Ilustrasi gambar AI. |
Mun ayeuna kuring ngahaja mulang, lain lantaran kajurung ku kasono nu ngagelek. Malah kuring sorangan sok rajeun nalék dina haté, naon saenyana anu masih kénéh pantes dipisono ti lembur téh? Salila welasan taun mangkuk di kota, boh indung boh bapa, nepi ka duanana sah ti alam dunya, teu kungsi nanyakeun kumaha kaayaan kuring, atawa mopoyankeun iraha rék mulang. Atuh ngalongokan ogé henteu, deuih. Kitu deui lanceuk kuring hiji-hijina, Kang Karja.
Ari nu matak kuring ayeuna mulang, lain pédah geus ngahaeub ka lebaran. Tapi lantaran kasundul ku paménta ti Kang Karja, anu tara-tara ti sasari nelepon.
“Wayahna balik heula. Urang nguruskeun wasiat Ema,” pokna.
Ti dinya mah kuring jadi remen nataran lalakon hirup baheula. Saenyana loba anu geus méh kapopohokeun. Tapi, ku telepon ti Kang Karja, dak dumadak nyaréngcélak deui dina lelembutan. Padahal saméméhna mah geus lawas tara kapikiran-kapikiran acan. Iwal hiji anu sok angger ngalangkangan: jirimna Titin.
Mulang téh ngaligincing nyorangan, tumpak élep. Indit isuk-isuk, anjog ka setanplat kacamatan pasosoré. Untung nyampak kénéh angdés. Mobil panungtung kawasna téh, da teu kasampak deui mobil séjén. Ras inget, baheula mah anu sok dipaké tutumpakan ka lembur téh kol buntung. Bari éta ogé ukur nepi ka tengah poé. Bubuhan anu dialana samet anu baralanja ka pasar. Atawa sakapeung sok dicarter ku nu ngiangkeun jagong.
Salila dina angdés panon teu eureun neuteup kaayaan di luar. Beuki nanjak, léngkob jeung pasir tuluy bruh-bréh katingali, dilimpudan ku méga hideung anu tinggarayot di langit. Gok jeung amparan kebon jagong di kénca katuhueun jalan. Meunang sakedapan haté ngalenyap. Sakeudeung deui, ceuk na jero haté. Paralak hujan turun. Mobil beuki jrag-jrig-jrug. Anu dina jero mobil mimiti rarépéh ngadedempés.
Jrut turun téh pangtungtungna. Sanggeus mayar ongkos, kencling leumpang mapay jalan tarahal anu caranéom. Langit beuki poék. Hujan ngaririncik. Awak teu wudu tuluy rancucut.
Gok ka pakarangan imah kolot, kasampak tiiseun. Keketrok lalaunan. Teu lila bray lampu caang. Panto aya nu muka. Kang Karja, lanceuk kuring.
“Jam sabaraha ti ditu, Rim?” pokna nanya.
“Isuk-isuk,” témbal téh pondok.
“Ceu Aas mah da di tonggoh. Bisi rék dahar geus disayagikeun dina téténong.”
Kuring unggeuk. Tuluy muka ransel, ngaluarkeun anduk jeung baju salin. Léos ka jamban di tukang.
Balik ti cai, kasampak lanceuk keur udud di tepas. Cong kuring salat asar dihijikeun jeung lohor di kamar. Awéh salam, gék diuk dina risbang. Heuleut satengah jam kadéngé adan magrib. Kuring tuluy muka botol cai. Leguk nginum. Cong deui salat magrib. Ti dinya terus dadaharan sorangan. Duka saha anu masak. Salila kuring di imah, jeung lanceuk téh anteng baé pataket-taket. Suasana karasa cawérang.
“Ngobrol pentingna mah urang isukan baé. Bisi capé kénéh,” cenah antukna.
Deui-deui kuring ukur unggeuk.
Manéhna terus ngaléos ka luar. Kari kuring cunggelik sorangan di jero imah.
**
Isuk-isuk tingkurunyung Mang Sarmedi, Bi Isah, jeung Kang Karja. Tapi ari Ceu Aas mah luput teu katempo. Henteu tuluy jadi pertanyaan. Bubuhan haté geus miheulaan surti mantén.
