Iga Katiga - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

Ilustrasi: Window and Hatches kenging Amadeu de Souza-Cardoso (1897-1918)



IGA KATIGA

Teu weléh kukuh norah ronghéapna mangsa
Mikarep aseukan miharep renung pepetétan
Nganti pasini najan sakeclak cimata hujan 
Najan mukti jatnika rumangrang rumégang

Garit-garit galengan kari gurat-gurat kelang
Na kalantang mentrang na garangan beurang
Miiklas rengat dampal leungeun jeung suku 
Nu mangpung mitukuh usum mituhu garung

Teu weléh pengkuh neguh cundukna waktu
Pérang rawing nasib dileumpeuh matapoé
Nujum udagan nu ngalakay jeung ngararas
Angkeuhan lawas ngaregas jeung ngaragas

Ruas-ruas palintang geuning iga-iga katiga
Jiwa nu kalémpohan jeung raga nu kaliasan
Mirido kadar ku kajembar najan nu kataruk
Ukur mupu turundul pucuk tina tuhur umur

2015



LILIR PIKIR

Ukur bagja saliliran sugema salenyapan
Hawara ngajam heueuh jeung meureun
Lahuta riwan impian majad kanyataan
Temahna nemen kaeurad eureup-eureup

Teuing ku balotah ari pangharepan jarah
Kasarad dina kebek pangréka lamunan
Ngilungan kereteg enya jeung biheung
Nasdikna mokprok dina boa jeung sugan

Nyungsi diri nu parat jeung nu teu kebat
Sapanjang pasampangan wangwangan
Malipir-malibir milir tigin jeung karisi
Pagerna kahamham jeung kamangmang

Geuning nu salawasna lilir iwal ti pikir
Ngajak gunem rencep mijejem misidem
Diémbohan nyaring batin nyiring geuing 
Yén hadé-goréng hamo bisa disisilihan

2015



MILEUPAS NAPAS

Ronghéap hujan rahuh rénghap ambekan
Sarenghos-sarenghos napas nu mileupas
Dina keclak taweuran dina keclak infusan
Dina raranteng selang peuting kamalir ketir 

Gerét roda brankar hégak sapaparat kadar
Dihin jumarigjeug sapanjang kebat labirin
Rusiah langit lain nu diulur turun ka lemah
Tapi pinasti istirah dipulut tina kasumerah

Kuyumbang hujan geter keyembeng cipanon
Aya ramo dina sasaab kaca rohang tunggon
Lalaunan nuliskeun ngaran ku pangharepan
Tuluy laas dina héhéas beueusna teuteupan

Hujan kari girimis juuh subuh nu lumantis
Langit mendung hanju tungtung haregung
Kamar-kamar nu ngaringkeb kekerep regéh
Keteg randeg adegan ketug panganggeusan

2015



MARATAN PARAPATAN

Gembréng ukulélé peura sora silung haté
Haleuang nu teu kurup lagu nu teu surup
Kalimpud kekebul lidig hurip ledug hirup
Kakeput kateudaya jeung kateuwalakaya

Dayeuh geuning pungkasan lagu peuyeuh
Tempat madakeun rumpaka kalunta-lunta
Di ieu pangancikan parapatan pangparatan
Nu nitah milih jalan brasna ka pangbalikan

Gembréng ukulélé peura sora liwung haté
Hariring geuri tina keri harepan geus bari
Suda antara kapahung jeung kapidangdung
Sasab antara sarakan jeung pangumbaraan

Saban namprak saban ketak ngabalangsak
Nu sawirahma kanyataan iwal kasadrahan
Lir muter opat tuner dina watangan karaha
Nasib rumpung dina senar nu ngajemprung

2016





ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor. Ayeuna matuh di Tanjungsari.

Posting Komentar

0 Komentar