![]() |
Two Dancers, AI Image. |
GANDRUNG LAYUNG
Asih ilahi téh beurang jeung peuting
Tan wates wangen langen mikangen
Liuh liwung tiung kuwung-kuwung
Lirih kinasih pelengkung katumbiri
Kapan mangsa ngajarkeun kasatiaan
Ti mimiti duriat endat-endat balébat
Nepi gandrung ruhruy-ruhruy layung
Kahéngkér-kapunjul darma kumelip
Tan wates wangen langen mikangen
Liuh liwung tiung kuwung-kuwung
Lirih kinasih pelengkung katumbiri
Kapan mangsa ngajarkeun kasatiaan
Ti mimiti duriat endat-endat balébat
Nepi gandrung ruhruy-ruhruy layung
Kahéngkér-kapunjul darma kumelip
Asih ajali téh mendung jeung cangra
Tan wilangan bumi-langit mihéman
Mawat hujan umancikna kasuburan
Rahmat katiga tumerapna kasabaran
Silih miharti dina caang dina peteng
Dina sasmita jagat sagorombyangan
Silih misurti dina tepung dina pisah
Dina siloka gendam sagundam alam
2016
NGITUNG SUWUNG
Lahir pan ngaligincing sapamiangan
Tilar ngalongkéwang sapamulangan
Nu teu kabasaan betusna dina kalbu
Nu teu kalampahan kurupna dina laku
Kaludeung mutuh padeuheus keueung
Kasugema wuwuh patéma ngarasula
Narutus ngukur umur ngitung suwung
Naratas mingkal wayah milang taya
Tuluy dipaparin tambah jeung kurang
Saban ngamilik nasib ngabanda kadar
Laju disinugrah rasa jeung karumasa
Narima peueut waas peuheur baluas
Lahir pan nunggelis diri sapanginditan
Tilar nyorangan nyawa sapangbalikan
Nu kongang jeung wenang kasartaan
Iwal sétra kasucian jeung kamulyaan
2016
DAMI BUMI
Rénghap tasbih téh sadami-dami bumi
Hégak tahmid téh sanapas-napas ilahi
Karidoan nebar hawa nu taya sudana
Najan lawas mamanggul momot jaman
Saripati nu ngajadikeun gelarna manusa
Usikna sungsum-balung ka wujud-sujud
Saripati nu ngalantarankeun karaharjaan
Kumelendang mahluk midarma mangsa
Keteg takbir léah panggalian jugang
Ketug tahlil hiap pangluatan bugang
Kaiklasan nampa keumeuh-geuleuh
Nadah kasarakahan nu taya kendatna
Bumi jatining amparan pangumbaraan
Majad papeuntasan alam pangbalikan
Nyaksi saban ketir usum baganti kelir
Dina maleukmeuk-beresih rupa takdir
2017
HIUR HAUR
Tan wilangan bumi-langit mihéman
Mawat hujan umancikna kasuburan
Rahmat katiga tumerapna kasabaran
Silih miharti dina caang dina peteng
Dina sasmita jagat sagorombyangan
Silih misurti dina tepung dina pisah
Dina siloka gendam sagundam alam
2016
NGITUNG SUWUNG
Lahir pan ngaligincing sapamiangan
Tilar ngalongkéwang sapamulangan
Nu teu kabasaan betusna dina kalbu
Nu teu kalampahan kurupna dina laku
Kaludeung mutuh padeuheus keueung
Kasugema wuwuh patéma ngarasula
Narutus ngukur umur ngitung suwung
Naratas mingkal wayah milang taya
Tuluy dipaparin tambah jeung kurang
Saban ngamilik nasib ngabanda kadar
Laju disinugrah rasa jeung karumasa
Narima peueut waas peuheur baluas
Lahir pan nunggelis diri sapanginditan
Tilar nyorangan nyawa sapangbalikan
Nu kongang jeung wenang kasartaan
Iwal sétra kasucian jeung kamulyaan
2016
DAMI BUMI
Rénghap tasbih téh sadami-dami bumi
Hégak tahmid téh sanapas-napas ilahi
Karidoan nebar hawa nu taya sudana
Najan lawas mamanggul momot jaman
Saripati nu ngajadikeun gelarna manusa
Usikna sungsum-balung ka wujud-sujud
Saripati nu ngalantarankeun karaharjaan
Kumelendang mahluk midarma mangsa
Keteg takbir léah panggalian jugang
Ketug tahlil hiap pangluatan bugang
Kaiklasan nampa keumeuh-geuleuh
Nadah kasarakahan nu taya kendatna
Bumi jatining amparan pangumbaraan
