderricht in de Soendaneesche taal beunang L. Borst (dir.
zendingskwstkschool) jeung L.A. Lezer (onderwijzer in de Soend. taal).
Taun hareupna nyebar deui béja, Lezer rék medalkeun kursus basa Sunda ku jalan koréspondénsi, sangkan saréréa boga kasempetan pikeun diajar kalawan gampang jeung tumaninah. Bahan kursusna bakal medal dina wangun majalah mingguan, nu pianggeuseunana téh satauneun. Sanggeus lengkep, unggal bahan kursus mingguan téh bakal dihijikeun, tuluy dibukukeun.
Keur éta kapereluan, Borst geus nyebutkeun daék mantuan, jadi batur pakumaha Lezer. Lezer gé geus tatahar sangkan bahan kursusna bisa kaluar taun éta. Redaktur De Preanger-bode nganti-nganti jadi anggotana, sarta miharep sangkan para pangusaha jeung warga Eropah di Priangan, milu ngareuah-reuah éta kursus. Bari cenah bakal aya potongan harga keur lembaga badag kayaning jawatan karéta api, pulisi, tentara, jeung sajabana (De Preanger-bode, 3 Juni 1919).
Sakumaha disebutkeun ku Tom van den
Berge (1993), mémang réa juru Injil nu ngarulik basa Sunda téh. Dina ieu
tulisan, nu dipedarna riwayat Leendert Borst. Saméméhna kuring geus nulis
ngeunaan juru Injil nu ngarulik basa Sunda, kayaning A. Geerdink (1829-1878),
G.J. Grashuis (1835-1920), W.H. Engelmann (1836-1868), S. Coolsma (1840-1926),
H.J. Oosting (1842- 1915), jeung satuluyna.***
ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di badan Géologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925 - 1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.
0 Komentar