Salila ngariung, kuring mah leuwih loba ngabandungan. Mun sakapeung-kapeungeun megat ku pertanyaan, éstuning ukur tamba balem baé. Da jero-jerona mah kuring sorangan teu pati neundeun perhatian. Rék kitu-rék kieu, sasatna dikumakarepkeun. Ongkoh kasebutna putusan wasiat, geus jinek bulé-hideungna, teu bisa diganggu gugat.
Jinek baé ti dinya mah, yén warisan hancengan kuring téh nyaéta imah jeung kebon di landeuh saratus bata. Kuring unggeuk, tanda sapuk kana éta putusan. Tapi ari haté mah teu wudu rada hémeng ogé. Naon sababna bet imah anu dibikeun ku indung téh?
“Ngarah puguh, urang tempo ka ditu,” ceuk Mang Sarmedi.
Kuring tiluan jeung Kang Karja katut Mang Sarmedi tuluy ngabring ka landeuh. Sapanjang jalan guk-gok jeung urang lembur. Ukur sasalaman dibarung ku seuri bari silih tanya tamba kawaranan. Teu galécok kumaha prahna anu geus lila teu panggih.
Saampar-ampar kebon kabéhanana dipelakan jagong. Geus prah di dieu mah kana melak jagong téh. Dina sataun biasana tilu kali panén. Malah saupama jagong anu diarahna ngora-ngora mah bisa nepi ka opat kali panén. Jenatna kolot kuring gé tanina téh sarua kana melak jagong. Keur leutik sok milu mantuan di kebon. Ti mimiti ngaseuk, metikan buahna, tug ka ngunjalan daunna keur parab domba. Kitu deui barudak papantaran séjénna, geus ilahar milu mantuan kolotna séwang-séwang di kebon. Tug ka lamun keur usum melak téh sok haneuteun. Anu pangresepna lamun geus liliwetan, atawa néangan puyuh. Enya, da saupama tangkal jagong geus ngajangkungan, puyuh téh ngadon nyarayang dina taneuh. Meureunan pédah buni kahieuman ku daun jagong anu garomplok. Mun teu kitu sok ngala jangkrik kalung. Terus diasupkeun kana ruas awi, disina ngingkrik ari wayah peuting.
Cindekna kebon jagong téh geus jadi tempat pangulinan. Ampir unggal poé idek liher di dinya téh. Malah saterusna mah henteu samet jadi tempat pangulinan wungkul. Nya di kebon jagong ogé kuring mimiti wawuh jeung Titin, anakna Mang Pandi. Urang Cigarokgék Mang Pandi mah. Ngan pédah kebon anuna patapel wates jeung kebon kolot kuring. Jadi sok remen patepung.
Aya tetempoan anu kawilang ahéng di kebon jagong téh, ceuk panon kuring harita anu masih kénéh budak satepak. Sakapeung kuring sok nangénan awéwé-lalaki tingkurumuy ti jero kebon jagong. Duka tas naraon. Urang sabudeureun lembur kénéh, lain jalma jauh. Ngan tara terus betus ka sasaha. Tapi teu burung ari ngarasa panasaran mah.
Lila ti lila, sanggeus kuring rada gedé meueusan, kakara éta kapanasaran téh lubar. Basa keur anteng néangan sayang puyuh, kadéngé aya sora awéwé semu ngahanju ti jero kebon jagong. Ceuli teu sirikna rancung. Rerencepan ku kuring dideukeutan. Barang diintip, bréh téh, horéng Ceu Alis, keur nangkarak bengkang. Sampingna nyingsat. Awakna aya nu nindihan. Duka ku saha, teu pati sidik. Meunang sawatara jongjonan mah kuring bati calangap. Tuluy lalaunan nyingkah.
Sanggeus rada jauh, kuring diuk ngahuleng bari ngumpulkeun pangacian. Rét kana tangkal limus. Teu talangké térékél naék kana dahan pangluhurna. Sakuriling kebon terus diawaskeun. Heuleut satengah jam, ronghéap anu tadi diintip téh kaluar. Kang Mamad horénganan lalakina mah.
