Otong jeung Monyét - Lugiena De

 

Monyet Maca Koran, AI Image.


Blang dung blang dung blak ... turulung blang dung blang dung blak ....

Otong nakol deui dogdogna. Leungeun katuhuna ngulinkeun panakol. Ari leungeun kéncana nyekelan tali panyangcang, rada ngacung. 

Rob nu lalajo mimiti ngaronom. Kolot budak. Nu bari ngais. Nu ditungtun. Nu datang sorangan. Kabéhanana marawa paroman anu bangun panasaran. Bangun geus lila teu manggih hiburan.

Dogdog ngabangplak kénéh. Nyeta-nyeta sora kendang. Tapi teu karuh surupanana. Ukur ngawirahma sakeunana. Otong méré isarah, nurunkeun leungeun kénca. Tereleng monyét tina taktakna turun, nyampeurkeun nu lalajo. Kabéh malundur dibarung tingjéréwét, paur. Tapi kituna téh bari saleuseurian. Komo barudak mah. Ari monyét ukur gudag-gideug. Jung nangtung. Sirahna semu eueuleugeugan.

“Ema, monyétna nangtung!” cék hiji budak.

Turulung blang dung blang dung blak ....

Otong ngasongkeun kekedokan. Kedok beungeut bonéka beunang ngeureut tina sirahna. Panonna geus dibolongan. Rap kedok dipaké. Monyét tuluy jogéd. Sirahna ungkleuk-ungkleukan. Barudak surak. Sawaréh keprok. Kagugu ku kalakuan monyét.

“Ayoh, goyang Inul!”

“Goyang ngebor téa geuning. Bisaeun Mang?”

Otong ukur imut. Heuleut samenit, Otong méré isarah. Monyét hideng muka kedok. Kop Otong kana héhéleman jeung bebedilan. Lung dialungkeun. Monyét ngabebeskeun hélem kana sirahna. Bedil dicokot. Monyét tuluy depong bari nodongkeun bedil. Otong ngenyedkeun tali. Monyét gugulingan bari angger nodongkeun bedil, nyeta-nyeta tentara anu keur diteregteg ku témbakan musuh. Nu lalajo sarurak deui. 

Tali dikenyedkeun deui. Hélem jeung bedil dilaanan. Ceg kana kopéah. Bar ngamparkeun sajadah. Cong éta monyét téh solat. Leungeunna sidakep. Tuluy ruku. Disambung ku ngudupruk sujud. Ger nu lalajo surak deui. 

“Tah, Juha, geura ngaamum kainyah!” aya sora nyeletuk ti tukang.

“Gandéng siah!” nu disebut Juha malik nyentak.

Barakatak nu lalajo saleuseurian. Turulung blang dung blang dung blak ....

Pintonan réngsé. Tali ditarik deui. Monyét nérékél kana taktak. Otong ngajurungkunung nangtung. Topina ditangkarakkeun. Tapi nu lalajo gasik bubar, paheula-heula indit. Otong ngahuleng. Tapi teu burung aya nu ngalungan dua rébu. Ku Otong geuwat disakuan. Topina dipaké deui. Kop kana dogdog katut pakakas séjénna. Regeyeng dipangku. Léos indit ti dinya.

Sapanjang leumpang bari tungkul téh manéhna bet tuluy rus-ras ka Toto anu miheulaan balik ka lembur. Padahal tiheula nya Toto pisan anu ngajak nyiar kasab kana dogér monyét téh. Ari hég ayeuna kalah eureun. Babaturanana salembur Toto téh. Basa harita tepung di lembur, Toto ngagorah kasab anyar manéhna jadi tukang ngamén dogér monyét. Ku sakali didongéngan ogé Otong tuluy kapincut hayang nurutan. Uruy ku beubeunanganana anu kawilang mucekil. Leuwih mucekil ti batan buburuh naktak mundak di héleran Haji Somad.

“Mun silaing daék, hayu milu wé ka déwék. Nanaonan ulukutek di héleran. Barina téréh bangkrut apan héleranana ogé,” cék Toto basa tepung di warung Bi Ipuy.

