Déwi Pacing - Hadi AKS

 

Ilustrasi: Abstract Painting kénging Ibrahim Benoh (1970)

BARI leumpang téh manéhna ceurik batin sajajalan. Rangsak haténa asa disasaak. Pacing, cikénéh ditundung ku ayahna. Sina nyingkah ti Tangtu sabab geus méngpar tina pikukuh. Biheung lembur naeun di Panamping nu rék ditujulna, can kaimpleng. Nu puguh dirina kudu patuh kana buyut pantrangan. Jelema nu geus méngpar tina pikukuh mah kudu dibuang, kudu leumpang ninggalkeun Kajeroan.

Horéng kitu kalakuan dia nyah? Némbong-némbong awak ka deungeun-deungeun! Dia geus nanduk kana buyut jeung pikukuh. Geura leumpang dia ti Kajeroan, dibuang ku ngaing! Teu sudi ngaing boga anak dipikahéwa ku karuhun! Ngaing geus badami jeung Puun. Dia kudu ingkah! Kitu tadi ayahna mamarahan. Matana kuat ka beureum kadoang siki saga, bari ngamang-ngamang iteuk deuk meupeuh. Marah jasa kadeuleuna. Asa kapalingan cenah, boga anak bikang kitu lampahna. Asa diseundak hulu angen.

Dia ngahaja dingaranan Pacing ku ngaing. Sina jadi kembang nu sok dipaké sasajén dina panto leuit, jadi wawangi jang Nyi Pohaci nu rék cunduk noong paré teuteundeunan. Ku naeun dia malah jadi kembang nu ngadagang-dagang manéh ka deungeun, didepongan deungeun? 

Asa ngajelengéng kénéh omongan ayahna.

 

Pacing nikreuh bari teu eureun rambisak. Tadi adina nu leutik di pawon tipepereket muntangan leungeunna, ceurik ngahinghing, sedih ditinggalkeun ku nu jadi lanceuk. Ari indungna ngan bisa ngabigeu, doang nu éwuh, teu bisa ngomong nanaeun, ukur cimataan baé bari cinutrung hareupeun hawu. 

Ka mana aing kudu leumpang, gerentesna. Kumaha lamun Ka Jati nyahoeun yén aing geus ditundung ti Tangtu? Di mana kuari manéhna? Susuganan baé bisa papanggih, ja sok nanggungan cau jualeun ka Cibolégér. Jadi nambahan kapeurih manéhna téh. Ditundung ti Kajeroan, jaba kudu papisah jeung Jati, lalaki nu jadi beubeureuhna. Inget ka dinya puguh baé beuki rangsak haténa. Bari nikreuh nyorang tanjakan téh pikiranana kumalayang, rus-ras nyoréang ka tukang-tukang. 

Mindeng sok paduduaan ari balik ti huma. Teu ilok cacahan, sok pada jempling baé. Jati nanggung cau, ari manéhna ngais angeuneun beunang ngalasan ti kebon, bangsa pupucukan kayaning; pucuk saké, pucuk dangdeur, pucuk songgom, birus laja, jeung sajabana. Manéhna ti heula, Jati ngiringkeun ti buri. Lamun burit, duaan sok ngajanteng heula di mumunggang, nyérangkeun layung. Kelar jasa. Euweuh dunya nu leuwih éndah ti batan tanah Kanékés. Tanah titipan ti Karuhun, nu diriksa ku Ambu Luhur, lebakna, gunungna, pasirna, wahanganana, kitu saasalna ti baheula. 

Maranéhna ngajanteng baé bari jarempling. Angin burit ngahiur ka mumunggang, lir ngahiberkeun sandékala nu rék turun ka bumi. Pacing ujug-ujug tutunjuk, nuduhan kalong nu rabeng hiber ngabubuhan ka kidulkeun. 

“Hayang jadi kalong kami mah,” pokna ujug-ujug.

“Kudu boga jangjang,” témbal Jati.

 

Aya deui nu ujug-ujug ngalangkang dina ingetan Pacing. 

Basa Jati rék ngahuma. Manéhna paduduaan nyieun pupuhunan di tengah huma. Ayahna Jati nu muka lahan pihumaeunana. Réngsé usim ngaduruk, saméméh diaseuk téh kudu nyieun heula pupuhunan di puseur huma. Nya Jati nu dipapancénanana, dibaturan ku manéhna. Pupuhunan téh minangka sarat. Kitu amanat ti karuhun. Mipit kudu amit ngala kudu ménta. Kudu sasadu heula, méré sasajén ka Sanghyang Sri Pohaci. 

