Sukma Sunda, Sukma Sarakan - Darpan

 

Sule Nurharismana. Foto dokumentasi pribadi.


“Henteu capé momotoran baé?” kuring nanya.

“Ah, da geus biasa urang mah, Ngun,” témbalna. 

Da anu katangén, ka ditu ka dieu téh mindeng momotoranana, batan momobilan. Sok ras ka sorangan, asa geus teu kuat momotoran, komo bari jauh. Pangahirna sok momotoran téh taun 2008, waktu sok bulak-balik kénéh ka Pakidulan Garut. Sanggeus pindah tugas ka kota mah, pet baé tara momotoran jauh. Ari ukur kukurilingan di kota mah osok sakali dua kali. Da geuning beuki kolot téh, sok beuki loba nu karasa.

Ari anjeunna, ti Cinéam ka Pagerageung, atawa bulak-balik ka SMPN 11 Kota Tasikmalaya téh (tempatna ngajar), sok dijugjug maké motor baé. Ka Pagerageung téh lantaran sok mantuan kagiatan di Pusat Budaya Pagerageung, jeung ngajar ongkoh di SMP Al-Husni. Malah osok kénéh cénah momotoran ka Bandung ogé. Iwal lamun indit-inditan ngabring jeung kulawarga kana mobil téh. Mun ngalongok incu ka Rancaékék upamana.

Nu dicaritakeun di luhur téh sobat kuring, Sulé Nurharismana, pituin urang Cinéam, Tasikmalaya. Kabiasaanana momotoran téh ti keur mahasiswa kénéh. Inget baé, sawatara kali sok némbongkeun motor Honda CB bogana, dibawa ka kampus. Sok dipaké bulak-balik ka Ujungberung, ka lanceukna, atawa ka Cinéam.

Ngobrol pamungkas jeung Sulé téh di Pagerageung, waktu kuring ngahadiran hiji acara, sawatara bulan ka tukang. Ti dinya pleng teu jonghok deui. Ukur silih tanya silih témbalan dina WhatsApp (WA). Malah sapoé saméméh anjeunna kabéjakeun tilar dunya, masih kénéh ngobrol dina grup WA. Ngoméntaran babaturan nu arindit ka Kanékés (Baduy). Ngadu’akeun sing saréhat jeung sing saralamet. Bari bébéja yén manéhna geus teu kuat indit-inditan jauh, da geus loba nu karasa. Sok eungap cenah.

Lain kabiasaanana sok ngangluh kitu téh. Da sapanjang hirupna, anu kuring apal, arang langka Sulé ngangluh. Rék urusan kaséhatan, rék urusan pagawéan, atawa urusan di imah, arang langka kadéngé luh-lah. Minangka sobat nu kaitung deukeut, ka kuring aya dicaritakeun bangbaluh anu sipatna pribadi, tapi asana ukur sakali dua kali baé. Malah nyaritakeun yén ténsi darahna stabil dina angka 180-an ogé, bari hahah-héhéh wé.

Béda jeung kabiasaanana dina ngritik. Da sigana, géték mun teu ngritik batur téh. Kritikna atawa koméntarna kana hiji masalah aya nu daria, aya nu keur heureuy baé. Upamana dina diséminasi Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI), pada apal sok aya baé koméntar atawa kritikna kana masalah nu diguar. Upamana kana urusan tembang pupuh anu jadi kaahlianana. Sikep kritis kituna téh geus katémbong ti keur mahasiswa kénéh.

***

Méh-méhan teu ditarima di IKIP Bandung téh. Batur geus ospék, ari ieu karék jol, bari teu bebekelan nanaon. Kaasup biaya kuliah, anu gedéna karék apal harita. Antukna balik deui ka lembur. Ceuk urang BAAK (bagian administrasi akademik), ké wé ka Bandung mah mun perkuliahan geus dimimitian. Soal biaya kuliah, bisa dicicil. Taun 1989 éta téh.

Dina waktuna kuliah, sup ka ruang kuliah téh kacida minderna. Batur geus itu geus ieu, ari kuring teu apal nanaon. Gok jeung mahasiswa nu légégna asa kabina-bina. Nyaritana pépédéngkréng jeung sok ngadominasi obrolan. Ngaranna Sulé Nurharismana. 

Ari geus nyobat mah kakara apal, sihoréng kitu gaya sapopoéna téh. Rada poréngés, jeung mun nyarita siga embung éléh ku batur. Mun aya kateupanuju sok poksang. Tapi mun geus nyobat mah jalmana pikaresepeun. Sok aya baé nu didongéngkeun, loba akal jeung kabisana, loba gagasanana. Mun geus deukeut karasa bélana, karasa midulurna.

