Jurubasa Sunda Radén Soema di Pradja - Atép Kurnia

 

Lukisan Radén Soemadipradja karya J. Stuyfer. Sumber: Kiki Soemadipradja 

SALASAURANG tokoh nu arang kasabit dina pustaka Sunda, padahal sidik natrat riwayat katut tapak lacakna, nyaéta Radén Soema di Pradja (1864-1909). Riwayat hirupna beunang mapaykeun ti buyut-buyutna, Kang Sam Askari Soemadipradja (komunikasi pribadi tanggal 20 Pébruari 2021 jeung 15 Pébruari 2024) jeung Kang Rizki Wisnu Soemadipradja (komunikasi pribadi tanggal 15 Pébruari 2024). Tapak kalam katut kagiatan-kagiatan dina kasundaan mah beunang ngumpulkeun tina sabangsaning pustaka lawas.

            Numutkeun catetan dina Sadjarah Raden Kandoeroean Soema di Pradja beunang nyusun Rd. Hassan Soema di Pradja (Soemedang, 24 April 1908, disarungsum ku Sam Askari Soema di Pradja, Sumedang 1 Pébruari 1997 jeung Purwakarta 25 April 1999), Radén Soema di Pradja (SdP) putrana Radén Demang Satja di Pradja. Ari éyangna Radén Sahoer alias Radén Kandoeroean Soema di Pradja, cutak atawa wadana Ciakar, Afdeeling Sumedang. Ku seuweu siwina ditarelah Embah Kanduruan.

            Ti istrina Nji Mas Nari Koesoemah, Radén Kandoeroean Soema di Pradja kagungan putra dalapan, nyaéta Radén Ngabéhi Tjandra Joeda, Nji Mas Enok, Radén Satja di Manggala, Radén Djénal Abidin, Radén Demang Satja di Pradja, Radén Hadji Moehammad Amin, Radén Naja di Pradja, jeung Nji Mas Ambi. Ti istrina nu katilu, Nji Mas Pangoedas, Radén Demang Satja di Pradja kagungan putra tilu, nyaéta Radén Soema di Poera (Radén Hadji Ismail), Nji Radén Lengkaningsih, jeung SdP.

            Biodata singget SdP kapanggih tina érloji rantay titinggalna. Dina beungeut érloji téa aya tulisan kieu: “Raden Soema di Pradja, geb. 9 Jan. 1864, overl. 23 Dec 1909” anu pihartieunana SdP téh dilahirkeunana dina 9 Januari 1864, ngantunna dina 23 Désémber 1909. SdP téh dijurukeunana di Sumedang, ari ngantunkeun jeung dikurebkeunana mah di Cicaléngka.

            Atikan nu kungsi disuprih ku SdP nyaéta sakola pamongpraja jaman Walanda, nyaéta Hoofdenschool méméh jadi Opleidingscholen voor Inlandsche Ambtenaren (OSVIA). Mun nilik Gedenkboek MOSVIA, 1879-1929 (1929: 56), gedé kamungkinan SdP téh kakolom entragan munggaran nu asup ka sakola nu sok disarebut Sakola Ménak téa. Inyana bisa jadi asup (“Heeft de school verlaten op”) dina 1 Séptémber 1880 atawa 1 Nopémber 1880. Nu sidik lulusna (“Geslaagd in het eindexamen op”) mah kacatet 21 Juni 1884.

            Demi riwayat pagawéanana, sabada tamat sakola téh, SdP kungsi magang di Kabupatén Sumedang, tuluy diangkat jadi eleve tolk voor de Soendaneesche taal (ti mimiti 12 Séptémber 1885), translateur voor de Soendasche taal (ti mimiti 28 Januari 1891), ondercollecteur Mangoenredja (ti mimiti 31 Maret 1906), jeung ondercollecteur Tjitjalengka (ti mimiti 15 Agustus 1907). Di handap urang wincik riwayatna, sakalian urang papay tapak lacakna.

 

Jurubasa Sunda

Dina literasi Sunda, kungsi aya pagawéan eleve tolk voor de Soendaneesche taal (magang atawa calon jurubasa Sunda) jeung translateur voor de Soendasche taal (jurubasa atawa panarjamah basa Sunda). Ilaharna gawéna téh nyundakeun aturan-aturan pamaréntah nu ditulis boh dina basa Walanda boh dina basa Malayu kana basa Sunda. Tapi bisa jadi ogé tina basa Jawa deuih, atawa disina jadi jurutarjamah di pangadilan keur palaku jeung saksi nu nyaritana ku basa Sunda.