Jati laju nyiaran kayu sababaraha leunjeur. Prak nyieun pager kurungan pasagi opat. Di jerona ceb ditancebkeun batang pacing nu kembangan. Kitu ilaharna, pacing téh minangka panggupay, pangbagéa ka Nyi Pohaci nu rék lungsur kawin jeung bumi. 

“Kitu seja ayah dia. Dingaranan Pacing, sangkan Nyi Pohaci bogoheun,” ceuk Jati bari tungkul baé memener pelak pacing. 

“Kuari géh ja aya nu bogoheun …, Kaka Jati.” Pacing ngagonjak bari imut. Jati malik. Neuteup héhérang panon nu ngagonjak. Dekul deui. Ayem baé, teu hayang mairan anu ngagonjak.

“Geura tunda éta batokna, urang nyieun parukuyan!” ceuk Jati. Sok Pacing nunda batok parukuyan nu geus diarengan. Puruluk menyan putih. Wur diawuran dangdaunan garing. Gur diduruk. Bau menyan meleber, kabawa angin ka lebak jeung lamping-lamping huma. Gék duaan dariuk dina catang luareun kurung pupuhunan. Jarempling. Nyawang lahan jang pihumaeun nu ngeplak. Sawatara bagian taneuhna aya nu harideung tarutung balas kaduruk seuneu huruan. Seungit kaangseuna. Wawangi taneuh huma nu nyéngcélak dina rasa, nu nyerep leleb kana ingetan, nu ngahudangkeun sumanget gawé urang Kanékés. 

“Iraha urang réndéngan, Ka?” Pacing ujug-ujug nyelengkeung.

“Ké sanggeus rumpak jami!” témbal Jati pondok.

 

Pacing ngarénghap jero naker. 

Éta sakabéh panineunganana asa eungap ngaheumpik dadana, ngagelek dina tikorona. Beuki disieuhkeun kalah beuki narémbongan hiji-hiji. Jati lalaki nu pageuh nanceb dina lulurung batinna, nu nungtun bari nangtayungan manéhna, kuari kudu papisah bari biheung bisa patepung heula. Léngkahna beuki gancang, mun nanjak nya ngahégak, lamun mudun nya ngarahuh. Teu karasa horéng geus nyorang pudunan nu rék anjog ka sasak Gajéboh. Sasak nu jadi wawates Kajeroan jeung Paluaran.

“Héh, deuk ka mana, Téh Pacing?” ceuk Sinah nu kabeneran papaliwat. 

“Biheung!” témbalna pondok.

“Aih, aih!” Sinah colohok hareugeueun.

Lain nu nanya nu jadi pikiran. Lain Ciujung nu gumuruh caah handapeun sasak. Tapi bréh manéhna asa nempo Jati, keur nangtung sorangan di peuntas beulah ditu, dina lawang sasak nu dihapit ku dua tangkal kai badag. Jati kawas keur nungguan manéhna. Kawas keur megat nyegah manéhna. Geugeura baé sukuna nécé kana awi sasak. Barang gigisik negeskeun téténjoan, nu tadi ngajanteng téh ngaleungit. Horéng ukur deudeuleuan manéhna, nu banget keur manteng ka beubeureuhna. Tuluyna ukur bisa ngajanteng. Sukuna agag-agagan kawas teu wasa ngaléngkah. Tapi basa neuleu cai wahangan caah umpalan, jol pikiran, hayang ngunclungkeun manéh ka wahangan. Hirup géh mantak wirang. Mending aing malidkeun manéh ka wahangan, sugan moal meunang wiwirang ari aing paéh mah. 

“Héh, Pacing, dia deuk ka mana?” ceuk nu nanya ti lebah leuit nu ngajajar di tungtung sasak béh tonggoh. Ari dilieuk, horéng Ayah Samin. 

“Kami dibuang, Ayah. Kudu nyingkah ka Paluaran.”

“Beuh …,” ceuk Ayah Samin laju ngahuleng. “Ka dieu heula, kami hayang papatah!” Ayah Samin ngageroan. Pacing nu tadi geus panceg rék ngunclungkeun manéh kagareuwahkeun, sarta leler deui pikiranana.

“Doraka naeun kitu dia, datang ka kudu dibuang ka Paluaran?”

Barabat Pacing nyaritakeun ku naeun pangna manéhna tepi ka diusir ku ayahna ti Cibéo. Ayah Samin unggut-unggutan, kasurti ku pikirna. Kaharti mun kolot éta budak bikang datang ka luluasan ngusir ka nu jadi anak. 

