Tangkal kosambi. |
Teu jauh ti wewengkon Cicadas, aya tempat anu tangtuna pikeun urang Bandung mah geus teu matak bireuk deui: Kosambi. Kiwari kasohorna pasar. Padahal baheula mah kungsi jadi salah sahiji pusat hiburan di Kota Bandung.
Mimiti raména sabada Pamaréntah Hindia Walanda mindahkeun pabrik mesiu ACW (Artillerie Constructie Winkel) ti Surabaya ka Bandung taun 1898. Sakabéh pagawé ACW (kiwari katelahna Pindad) dipindahkeun ti Surabaya. Tuluy ngababakan di sabudeureun Kiaracondong, sarta nepi ka kiwari nelah Babakan Surabaya.
Pasar Kosambi harita jadi pusat sosial ékonomi urang Jawa nu ngadon bubuara di sabudeureun Babakan Surabaya. Ku lantaran harita mah Pasar Kiaracondong can ngadeg, nya Pasar Kosambi anu dipaké tempat ngumpulna téh. Malah saterusna diadegkeun tempat hiburan jeung kabudayaan urang Jawa, anu dingaranan Sriwédari. Perenahna di sabudeureun Jl. Baranang Siang. Di ieu tempat hiburan remen diayakeun pagelaran wayang kulit atawa ludruk.
Teu jauh ti tempat hiburan Sriwédari, diadegkeun ogé tempat hiburan keur urang Sunda. Dingaranan Srikandi. Di tempat hiburan Srikandi, remen dipintonkeun kasenian wayang golék atawa kasenian Sunda séjénna. Ka dieunakeun taun 1930-an, Sriwédari dijieun gedong bioskop Rivoli, anu satuluyna robah ngaran jadi bioskop Fajar. Taun 1975, ku Gubernur Jawa Barat, Solihin G.P., wangunan urut bioskop Fajar téh dijieun gedong kesenian Rumentang Siang.
Kosambi téh saenyana ngaran tangkal (Schleichera oleosa). Tempat anu maké ngaran Kosambi lain di Bandung wungkul. Tapi aya ogé di Cirebon jeung di Subang kalér. Bédana, ari di Cirebon mah aya kénéh tangkalna, anu baheula dipelak di makam Ki Nataguna, Trusmi. Sedengkeun di Bandung mah geus hésé kapanggihna. Sorangan gé apal kana rupa tangkal kosambi téh basa ditugaskeun di Kupang, Nusa Tenggara Timur. Teu ngan wungkul di Kupangna, di sakuliah Propinsi NTT mah kaasup gampang pisan manggihan tangkal kosambi téh.
Ku urang Pulo Timor mah disebutna kusambi. Di pulo-pulo séjén béda deui ngaranna. Urang Pulo Roté nyebutna kulé. Di Pulo Sumba disebut kasembi. Ari di Pulo Sabu disebutna kahabé. Nu rada istiméwa di Pulo Alor, disebutna kalabahi. Kiwari Kalabahi téh jadi ngaran ibu kota Kabupatén Alor.
Tangkal kosambi ti Pulo Alor jeung Pulo Roté ngahasilkeun seedlak atawa sélak, anu geus diékspor ka Jepang. Seedlak anu mangrupa bahan baku pikeun produksi pérnis, palitur jeung sajabana, dihasilkeun tina kutu lak (Laccifer Lacca Kerr) anu habitatna aya dina tangkal kosambi. Nya saterusna di Désa Lénggaléro, Kacamatan Loura, Sumba Barat, dimekarkeun usaha melak tangkal kosambi keur ngaronjatkeun produksi kutu lak.
Cenah ceuk sajarah, kosambi téh asalna ti India jeung Indocina. Sumebarna ngaliwatan Srilanka, Myanmar, Malaysia, tug nepi ka Indonésia. Tangkal kosambi kaasup kulawarga lerak-lerakan (Sapindaceae). Jangkungna bisa nepi ka dua puluh méteran. Ari gedéna bisa saméter leuwih.