Ayeuna, sakitu puluh taun ti harita, kuring geus nangtung deui di ieu kebon. Tangkal limusna aya kénéh. Teu jauh tina sangkaan, kebon anu dituduhkeun ku Mang Sarmedi téh nya kebon anu patapel wates jeung kebon Mang Pandi téa.
“Geus meunang matok da, Karim. Bisina jadi papaséaan,” ceuk Mang Sarmedi alon.
Kuring teu ngawalon. Kalah anteng neuteup amparan kebon jagong anu ngémploh héjo. Katara jagongna mimiti cul-cel narolol. Ku taksiran mah opat-lima minggu deui ogé geus bisa diala ngora-ngora.
“Kumaha ayeuna panén, Mang? Angger sok cukul?” kuring nyalénggorkeun wangkongan.
“Wah, geus sababaraha taun lasut baé. Meureunan taneuhna beuki goréng. Kuduna mah direureuhkeun heula barang sataun-dua taun mah, ulah waka dipelakan,” témbal Mang Sarmedi.
“Pelak jagong dina kebon Karim gé kawas nu seuseut jangkungna. Sakitu gemuk mah teu kurang,” Kang Karja ngéngklokan.
**
Anu matak nineung ka Mang Pandi téh ku soméahna. Duka ku naon, ka kuring mah akuan pisan. Talunganan bapa sorangan, ana cacarita ogé sok kawas saperluna. Nu matak henteu deukeut jeung bapa téh. Kuring mah leuwih deukeut jeung indung. Ari Kang Karja sabalikna, deukeut téh ka bapa. Malah kawas nu ngogo pisan bapa mah ka lanceuk téh. Teu sirikna dipupujuhkeun. Geura baé dina urusan sakola, lanceuk mah nepi ka jucungna tamat SMA. Ari kuring tamat SD gé seuseut seuat. Da éta, teu kaur balas dititah mantuan di kebon. Atuh indung sorangan lebah nyanghareupan salaki téh bangunna teu bisa majar kumaha. Sasatna leuwih loba ngéléhan.
Mun nempo kuring babarengan jeung Titin, Mang Pandi mah bangun nu bungaheun. Majar téh sok arulin, da lain jeung sasaha ieuh, cenah. Atuh kuring sorangan teu sirikna asa dicukangan. Kitu deui Titin, teu ngarasa tumarumpang. Malah lindeuk nakeranan. Ngan indungna, Bi Amah, bet kawas nu teu resepeun Titin ulin jeung kuring téh. Da mun aya kuring nyampeurkeun ogé tara nanya-nanya acan. Sumawonna ngaranéh mah, kawas nu cadu. Unggal panggih gé kucem baé budina téh.
Kitu saterusna, nepi ka kuring jeung Titin pada-pada nincak rumaja.
Kungsi basa keur paduduaan jeung Titin di kebon jagong—harita manéhna geus kelas tilu SMP—nangénan awéwé jeung lalaki keur sasalingkeran. Kawasna mah urang Nagrong, da sok rajeun manggihan di pasar. Ngan teu nyaho ngaranna. Ku kuring terus baé diawaskeun. Barang geus arasup ka jero kebon, kuring ngiciprit lalaunan nuturkeun. Leungeun Titin ku kuring ditungtun. Manéhna kerung.
“Rék ka mana?’ cenah.
“Ssst, ulah geruh! Hayu milu. Bisi hayang apal,” témbal kuring.
“Apal naon?” manéhna ngaharéwos.
“Hayu wé!” kuring némbalan ku ngaharéwos deui.
Sakumaha legana kebon jagong, tapi ku kuring mah geus katalar lebah-lebahna katut jalan satapakna. Atuh sabot nuturkeun anu rék diintip ogé teu hésé. Kuring jeung Titin tuluy ngadedempés di nu buni. Curuk hideng nunjuk ka lebah anu diintip.
Barang nempo kajadian saterusna, Titin mah tuluy molotot, ampir-ampiran ngajéréwét. Ngan ku kuring bahamna dipégég.
“Saha éta …? Ih, ih, ih …!” pokna ngaharéwos.
Barang manéhna rék nangtung, geuwat dikenyang deui sina dongko.
