Rd. Padmadinata: Penilik Sakola jeung Buku Sunda - Atep Kurnia

 

Kulawarga Rd. Kandoeroean Padmadinata, taun 1940.
Sumber: Setengah Abad Perlawanan, 1955-2005: Memoar Tjetje H. Padmadinata 

Mun nyabit-nyabit ngaran Padmadinata, tangtu losna ka Dr. (HC) Tjetje Hidayat Padmadinata (22 Juni 1935-9 Nopémber 2022), akademisi, aktivis, jeung politikus Indonésia nu malang-mulintang dina tilu jaman, nyaéta Ordeu Lama, Ordeu Baru, jeung jaman Réformasi. Ngaran Padmadinata dina Tjetje Hidayat téh pancakakina bapa jeung anak. Padmadinata bapa, Tjetje Hidayat anak. Jadi lengkepna Tjetje Hidayat Padmadinata bin Padmadinata. Cara nu kapanggih dina buku Apa Siapa Orang Sunda (2003). Di dinya ditulis bapana Tjetje téh Rd. Padmadinata, ari indungna Ny. Rd. Wiara Padmadinata.

Keur dunya pamedalan buku Sunda, Padmadinata dipikawanoh minangka salah saurang pangarang nu réa hasilna. Mun mukaan Catalogus der Koloniale Bibliotheek van het Kon. Instituut voor de Taal-, Land-en Volkenkunde van Ned. Indië en het Indisch Genootschap (1927) jeung Catalogus der boeken enz. verkrijgbaar bij het depot van leermiddelen te Batavia-centrum (1931) bréh baé katara buktina.

Tina éta dua katalog, goréhél buku-buku karya Padmadinata. Di antarana Boekoe Itoengan pikeun Kelas I, Toedoeh Djalan pikeun Pangadjaran Ngitoeng di Kelas I, Boekoe Itoengan pikeun Kelas II, Toedoeh Djalan pikeun Pangadjaran Ngitoeng di Kelas II, Boekoe Itoengan pikeun Kelas III, Toedoeh Djalan pikeun Pangadjaran Ngitoeng di Kelas III, Boekoe Itoengan pikeun Kelas IV, Toedoeh Djalan pikeun Pangadjaran Ngitoeng di Kelas IV djeung V, jeung Boekoe Itoengan pikeun Kelas V. Kabéhanana disusun ku Padmadinata babarengan jeung J. D. Winnen dina taun 1907.

Satuluyna aya Doea Ratoes Itoengan I (1914) nu disusun babarengan jeung W. Keizer; Boekoe Kahardjaan Nagara (1914) babarengan jeung Mas Natawisastra; jeung Boekoe Pangadjaran Basa Soenda pikeun Moerid2 kelas II, III di Sakola Handap (1915), babarengan jeung Moehamad Rais katut Soeriadiradja.


Teureuh Banten, Dipikanyaah Dalem

Riwayat hirup Padmadinata aya dina buku Setengah Abad Perlawanan, 1955-2005: Memoar Tjetje H. Padmadinata (2006), beunang nyusun Tatang Sumarsono.

Di dinya antarana ditétélakeun bibit-buit Tjetje Hidayat Padmadinata ti pihak bapana téh teureuh Banten. Ceuk Tjetje, “Menurut kabar, kakek saya dari garis ayah adalah orang Banten, namanya Muhammad Ali Hasan. Beliau mengembara ke Bandung (agaknya punya missi sebagai guru agama, atau siapa tahu mungkin juga sudah berkedudukan sebagai kiyai), lalu menikah dengan gadis Menggerhilir, yang tak lain nenek saya. Lahirlah beberapa anak; bungsunya adalah ayah saya sendiri. Setelah anak bungsunya lahir, nenek meninggal dunia. Tak lama kemudian kakek pun kembali ke Banten, meninggalkan beberapa putranya di Bandung” (Tatang Sumarsono, 2006: 123).

Bapana Tjetje tuluy dirorok ku lanceuk cikalna. Ngaranna Upi. Basa mangkat rumaja, bapana Tjetje dipikanyaah ku Dalem R.A.A. Martanagara (bupati Bandung taun 1893-1918). Samalah Tjetje sorangan nyangka yén pangna bapana bisa sakola, katut ngaran Padmadinata ogé, asalna panglélér ti Dalem Martanagara. Da aslina mah Jahja.

