Dahana Darana - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

 

Panganten. AI Image.


DAHANA DARANA

Jatukrami pan lain sakadar repokna jodo
Tapi dahana sing nyangking sabar darana 
Andum du’a aworna doa dua kulawarga 
Dahup kalbu geusan nyorang runtut raut

Oléng pangantén kayid nyorang papastén
Ijab masrahkeun hirup kabul narima hurip
Kedaling asih rék nandang bagja-tunggara
Dina beulitan ali meneng duriat langgeng

Laju dijiad-dirumat simbul wawadi sawér 
Dunya barana silib satincak endog-élékan
Tujuh harupat getas napsu huru tujuh sipat
Peupeus dina kendi panyétraan rasa duaan

Huap lingkung siloka sakasuka-sakapeurih 
Sungkeman raga sasmita dijurung ludeung
Paheut mondah ngijing sila pasang subaya
Gumati papasangan méméh nyanding pati

2017







JISIM JIRIM

Nu leuwih luhur batan lamuk gunung
Nu leuwih lega batan ngeplak sagara
Éstu kanyaah indung nu taya tungtung
Wisit nyulumun bumi nyalisib langit

Rekés du’a lir hawa ngahirupan raga
Sumulusup-sumarambah lelembutan
Ahung rahayu lir cai ngahuripan jiwa
Ngaburial ti séké haté ka muara rasa

Indung tandon lalakon tumbal nyawa 
Wingit ucap-usap langgeng marengan
Saban nawajuh jucung ngajiad tékad 
Saban anak kaliasan tur kalémpohan

Kaasih dijisimkeun cahaya matapoé
Nyaangan bulungbung pangumbaraan
Kahéman dijirimkeun keclak cihujan
Maseuhan balungbang pangreureuhan

2017







SATANGTUNG KAWUNG

Tungkul ka waktu tanggah ka sadapan
Na pentrang beurang lodong ngoléang
Suku nu ngari pangpung nécéan kadar
Nanggeuh sigay sanyawa saraga badan

Satangtung kawung sawujud kaliwung
Pinasti rapuh ropoh ku ripuh kakolotan
Ninggur umur sarénghap sahanju hirup
Ragas rasa saban saat pagasan harepan

Nu disadap téh saukur garingna batin
Nyukrah lahang kalah garajag késang
Diguis jeung diganduan katunggaraan 
Na bonjor lalakon sésa peueut tineung

Injuk sakakab kurup caruluk saruntuy
Kari kalangkang na angar implengan
Iga nganyéré kurup awak ngabaralak
Satangtung panyadap sakujur tunggul 

2017







KELANG MATAHOLANG

Teu weléh ngipuk sugan jeung sugan
Ngajam binih ayeuna ngabeuti isukan
Najan nu nyésa kari késang lilintungan
Sapalintang rasa sagalengan panandasa

Lawas mondah baha narah aral subaha
Majar sageuy misil teu ngamilik hasil
Reumbeuy undeureun reumbay alaeun
Tapi bukti tina mukti kari limpud daki

Teu kalis ngaseuk muga jeung muga
Mikarep mataholang renung nyirung
Tapi turus umur ukur pangrambatan
Areuy kayakinan nu terus ngalakay

Ditungkul usum na baeu jeung sumuh
Naon deui nu baris didagoan harepan
Nu beleger tina bolégér taneuh buligir
Kelang nasib mulintang angin garing

2017







HANJUANG SIANG

Ciri lahir pelak hanjuang di pakarangan
Batur tali ari-ari jero pendil nu diruang
Puput milandes nu ngandung-ngayuga
Puseur mideuheus tangkeupan sarakan

Mihirup naas-jaya tuwuh saraga-sajiwa 
Hanjuang laju mulas kadar ngelir nasib
Na kalang wenang na keleng langgeng
Antara barungsinang jeung bungangang

Mihurip nyirung-mugur nungtung umur
Hanjuang ngajurung-mapag lalampahan
Bral mun indit masing tigin kayakinan
Yap mun balik masing rébo kaluhungan

Ciri tilar tanceb hanjuang di pakuburan
Tetengger sirnaning sabugang-sajugang
Nu indit nu balik ngampih ka nu mimiti
Sagalana urang tunda di hanjuang siang

2017







PANCAKA MURKA

Naha mokaha ngabanda sipating langit
Humayua rasa ngajaul ngawasa mangsa
Nu dipilana kapan kabéh kateuwalakaya
Asal ti bumi baris mulang deui ka bumi

Kilangbara ngawedi asih ngabanyu laku
Kalah nyacampah darma nyupata karma
Raga ngalagar tangar jiwa wateking geni
Salilana ngahuru napsu mancaka murka

Mungpang kadar mangpung ngaberung
Mangpang-meungpeung mahala sagala
Antara langit-bumi watesna sajorélatan
Mungkir takdir saéstuna diri midalit pati

Nu nyésa saukur rénghap saronghéapan
Dina rahuh hanju napas panganggeusan
Nu dipiangkeuh baris balik kana taneuh
Ngujur umur ajur diurugan lemah kubur

2019






ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di Cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon. Dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN Jatinangor. Matuh di Tanjungsari.


Posting Komentar

0 Komentar