            Nu pangmimitina jadi jurubasa Sunda nyaéta Radén Kartawinata alias Radén Aria Soerianatalegawa, ti 1872 nepi ka 1906. Salian ti Kartawinata, tina cukcrukan Regerings-Almanak voor Nederlandsch-Indië, aya Radén Koesoema Widjaja nu diangkat dina 20 Januari 1877. Taun 1881, sakumaha nu kacatet dina Regerings-Almanak voor Nederlandsch-Indië 1882 (1881: 99), H. Laurens diangkat jadi jurubasa Sunda dina 30 Januari 1881.

Tah, SdP mah diangkatna dina 1885. Dina Regerings-Almanak voor Nederlandsch-Indië 1886 [tweede gedeelte] (1885: 123), ditulis Soema di Pradja diangkat jadi eleve tolk voor de Soendaneesche taal dina 12 Séptémber 1885. Sanggeus jadi calon jurubasa Sunda kurang-leuwih genep taun, dina 28 Januari 1891, diangkat jadi translateur voor de Soendasche taal (Regerings-Almanak voor Nederlandsch-Indië 1892 [tweede gedeelte], 1891: 123).

Salila jadi jurubasa Sunda, SdP kungsi nyundakeun artikel ngeunaan tatanén sarta dimuatkeun dina Mitra noe Tani (MnT). Éta téh buku séri nu dipokalan ku K.F. Holle ti mimiti 1874 nepi ka maotna dina 1897. Hasil pagawéan SdP dina MnT nyaéta “Hal ngomé goela arén, kalapa djeung goela lontar” karya K.F. Holle, dina MnT djilid X (1893). Tuluy tulisan “Bab Laoek Tjai” karya Radén Toemenggoeng Tjakranagara (MnT djilid XIII, 1897) jeung “Hal Melak Katjang Kadelé atawa Katjang Djepoen” karya Radén Tumenggung Tjakranagara (MnT djilid XIV, 1899).

Salian ti éta, dina Katalog Induk Naskah-Naskah Nusantara Jawa Barat Koleksi Lima Lembaga (1999) beunang nyusun Édi S. Ekadjati jeung Undang S. Darsa, kapanggih naskah tarjamahan beunang SdP. Dina éta buku (1999: 107-108), naskahna téh ku panyarungsum dijudulan “Peraturan Ngaji Zaman Kolonial”, koléksi École française d'Extrême-Orient (EFEO) Bandung. Naskah nu dibéré kodeu EFEO/EJ-28 téh ditulis dina keretas, winangun prosa, aksarana Pégon, basana Sunda, kabéhanana aya lima kaca.

Demi judul aslina, sakumaha nu ditulis dina jilid nyaéta Kitab Pancakaki. Ukuran jilidna 21 x 16 cm, sedengkeun lolongkrang tulisanana 17,5 x 13 cm. Disalin ku SdP di Bandung dina taun 1908. Ari asalna naskah saméméh dikoléksi ku EFEO nyaéta ti Bapa Endjum, Batukarut, Kacamatan Pameungpeuk (kiwari Batukarut kaasup ka Kacamatan Arjasari), Kabupatén Bandung. Disimpenna di EFEO Bandung.

Eusi naskahna didadarkeun kieu: “Di dalam teks ini dicantumkan tentang peraturan perizinan bagi guru pengajar ngaji ‘membaca al-Quran’ oleh pemerintah kolonial Belanda melalui para bupati atau patih afdeling. Ketentuannya antara lain dinyatakan bahwa seorang guru harus memiliki kartu register model CI, CII, dan C IV. Selain itu bisa berbahasa Melayu dan menulis aksara Belanda (Latin). Sebenarnya teks ini tampaknya bersambung kepada teks lainnya dengan topik yang berbeda”.

Bukti éta naskah disalin ku SdP kabaca tina dadaran ieu: “Berdasarkan keterangan di dalam naskah, teks ini merupakan terjemahan (kemungkinan besar dari bahasa Belanda) yang dikerjakan pada tahun 1908 Masehi, oleh Sumadipraja yang pada saat itu menjabat sebagai onderkolektor Cicalengka, sehingga besar kemungkinan tempat penulisan teks ini pun adalah di daerah Cicalengka. Hal tersebut antara lain tampak pada kutipan kalimat akhir teks berikut ini: ‘ … anu nyundakeun onderkolektor Cicalengka sumadipraja (h. 5)”.