Majad papeuntasan alam pangbalikan
Nyaksi saban ketir usum baganti kelir
Dina maleukmeuk-beresih rupa takdir
2017
HIUR HAUR
Panginditan pan liuh haur sadapuran
Nawaétu lir iwung rintaheun suhud
Nangtawing geuning gawir huripan
Longkéwang horéng jurang hirupan
Nawaétu lir iwung rintaheun suhud
Nangtawing geuning gawir huripan
Longkéwang horéng jurang hirupan
Buku-buku laku ruas-ruas lampah
Teu sakabéhna lumeunjeur lempeng
Lebah hiur umur lebah héar lampah
Dumadi sing pancer méméh pancar
Teu sakabéhna lumeunjeur lempeng
Lebah hiur umur lebah héar lampah
Dumadi sing pancer méméh pancar
Nu nela unggal nandang nu tumiba
Marga kapengkuhan nyorang wayah
Salumpit lir pamulu saweuy kumelip
Lara ti puhu muga bagja ka congo
Marga kapengkuhan nyorang wayah
Salumpit lir pamulu saweuy kumelip
Lara ti puhu muga bagja ka congo
Pangbalikan tunggul haur nu saéstu
Harepan nu ngolokop nu ngalakay
Ngajadi gemuk sirung nu pandeuri
Pangwaris mulyaning jati walagri
Harepan nu ngolokop nu ngalakay
Ngajadi gemuk sirung nu pandeuri
Pangwaris mulyaning jati walagri
2017
HANDEULEUM HIEUM
Wuwuhing hurip tinawur awur pitutur
Dijampé lébér haté dijiad jembar rasa
Dina kurang dina leuwih kasinegeran
Saban poék-caang pipahokan mangsa
HANDEULEUM HIEUM
Wuwuhing hurip tinawur awur pitutur
Dijampé lébér haté dijiad jembar rasa
Dina kurang dina leuwih kasinegeran
Saban poék-caang pipahokan mangsa
Naon nu geus kataker hamo katukeur
Kari jejem nyingkab mandepun hirup
Welas ti nu ti heula mageuhan wiwaha
Asih ka nu pandeuri ngawedelan talari
Kari jejem nyingkab mandepun hirup
Welas ti nu ti heula mageuhan wiwaha
Asih ka nu pandeuri ngawedelan talari
Kapan nu ngelun tina parupuyan umur
Rep suwung rep pahung muput naptu
Sangkan dumadi milih uga di antara
Parawanten jeung pangradinan nasib
Rep suwung rep pahung muput naptu
Sangkan dumadi milih uga di antara
Parawanten jeung pangradinan nasib
Nu kabalakaan jeung nu kalanglangan
Jadi banda lopian juringkang ringkang
Nu kapisidem jeung nu teu kasampeur
Geura teundeun di handeuleum hieum
Jadi banda lopian juringkang ringkang
Nu kapisidem jeung nu teu kasampeur
Geura teundeun di handeuleum hieum
2017
NYIAR LUMAR
NYIAR LUMAR
Mitapak ketak damar séwu marakbak
Nu nyaangan mangpirang juringkang
Sapanjang jalan kebatna panineungan
Nyorang kelar dangiang banjarkarang
Nu nyaangan mangpirang juringkang
Sapanjang jalan kebatna panineungan
Nyorang kelar dangiang banjarkarang
Jiwa-jiwa néang sagenclang sungapan
Nyiar sagenyas huluwotan kahuripan
Nyangling samar jadi lumar kakayon
Ngahibaran peteng ganggong lalakon
Nyiar sagenyas huluwotan kahuripan
Nyangling samar jadi lumar kakayon
Ngahibaran peteng ganggong lalakon
Baheula nembrakna ringkang ayeuna
Ayeuna nyampakna kalangkang jaga
Na batu-batu nu ngempurkeun aksara
Gulubur kala jeung mamala kahirupan
Ayeuna nyampakna kalangkang jaga
Na batu-batu nu ngempurkeun aksara
Gulubur kala jeung mamala kahirupan
Anjog gebur obor jeung sorot panon
Gurilap prasasti jeung bulan sasebit
Tuluy gumulung warnaning cahaya
Nu nyipuh kalbu ti waktu ka waktu
Gurilap prasasti jeung bulan sasebit
Tuluy gumulung warnaning cahaya
Nu nyipuh kalbu ti waktu ka waktu
2018
ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di Cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon. Dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN Jatinangor. Matuh di Tanjungsari.
0 Komentar