Najan teu ngaheugkeun harita kénéh, tapi haténa mah geus buleud. Panonna neuteup pasawahan anu garung teu dipelakan. Manghéktar-héktar pasawahan, anu sakeudeung deui baris salin jinis jadi talaga. Jadi bendungan.  Inget ka dinya, mutuh geus taya harepan deui pikeun manéhna. Da puguh pakasabanana geus diiwat ku bendungan. Malah jeung kahirupanana milu digerejud. Tempat ulin manéhna, walungan paranti marak, lapang méngbal jeung rupa-rupa deui. Ukur panineungan dina haténa anu moal kakeueum téh. Ukur éta hiji-hijina.

Enya, najan iburna mah geus ti baheula kénéh, tapi teu nyangka saupama baris kajadian ayeuna. Asa ngagentak. Nu kadéngé ku manéhna jeung pirang-pirang urang lembur, bendungan téh engkéna keur irigasi sawah di wewengkon kabupatén séjén. Tapi nepi ka ayeuna teu weléh manéhna hémeng, naha bet sawah urang lembur anu kudu dikorbankeun téh? Keun perkara éta. Lamun enya kitu kahayang pamaréntah, urang lembur moal ieuh bisa mondah. Tapi parandéné kitu, ari lebah parurugi mah kahayang téh sing bener. Da apan ieu mah loba ngambayna. Teuing nyangkol di mana sésana. Dalah ditaléngténg ka Kuwu Ijad gé kalah loba teu apalna. Jadi bosen mapaykeun tungtungna mah.

Tuluy kagambar deui basa pirang-pirang pajabat daratang ka lemburna. Ti mimiti gubernur, bupati, sékda, camat, tug ka kuwu teu tinggaleun milu cuh-cih bentik curuk. Para pajabat anu pasémonna teu weléh dipapaésan ku imut kareueut. Inget ka lebah dinya, karasa aya nu ngahéab deui kana haténa.

“Saheulaanan mah milu heula wé ka déwék. Ké mun geus bisa, geus nyaho, hempék usaha sorangan,” cék Toto deui.

Pagétona, manéhna milu indit jeung Toto ka Bandung. Milu nyiruruk di kontrakanana. Lain kontrakan kétah, bédéng meureunan ieu mah. Da ukur wangunan dipétak-pétak maké triplék. Hateupna ku asbés. Ari lantéyna ukur semén. Nya di dinya manéhna ngareureuhkeun kacapé téh. Saré diamparan karpét lépét. 

Isukna, isuk-isuk, sanggeus sasarap kencling arindit, nyokot monyét ka si Abéh. Manéhna téh tukang nyéwa-nyéwakeun monyét dogér. Ku tatanggana ditarelah juragan monyét. Tara pacorok jeung nu séjén monyét téh. Sacekelna, sacekelna. Monyét cekelan Toto mah nyaéta si Kénoh. Lindeuk pisan ka Toto mah. Kawantu geus kacoo.

Sanggeus monyét kabawa, duanana tuluy laleumpang muru parapatan Buah Batu. Anjog ka parapatan, tuluy baé caricing handapeun tihang setopan, ngadagoan lampu beureum. Poé kahiji mah Otong ukur purah nabeuh dogdog jeung ngasongkeun kostum. Monyét mah angger ku Toto dimaénkeunana.

Kitu baé unggal poé téh. Heuleut saminggu, kakara Otong ngawanohan monyét. Tina asalna méré cau, antukna tuluy wani nyepeng. Malah lila-lila mah si Kénoh teu burung iceus ogé ka manéhna. Otong sok pirajeunan ngamaénkeun si Kénoh. 

Tilu bulan ti harita, tina asalna ukur mimilu, Otong tuluy usaha sorangan, nyéwa monyét ti si Abéh. Si Mincreung monyétna téh. Tadina mah dicekelna ku Suhadi. Ngan tuluy disérénkeun ka Otong. Geus rada wanoh meueusan ka si Mincreung mah. Ngan kitu, monyétna rada kuuleun. Tinggar kalongeun. Tina tadina sok dikasaran teuing.