Atuh keur buku Neerlands Taal in 't verre Oosten: eene bijdrage tot de kennis en de historie van het Hollandsch in Indië (1906) susunan F.P.H. Prick Van Wely (Leeraar aan de H.B.S. met 5 j.c. te Batavia), SdP téh gedé jasana deuih. Keur éta buku, SdP nyumbangkeun daptar 142 kecap Sunda nu asalna tina basa Walanda. Kayaning “andoek”, “béngkél”, “botol”, “djalosi”, “dokar”, “éstégér”, “géréndél”, “istrika”, “koesir”, “lampoe”, “loemoer”, “moersetel”, “nétjis”, “ngelakkeun”, “pantji”, “péna”, “potji”, “ronda”, “sakoe”, “selop”, “serebét”, “tariko”, “tekin”, jeung “waterpas”.

Van Wely nulis (1906: 183), “Natuurlijk is deze lijst niet volledig, evenmin als de hier volgende van Nederlandsche woorden, die in het Soendaasch opgenomen zijn” (Tangtu baé, ieu daptar téh henteu kumplit, kitu deui daptar kekecapan Walanda nu kapanggih dina basa Sunda). Bari dina catetan kaki ditulis, “Deze opgave heb ik te danken aan de vriendelijkheid van den tolk en translateur voor het Soendaasch, Raden Soema di Pradja” (Kuring kahutangan budi ku jurubasa Sunda Radén Soema di Pradja nu nyayagikeun ieu daptar).

 

Kleub Diajar Basa Walanda, Nguji Basa Sunda para Opsir, jeung Bintang Hindia

Sajeroning digawé jadi jurubasa Sunda di Bandung, SdP kaasup getol ngamajukeun pangajaran basa, pangpangna basa Walanda keur kapereluan bumiputra. Buktina kapanggih tina warta-warta nu ditulis di koran Walanda ti taun 1903.

            Dina De Locomotief édisi 12 Méi 1903 jeung De Sumatra Post édisi 2 Juni 1903, kapanggih katerangan G. van der Veen nu dititimangsaan 9 Méi 1903. Di dinya ditétélakeun yén ti Juli 1902, Radén Soemadipradja, Soendaneesche tolk te Baodoeng (jurubasa Sunda di Bandung), ngaalpukahan ngadegna beungkeutan bumiputra nu diajar nyarita basa Walanda (“een vereeniging van Hollandsch sprekende Inlanders”). Ceuk SdP, kleub modél kitu téh penting keur di tempat di mana réa para pamongpraja lulusan Sakola Ménak. Ku kituna, dina 6 Juli 1902, SdP nyumebarkeun sirkulir dina basa Sunda pikeun maksud éta.

            Ari tujuan éta kleub nyaéta ngayakeun riungan mingguan nu salila ngobrolna ngan kudu ku basa Walanda; nétélakeun kasulitan-kasulitan nu karandapan ku bumiputra enggoning makéna basa Walanda; jeung nyebarkeun surat kabar basa Sunda nu diilustrasian. Ceuk van der Veen, nepi ka 9 Méi 1903, éta kleub téh anggotana geus aya 20 urang, mangrupa para camat (asistén wadana), jurutulis, jeung para guru.

            Agénda nu marantina, ceuk van der Veen, tepung unggal malem Minggu, ti pukul satengah dalapan. Di dinya éséy-éséy atawa tarjamahan-tarjamahan nu ditulis dikoréksi sarta digalantangkeun ku nulisna atawa ku nu narjamahkeunana. Sakapeung mah ngapalkeun karya nu geus dikoréksi téa pikeun diwangkongkeun dina riungan satuluyna, atawa salasaurang ti penceramah nu pangcalakanana nepikeun pidato ngeunaan hiji poko tanpa dikopé heula.

            Kitu deui nu ditepikeun ku C.J. van Haastert jeung R. Brons Middel dina surat pembaca De Preanger-bode édisi 27 Méi 1903. Éta dua guru di Kweekschool Bandung nétélakeun réhna anyar-anyar ieu di Bandung geus diadegkeun hiji kleub pamongpraja bumiputra nu dialajar guneman basa Walanda, kalawan alpukahna SdP, ngarangkep jadi pupuhuna (“Gelijk bekend, is hier onlangs een club van Hollandsch sprekende inlandsche ambtenaren opgericht op initiatief van Raden Soema di Pradja, tolk en translateur voor de Soendaneesche taal, die de voorzitter van die club is”).