Cenah gé, “Saya menduga, kesempatan yang diberikan kepada ayah untuk memasuki sekolah (yang cukup tinggi pada masa itu) pun karena ada semacam rekomendasi, atau lebih tepatnya lagi uluran tangan, dari Dalem Bandung. Jangan-jangan nama Padmadinata pun bukan aslinya sejak kecil, sebab siapa tahu justru pemberian Kangjeng Dalem. Tentang nama ayah semasa kecil, barulah saya ketahui puluhan tahun kemudian, yaitu Jahja (dibaca: Yahya). Sedangkan Dalem Martanagara sendiri selalu memanggilnya dengan sebutan: Padma” (Tatang Sumarsono, 2006: 123).

Ku Dalem Martanagara, Padmadinata remen dititah ngigel. Bari mémang cenah ti ngongora Padmadinata remen ngigel tayuban, nu populér di kalangan ménak budeureun Kabupatén Bandung. Nu matak gedé kamungkinan keur ngorana, Padmadinata remen pulang-anting ka pendopo Kabupatén Bandung. Ceuk Tjetje, “Konon kabarnya, pada masa mudanya, Apa sering menari—saya kira jenis tarian tayub (dalam bahasa Sunda disebut nayub), yang pada masa itu populer di kalangan para menak (bangsawan) kabupaten. Hal ini semakin memperkuat dugaan bahwa di masa mudanya Apa berada di pendopo kabupaten, atau paling tidak sering keluar-masuk tempat tersebut” (Tatang Sumarsono, 2006: 123).

Lebah riwayat pagawéan bapana, Tjetje nyebutkeun Padmadinata kungsi jadi guru Sakola Rayat di daérah Katapang, Kabupatén Bandung, tuluy dipindahkeun ka Kweekschool (sakola calon guru atawa Sakola Raja), jadi guru basa Sunda. Salah sahiji muridna nyaéta R. Ema Bratakoesoema. Jabatan pamungkas Padmadinata nyaéta school-opziener (penilik sakola) keur wewengkon Ujungberung, Ciparay, jeung Cicaléngka nepi ka pangsiunna. Basa Tjetje dijurukeun taun 1935, bapana geus pangsiun. Jadi cenah ganjor pisan antara umur bapana jeung Tjetje téh (Tatang Sumarsono, 2006: 124).

Sakumaha nu katalungtik ku Tjetje, Padmadinata ahli dina widang basa jeung sastra Sunda, samalah dipiwanoh minangka ahli biantara. Nu matak cenah, Padmadinata remen dipénta advisna ku Dalem Haji (Wiranatakusumah V, bupati Bandung antara 1920-1931 jeung 1935-1945) palebah biantara mah. Samalah Tjetje meunang béja ti garwana Dalem Haji yén bapana kungsi nganggit guguritan tina pupuh pucung nu kawentar keur atikan. Ieu guguritan beunang nganggit Padmadinata téh, “Utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma” (Tatang Sumarsono, 2006: 124). 

Sabada pangsiun, Padmadinata digawé deui di Pensioen Bond (beungkeutan pangsiunan pagawé pamaréntah) nu aya di Kapatihanweg (Jalan Kapatihan), teu jauh ti Pendopo Kabupatén Bandung. Demi imahna mah aya di Balonggedeweg (Jalan Balonggedé) No. 27 (ayeuna No. 57) (Tatang Sumarsono, 2006: 109).

Minangka tambahna, nu bisa jadi matak narik pisan, sihoréng indungna Tjetje Hidayat (nyaéta Nyi Rd. Wiara) dulur sabrayna R. Soeria di Radja, guru jeung ahli basa Sunda nu ngarang buku Panjoengsi Basa jeung Gandasari. Tjetje mah nyebutna ogé Uwa Batawi, lantaran Soeria di Radja nganjrekna di Bidara Cina, Meester Cornelis (Jatinagara) (Tatang Sumarsono, 2006: 126). 

Ceuk Tjetje, ngaran tokoh Jang Eman dina buku Gandasari téh saenyana budakna Soeria di Radja. Cenah gé, “Saya masuk ke kelas tiga SR Cipaku, yang kalau tak salah, nama kepala sekolahnya Gandamihardja. Pada saat itulah saya mulai membaca buku pelajaran yang ditulis Uwa Batawi, judulnya Gandasari, yang di dalamnya terdapat tokoh Jang Eman, yang tidak lain putra Uwa Batawi sendiri” (Tatang Sumarsono, 2006: 148).

Radén Kandoeroean Padmadinata sah ti dunya dina tanggal 2 Juni 1949, dina mangsa ka janarinakeun (Tatang Sumarsono, 2006: 168).


