Paguneman di Sisi Kebon - Sajak-Sajak Arom Hidayat

 
Indonesian Village, AI.




PAGUNEMAN DI SISI KEBON

Dua pasang panon carelong
Paselang maling-maling melong langit 
Lénglang taya aling-aling

“Tuh ayeuna mah méga téh hideung,” kapireng sorana
Bangun nineung. Layung soré hibar luhureun gunung
“Ieuh durukanana mah geuning di dieu, heueuh!” 
Burahay dina kalbu anu muyung

2023




KARARAS HANDAPEUN LANGIT SÉPTÉMBER

Kamelang bet tingkuniang
Tina taneuh anu kelang
Handapeun langit séptémber

Kararas patingkeleter—bangun nu harayang hiber
Gulawing nu kasakitu kali
Barang dirérét, geuning jangjangna rawing

2023 




SISI WAHANGAN CIMINYAK

Saha anjeun téh?
Mun teu ngalungsar dina babantar
Nya rangseb ‘na batin leuwi

Saha anjeun téh?
Sakapeung rajeun parungpang
Kalan-kalan duh ngalangkang

Enya, saha anjeun téh?
Bet jiga lalakon kuring
Diangkleung-angkleung katineung

2024




KO(S)TA

Rumanggieung unggal raga
Padahal lain di leuweung
Tuh lampuna ngan teuing nyaangan saha
Tah gedongna ngan naha nungguan saha

Tingrarigah unggal léngkah
Padahal da lain sémah
Uluk salam bari taya nu némbalan
Ngembangpanon bongan taya anu nakon

2024




DI KIDANGPANANJUNG

Neuteup ka hareup
Geus lawas Tatar Ukur salin jinis 

Nilik ka diri
Ku keri kurungan ceurik jeung seuri

Nyawang ka tukang
Nyérését deui seuseukeut hinis

2024




ANYELIR DI SISI GAWIR

Ngulisik deui
Daun-daun leutik
Anyelir di sisi gawir

Lir nu lilir cuang-cieung
Hudang tineung

Mangga disarengan, Nun!
Mung panuhun

Peurih jeung poék halimun
Rurubkeun ka jurang
Nu gudawang antara urang

2024



AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Dumuk di Cililin. Sajak-sajakna dimuat dina Manglé, Cupumanik, Kabar Priangan, Galura, jeung Galamedia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS. Buku kumpulan sajakna Hariweusweus Leuweung Pineus (2013). Kiwari sapopoéna salian ti nulis sajak, ogé nulis rumpaka lagu jeung ngoléksi wayang golék.

Posting Komentar

0 Komentar