Para anggotana ngayakeun riungan unggal minggu di Societeit Paroekoenan keur diajar basa Walanda, boh ku ngomong boh ku maca (kaasup nu digalantangkeun). Ngan cenah, éta kleub kurang bahan bacaan kayaning karya Jules Verne, Gouverneur, Louwerse (Het jonge Volkje), jeung sajabana. Éta kleub hayang ngadegkeun pabukon leuleutikan baé mah, ngan nyaéta kurang pakeun téa. Nu matak maranéhna minangsaraya ka warga Eropah di dieu. Ngaliwatan éta surat, C.J. van Haastert jeung R. Brons Middel umajak ka sakumna urang Eropah di Bandung pikeun mantuan éta kleub.

            Sababaraha bulan ti mokalan ngadegna kleub diajar basa Walanda, SdP diangkat jadi salasaurang anggota komisi pikeun nguji kamampuh para opsir Walanda kana basa Sunda taun 1902 (“de commissie voor het in het jaar 1902 aan officieren van het nederlandsch-iudische leger af te nemen examen in de soendasche taal”). Ieu téh antarana dilaporkeun dina Bataviaasch Nieuwsblad édisi 27 Nopémber 1902. Di dinya disebutkeun éta komisi dipupuhuan ku dr. Ph. S. van Ronkel (“leeraar bij de afdeeling taal-, land-en volkenkunde van Nederlandsen-Indië van het gymnasium Willem III te Batavia”). Anggotana ngarangkep sékretarisna nyaéta SdP (“tot lid tevens secretaris, Raden Soema di Pradja, tolk tevens translateur voor de soendaneesche taal te Bandoeng”).

            Atuh basa Letnan H.C.C. Clockener Brousson ngawawarkeun rarancang medalna surat kabar Bintang Hindia di Bandung dina 1904, ngaran SdP katut réngréngan pamongpraja di Bandung kasabit-sabit deuih. Bisa jadi minangka pihak nu ngajeng-ngajeng medalna éta surat kabar atawa béh dituna jadi kontributorna. Sabab dina wawar diterangkeun sagigireun artikel dina basa Malayu jeung Walanda, artikel dina basa Jawa, Sunda jeung Minangkabau ogé disadiakeun rohanganana (“Naast het Maleisch en Nederlandsch is nu ook een plaats ingeruimd voor artikelen in de Javaansche, Soendaneesche en Menangkabausche taal”).

            Pamongpraja Bandung nu disabit-sabit téh antarana Radén Soeria Karta Negara (Adjunct Hoofddjaksa), Radén Soema di Pradja (Tolk tevens Translateur voor de Soendaneesche taal), Darma Koesoema (Hulponderwijzer Opleidingschool voor Inl. Ambtenaren), Mas Partadiredja (Onderwijzer voor de Soendaneesche Taal Opleidingschool voor Inl. Ambtenaren), Mas Natawisastra (Hoofdonderwijzer Inl. School), Radén Wiria Atmadja (Schrijver Residentie-kantoor), Radén Wiria Antaredja (Schrijver Residentie-kantoor), jeung Radén Hassan Soema di Pradja, (Oud-leerling Opl. school voor Inl. Ambtenaren).

 

Kulawarga Radén Soemadipradja. Sumber: Sam Askari Soemadipradja 

Ondercollecteur jeung Boedi Oetomo Cabang Bandung

Sanggeus 15 taun jadi jurubasa Sunda, SdP dijungjung lungguh “ondercollecteur”. Éta téh jabatan nu aya patula-patalina jeung ngumpulkeun pajeg. Ceuk Rudolf Mrazek (Engineers of Happy Land: Perkembangan Teknologi dan Nasionalisme di sebuah Koloni, 2006: 179-180), urutan di Jawa Barat téh ti luhurna aya regent adipati, patih, mantri, patih, jeung satuluyna nepi ka 35 posisi nungturun nepi ka tani jeung nyai tani. Ari nu dianggap para profesional antarana hoofddjaksa (jaksa), ondercollecteur (nu ngumpulkeun pajeg), mantri oeloe-oeloe (pengawas irigasi), mantri goeroe sakola (guru), dokter jawa, jeung mantri cacar.