“Kieu baé Éné! Dia kudu meresihan manéh, sasadu ménta dihampura ka karuhun, ka Batara Cikal. Menekung baé dia di ditu, niis di Sasaka Domas!” 

 **

 Pacing diuk émok, menekung ‘na batu lémpar, di tutugan Sasaka Domas. Gunung karamat keur urang Kanékés mah ieu téh. Urang luar mah dipahing jasa, teu meunang aya nu ngalanto ka dieu. Bakal meunang dodoja atawa sasab teu timu jalan mulang. Ceuk kapercayaan urang Kanékés, Gunung Sasaka Domas téh mendem harta karun emas nu teu meunang dipikanyaho ku deungeun-deungeun. 

Pacing tungkul museurkeun pikiran, mantengkeun ingetan. Tilu deupa ti tempatna menekung, bet ku kabeneran aya kembang pacing keur mangkak, bodas marakbak lir cahayaan. Pacing semu ngarénjag basa manéhna engeuh. Aya nu nyiak kana pundukna. Luk deui menekung. Nyambat karuhun. Masrahkeun jiwana jeung raga badagna. Rék ménta dihampura tina kalaipan kaluluputan. Nya saat éta, dina mantengna pikiran, bréh asa katémbong Ayah Puun nu geus ninggal, nangtung hareupeunana. Asa aya nu ngajurung, biheung naeun, gerendeng Pacing ngomong sorangan.

Kami deuk masrahkeun raga, Ayah. Rumasa geus ngalajur napsu. Kabawa ku nu lian, kabaud ku nu lain. Kami paramilueun nurutan urang kota ….

Langit nu tadi cangra lalaunan ceudeum. Angin ngagelebug nebak mumunggang.

Henteu niat hayang unggah pileumpangan, Ayah. Kami harita ukur deuk ulin ka Cibolégér bari ngajual angeuneun. Kasampak keur loba urang kota. Barang kami jol, laju nyalampeurkeun baé, ngagimbung. 

“Nah, ini baru gadis Baduy!”

“Cantik banget ya!”

“Wih, ini lebih cantik dari Natasha Wilona, gaés.”

“Cepet siapin kamera. Kita ngontén brow!”


Kitu asal muasalna, Ayah. Lajuna méh unggal minggu éta urang kota daratang ka dieu, nyiaran kami. Ngajak cacahan, ngajak seuseurian, bari dirékam ku kaméra. Ceuk maranéhna kami jadi sohor ka mana-mana, katelah Déwi Pacing Baduy. Nu mantak kami nyorang diajak ka kota, nuturkeun maranéhna.

Hujan ngagebrét, dibarung ku angin bagelebugan. Pacing rancucut. Tapi angger menekung dina batu pangdiukanana. Kabayana rapet kana sakujur awak. Lamun seug aya nu negeskeun ti kaanggangan, bakal bréh katénjo aya nyi putri keur menekung di suku gunung, dina segerna hawa leuweung nu keur juuh dirungkup cihujan. Ahéng pisan katénjona. Cihujan bangun liwung ngusapan buukna, nyasaran pipina, tuluy nyarakclakan lalaunan tina gadona nu lemes … clak … clak. Lamun harita di langit aya panonpoé némbongan, laju mentangkeun pelengkung katumbiri, moal henteu cahayana bakal kabéh ragrag ngempur ka lebah dinya. 

 

Kami lalaunan betah, Ayah. Jadi maranéhna. Baju doang maranéhna. Barang dahar doang maranéhna. Kalakuan doang maranéhna. 

Ayah Puun hareupeunana ukur mencrong, hanjelu. Teu ngomong sakemék.

Euweuh panonpoé, euweuh katumbiri. Nu aya malah kilat ngaburinyay ti langit. Baranyay. Jelegér, gelap nyamber batang kiara. Dorokdok sada aya nu peunggas. Gubrag. Babagian kiara nu luhur peunggas, ngagubrag méh ninggang awak Pacing. 

“Ayaaah! Naeun kami moal dihampura?” Pacing ngocéak bari cengkat tina pangdiukanana. Manéhna mundur lalaunan, undur-unduran. Gap ti tukangeunana aya nu nyagap taktakna. 

“Jatiii …!” Pacing malik bari ngarénjag. Rék nangkeup, ngan Jati mundur.

“Pacing, dia kudu balik!” ceuk Jati.

“Kami geus ditundung ti Kajeroan.”

“Aing geus nyaho! Hayu. Ulah balik ka Kajeroan. Urang ka Panamping!”

