Tilu tulisan nu madudengkeun kecap jisim kuring. |
Dina koran Sipatahoenan ti édisi 29 April nepi ka 12 Juli 1940, kalawan mayeng ngamuat polémik ngeunaan kecap jisim kuring. Sakurang-kurangna aya 16 tulisan nu milu midang marebutkeun kecap gaganti kahiji téh. Polémik dimimitian ku artikel beunangna HS, “Anggapan Hidji Boepati kana ketjap Djisim Koering” (édisi 29 April 1940).
Dina éta tulisan HS nétélakeun yén dina rapat Regentschap Raad (Déwan Kabupatén) Bandung, Saptu, 27 April 1940, R. Abas Natadiningrat (urut Camat Majalaya) maké basa Sunda jeung maké kecap gaganti jisim kuring. Harita Wakil Ketua Déwan Kabupatén Bandung, nyaéta Bupati Sumedang nu keur jadi penjabat Bupati Bandung, nyaram maké kecap jisim kuring. Cenah mah, “… Oelah maké ketjap djisim koering, koerang hadé …, lantaran ari ambtshalve noe djadi Ketoea Déwan Kaboepatén mah henteu bisa dipisah tina kapangkatan Boepati … Lebih baik paké Pribados atawa Pribadi, meskipoen bisa djadi grammaticana koerang baik, tapi Pribados leuwih hadé.”
HS ogé ngritik bupati anu masih teu bisa ngabédakeun hartina kecap jisim kuring, pribadi, jeung pribados. Cenah gé, “Lebah dieu djisim koering inget deui kana ketjap keureut Soenda, sarta weléh teu kaharti koe djisim koering ogé, naha di Bandoeng, di poeseurna tanah Pasoendan djeung geus taoen 1940 téh bet aja kénéh Boepati noe teu iasa ngabédakeun naon hartina ketjap-ketjap djisim koering, pribadi, djeung pribados”.
Salian ti tulisan HS, dina éta édisi dimuat ogé warta “Pahadring Regentschapraad Bandoeng” ngeunaan rapat Déwan Kabupatén Bandung anu dipingpin ku wakil Bupati Bandung R.T. Soerja Koesoemadinata, poé Saptu, 27 April 1940. Cenah, dina éta riungan anu diluuhan ku 26 anggota déwan téh aya 19 jejer anu diadurényomkeun. Di antarana ngeunaan “hal ketjap Djisim Koering sara kasaoeran djrg. Nitisoemantri (fractie Pasoendan) hal perloe diajakeun tempat pameuntjitan (slachtplaats) di Tjiwidéj djeung hal pangadjaran basa Soenda di sakola2 Standraard djeung Vervolg ….”
Ti dinya mah nya der baé diadu tapak kalam. HS jeung Max nulis artikel anu dijudulan “Djisim koering ketjap Soenda anoe moenel pisan, boh dina harti sapopowena atawa dina oedagan kamanoesaan” (3 Méi 1940). Eusina ngarojong dipakéna kecap jisim kuring kalawan dasar éta kecap téh geus diresmikeun dina forum katut kongrés resmi, saperti Kongrés Java Instituut taun 1926 di Pendopo Kabupatén Bandung jeung pasamoan Paguyuban Pasundan Cabang Bandung taun 1939.
Ceuk HS, “Henteu merenah, sabab kadjaba geus ditetepkeun koe Java Instituut dina congrésna noe diajakeun di pendopo Kaboepatén Bandoeng dina taoen 1926 sarta kasaksian koe djisim koering, jén noe koedoe dipaké téh Djisim Koering, ogé mindeng pisan dibadamikeun dina roepa-roepa rioengan, malah dina rioengan Pasoendan tjabang Bandoeng dina taoen toekang (di gedong HIS Pasoendan) noe diloeoehan koe djrg. Atjé Salmoen ogé koengsi diterangkan kalawan étjés pisan hal ketjap Djisim Koering, Pribadi, djeung Pribados téh, toer basa Djisim Koering téh geus dipaké di RR Bandoeng salawasna.”
Ari Max di antarana nyebutkeun kieu, “Hidji Boepati henteu oeninga kana hartina Djisim Koering djeung larapna pribadi. Ketjap Djisim Koering henteu matak ngoerangan kahormatan ka noe dibasakeunana, ogé djadjaoeheun kana ngahinakeun. Oepama dititénan dajana ketjap Djisim Koering téh, leuwih djembar toer keuna pisan kana adeg-adeg Soenda, anoe lain madeg dina kahardjaan hiroepna, ogé dina oelikanana hoerip.”