Ari jeung kuring duka kumaha mimitina, ujug-ujug nyobat. Meureun papada resep kana kasenian. Malah tuluy jeung Dani Haryani, nyieun grup Trio Pensatrada. Grup bobodoran di Lisenda (Lingkung Seni Sunda) Himpunan Mahasiswa Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda (Pensatrada) IKIP Bandung. Dani jago ngahitar, Sulé jago kacapi jeung suling, ari kuring mah nu sok dicarékan: ngawih silung, nakol burung!

Jeung Sulé tuluy ngontrak sakamar, bareng jeung Dahi Juwandi, nu ayeuna ngapalaan SMP di Cimahi. Taun kahiji mah sakamar téh ku tiluan, di Cidadap Girang. Dina taun kadua karék malencar. Sosobatan mah angger dalit. Silih anjangan silih bélaan. Hiji mangsa Dani diteunggeul ku lanceuk tingkat, dina méngbal, nepi ka potong tulang irungna. Sulé nu kokowowonganana. Enya gé awak pétékél, ari kawanina mah gedé pisan!

Di Pensatrada Sulé némbongkeun wewesén. Bubuhan lulusan Karawitan SMKI Bandung, sagala bisa. Ketua Lisendana, Kang Ridwan ti Cianjur. Sarua Kang Ridwan ogé lulusan SMKI, jurusan padalangan. Lengkep wé. Nya aya degung, nya aya wayang, geus puguh kacapi suling mah. Béjana, méméh asup ka IKIP Bandung, Sulé kungsi kuliah heula di Institut Seni Indonesia Yogyakarta. Lantaran milu Sipenmaru deui ka IKIP, sarta lulus, ISI mah ditinggalkeun. Anu matak, umurna béda sataun leuwih kolot batan babaturanana.

Nya ka Sulé datangna mun aya nu hayang diajar tukal-takol atawa hahaleuangan téh, salian ti aya Kang Dédi Surahman, mahasiswa senior ti Majalengka. Kuring di antarana nu sok ménta diajar tatakolan téh. Boh Sulé boh Kang Ridwan nitahna téh, “Nyekel goong heula wé! Mun nabeuh goong geus bener, karék ka nu séjén!”

Kukurilingan ngadegung jeung ngawayang téh, kuring mah loba ngajaga goong. Karék ka dieunakeun diajar nabeuh saron, bonang, malah kungsi ngaleukeunan gambang. Salila diajar kitu téh, geus teu kaitung dibalédog ku sendal lantaran salah nakol.

Anu sok manteng jadi panineungan jeung Sulé mah di Trio Pensatrada. Bobodoran téh asa ngeunah pisan, minangka panyelang dina pagelaran wayang atawa ngadegung. Manggung ka mamana, nepi ka Indramayu atawa ka Sukabumi sagala. Ka Perkebunan Gunung Mas Bogor, manggung téh nepi ka sababaraha kali. Keur kuring mah lian ti tina kurung-karang, hirup téh katulungan pisan tina manggung. Da sangsara pisan hirup di Bandung téh. Beubeunangan tina manggung, atawa tina honor karangan, jadi bekel hirup sapopoé.

Di kelas, Sulé kaasup mahasiswa anu kritis jeung nyongcolang. Batur diskusi anu ragot, atawa batur debat anu sengit. Ku sikep kritisna, ku Hima jeung ku Jurusan kungsi dijurungkeun ka Makasar, Sulawesi Selatan, pikeun aub dina musawarah Imbasadi (Ikatan Mahasiswa Bahasa Daerah Indonesia) anu munggaran.

Kréatif deuih. Jeung batur saangkatanana kungsi magelarkeun longsér “Bantrok” jeung “Si Dénok Kabelejog”. Sule, kuring, jeung Risnawati, ogé ngadegkeun “Ringkang”, kelompok diskusi angkatan 1989 keur nu dialajar kurung-karang. Tapi, ku Ketua Himpunan Mahasiswa harita sina dibubarkeun da geus aya unit kagiatan mahasiswa di Jurusan nu ngaluarkeun majalah Turus.