Duaan laju laleumpang. Pacing ti heula, Jati nuturkeun ti buri. Kitu kadoang sasarina. Jarempling baé teu pada ngomong. Aya nu ngolébat dina pikiran Pacing, omongan Jati harita basa manéhna pok hayang jadi kalong. “Kudu boga jangjang,” ceuk Jati. Kuari hantem dilenyepan éta omongan. Naeun tah aing bisa kitu boga jangjang? Laju aing kudu hiber ka mana? Kitu ngagerentes sajajalan.

Ari Jati ngeletek sajajalan téh mikiran lembur panganjrekan. Kudu dititipkeun ka saha ieu Pacing? Ka Ayah Mursid baé kitu di Campaka? Ah, moal hadé, sok loba tatamu urang kota ka dinya mah. Nu puguh Pacing kudu diriksa sangkan teu kabaud deui cara nu enggeus-enggeus. Ku sabab can kaimpleng ka mana-manana, saheulaanan mah rék dititipkeun baé di lembur Maréngo, sugan moal kagiridig di dinya mah. Kitu gerentes Jati. 

Basa anjog ka Balingbing, lembur nu ngawates jeung Maréngo, Jati jeung Pacing paamprok jeung rombongan urang kota. Rombongan nu biasa sok nyieun kontén Youtube. Barang gok gé sasatna surak maranéhna téh, bakat ku bungah, patepung jeung nu ditéangan.

“Ya Tuhan … akhirnya kita bisa ketemu Déwi Pacing.”

“Téh Déwi, kamu akan jadi bintang!”

“Kita akan bikin film orang Baduy!”

Basa nu saurang rék pok deui, Jati gancang némpas.

“Moal dibikeun ku kami!”

“Apa dia bilang?” ceuk saurang reuwas.

“Dia gak réla. Pasti pacarnya!” ceuk nu lian.

Pingpinan rombongan laju ngadeukeutan Jati. Kabeneran bisa ngomong basa Sunda. Manéhna surti. Di Baduy kudu tarapti. Kudu sasadu bari bisa ngalelemu.

Pok cacarita, nétélakeun pamaksudan. Éta tim téh rék nyieun film nu ngangkat kahirupan urang Baduy cenah. Risétna geus mulan-malén. Salasaurang tokoh caritana nya Déwi Pacing, sabab tina sababaraha kontén Youtube katimbang pantes tur bakal bisa diarahkeun jadi pamaén film. Sutingna tangtu baé bakal di wewengkon Baduy. Ieu film téh dirojong ku pamaréntah. Produserna Ibu Bupati Lebak. Atuh sutradarana ogé Pa Farid, carogéna Ibu Bupati.

“Nu puguh, kamulyaan tradisi Baduy téh kudu jadi eunteung keur urang Sunda!” ceuk pingpinan rombongan tandes. Jati ngahuleng baé. Bingung pilakueun, naha kudu nyarék atawa ngaheugkeun. 

Kira sabulan ti harita, suting film “Déwi Pacing” der dimimitian. Lokasina di lembur-lembur nu aya di Panamping, utamana di Gajéboh. Lembur nu kasohor ku sasak buhun, nu jadi pamisah antara Tangtu jeung Panamping. Di Kajeroan mah teu diidinan ku Puun. Atuh haliwu baé urang Gajéboh mah. Ibur salelembur. Abreg-abregan lalajo nu keur suting. Ti lembur séjén gé ngaraleut, kolot budak. Neuleu lampu sorot nu nyebrot ogé geus anéh nu aya. Payung kru melentung di mana-mana. Layar kaén hideung, kaén bodas narabéng di ditu di dieu. Atuh kaméra ngajarega di saban tempat, bari sutradara terus gogorowokan ngarahkeun para pamaén. “Éksen!” atawa “Kaaat!” pokna. Laju aya budak ngaharéwos ka baturna, “Naeun cenah éta hartina, dia nyaho?” Key nu ditanya, laju ngabekem sungut nu nanya. Duaan sareuri kapiasem. Matak resep baé keur urang dinya mah. Komo palebah suting adegan Déwi Pacing mah, nu lalajo téh séah, doang asa kafilm baé rarasaanana. Sarurak atuh. Kilang kitu lamun sutradara geus méré isarah kudu jempé ka nu nongton, jep baé saréréa jarempling, teu embut teu ciak. 

