Tinun Halimun - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

 

Girl in vibrant blue and orange streaks, AI image.



TINUN HALIMUN

Halimun téh tinunan réma-réma nirmala
Bada peuting nu kungsi kasungsi lusina
Salawasna ngantengkeun benang rasiah
Ngadastakeun du’a nu tan kendat istirah

Langen pakara cahaya pihanéan wisaya
Ngadeuheuskeun kana lahunan wisésa
Kana heulay kantéh saréat tur hakékat
Ngeput rasa sabeuleugeunjeur mangsa 

Wirid angin saban witir hiur tur hiliwir
Ngadawamkeun asma-asmaning alam
Kebat tirakat nu hamo tinemu tungtung
Tarhim kumelip tan wates bumi-langit

Méga téh jarumat jarum-jarum niskala
Bada hawa milana ngajalujur sujudna
Jadi kulawu nu ngaruruban pangrereban
Jadi genclang ibun na wirid dangdaunan

2015





SULINTANG BÉNTANG

Tarékat purba gumelar tina tirakat abad
Jadi ungkara cahaya nu dilogat mangsa
Dina gurilap péso pangot bulan sasebit
Tingkaretip rasiah sajati hurip kumelip

Sagebar lontar wenang salangit wening
Ngagedatkeun gumilang kalimah ilahi
Nu ngan hatam kabaca ku cangra rasa
Dina jentréng lalakon papantunan hirup

Tina geter gaib kawat-kawat bimasakti
Rajah diahungkeun ka puncering aras
Kebat sajadah nu manjang narawangan
Keur raga-raga nu hamham kaimanan

Sulintang béntang nungkus baranang
Raclik kana tumamprakna kayakinan
Jiwa-jiwa samar nu lana miharep lumar
Langgeng manceran saendeng-endeng

2016





URAT JAGAT

Nu leuwih raket ti urat jeung beuheungna
Nu leuwih deukeut ti tulang jeung igana
Nu murbéng mongkléng nu murba mabra
Cahaya maha cahaya nu manceran buana

Piwelas nu tan wates wangen marcapada
Ngeleng mayapada ngalang madyapada
Na banyu-umpalan jeung geni-léntaban
Sagara-galurana jeung gunung-lamukna

Nu leuwih dalit ti ratug jeung jantungna
Nu leuwih parek ti ranjug jeung bayahna
Kamalir piasih saban urat nadi kahirupan
Migalur-mitutur ti jagat ka madhap papat

Saéstuna antara anggangna bumi-langit
Kahontal ku paheut du’a jeung ageman
Satemenna cakrawala ngembat di wiati
Kebat sajadah langgengna pangsujudan

2017




SAAMPAR KADAR

Pandan jaksi paparin tigin asihna wanci
Dirintahkeun ti leuweung ka pakarangan
Didadaray matapoé dihéhéar welas haté
Dileuleukeun sasag-képang ramo harepan

Suwakan daun nu manjang saampar kadar
Lusi jeung pakan dina rungkupan jembar
Dipaud suhud raket tajug jeung sujudna
Dilépé kayakin anyaman deuheusna batin

Tarawangan lampah poléng-cayut milaku
Saheulay wujud mikukuh midarma hirup
Nilam umur dina lugina jeung sungkawa
Majad di pasamoan muni di panumpian

Samak pandan pamahanan héman impian
Mideudeuh reureuh anggang rumingkang
Mulasara saban rasa jeung pangawasana
Buntel dalit kureb nu miang dina pasaran

2017





SAHEULAY GUPAY

Asih indung nu lantip dititipkeun ajali
Dikeleng langgeng canting garis wanci
Gurat wates keclak malam dina héman
Dikalang kujurna hirup jeung rahayuna

Méga mendung keliring takdir kasedih
Sesekar jagat pulasing kadar kasenang
Hadé goréng geus ponténg dina réréng
Sanajan warnaning jaman lalayu sekar

Pan sinjang sirnaning sasampayan raga
Pan samping purnaning sasampiran diri
Lalambaran waruganing misuka-milara
Lalambiran sukmaning miharti-musurti

Heulay rasa nu diketék jeung dipihané
Digupay-dijurung anggang buana lega
Ti munggaran ayun ambing pangaisan
Ka pungkasan geuri talkin pangruruban

2018





SATAMPAH LEMAH

Ririh angin ngusap babancik katingtrim
Halimun ipis hateup diulas ibun salantis
Hégar imah tempat bumetah kasumerah
Pakemitan saban sugema tur ngarasula

Pipinding milik pan bilik awi ti cihurip 
Diamparan ku palupuh bitung ti cihirup
Carita dilamparkeun ti sakubeng kamar
Ti pipir pikir ka pakarangan sawangan

Buruan pangauban tamaha tur tamada
Satampah lemah tumuwuhna kasadrah
Dipager kapangger salingkung layung
Dina nandang nanjung atawa kapahung

Peuting panginditan makihikeun mahi
Lumantung laku didamaran kumawula
Beurang pangbalikan rébo kajembaran
Rumentang lampah dipapag tumarima

2018




ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di Cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon. Dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016), kumpulan fiksimini Hégak (2017), jeung kumpulan sajak Kalangkang Ringkang (2021). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN Jatinangor. Matuh di Tanjungsari.


Posting Komentar

0 Komentar