Kai kosambi kaasup kai teuas. Pulasna semu soklat kolot. Ku lantaran teuas, kai kosambi téh sakapeung mah sok dipaké jangkar parahu. Ari sikina ku sabagéan masarakat Pulo Roté di pasisian mah sok dipaké bahan cempor, ku lantaran ngandung minyak kusum. Carana nyaéta dibubukkeun heula. Sanggeus diwadahan tuluy diduruk. Gampang pisan hurungna, jeung awét deuih.
Daunna méh sarupa jeung daun rambutan. Pucukna bisa dilalab, rasana méh sarua jeung pucuk daun jambu médé. Ngan ari pikeun urang Kupang anu teu beuki kana lalab mah, pucuk daun kosambi téh ukur jadi kahakanan monyét. Ari buahna baruleud sagedé-gedé kaléci, rasana haseum. Ku sabagéan urang Kupang mah buahna téh sok dipaké nyambel.
Béda jeung di pulo-pulo séjén, tangkal kosambi di Pulo Timor mah kaasup goréng lebah ngahasilkeun kutu lak téh. Duka ku naon sababna. Atuh saterusna tangkal kosambi téh ku masarakat Pulo Timor, utamana di Kupang, leuwih remen dipaké keur kaperluan kulinér. Dahan jeung régang kai kosambi dijieun suluh keur nyieun daging haseup anu disebut sé’i. Kecap sé’i téh asalna tina basa Roté. Hartina daging anu dikeureutan ipis bari manjang.
Daging se'i. |
Daging sé’i téh salah sahiji kadaharan pangkasohorna di Propinsi NTT. Asalna mah bahanna sok maké daging babi. Ngan ka dieunakeun, sanggeusna loba nu bubuara utamana ti Pulo Jawa, aya ogé sé’i anu dijieunna tina daging sapi. Tapi ari bungbu katut prak-prakan ngasakanana mah sarua baé.
Tempat ngasakan daging sé’i téh biasana dijieun tina témbok. Wangunna kawas bak. Ukuranana kurang leuwih saméter ka saméter satengah. Jangkungna ogé kurang leuwih saméteran. Di luhurna dipasangan kai kosambi minangka dadampar keur nunda daging. Ari di handapna, dina jero bak, aya durukan anu maké suluh kosambi. Jadi, asakna daging sé’i téh lain lantaran karérab ku panasna seuneu, tapi malulu ku panas haseupna wungkul. Suluh jeung daun kosambi nu ngarungkupanana ngalantarankeun daging sé’i jadi kaangseu seungit, sarta rupana semu beureum. Nya ieu pisan anu ngabédakeun daging sé’i di Kupang teu sarua jeung nu aya di tempat séjén.
Ayeuna mah kulinér daging sé’i téh geus sumebar ka luar Propinsi NTT. Malah di Bandung ogé geus aya rumah makan anu nyayagikeun daging sé’i has Kupang. Salah sahijina réstoran nu perenahna di Jl. Bagusrangin. Ngaranna ogé maké ngaran salah sahiji pilemburan nu aya di Pulo Lembata, Flores Timur. Ngan duka maké suluh kosambi duka henteu. Da apanan di Bandung mah geus hésé manggihan tangkalna ogé.
Balik deui kana soal kosambi. Sakapeung mah sok kapikiran, kumaha carana ngahudang pangaweruh masarakat Kota Bandung anu sasatna geus pareumeun obor ngeunaan rupa-rupa tatangkalan, anu ayeuna ukur nyésa ngaranna wungkul jadi ngaran patempatan. Kawasna alus pisan mun ku pamaréntah diwanohkeun deui. Salah sahiji carana nyaéta dipelak teu jauh ti puseur dayeuh.***
0 Komentar