Langit Kuta - Sajak-Sajak Cecep Burdansyah

 

Ilustrasi: Oscar Wilde. Gambar AI.


LANGIT KUTA

Layung di langit Kuta
ngempur jeung hasrat nu teu karucat
bau hangru tina panon kayas nu buringas
ngaleut turis-turis bulé ka saban cottage
istirah sabada gumulung jeung keusik basisir
lebah dieu jeung ayeuna
urang udar iman
notogkeun karep dina umpalan birahi
najan ukur sakeclak
najan ditungtungan ku rambisak.

Kuta, 2023



TUNGTUNG TAUN

Urang geus tepi ka tungtung taun
hujan ngegebrét
rembes kana haté
kahanjelu teu kungsi tepung
waruga jeung waruga.

Urang geus tepi ka tungtung taun
hujan ngagebrét
beueus kana angen
tepung urang raca ku kahariwang
ditanggeuy ku lamunan.

Urang geus tepi ka tungtung taun
ti Januari ka Désémber
ukur diupahan ku harepan.

Urang rék luncat ka taun anyar
gejed rék neruskeun léngkah
hayang mulang deui néang wangkongan
nu tinggaleun tur teu kungsi kalisankeun.

Bandung, 2023

  

INGET KA PATUNG OSCAR WILDE
:Wahyu Wibisana jeung Ajip Rosidi
 
Loba taman di Kota Bandung
loba tur rembet ku tangkal tunggara
akarna ngarandakah ka saban buruan
néang sugan aya nu nyangsang na lelembutan.

Oscar Wilde tumaninah luhur batu 
nyanghunjar di Merrion Square Park
ngahiap ka saban nu datang 
ngajak guntreng merkarakeun konsép éstétika.

Bareng jeung lirihna angin peuting
di taman hareupeun balékota 
Wahyu Wibisana jeung Ajip Rosidi
hog-hag ngobrolkeun sajak kapeurih 
jeung carpon cinta platonis. 

Bandung, 2023 



KOMODITI

Sok matak teu kaharti
mun pangarti geus pabeulit
jeung eusi peujit.
“Komoditi, komoditi,” ceuk Karl Marx ti jero kubur.
Barudak tigerat ku élmu
maragatkeun cita-cita.

Bandung, 2023



TEGALAN RASA
:Wrekudara

Ah, da geus kitu meureun guratna 
mun hirup di tegalan rasa
katugenah jeung kapeurih teu weléh kapanggih
naha urang rék sumerah
teu walakaya disasaak mangsa
singhoréng
dunya lain pangumbaraan
tempat nguji lalampahan
paguneman rasa jeung pikir
paseukeut-seukeut kadeudeuh
padeukeut-deukeut ka lemah galeuh.

Ubud, 2023



SASARAP NAON
: Etti RS

Mangpirang kahariwang
ucing ngadangong dina méja makan
isukan urang sasarap naon
iwal ngoétan taplak méja
ditilepan ku rasa keueung.

Jakarta, 2023



PANCURAN

Lebah mana pancuran kanyaah 
nu caina ngagelenggeng ngandung kadeudeuh
ditéang nepi ka girang: nyampak salira mapatkeun
jampé pamapalér haté.

Duh, kuring nu sok salah sangka bari kaleuleuwihi
némbongkeun kacinta dina réngkak bangkawarah.

Duh, salira nu nyumputkeun gudawang, tapi 
angger muntangkeun kamelang.

Sumedang, 2023

  

CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Opat kali dilélér hadiah sastra LBSS.  Sakali dilélér hadiah jurnalistik Moh. Kurdi ti Paguyuban Pasundan. Taun 2019 jadi pinunjul harepan sayémbara nulis kritik Dewan Kesenian jakarta. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Anak Jadah (2002), kumpulan carpon Sangkakala (2022), jeung kumpulan éséy Sastra Sunda Hampuraeun (2023). Sabada pangsiun ti Tribunnews, ayeuna muka prakték advokat di Bandung.

Posting Komentar

0 Komentar