Cindekna, duanana ogé nandeskeun yén kecap jisim kuring henteu matak ngurangan kahormatan atawa ngahina ka nu diajak nyarita. Sabalikna, éta téh mangrupa bagian tina tradisi basa Sunda nu geus dipadungdengkeun sarta disaluyuan ku para ahli basa Sunda.
Satuluyna Abas Natadiningrat (“Ketjap Djisim Koering kénéh baé”, 31 Méi 1940) ngécéskeun yén maké kecap jisim kuring téh sasatna geus jadi kulit jadi daging keur manéhna mah, sarta taya maksud ngarempak papagon norma. Nu matak basa dipentog ku Wakil Ketua Déwan Kabupatén Bandung téh langsung ménta hampura. Ari Poeradiredja (“Djisim Koering, Pribadi, Pribados”, 5 Juni 1940) nekenkeun dipakéna kecap jisim kuring téh hasil kasapukan ahli basa Sunda enggoning makayakeun basa Sunda sangkan jadi “gecultiveerde taal” (basa nu terpelajar).
Salian ti éta, aya nu matak narik ti Poeradiredja téh. Pangpangna palebah patula-patalina antara pergerakan bumiputra jeung basa Sunda katut sajarah dipakéna kecap jisim kuring. Ngeunaan hubungan antara bagerakna bumiputra jeung basa Sunda, Poeradiredja nyebutkeun kieu:
“Barang ngawitan di oerang aja pergerakan dina taoen 1908 (Boedi Oetomo), kenging disebatkeun teu atjan aja pangaroehna kana adeg basa Soenda; nanging kabéh-dieunakeun di tanah Pasoendan woewoeh seueur pergerakan, djelema2 woewoeh seueur anoe raresep kana kempelan, harita mimiti karaos perloena aja ketjap gaganti ngaran djelema kahidji anoe tiasa dianggo di roepi-roepi pasamoan, réh adeg basa Soenda nganggo babasan (mantjakaki) karaos teu tiasa njoemponan kana kaperloean hiroep koemboeh anjar. Babasan: Adi-akang, kang rai-kang raka, alo-emang sspp., teu tiasa dipetakeun dina pasamoan2 sareng padjemoehan anoe diwangoen koe roepi2 tahapan.”
Ku kituna, ceuk Poeradiredja, para ahli basa Sunda ngayakeun gempungan keur nyawalakeun sangkan basa Sunda jadi basa terpelajar sarta netepkeun kecap gaganti jalma kahiji (“ngabarempagkeun hal ngolah basa Soenda, soepados tiasa djadi gecultiveerde taal sareng netepkeun ketjap gaganti ngaran djelema kahidji anggoeun di pasamoan tea”). Kecap gaganti nu dipilih harita nyaéta jisim kuring (“Saparantos asak disawalakeun, harita dipoetoes, jén ketjap anoe kedah gaganti ngaran djelema kahidji téh, nja éta: djisim koering”).
Méméh nepi ka dinya, nu jadi ragot sawala téh lantaran aya tilu pihak, nyaéta nu hayang milih kecap abdi, nu hayang milih kecap jisim kuring, jeung nu hayang milih kecap pribadi. Tiluanana boga alesan séwang-séwang. Pangpangna nu ragot adu bebeneran téh antara nu milih kecap jisim kuring jeung nu milih kecap pribadi. Pihak nu hayang kecap abdi jeung pribadi tungtungna répéh alatan ditepikeun alesan klaim otoritas dua ménak Sunda nu dianggap “kamashoer ahli basa sareng towéksa kana basa Soenda”. Ieu sarsilah dua ménak téa, ceuk Poeradiredja:
“Ketjap djisim koering mimiti dianggo koe ménak ka ménak téh koe djoeragan Aria Soeria Nata Legawa, nalika djoemeneng Patih Soemedang, djenenganana masih kénéh Radén Kartawinata, dianggo oendjoekan ka Kdj. Dalem Soemedang. Harita teu kamanah.”
“Ladjeng dianggo deui koe Kdj. Pangeran Soerija Atmadja dina kempelan koelawargi, kempel kapirama, kapiraka, kapirai, kapipoetra sspp. Ngawitan diboeboekaan heula koe dawoehan, jén teu iasa nganggo pantjakaki, doeméh noe karempel roepi-roepi kapi téa, koe margi éta moendoet ridona manah noe karempel nganggo ketjap djisim koering.”