            Dumasar katerangan Regerings-Almanak voor Nederlandsch-Indië 1907 [tweede gedeelte] (1906: 168), SdP diangkat jadi ondercollecteur di Mangunreja, Tasikmalaya, dina 31 Maret 1906. Di Tasikna ngan sakeudeung, sabab dina 15 Agustus 1907, SdP dijungjung lungguh ondercollecteur Cicaléngka, Kabupatén Bandung (Regerings-Almanak voor Nederlandsch-Indië 1908 [tweede gedeelte], 1907: 170).

            Basa jeneng ondercollecteur di Cicaléngka, SdP nuturkeun pisan kamekaran Boedi Oetomo cabang Bandung. Samalah inyana pisan nu ngamasalahkeun perlu atawa henteuna ngadegna Boedi Oetomo téh. Ngeunaan ieu, urang bisa nuturkeun kamandangna dina laporan nu dipidangkeun dina De Preanger-bode édisi 23 Nopémber 1908.

            Ceuk éta laporan, malem Minggu (15 Nopémber 1908) di Societeit Paroekoenan nu diluuhan ku méh saratus urang bumiputra, rata-ratana pamongpraja nu torojolna ti widang atikan, jawatan karéta api, jeung administrasi pamaréntah, aya gempungan pikeun ngadegkeun cabang Boedi Oetomo. Sanggeus sajarah Boedi Oetomo didadarkeun ku Mas Ardiwinata (den onderwijzer in het maleisch aan de opleidingsschool voor inlandsche ambtenaren), pedaran maksud-maksud Boedi Oetomo ditepikeun ku dokter jawa Radén Mas Soepojo.

            Harita réréana mah sapuk. Ngan SdP nu wani ngadebat téh (“Gedebatteerd werd slechts door den ondercollecteur van Tjitjalengka, raden Soemadipradja). Ceuk inyana mah masih tangéh pikeun ngadegkeun cabang Boedi Oetomo téh, sabab pangpangna mah hayang leuwih terang heula kana cara-cara pangurus puseurna enggoning ngawujudkeun cita-citana (“die het voorbarig achtte nu reeds tot het stichten van een onderafdeeling over te gaan, althans eerst beter ingelicht te worden, wenschte over de wijze, waarop het hoofdbestuur tot de uitvoering van zijn goede voornemens denkt over te gaan”). Sagalana masih mawur. Batur jenuk hayang kieu, hayang kitu. Tapi kumaha carana? Naon tugasna pangurus puseur, naon bagian tugas cabangna? Kumaha pancakakina antara pangurus puseur jeung cabangna? Naha bakal mandiri atawa tetep suméndér ka pangurus puseur? Soal-soal éta tuluy diwalonan ku Mas Ardiwinata.

            Sanggeus meunang katerangan mah, sapuk waéh ngadegna Boedi Oetomo cabang Bandung téh. Méh 80 urang hadirin nu sapuk harita téh. Samalah Boedi Oetomo subcabang Cicaléngka ogé bakal diadegkeun. Gedé kamungkinan, nya SdP pisan nu jadi pupuhu Boedi Oetomo subcabang Cicaléngka téh.

            Sataun leuwih ti ngadegkeun Boedi Oetomo subcabang Cicaléngka, SdP ngantun di Cicaléngka, dina tanggal 23 Désémber 1909. Tapak lacakna dina kasundaan dituluykeun ku teureuh-terahna. Ti istrina, Nji Radén Adiningrum, SdP kasinugrahaan genep putra, ngan nu tilu ngantun ti payun, keur orok kénéh, nyaéta Nji Radén Siti Mariam, Radén Hoesén, jeung Radén Moehammad Tobri. Nu aya nyaéta Radén Adipati Aria Hassan, Radén Gadjali Rahmat Toellah, jeung Nji Radén Djoehaeni.

            Dua putrana, Hassan jeung Gadjali nuturkeun tapak lacak SdP. Duanana sakola di OSVIA. Sakumaha nu kacatet dina Gedenkboek MOSVIA, 1879-1929 (1929: 63, 68), R. Hasan Soemadipradja lulus dina tanggal 19 Nopémber 1903, ari R. Gadjali Soemadipradja lulusna téh dina tanggal 27 Agustus 1910. Demi Nji Radén Djoehaeni nikah ka ramana Jenderal TNI (Purn.) H. Umar Wirahadikusumah, Radén Rangga Wirahadikusumah.