“Éy, embung siah! Hayu ah!” cenah semu merenyéng.
Kuring kalah ngahajakeun, leungeun Titin duanana dicekel pageuh, bari bahamna ditungkup ku leungeun kénca. Karasa beuki lila ambekanana beuki kerep. Késang ngagarajag dina tarang jeung palipisanana.
Heuleut sawatara lila, sanggeus kadéngé sora ngaheujeun, anu keur guley téh pukah. Kekepruk sakeudeung. Tuluy dibaraju deui. Geus kitu tingketeyep kaluar ti kebon.
Kuring jeung Titin tuluy silih pelong. Katara pipina semu beureum. Luk manéhna tungkul. Ayeuna mah geus henteu ngangajak nyingkah. Ku kuring awakna tuluy ditarik lalaunan. Mimitina bangun teu méréan. Tapi antukna mah milu palid kacéot ku tarikna birahi. Manéhna nyangsaya dina dada. Lalaunan leungeun kénca ngangkat gadona. Biwirna tuluy digemol bari digolérkeun dina taneuh. Naon anu bieu dilalajoanan téh saterusna diturutan dilakonan.
Ti sanggeusna poé harita, pleng baé manéhna euweuh. Unggal-unggal ngalanto ka kebon sok kasampak suwung. Hariwang téh bisi terus pupulih ka bapana. Liwat tilu minggu, kakara Titin ngurunyung deui ka kebon, basa geus nincak usum narukan daun jagong. Baeud mimitina mah, teu beunang ditanya. Tapi ari ku hantem-hanteman diheureuyan mah teu burung manéhna imut kendu.
“Reuwas, sieun tuluy teu palangan,” pokna.
Atuh Mang Pandi ogé henteu némbongkeun pasémon seru deuih. Sabiasana, soméah tur daréhdéh. Iwal pamajikanana, Bi Amah, anu karasana angger nyatru.
**
Saterusna sakur tetempoan anu kapanggih di kebon jagong téh dianggap hal biasa. Kaasup urang lembur kuring sorangan, sok rajeun aya nu ngadon nyakeudeung. Nya kitu, nyeta-nyetana téh lir nu rék ngalongokan kebon atawa nganteuran. Bari lebah inditna kawas nu geus papasinian, malah sakapeung meunang dangdan. Ceu Alis mah nepi ka tilu kali kapanggihna ku kuring téh. Tiheula jeung Kang Mamad. Kaduana jeung Kang Rokim. Padahal Ceu Alis téh lain awéwé léléngohan. Budakna waé geus opat.
Ngan hiji anu teu weléh jadi kahémeng: ku tara baretusna. Mana komo diambéng dina wangkongan. Jarempé baé. Boh anu nangénan, boh anu katangén, enggeusna tara terus diucah-acéh ka nu séjén. Duka lamun henteu nepi kana ceuli sorangan mah. Nu sidik ku haté sorangan karasa, lamun urang lembur téh saenyana pada-pada nyaridem rusiah. Da saupama téa mah dipariksa hiji-hiji, yakin bakal ngabéréndél daptar antara saha jeung sahana katut iraha-irahana.
Nu matak kuring sorangan asa jadi jongjon jeung Titin téh. Dina enyana batur apaleun ogé, najan jalma deukeut, moal aya anu pirajeunan ngucah-ngacéh atawa naléngténg. Papaharé baé, sakadutna-sakadutna. Atuh kuring ogé pamustunganana kitu, tara ieuh ilubiung kana urusan batur. Kuriak jadi neukteuk curuk dina pingping. Kaasup kana perkara Ceu Alis anu kapanggih katilukalina. Enya, apan da éta mah jeung … bapa kuring pisan.
Aya hiji deui anu matak hémeng téh. Indung mah katempona lir nu teu panuju kuring hahadéan jeung Titin téh. Duka ku naon. Tapi nya kitu indung ogé henteu terus nyeleksek. Jempé baé. Padahal ari kahayang mah kuring téh ditanya. Supaya bisa sagancangna réndéngan jeung Titin. Mana komo manéhna geus tamat sakola SMP-na. Geus meujeuhna rumah tangga. Anu pangpangna, ku lantaran Titin waléh yén manéhna geus dua bulan teu kareseban.