Sanggeus boga monyét cekelan sorangan, Otong mangkalna pindah ka parapatan Lodaya. Unggal poé Otong nabeuh di dinya. Sapoéna ari gocap-gocap waé mah sok kasakuan. Éta téh mun keur sué. Da ari keur meneran bangénan mah, utamana poé Saptu jeung Minggu, sok nepi ka mésakan dua ratus. Dipotong wé ku mayar séwa monyét dua puluh lima rébu.

Unggal poé Otong teu weléh getol ngadogér. Jam gawéna kumaha baé anu gawé di kantor. Indit jam dalapan, balik jam lima pasosoré. Tina ladang ngadogér téh manéhna nepi ka bisa ngiriman ka lembur. Malah bisa nyéngsarkeun sorangan ongkoh, ditabungkeun dina céngcéléngan plastik.

Sanggeus céngcélénganana metet, hiji mangsa ku manéhna diitung. Eusina aya sajuta. Tangéh kénéh ka harga monyét anu geus meunang ngalatih, anu hijina dua juta leuwih. Enya, ti saprak bisa macakal sorangan mah Otong timbul kereteg hayang boga monyét sorangan. Ti batan nyéwa waé. Ongkoh deuih aya béjana si Abéh rék naékkeun harga séwa.

“Da mun daék mah euy, ngala ka Cimuja. Di dinya mah apan nyésa kénéh monyétna,” cék Toto basa keur lalangkarakan di kontrakanana.

Apal Otong gé ka Cimuja téh. Pasir leutik tonggoheun lemburna, anu sarua bakal kakeueum ku bendungan. Tapi da tara kabéjakeun aya urang lembur anu sok ngala monyét.

Basa keur mikiran hayang boga monyét sorangan, dak dumadak aya béja, babaturan si Abéh anu tukang ngalatih rék ngajual monyét. Hayang dua juta cénah. Kaitung murah sakitu mah. Ngan monyétna rada galak. Salah nyekel saeutik sok tuluy ngaherengan. Sanggeus badami jeung Toto, antukna ku manéhna ditebus. Duit kurangna mupakat rék dipunahan jero dua bulan.

Teu burung laksana Otong boga monyét sorangan. Ku manéhna dingaranan Kardi. Ngalap ngaran kuwu di lemburna baheula anu mamaksa kolotna sangkan ngajual kabéh pakaya.

Enya, hésé iceusna si Kardi mah. Sok mantangul baé ana keur dimaénkeun téh. Tapi ku Otong teu ieuh dikasaran. Rada diantep wé mimiti mah. Atawa sok disingsieunan ku paneunggeul. Mun geus musingkeun pisan kakara wé diceprét bujurna. Tapi najan mantangul, ari keur meneran lindeuk mah kawilang gesit. Utamana lamun dititah naék jajangkungan jeung momotoran.

Ti saprak boga si Kardi mah Otong beuki getol ngaménna. Ti isuk-isuk nepi ka wayah peuting, Otong nagen di parapatan. Kulitna kééng balas unggal poé kapentrang jeung kakebulan. Blang dung blang dung blak ... turulung blang dung blang dung blak .... Clak si Kardi numpak momotoran. Wer dipajukeun, muter hareupeun jajaran motor anu aleureun di parapatan.

Tapi dina hiji mangsa mah Otong kungsi ngalaman nasib sial. Buntut monyét téh teu kahaja kagéléng ban motor. Si Kardi ngajéréwét. Gewewek ngégél kana suku nu naék motor. Untungna maké sapatu rada kandel. Monyét didudut satakerna ku Otong. 

“Koplok siah! Monyét haram jadah! Sia deuih, ngadon ngamén di dieu!” nu naék motor nyarékan laklak dasar. Malah tug ka turun tina motorna, méh-méhan nampiling. Kawasna lamun teu kaburu lampu héjo mah boa geus ngagampleng mantén. Otong ukur wasa sanduk-sanduk ménta dihampura.

Teu cukup nepi ka dinya. Heuleut dua minggu ti harita aya wawaran ti walikota, di wewengkon cangkinganana teu meunang aya dogér monyét deui. Puguh baé matak bingung. Anu narabeuh dogér monyét loba anu dirajia ku satpol PP. Monyétna dicokot, ari jalmana didata. Éta gé monyétna mah ditebus. Tapi harga panebusna éstu leutik pisan.