Ti Lélés ka Medan Goeroe Hindia

Ayeuna urang cukcruk riwayat Padmadinata tina pustaka baheula, tina koran jeung buku. Nu pangheubeulna nu nuduhkeun Padmadinata téh guru, kapanggih tina warta taun 1907. Dina De Preanger-bode édisi 18 Méi 1907, Padminata nu asalna de candidaat onderwijzer (kandidat guru) jeung jadi hulponderwijzer (guru bantu) di de school 2e klasse (sakola kelas dua) Lélés diangkat jadi onderwijzer (guru) di sakola kelas dua Palabuanratu. Tilu taun ti harita, dina De Preanger-bode édisi 12 Juli 1910 ditétélakeun Mas Padminata nu jadi guru di Cisaat, Sukabumi, diangkat jadi guru di Cibadak, Bandung, ngaganti Mas Soetawidjaja nu diangkat jadi guru di Externenschool Bandung.

Sataun ti dinya, Padmadinata ngaganti Mas Soetawidjaja jadi guru di Externenschool Bandung (Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie voor 1912, Deel 2, 1912). Di dinya kapanggih Padmadinata diangkat jadi Onderwijzer in de externenschool tanggal 24 Pébruari 1911. Harita nu jadi direktur Kweekschool téh J.D. Winnen, nu diangkatna ti mimiti 23 Pébruari 1911. Jadi kaharti mun Padmadinata gawé bareng nyusun buku-buku itungan dina basa Sunda jeung J.D. Winnen téh. 

Padmadinata jadi guru Externenschool ogé kapanggih dina laporan “Het afscheid tan Mas Moehamad Daoed” (De Preanger-bode, 5 Désémber 1911). Éta laporan eusina nétélakeun paturay tineungna Mas Moehamad Daoed, guru basa Malayu di Kweekschool (de Maleische taal aan de Kweekschool van Inlandsche Onderwijzers). Padmadinata jadi salasaurang nu milu mileuleuyankeun. Dina éta laporan pok-pokan Padmadinata:

Djoeragan Goeroe Melajoe! Kalawan namina sadaja moerid-moerid gamparan noe parantos kaloewar ti Kweekschool, sakalangkoeng abdi nja ngaraos sedih prihatos, sarehna dinten ijeu bakal potoeraj saréng gamparan. Dinten ijeu gamparan liren tina padamelan. 25 Taoen lamina gamparan ngasta Kweekschool moerid gamparan parantos ratoesan njaliara satanah Djawa. Kasaean gamparan noe parantos diliarkeun taja wiwilanganana. Abdi njanggakeun kawiloedjengan ka gamparan sapoetra garwa moegi-moegi Goesti Allah maparin rachmat ka gamparan salalamina, dina salebeting gamparan pansioen oelah kirang sawijos-wijos”.

“Kadjabi ti eta sanadjan gamparan parantos liren tina damel, mowal boeroeng abdi sering doemeuheus ka gamparan naroskeun sagala perkawis anoe koe abdi teu atjan kahartos. Gamparan goeroe abdi salalamina ti doennja doemoegi ka acherat!!!

Ti mimiti taun 1914, Padmadinata katungtik aktif dina sawatara organisasi atikan. Dina Agustus 1914, manéhna kaselir jadi pangurus Inlandsch Ambulance-korps (korps ambulan bumiputra) babarengan jeung Dokter Hamimzar, Soetan Mohamad Zain, Wignjadisastra, M. Mohamad Rais, Raden Wiriamihardja katut Abdoel Moeis (De Preanger-bode, 15 Agustus 1914). 

Padmadinata ogé aktif dina Vereeniging ter bestrijding der onzedelijkheid onder de Inlanders in Nederlandsch-Indie Madjoe Kamoeljan (organisasi pikeun merangan tunasusila di antara bangsa bumiputra di Hindia Belanda Madjoe Kamoeljan) nu mimiti diadegkeun tanggal 20 Maret 1914 di Bandung. Basa éta beungkeutan ngariung tanggal 8 Méi 1915, manéhna kapilih jadi panitia ngadegna Cursus tot opleiding van inlandsche vroedvrouwen (kursus pikeun ngalatih bidan bumiputra), salian ti Mejuffrouw Van Helsdingen, Mejuffrouw Mr. ‘s Jacob, Mas Adjeng Djarisah, jeung Mas Kandoeroean Mohamad Rais. 

