Haat ieu haté nu kajojo di pangsujudan.
Sabada dunga direkéskeun ka jabaning langit peuting.
Purwakarta, 2024
SABADA PUASA
SABADA PUASA
Nineung ka janari boa bisa tepung deui.
Sagala amal jeung kalakuan asa tacan nepi ka nastiti.
Tapi da enya ngaji kur'an tara elat dideres nepi ka hatam liwat alum.
Tapi da enya sodakoh jariah jeung jakat fitrah wanci takbir lebaran lumrah arum.
Kakara geuningan haat diri nyanding suci.
Purwakarta, 2024
TASBÉH
Mun seug munparid baris ngadongkang damis.
Di palebah rukuna aya sasambat nu hantem mirekés ka kuring, Jungjunan.
Milampah waktu jeung usaha dug hulu pet nyawa hulu jadi suku suku jadi hulu.
Milaas léngkah sajeungkal ukur kujur nu tunggang saamparan.
Palebah nyaho kana kalakuan durjana di sapanjang peuting caang bulan.
Purwakarta, 2024
KEMBANG KATINEUNG
Manéhna indit ninggalkeun kagoréngan.
Manéhna indit bari leumpang sorangan.
Cahya bulan nyaangan jalan nu lempeng.
Cahya bulan nyamarkeun rarambu.
Purwakarta, 2024
SAKURILING LINGKUNG SAJAK
SAKURILING LINGKUNG SAJAK
Batu-batu gunung nyakar langit
ditéma ku pasir-pasirna matak asri
pilemburan pasawahan ngampar
huma jeung walungan atra parendengan.
ditéma ku pasir-pasirna matak asri
pilemburan pasawahan ngampar
huma jeung walungan atra parendengan.
Leuweungna di ditu lebah tonggoh tanah
sampalan matak ketir teu kapikir
dongéng sasakala kuda jangjangan
mulas désa jeung wargana bari nastiti.
sampalan matak ketir teu kapikir
dongéng sasakala kuda jangjangan
mulas désa jeung wargana bari nastiti.
Jalan nanjak jalan satapak hibar
langit hérang dilayaran jangjang Julang
nyiar mangsa atawa ngan sakadar
kukurilingan mariksa kaayaan.
langit hérang dilayaran jangjang Julang
nyiar mangsa atawa ngan sakadar
kukurilingan mariksa kaayaan.
Saéstuna nu dianti lawas teu témbong
hasil atawa moal sakadar tirakat
katiup angin larak-lirik di indung Walik
nata sayang pangagung beurang.
hasil atawa moal sakadar tirakat
katiup angin larak-lirik di indung Walik
nata sayang pangagung beurang.
Panyindangan 2024.
RIZAL NAZARUDIN, sakapeung sok maké sandiasma Rizal Sabda. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Sajak-sajakna dimuat dina sawatara buku antologi jeung kalawarta Sunda kayaning Manglé, Galura, Cupumanik, jrrd. Sajakna dua kali kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS, nyaéta taun 2006 jeung 2008. Kiwari sapopoéna nganjrek di Purwakarta.
0 Komentar