Kaasup manéhna anu bingung téh. Mana komo monyétna can lunas. Ongkoh deuih manéhna sorangan ngarasa lebar. Geus kapalang nyaah najan galak-galak ogé. Nyaah ku hésé bélékéna tiheula basa hayang boga monyét. Nyaah ku hésé bélékéna ngaleuleuyan si Kardi. Antukna meunang sawatara poé mah Otong milih eureun ngadogér. Sarua Toto ogé. Malah ahirna mah Toto milih balik ka lembur.

Aleureun baé pamustunganana mah. Monyét si Abéh gé teuing ka marana ngilesna. Cenah mah dijualan ka wewengkon séjén. Kari manéhna baé anu tagen kénéh téh. Ngaménna pindah ka lembur-lembur di pasisian atawa ka komplék perumahan. Ngan kitu, capé ku leumpangna. Aya welasna kilo manéhna leumpang unggal poé téh. Katurug-turug deuih beubeunangan tangéh pisan jeung basa sok mangkal di parapatan.

Turulung blang dung blang dung blak ... blang dung blang dung blak ....

Otong ngageroan nu nongton ku dogdogna. Tapi karék gé gék diuk, ujug-ujug aya sora. 

“Héy, Jang, tong nabeuh di dieu. Gandéng!”

Barang dilieuk, lalaki jangkung badag. Beungeutna kereng. Otong ngarénghap panjang. Tapi teu burung ngaléos indit ti dinya.

Sanggeus leumpang sawatara lila, Otong anjog ka hiji perumahan. Gék deui dina jojodogna, sanggeus katingali di taman loba nu keur arulin. Otong tatan-tatan rék ngamén. Turulung blang dung blang dung blak ... blang dung blang dung blak ....

Puncengis satpam ti jero posna. “Kaituh ... kaituh! Teu meunang ngamén di dieu!” pokna bari mureleng.

Otong bati molohok. Tapi teu burung manéhna ngaléos.

Bingung, kudu ka mana deui. Rét kana sakuna, tuluy dikodok. Ukur meunang dua puluh rébu. Ukur keur dua kalieun dahar. Acan kudu meuli cau. Acan kudu ngalunasan monyét. Ngalunasan kontrakan, meuli cai galon .... Otong bati ngahuleng. Ingetanana tuluy luncat deui kana SMS ti indungna poé kamari. Cénah bapana gering ripuh di lembur, sanggeusna lembur tulus dikeueum. Urang lembur dibibira ku cai. Sawah, kebon, tegalan, mutuh taya tapak-tapakna acan. Teu, saeutik gé Otong teu hayang balik. Sieun manéhna milu nyeungceurikan sakur nu geus euweuh diteureuy bendungan.

Nékad waé kitu? Manéhna ngagerentes dina haté. 

Léos deui indit. Heuleut dua jam geus anjog ka parapatan jalan raya. Otong tuluy ngécagkeun parabotna. Monyét diturunkeun.

Turulung blang dung blang dung blak ... blang dung blang dung blak ....

Otong ngamén deui di parapatan. Si Kardi mijah deui. Malah leuwih mijah ti sasari. Jleng kana jajangkungan. Geus kitu ceg kana momotoran. Tereleng maju. Tuluy solat. Geus solat ganti ku peperangan. Duit récéhan kawas nu diundeuran. Plas-plus kana topi. 

Ngan barang disidik-sidik, sabot keur dimaénkeun, si Kardi kawas bijil deui adat goréngna. Éta monyét téh mimiti ngaherengan deui. Malah panonna tuluy buburilengan, bari teu weléh némbongkeun huntu. Si Kardi diceprét. Jéréwét éta monyét téh ngajéréwét. Jleng deui kana jajangkungan. Geus kitu ceg kana momotoran. Cong solat deui. Tuluy gugulingan deui bari tétémbakan. Tapi karék gé satengah jam ....

“Eureun siah!” kapireng aya sora handaruan. Kek kerah baju Otong dicerek. Barang dilieuk, horéng satpol PP. Duka ti mana datangna, teu katénjo.