Kuring sorangan rék wakca ka indung téh asa kararagok. Teu apal kudu kumaha ngamimitian kedal ucapna. Beuki beurat rék nyarita, malah antukna jadi kabingung anu matak lendeng, sanggeusna dina hiji poé teu ngahaja ngadéngé wangkongan antara indung jeung Mang Pandi di sisi kebon. Anu biasana lamun panggih arang patanya, harita mah bet bangun loma nakeranan.
“Nya kumaha ari geus kieu? Budak duanana kalah hahadéan.” Kadéngé sora indung.
“Rumasa, salah didieu. Tadina ngamprok-ngamprokkeun sotéh supaya si Titin enya dianggap adi. Ari hég geuning nyalahan,” témbal Mang Pandi.
Kuring ngahuleng sakedapan. Sanggeus rada leler, geuwat nyingkah ti dinya. Sajajalan haté teu eureun mikiran pok-pokan indung jeung Mang Pandi cikénéh. Lebeng, teu timu naon maksudna. Rada kateguh sotéh sanggeusna dibawa lalangkarakan di saung tonggoh anu mencil. Ras ka bapa anu kungsi kitu jeung Ceu Alis. Ras ka Mang Pandi anu teu weléh akuan. Tuluy ka indung. Kacida kuring ngagebegna, tug ka awak gentak hudang sorangan. Titingalian ujug-ujug asa muter. Bru nambru katurelengan.
**
Naon anu ngagalura dina pikiran, pamustunganana ukur diteureuy buleud ku sorangan. Henteu, ka Titin mah henteu nepi ka dibetuskeun. Tada teuing bakal ngocéakna mun apaleun téh. Ukur hiji anu dipokkeun ka manéhna: kakandungan kudu geuwat diudulkeun. Sanajan manéhna ceurik balilahan bari tuluy-tuluyan tumanya naon alesanana, ku kuring teu sirikna diséréd dibawa nepungan Ma Irah, paraji di lembur tonggoh.
Pet baé ti saprak harita mah kuring tara nepungan manéhna. Meunang béja, cenah Titin tuluy kagegeringan aya kana bulanna. Kitu deui kuring, ka dituna jadi sok kalalanjoanan hulang-huleng sorangan. Aya kalana campleng saminggu ukur ngahurun balung di jero kamar. Ka indung sorangan geus wegah cacarita. Mana komo ka bapa mah. Geus dianggap euweuh baé.
Béh dieu-béh dieu, ari pareng ngalanto ka kebon, sok pangangguran nyidik-nyidik rupa Mang Pandi bari nyamuni. Terus disaruakeun jeung keureutan beungeut sorangan ari keur salila-lila ngeunteung. Malah pamustunganana mah lain beungeut Mang Pandi wungkul anu sok disidik-sidik téh. Tapi beungeut sakabéh urang lembur. Pangpangna budak-budakna Ceu Alis. Tuluy ku sorangan disambung-sambung lebah keureutan nu saruana.
Nyeueung kuring jadi selang-seling, éta gé indung henteu cicingeun. Kungsi ngolongan ngocal-ngocal si Aas. Batan ngajawab, kuring kalah neuteup anteb nganaha-naha. Neuteup beungeut indung bet kalah bleg beungeut si Aas. Cumentilna, kulat-kelétna. Bréh kabayang deui basa si Aas digaléntor ku Jang Toto. Si Aas tuluy robah jadi indung kuring. Ari Jang Toto jadi Mang Pandi. Bet tuluy ruy-rey sebel. Beuteung ngadadak murel.
Sawatara bulan ti harita, sanggeusna rada jejeg meueusan, kuring gilig miceun manéh ka kota, tug ka ampleng-amplenganana. Mana komo sanggeusna di kota manggih pangabetah, beuki pet baé teu mulang-mulang. Nepi ka dikersakeunana boga pamajikan. Teu kagok, kawin téh jeung urang jauh, ti Rangkasbitung, nu sarua pada-pada ngumbara. Ngarah henteu matak hamham. Balas baluas ku nu tiheula.
