Sajak Bayangkang - Sajak-Sajak Shohiba Nu'man

 

Love Never Dies (2010) kénging Glenn Artist.


SAJAK BAYANGKANG

: Anika Déwi

Wilujeng énjing ka sésa peuting,
ka anduk beueus nu nyampay
na sajégang popoéan
ladang gulet kalangkang 
anjeun jeung sabeungkeut impi beureum

Na kieuna,
kalah kérok nyidem ririwa, 
ngabibira sapanjang mangsa nu ratug
ku saban kakangen nu sakuduna teu kudu kandeg dilieukan 
nganganti lian ti éta, taya gunana 

Cikembang, 2023




EPITAPH

Hayang teuing jadi gawir
nu urug ngageuing batu
sugan ngulisik
saheulay simbut lukutna
maleukmeuk ningkeb kasimpé 

Mun pareng jadi kamalir
rék getén ngusapan batu
sanajan pamohalan
nyipuh keusrak sapanjang tatu
tapak nu lain pupuseun waktu

Boa kasorang jadi areuy
nangkeup batu cara harita
kajeun raheut landeuh harigu
atawa tingpucunghul tetengger 
nu ménta dingaranan

; panyana bati gerentes nu samar polah
nyalégorkeun asma katineung
malah mandar jadi angin
ngaharéwos deui ka batu

Nepi ka taya rusiah nu hamo kateundeun
sabada késang sapalipisan
ngurutug nyampeur cingembeng

Cikembang, 2023




LAMBAK PURNAMA

Naon nu bisa dipercaya tina ingetan
mun kimpelna psikédélik panineungan
pabuis dina haseup kasumba 
nu jebul ti mangpirang lunta

Taya nu nyésa tina gulidagna dada
iwal ti sarah carita sapalidan 
nu nyurahan hikmahna caah
jeung taringgulna batu walungan
 
Sedeng simpéna, 
tilem na angkeuhan muhara soca salira 
laju sasab kasarung sagara 
hirup urang

Mun seug motah lambak purnama
sok rajeun dingaranan cinta

2017–2023




SAGÉDÉNGEUN JANARI LEUTIK

Bulan nikel na juru séng 
nu nyunghid tungtung Rayagung
golombrang golombréng
diganggawing angin pakidulan
geuing Ki Tarhim dumadak combrék 
basa cangra nigas jandéla

Si bungsu nalaktak ngaprak ranjang
memerik impian 
nu teu pisan katéwak, 
kapiheulaan ku sakétap létah cakcak
nu ngadodoho satukangeun jam

Sedeng luhureun méja
kalénder teu reureuh majeujeutkeun ramatna:
rupa-rupa kaduhung jeung sagala 
nu geus ngajadi hikmah

Lakadalah, mun leukeun dipulut
udar gudawang

Cikembang, 2020




SURAT KEUR JURIG

Keur naon nyidem wirahma mun ahirna tingjalentréng, paralak hujan na teuteup anjeun.
Naon nu hamo dikanyahokeun mun séah pabaru horéng guligah jampé ti jihat kakangen; 
murudulkeun réwu kukupu nu ngaleut mindah usum ti mamareng haté kuring ka dangdangrat haté anjeun. 

Boa kitu sabalikna? Iber nu angger. Cinta nu éta. Saméméh girimis ngeprul nuturkeun simpé, nitir ngarampé sapanjang pajaratan nu geus nyampurnakeun–sakali deui tapak-tapak urang.

Naha cinta bet jadi kecap nu pohara poksangna keur urang nu miara kemba? Atawa banget ku éra. Atawa sieun teu kurup ku lahaola. 

Ah, cenah teu kudu dikedalkeun, ceuk anjeun, goib baris nyata ku mangpirang tanda. Sanajan yakin, manglaksa totondén moal cumpon ngagenténan rasa.

Kuring jeung anjeun boa teu bina, sajarak hirup jeung maotna. Cara ayeuna.

2013–2023




INSTASTORY 

Nu ngabibita:
Lamunan sampurna dijieun tina burahayna lipensetip nu nyium sunset, lingerie bodas jeung lempay sampéan umyang nu nanghunjar ka saleupas laut kasumba. 

Atawa slide kadua:
réréma nu ngulinkeun rambut pérang sagédéngeun ti sagelas jus warna beurang luhureun méja impian nu kérok meuntasan méga.

Mun kongang nyaliweura: 
Boa sagala ised ka geuneuk satukangeun lalangsé sofléns anjeun dina kelir panon bangké lauk. 

Sedeng nu langgeng ngabibira:
Gumuruh lambak antara manéh jeung manéh. Éta-éta kénéh.

Cikembang, 2023




SHOHIBA NU'MAN, lahir di Bandung, 21 Juli 1978. Nulis dina basa Sunda jeung basa Indonesia ti taun 2009. Karya-karyana winangun sajak jeung carpon, kungsi dimuat dina sababaraha majalah jeung buku kumpulan sajak, boh citak boh digital. Sapopoéna ngajar di Pasantrén Al Fatah, Cikembang, Kabupatén Bandung.

Posting Komentar

0 Komentar