Dina beungkeutan guru-guru bumiputra atuh komo deui. Basa Perserikatan Guru Hindia Belanda (PGHB) ngadegkeun Onderlinge Levensverzekering Mij. Boemipoetra dina rapat 7 Agustus 1915, Padmadinata jadi pangurus éta organisasi onderbouw PGHB. Salengkepna pangurus Onderlinge Levensverzekering Mij. Boemipoetra téh pupuhuna Soetan Moh. Zain (Bandung), wakilna D.K. Ardiwinata (Weltevreden), sékretaris kahiji M. Padmadinata (Bandung), sékretaris kadua R. Soeriadiradja (Sérang), bendahara kahiji R. Djajadiredja (Bandung), bendahara kadua M. Kartabrata (Bandung), anggotana R. Soepadmo (Purworejo) (De Preanger-bode, 8 Agustus 1915).

 Atuh basa PGHB ngaluarkeun kalawarta organisasi, nyaéta Medan Goeroe Hindia, Padmadinata dijungjung lungguh jadi pamingpin redaksina (Overzicht van de Inlandsche en Maleisisch-Chineesche Pers, IPO, No. 44, 1918). Méméhna nu jadi rédaktur éta kalawarta téh Mas Abdoellah, St. Moeh. Zain, M jeung Ng. Dwidjosenojo (Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie voor 1917, Deel 1, 1917).


Guru Basa Sunda

Tanggal 4 Januari 1916, Padminata diangkat jadi guru basa Sunda (Onderwijzer in de Soendasche taal) di Kweekschool Bandung (Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie voor 1917, Deel 2, 1917). Harita direktur Kweekschool téh J. Lameijn, nu diangkat tanggal 8 Méi 1913 jeung 26 April 1915.

Dina kapasitasna minangka guru basa Sunda, Padmadinata kapilih jadi panitia purah nguji calon opsir nu miluan kursus basa Sunda. Dina De Preanger-bode (19 Désémber 1918) jeung Bataviaasch Nieuwsblad (20 Désémber 1918) disebutkeun yén dina 17 jeung 18 Désémber 1918 lumangsung ujian pikeun calon opsir nu miluan kursus basa Sunda (“Den 17den en 18den dezer werd het examen afgenomen van de officieren-leerlingen die de Soendaneesche Taalcursus gevolgd hebben”). Panitia nu ngujina aya L. Borst (leeraar), Padmadinata (deskundige) jeung Partadiredja (assistent-leeraar). Opsir-opsir nu lulusna aya: J. C. Koster, G.A. Scheffer, P.A.W. Eibers, C.G. Verwer, A.F. von Seydlitz Kurzbach, J.M. van Gils, J. Boot, Ph.J. de Goey, P. Th. de Jongh Swemer, jeung H.A. F. Vennik.

Taun 1919, Padmadinata kungsi dipéntaan advis ku Soetisna Sendjaja (Soetsen) enggoning bagbagan makéna kosa kecap Walanda dina basa Sunda. Wartana dimuat dina IPO No. 18, 1919. Asalna sumber éta warta téh tina surat kabar Pasoendan édisi No. 8 nepi ka No. 11, 7-28 April 1919. 

Di dinya disebutkeun Soetsen ngabéwarakeun yén sanggeusna konsultasi jeung para ahli nyaéta D. Ardiwinata katut Padmadinata, diputuskeun pikeun ngantepkeun kosa kecap Walanda nu taya sasaruaanana dina basa Sunda, tapi di tukangeunana dikurungan dibéré cara ngunikeunna dina basa Sunda. Ngan cenah, ari kecap kayaning “kontrolir” jeung “astisten” nu geus kapanggih di désa mah, kecap Walandana teu kudu dibéré katerangan dina jero kurung.

Pébruari 1922, Padmadinata nu geus 25 taun jadi guru direuah-reuah di Kweekschool Bandung. Sakumaha nu katuturkeun tina Bataviaasch Nieuwsblad (27 Pébruari 1922), minggu éta ulang taun ka-25 Padmadinata jadi guru, direuah-reuah di Kweekschool voor Inlandsche onderwijzers. Salian ti sakabéh murid katut guru-guru di éta sakola, sakur guru bumiputra ti Bandung diondang, kitu deui diréktur MOSVIA, wadana jeung para pamongpraja. Éta téh cenah tandaning Padmadinata dihargaan pisan, kaasup ku réa-réana hadiah nu jul-jol ti ditu ti dieu.

Ari dina Kaoem Moeda édisi 19 Maret 1923 (IPO No. 13, 1923) giliran D.K. Ardiwinata, urut guru basa Malayu di Kweekschool, nu direuah-reuah téh. Direuah-reuahna di Societeit Paroekoenan Bandung, ku urut murid-muridna. Nu nyararitana antarana Soeleiman, urut murid OSVIA, kalawan asmana murid-murid séjénna; Patih Bandung kalawan asmana bupati jeung pangurus Societeit Paroekoenan; Radén Padmadinata kalawan asmana para murid Kweekschool.