Otong calangap. Bawaning ku reuwas, leungeunna ujug-ujug rikat ngadudut tali panyangcang monyét. Monyét tuluy ajrét-ajrétan, satékah polah hayang leupas. Monyét beuki nyanggéréng. Ningali panyeprét dikeukeuweuk kénéh, sakilat si Kardi malik narajang kana leungeun Otong. Gewewek ngégél. Otong ngajerit. Monyét tuluy luncat kana tangkal. Talina ambay-ambayan. Jleng kana ténda warung kaki lima. Jleng deui kana hateup kafé. Injukna diawut-awut. Jleng kana loténg imah. Pot leutik ditojéran. Popoéan dibalang-balangkeun. Monyét beuki ngamuk. Ku nu araya di dinya dibaroro. Sakadang monyét tuluy luncat kana suhunan. Kenténg tinggolosor. Pra-pré maruragan. Jleng deui kana suhunan imah séjén. Monyét tuluy kabur teuing ka mendi.

Kari Otong ngahuleng sorangan, bari ngararasakeun leungeunna anu baloboran getih. 

“Deuleu tuh siah! Ngadoréksakeun! Kumaha ari geus kieu?!” satpol PP nyentak.

Nu araya di dinya milu ngarentog.

“Angkut Pa, tuman! Euweuh kakarunya ka sato!” cék nu hiji.

“Tingali tah tempat dagang déwék! Rék digantian moal?!” nu boga kafé nyerenteng.

“Gusti, popoéan aing! Ieu deuih pot! Ampuuuun! Tukang monyét kasebelan!” sora ibu-ibu nyéréwét ti luhur loténg.

Otong geuwat dikenyang ti dinya. Tuluy ditaékkeun kana treuk, anu di jerona geus pinuh ku roda dagangan, patumpang tindih. Geuleuyeung mobil indit.

Sanggeus didata, poé harita kénéh Otong meunang balik. Leungeunna diperban. Balik téh kapaksa leumpang, da duit dina pésakna geus teu nyésa sapérak-pérak acan. Leungeunna karasa beuki nyanyautan. Soék kawasna mah, kudu dikaput.

Datang ka kontrakan téh wayah peuting. Dug saré, teu ngurus mandi heula. Basa hudang isuk-isuk, Otong katarajang muriang. Awakna lungsé bari nyongkab panas. Disarékeun ogé kalah haben ngimpi teu paruguh. Ngimpi pejabat datang ka lemburna. Ngimpi titeuleum dina cai nu leb-leban. Ngimpi monyét kukutanana pidato dina acara peresmian bendungan jeung réa-réa deui. 

Poé isukna, kakara Otong kaluar ti kontrakanana. Lir ngadak-ngadak kumpul deui tanagana. Beungeutna beureum badis buah kupa. Panon buburilengan. Basa ditanya ku tukang warung, Otong teu ngawaro. Kadon kalacat kana bangku, tuluy ngakat tambang popoéan. Geus kitu Otong ngadudut parabot dogér bogana Toto dina kolong dipan. Léos indit.

Saparat jalan Otong leumpang jajarigjeugan. Heuleut sajam, manéhna anjog ka parapatan. Basa lampu geus beureum, kentrung Otong nabeuh dogdogna. Blang dung blang dung blak ... turulung blang dung blang dung blak .... Cag dogdog, tuluy ngarawél tambang, dicangreudkeun kana beuheungna. Otong tuluy leumpang ragag-rigig ka tengah jalan, niron-niron monyét. Nu naraék kendaraan ukur neuteup kerung mireungeuh kalakuan Otong kitu téh. Ceg deui kana dogdog. Blang dung blang dung blak .... Otong ka tengah jalan deui. Cong solat. Takbirotul ihrom. Ruku. Antukna kedepruk sujud satengah meubeutkeun manéh. Meunang sawatara lila teu cengkat-cengkat. Basa lampu ganti héjo, awak Otong ngagubrag ka gigir. Teu usik deui.

Méi, 2016.



LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, naskah drama, tug ka buku pangajaran. Tilu kali dilélér hadiah LBSS (2006, 2013, 2022). Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016). Ayeuna ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Ari matuh di Kacamatan Selaawi, Garut. 


Posting Komentar

0 Komentar