 **

 Suting lekasan. Gajéboh geus simpé deui. Harita para kru film keur pak-pik-pek bébérés paparabotan. Sawaréh maranggul kantong badag jeung kaméra, diakut ka terminal Cibolégér. Pagawéan bangga, bubuhan manggulna kudu bari mudun nanjak bari jauh, nyorang sababaraha lembur. Laju aya haréwos, majar keur kaperluan dubbing, editing jeung teuing kaperluan nanahaon, Pacing cenah kudu milu ka kota. Biheung iraha balikna, atawa biheung balik deui atawa henteu. 

Jati nu ti tatadi ngajanteng nyérangkeun ti kaanggangan, tina tungtung sasak Gajéboh béh kalér, jempling baé. Basa rombongan geus kabéh laleumpang ninggalkeun lembur Gajéboh, Pacing nyampeurkeun Jati ka tungtung sasak. Gék duaan dariuk dina batu. Katempo rumegagna nu rék cacarita téh. Jarempling baé sawatara lila. Nyay aya nu ngalangkang. Harita basa manéhna ditundung, di tungtung sasak téh kapan asa aya Jati ngajanteng, rék nyegah manéhna. Ari ayeuna manéhna kudu luluasan ninggalkeun. Pacing bangun nu beurat rék pok amitan. Tuluyna maksakeun, bari semu dumareuda. 

“Kami geus dibuang ti Tangtu, ditundung ti Kajeroan. Raga kami geus kotor. Naha kami teu boga hak lamun hiber ninggalkeun ieu tanah Kanékés? Kami hayang jadi kalong. Hayang hiber ninggalkeun peuting Kanékés nu ayem ku cahya damar. Ninggalkeun buyut jeung pikukuh nu agung.” Jep heula kawas hayang negerkeun rarasaan. Tuluy pok deui. “Urang moal tulus réndéngan, Ka Jati ….” Ukur semet dinya. Lir kapahung. Pacing nungkup sungutna, teu kuat nahan nu ngagelek dina tikorona. 

Jati ngajentul kawas patung. Jempling ngabigeu teu bisa ngomong. Tikorona asa nyelek mengkek rasa nu gumulung. Manéhna lalaki Kanékés, pantrang miyuni bikang. Teteg jejem nyanghareupan naeun nu kasorang. Kitu sasarina. Kitu mangratus taun. Aya nu kudu ingkah, ditundung ti tanah Kanékés, sabab geus méngpar tina pikukuh. Éta papastén ti Batara Cikal, ti Ambu Luhur. 

Kitu nu dilenyepan ku Jati. Nu matak manéhna teger, moal ringrang sumoréang ka nu miang. Kilang kitu, basa Pacing geus amitan, nincakan papalang awi tuluy gugupay ti tungtung sasak tebéh ditu, karasa aya nu ngembeng dina juru panonna ….***

 

 

 

Katerangan:


Tangtu, atawa sok katelah Telu Tangtu nyaéta tilu lembur kapuunan, lembur sakral (Cibéo, Cikeusik, jeung Cikertawana) anu dipingpin ku Puun. Ieu wewengkon ték sok disebut ogé Kajeroan (Baduy Dalam dina basa Indonesia). Pakéanana sarwa bodas.


Panamping atawa Paluaran, nyaéta lembur-lembur nu dipaké panampingan/pangusiran, urang Kanékés anu ditamping/ditundung ti Tangtu. Pakéanana baju-calana hideung, iket biru.


Kembang pacing sok dipaké sarat sasajén dina pupuhunan di huma jeung dina panto leuit, pikeun ngondang Sanghyang Sri Pohaci, déwi kasuburan dina kapercayaan urang Sunda jeung urang Kanékés.


Pikukuh jeung Buyut, nyaéta aturan adat teu tinulis, minangka pantrangan anu teu meunang dipilampah ku urang Kanékés.






HADI AKS, lahir taun 1965 di Pandeglang. Taun 1984 kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP (ayeuna UPI) Bandung. Mimiti resep nulis taun 1985. Karangan-karanganana dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik jeung sajabana. Sabaraha kali dilélér hadiah sastra LBSS, D.K. Ardiwinata, Anugrah Soeria Di Radja, jeung Oeton Moechtar. Karya Hadi anu geus medal jadi buku nyaéta kumpulan carpon Oknum (1998), kumpulan carpon Kalapati (2012), kumpulan sajak Tembang Matapoé (2018). Taun 2007 medal novélna, Saéni, anu dicitak deui taun 2014. Kumpulan carpon panungtungna, Surat ti Palmira (2022) dilélér hadiah sastra Rancagé taun 2023. Ayeuna matuh di Lembang, ngajar basa Sunda di SMP, bari ngokolakeun komunitas Saung Sastra Lembang jeung istrina, Ai Koraliati.

Posting Komentar

1 Komentar