            Numutkeun catetan Orang Indonesia yang terkemuka di Jawa (1944: 86), Radén Adipati Aria Hassan Soemadipradja téh lahirna di Sumedang, tanggal 15 Agustus 1885. Kungsi sakola di Volkschool (1889), OSVIA (1903), MLS (1906), jeung BS (1916). Pagawéanana antarana nyaéta mantri landbouw Bogor jeung Leuwigajah (Cimahi) antara 1906-1907, jurutulis wadana Sumedang (1907), mantri lumbung Sumedang (1908), camat Sumedang jeung Tasikmalaya (1910-1914), wadana Pamanukan, Jatinegara jeung di Algeemene Secretarie, Bogor (1916-1924), patih Karawang jeung Bandung (1924-1930), bupati Bandung jeung pejabat di gubernuran Jawa Barat (1931-1935), jeung ti 1 Oktober 1936 dijungjung lungguh jadi bupati Jakarta. Hasil karyana antarana Nasehat Menanam Padi dan Palawidja (1909).

            Salian ti éta, Hassan Soemadipradja remen nulis dina kalawarta. Sababaraha tulisanana nu kapanggih nyaéta Goegoeritan Pipilis Istri Goegah Babar (Poesaka Soenda, Juli-Agustus 1922), Sair Soenda (Poesaka Soenda, Séptémber 1922), jeung Mamanis Basa (Poesaka Soenda, Januari 1925, makalah keur Kongrés Basa Sunda taun 1924). Bukuna aya Piwoelang Tatanén (Ruygrok & Co, 1917) basa masih kénéh jadi wadana Pamanukan.

            Sedengkeun R. Gadjali Soemadipradja, keur sakolana di OSVIA nyongcolangna téh dina maénbal. Éta baé dina Gedenkboek MOSVIA, 1879-1929, (1929), S nulis yén para pamaén bal nu kawentar ti kasabelasan OSVIA téh aya Wiradikoesoemah (Dadang), Achmad, Gadjali Soemadipradja jeung Moehamad Arif. Éta para pamaén cenah kerep dibon ku tim perserikatan di Bandung.

Ngan sabada lulus ti OSVIA téh Gadjali mah henteu cepeng gawé di pamaréntahan, tapi di perkebunan, da kapan nuluykeun sakola ka Landbouwschool di Bogor. Dina Jaarboek van het Departement van Landbouw in Nederlandsch-Indie 1910 (1910: 65-66) kapanggih katerangan yén ti mimiti tanggal 1 Oktober 1910, R. Gadjali Soemadipradja kacatet jadi murid di Landbouwschool, babarengan jeung E.H. Stuut, Mas Soemarma, Mas Moetalib, Mas Ali, Radén Soerja, Bahadoeddin, Radén Sadikin, Radén Wangsanegara, Radén Danoekoesoema, jeung sajabana.

            Sabada tamat ti Landbouwschool, Gadjali kungsi digawé di Onderneming Tjoekoel di Pangalengan antara 1 Januari 1918 nepi ka Désémber 1920. Ti Tjoekoel, sakumaha nu kapanggih tina De Indische Mercuur No. 8, 20 Pébruari 1920, pindah ka Onderneming Landen aan de Zuid, Tasikmalaya (“De heer Raden Gadjali Soemadipradja van den onderneming „Tjoekoel” bij Pengalengan is overgegaan naar de onderneming „Landen aan de Zuid” bij Tasikmalaja”). Tina verklaring nu ditanda ku Rd. H. Abdoelah Saban, naib Indihiang, dina tanggal 23 Oktober 1929, Gadjali téh nganjrekna harita di Kp. Onderneming Tjisegel, Onderdistrict Parakanhondje, District Karanggnoenggal, Kabupaten Tasikmalaya.

            Dina jaman Jepang, sakumaha nu katingali tina telegram djat 19 & Djakarta 734.101/96, 27 10.18p, Radén Gadjali “diangkat pegawai tinggi Tingkat amapat mendjabat inspektoer perkeboenan daerah ampat djawatengah di magelang bergadjih ampat ratoes tiga poeloeh roepiah”. Saméméh ka Magelang, cepeng gawéna di Poesat Perkeboenan Soekaboemi. Ari sabada merdéka, Gadjali milu hijrah ka Yogyakarta. Dina taun 1949, inyana ngajabat jadi Kepala Bagian Cultuur Techniek PPN nu kantorna aya di Semanggi, Solo.



ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di badan Géologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925 - 1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020. 

Posting Komentar

0 Komentar