**
Mun ayeuna kuring ngahaja mulang, lain lantaran kajurung ku kasono nu ngagelek. Teu kurang teu leuwih, ukur hayang megatkeun sakur anu masih pakait jeung diri kuring ti ieu lembur jeung ti mangsa nu geus kalarung. Ngarah kuring henteu boga alesan deui pikeun nincak ieu lembur. Kajeun teuing mun dina émprona teu bina ti nu megatkeun akar pangbalikan. Nu matak perkara kebon ogé jol kabayang rarancang saterusna. Ngan imah anu jadi kabingung téh. Kudu dikumahakeun?
Poé kaduana, sanggeus jarah ka pajaratan indung, kuring ngalanto deui ka kebon bari ngabuburit. Saampar-ampar kasawang kebon jagong mayakpak sawates jeung tutugan pasir. Daunna anu héjo kasaput layung konéng tingarulang kahiurkeun angin. Disidik-sidik salila-lila, bet kawas pirang-pirang wanoja anu keur ngibing. Luak-léok rarampayakan, ka katuhu ka kénca, nuturkeun ka mana angin nebakna.
Sabot panon nyawang amparan kebon jagong, haté mah bet nyantél kana wangkongan tadi peuting jeung Kang Karja. Anéh, anu baheula jeung lanceuk téh papaharé, harita mah duka kumaha bet dipaparin terbuka.
Ti Kang Karja kuring jadi apal, lamun Titin téh nepi ka ayeuna teu kawin-kawin. Ras ka dinya, bet tuluy aya ingetan, kebon téh mending disérénkeun baé ka manéhna. Itung-itung panglilipur keur manéhna nu tangtu can liput raheut haténa. Kang Karja tuluy ngajurung sangkan kuring nepungan sorangan. Ngan balaka baé, kuring can sanggup.
“Ari imah mah da mutlak bawa Ema, lain boga Bapa. Tong teuing dijual, lebar. Bisi hiji mangsa Karim robah pikiran, hayang aya geusan téang-téangeun,” pokna.
Tina omongan Kang Karja kénéh kuring jadi apal, yén saméméh ka Ema, Bapa téh kungsi dua kali kawin. “Tapi da ti duanana gé henteu dikersakeun boga turunan.”
Sakedapan kuring ceuleumeut bari neuteup ka Kang Karja.
Peutingna kuring nginjeum motor ka Kang Karja, rék ngadon tarawéhan di masigit désa. Sup ka masigit, tétéla teu pati réa robahna. Angger wangunanana kitu kénéh. Atuh nu tarawéhan ogé sajajar téh teu cumpon. Nu matak mun urang lembur disebut jauh ka bedug, mémang kitu buktina. Ayeuna gé sarua kénéh. Dalah kamari ditempo-tempo di kebon téh anu puasa ogé ukur hiji-dua. Enya, naon anu rék dipiharep mun kuring tetep renggenek deui di dieu? Tapi teu burung dina sujud panungtung kuring babacaan sabisa-bisa, ngadungakeun sakur jalma anu kungsi deukeut, utamana aranjeunna nu geus miheulaan ngadep ka Yang Agung. Indung, bapa, Mang Pandi jeung réa-réa deui.
Balik ti masigit ngahaja ngaliwat heula ka hareupeun imah Bi Amah. Ukur werat nyérangkeun ti kajauhan. Tiiseun. Sorot lampuna remeng-remeng.
Sanajan galeuh-galeuhna kahirupan geus mimiti namper dina lelembutan, tapi keukeuh aya hal anu can bisa ditarima ku kasadrahan. Aya kalangkang can bisa ditampa ku kasurtian. Nu matak kuring di lembur téh henteu nepi ka tepung lebaran.
Pasusubuh, kuring tuluy amitan ka Kang Karja. Ngincid leumpang sorangan mapay jalan tarahal nu poék kahieuman tatangkalan. Lir poékna rusiah nu disidem dina sédong haté pangjerona.***
Selaawi, 1445 H.
LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, nepi ka naskah drama. Tilu kali dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016) jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur (2020). Ayeuna ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Ari matuh di Kacamatan Selaawi, Garut.
0 Komentar