Kitu deui M.A. Salmoen (“Djisim Koering di RR”, 8 Juli 1940) ogé loyogna ka nu milih jisim kuring. Cenah, merenah dipakéna kecap jisim kuring dina rapat-rapat Déwan Kabupatén téh, ku lantaran éta forum sipatna démokratis. “Ari sababna noe matak tjék anggapan sim koering merenah, doeméh njoemponan kana tata krama pasamoan. Ari pasamoan téa, sipatna democratisch”, kitu ceuk Salmoen. Jeung dina ayana anggota Déwan Kabupatén dina rapat maké kecap jisim kuring tong dianggap éta anggota teu ngajénan bupati, sabab harita mah taya lian duméh éta anggota maké tatakrama démokrasi. Jeung deui nu diajak nyaritana hiji ketua ti college atawa hiji sesepuh ti hiji pasamoan ku anggotana.
Sabalikna, ari nu kontra kana kecap jisim kuring di antarana aya AS (“Hadé koe Omong, Goréng koe Omong”, 10 Méi 1940). Manéhna nyebutkeun kudu maké kecap gaganti jalma kahiji anu luyu keur bupati, nyaéta basa lemes. Sabab cenah mah kaputusan Kongrés Java Instituut di Bandung taun 1926 ogé masih ngalayang, tacan jinek. Ku kituna, cenah, kecap jisim kuring cukup dipaké dina pasamoan-pasamoan biasa, lain dina Déwan Kabupatén.
Salian ti AS, anu kontra kana kecap jisim kuring téh nyaéta “Lid college di salah sahidji R.R”. Dina artikelna (“Ketjap Djisim Koering”, 28 Méi 1940), éta “lid college” téh nepikeun alesan kateusapukanana, kalawan tinimbangan Regentschapordonanntie Pasal 35 nu ngécéskeun yén sidang Regentschap Raad (Déwan Kabupatén) téh dipingpin ku bupati. Ku kituna, bupati jeung ketua Regentschap Raad teu bisa dipisahkeun. Hartina, nalika anggota Déwan Kabupatén nyarita ka ketua Déwan Kabupatén kudu disaruakeun jeung keur nyarita ka bupati, nyaéta maké basa lemes.
Ngan aya deuih nu nétral. Saperti nu kabaca tina artikel “Djisim koering” (rubrik “Panganggoeran”, 6 Mei 1940). Di dinya nu nulis nétélakeun pereluna aturan nu jelas dina Reglement van Orde atawa Regentschapordonanntie ngeunaan makéna kecap gaganti jalma kahiji dina rapat Déwan Kabupatén, naha rék maké “Ik,” “Saya,” atawa “Jisim Kuring.” Gedé kamungkinan pamanggih ieu téh jorojoyna tina sikep hayang nyingkahan polémik nu manjang mulan-malén bari saenyana kontraproduktif.
Mun dititénan deui leuwih gemet, polémik ngeunaan kecap jisim kuring téh némbongkeun adu regengna antara tradisi jeung modérenitas dina basa Sunda, pangpangna dina kontéks formal. Di hiji sisi, aya pihak nu hayang tuluy matéakeun éta kecap minangka bagian tina ngawangun basa Sunda nu leuwih terpelajar sarta démokratis, saperti anu disaluyuan ku para ahli basa Sunda dina kongrés jeung pasamoan Sunda séjénna. Di sisi séjén, aya deui pihak nu nekenkeun pentingna kamunasabahan, kamerenahan, jeung wibawa jabatan, nepi ka kecap gaganti jalma kahiji téh kudu disaluyukeun jeung undak-usuk basa dina kontéks pamaréntahan. Ieu béda-bédana sawangan némbongkeun yén enggoning maké basa téh teu ngan wungkul soal gramatikal, tapi ogé ngawengku aspék sosial, budaya, katut politik. R.T. Soerja Koesoemadinata, anu jadi Wakil Ketua Déwan Kabupatén Bandung sarta minangka pihak anu kontra kana kecap jisim kuring, nyawangna téh tina aspék hierarki jeung wibawa. Sedengkeun nu ngarojong dipakéna kecap jisim kuring nyawangna tina jihat kamekaran basa Sunda nu leuwih terbuka jeung démokratis.
Dina kontéks anu leuwih lega, polémik ngeunaan kecap gaganti jisim kuring téh jadi salah sahiji tanda parobahan sosial, nalika otoritas tradisional adu hareupan jeung tungtutan modérenisasi katut démokratisasi. Nya ari pamianganana mah ku alatan meletékna kasadar bangsa bumiputra, nu saterusna tuluy ngawujud jadi pergerakan, saperti nu ditandeskeun ku Poeradiredja.***
Sabagian eusi ieu tulisan kungsi ditepikeun dina acara Lawungan Wawanohan Mitra Sunda 2024 di Gedung LPPM UPI, Saptu, 12 Oktober 2024.
ATEP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Nulis artikel dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung.
0 Komentar