Sanajan umurna teu lana, “Ringkang” saenyana geus ngajurung sawatara mahasiswa jadi pangarang anu produktif. Sulé carponna medal sawatara kali dina Manglé kalawan maké ngaran Nur Raka Dini (Dini téh adina anu bungsu, nu dipikanyaah pisan ku anjeunna). Lian ti éta, aya Risnawati nu getol ngarang sajak jeung carpon di Galura jeung Manglé. Élis Érnawati nu ngaleukeunan nulis sajak, Asép Sobur nu sempet jadi rédaktur majalah Simpay nu dikaluarkeun ku Paguyuban Pasundan, jeung nu séjénna.

Sulé deuih anu méré ngaran “Pancaksuji” keur unit kagiatan mahasiswa pencinta alam di Jurusan. Babarengan jeung kuring, ogé Dani, keur kaperluan manggungkeun bobodoran, Sulé ngarang sajak “Cinta, Perang, jeung Endog” anu kungsi viral lantaran eusina pada mikaresep. Naskahna sering dipagelarkeun di sakola-sakola, atawa dibacakeun ku para pejabat. Éta sajak bobodoran téh tuluy dimuatkeun dina buku Panggelar Sastra (2004) nu disusun ku Hadi AKS.

Kana angklung gé kaitung ahlina. Lain waé nabeuhna, tapi élmuna jeung nyieunna gé kaasup ahli. Malah dina hiji seminar, Sulé nyarankeun aya nada-nada tambahan nu kudu diasupkeun kana kasenian angklung, nu salila ieu teu kapaliré ku batur. Atuh di lemburna, di Cinéam, Sulé sok nyieunan angklung keur kirimkeuneun ka nu paresen. Kungsi deuih ngirim jeung ngajar angklung ka sawatara nagara. Di antarana kungsi bulak-balik ka Jepang, lantaran ti ditu aya anu pesen angklung sakaligus jeung hayang diajarkeun nabeuhna.

Leuwihna ti éta, saenyana Sulé téh ahli parabot tina awi atawa bahan tradisional kayaning kawung. Da nepi ka nyieun pin nu lalembut tina bahan awi téh, kayaning angklung jeung suling, ku Sulé mah kagarap bari taliti jeung kualitasna alus. Da apal élmuna téa meureun. Apan imahna di Cinéam ogé, imah panggung nu dijieun tina kai jeung awi. Nyéngcélak ti imah-imah tatanggana nu méh kabéh tina témbok permanén. Atuh tésis S2-na di UPI Bandung, nalungtik jeung ngaguar karinding kawung di Cinéam.

Sulé gé aktif di Kabumi ti keur jaman kuliah. Malah di Kabumi posisina kaitung penting lantaran jadi pelatih angklung jeung kasenian séjénna. Ari Kabumi, harita téh loba ondangan ti luar negeri. Nu matak ka Eropa jeung ka Amérika téh anggota Kabumi mah siga jalan ka cai. Utamana magelarkeun orkéstra angklung, minangka seni kojona.

Alatan aktif di Kabumi jeung katémbong anléhna dina kasenian, Sulé kungsi dipénta ngajar di Sekolah Indonésia Praha, Cekoslowakia. Di dituna mangtaun-taun, nepi ka ahirna mulang deui ka sarakan sarta jadi guru SMP di Tasikmalaya. Asana kungsi ngajar ogé di Kinabalu, Malaysia, ngan teu lila.

Kanyaahna kana kasundaan mémang geus témbong ti keur mahasiswa. Bélana kana kasenian tradisi, jeung kréativitasna dina ngolah banda budaya, teu kudu dipihamham. Malah Sulé mah boga suluk, cenah: “Kuring nu Sunda, Sunda nu Kuring”. Kagiatanana dina pajemuhan dunya maya sok maké ngaran Sulé Sukmasunda, atawa Sulé Sukmasarakan. Meureun hayang némbongkeun yén jiwana téh sukma Sunda jeung sukma sarakanana.

Sulé lahir tanggal 19 Juni 1969 di Ciampanan, Cinéam, Tasikmalaya. Ngantunkeun dina tanggal 8 Oktober 2024 di sarakan pamatuhanana, dina umur 55 taun. Teu kungsi kabéjakeun gering heula. Keur mariksa hasil tés barudak cenah, bada isa karasa nyeri dada. Dibawa ka puskesmas, kereles peuting harita kénéh. 

Pileuleuyan sobat. Sing kebat jalan ka kalanggengan. Mugi pinanggih asih Gusti, bagja dina kawaluyaan. Bral!





DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Sababaraha kali karanganana dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Buku kumpulan carponna, Nu Harayang Dihargaan, dilélér hadiah sastra Rancagé. Sapopoéna mancén tugas di lingkungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.



Posting Komentar

0 Komentar