Bulan Juni 1923, Padmadinata diangkat jadi penilik sakola di Cicaléngka. Manéhna ngagantikeun Soetadidjaja, lantaran dipangsiun (De Preanger-bode, 6 Juni 1923). Sataun leuwih ti harita, manéhna kasinugrahaan gelar Kandoeroean. Jadi ngaran lengkepna Radén Kandoeroean Padmadinata (De Preanger-bode, 31 Agustus 1924).

Dina Kongrés Basa Sunda kadua taun 1927, Padmadinata kaselir jadi salah saurang panitiana. Dina De Koerier (9 Séptémber 1927) jeung Bataviaasch Nieuwsblad (10 Séptémber 1927), kapanggih laporan lengkepna. Dina éta koran disebutkeun basa kongrés dibuka tanggal 9 Séptémber 1927, Padmadinata hadir minangka utusan ti Majalaya. Nu séjénna aya M. Nata Atmadja (Purwakarta), Sastraprawira (Garut), Prawiraatmadja (Cianjur), Sarjaningrat (Bandung), Soera Atmadja (Bandung), Salamoen (Bandung), Atma Winata (Tasikmalaja), M. Sastraprawira (Sukanagara), R. Poeradiredja (Meester Cornelis), E. Poeradiredja (Bandung), Wiratmadja (Sumedang), jeung Soema utusan Kweekschool-Bond.

Padmadinata jadi panitia panarimaan (De Commissie van ontvangst) éta kongrés. Lengkepna mah R. Sastra Atmadja (pupuhuna), Padmadinata, Karta Atmadja, R. Moeklis, R. Prawira Soetingnjo, jeung M. Sastradipoera jadi anggota-anggotana. Dina bubuka kongrés, Padmadinata (schoolopziener bij het inlandsch onderwijs te Tjitjalengka), naék podium, pok ngabagéakeun tatamu kalawan maké basa Sunda. Manéhna bungangang cenah sabab éta kongrés bisa lumangsung di Bandung kalawan tarékah Java Instituut, sarta gedé harepan éta kongrés baris hasil mucekil.

Heuleut lima taun ti Kongrés Basa Sunda nu kadua, Padmadinata rekés ka pamaréntah kolonial sangkan bisa pangsiun. Nya ti mimiti 31 Maret 1932, manéhna marén tina kalungguhanana minangka schoolopziener di Cicaléngka. Koran nu ngawartakeun pangsiunna Padmadinata antarana Bintang Timoer édisi 8 April 1932. Di dinya ditulis, “Padmadinata sehoolopziener di Tjitjalengka, moelai tanggal 31 Maart 1932 diberhentikan dengan hormat dan djabatannja, atas permintaan sendiri, karena soedah tjoekoep dienstnja boeat mendapat pensioen”.

Sanggeus pangsiun, Padmadinata kungsi ngajar Ki Enjum ti Ujungberung, ngulik carita pantun. Fakta ieu ditulis ku Andrew Weintraub dina artikelna “Creative Musical Practices in the Performance of Pantun Sunda” (Balungan: A Publication of the American Gamelan Institute 5(2), 1993:2-7). Ceuk Andrew, “Ki Enjum is an older performer noted for his musical skill and creativity, and a major contributor to this study. He was born in 1918 in Ujungberung, a district 12 kilometers east of Bandung. He was told that he became totally blind by his ninth day of life. As a child, he accompanied his uncle and guru (teacher) Raden Padmadinata to performances and learned stories by listening and imitating” (1993: 3).

Hartina, Ki Enjum téh juru pantun kahot nu kawentar ku kaahlian musik katut karancagéna, sarta gedé andilna kana ieu panalungtikan. Ki Enjum lahir dina taun 1918 di Ujungberung, distrik nu jauhna 12 kilométer ti Bandung. Cenah manéhna téh geus lolong dina umur sapuluh bulan. Basa keur leutikna, Ki Enjum sok maturan pamanna jeung guruna Radén Padmadinata ka pagelaran-pagelaran jeung diajar carita pantun ku jalan ngadéngékeun jeung nurutan. Cenah, Ki Enjum ditawajuhan jadi juru pantun téh dina taun 1933.

Salian ti éta, ngaran jeung imahna Padmadinata diawétkeun ku R. Soeriadiradja, dina buku Panjoengsi Basa (1933). Dina éta buku Soeriadiradja nyieun conto kalimah kieu: “Djoeragan Padmadinata boemina di Balong-gede”.




ATEP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Nulis artikel dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung.


Posting Komentar

0 Komentar