Pangarang anu Baha ka Tentara - Ziad Khadash

 

Ziad Khadash. Sumber poto: wikipedia.


Sabot taksi anu ditumpakan téh ngantay lebah pos pamariksaan tentara di Atara, basa kuring indit ka Nablus rék nepungan randa hérang anu wawuh tina Facebook, kakara kuring sadar yén lalampahan poé harita téh mutuh ninggang di salah mangsa. Harita kajadian deui bom bunuh diri, anu ngabalukarkeun sababaraha urang Israél paéh. 

Sapanjang jalan anu kaliwatan pos pamariksaan teu sirikna ngajéngjréng. Tangtuna gé poé ayeuna urang Israél keur meumeujeuhna mulek amarahna. Tapi abong heueuh kuring mah boga pasipatan téh gagabah bari teu sabaran, angger baé nyongsrong hayang nepungan manéhna anu geus kayid rék ngadongéngkeun lalakon hirupna sangkan dijieun carita novél. Ngarah jéntré cenah ari dicaritakeun langsung mah, teu kudu hésé béléké ngaréka-réka deui pirang-pirang adegan suréalis, da bubuhan lalakon hirupna téh cenah geus taya binana ti hiji épisodeu suréalis anu kawilang panjang. “Ku salira mah kantun diseratkeun baé,” pokna. “Peristiwa édunna mah tos nyampak. Salira mah kantun ngolah deui, ngabebenah galurna, bari rada diwawaas deui.”

Enya, nyongsrong pisan kereteg hayang nepungan manéhna téh. Tapi da lain rék ngabandungan lalakon hirupna, sakumaha anu engké bakal dipokkeun dina omongan akal bulus kuring ka manéhna: “Abdi mah unggal sasih nampi puluhan pesen ti istri anu teu kenal téh, anu palayeun lalakon hirupna diangkat janten novél.” Teu kurang teu leuwih, saenyana kuring mah ukur hayang awakna wungkul. Nanggap lalakon mah tibang kedok, supaya kuring bisa numpakan manéhna. 

Mobil taksi majuna angger lalaunan. Ti satukangeun taktak panumpang anu diuk hareupeun, katingali di luar aya barudak pamuda keur ditampilingan ku tentara. Rap kana lokét, tuluy dibuka, mariksa deui kartu idéntitas, bisi poho teu kabawa. 

Basa kuring kagiliran dipariksa, tentara anu jaga nitah nyingsatkeun baju, mariksa bisi aya bom disumputkeun. Teu wudu awak ngadégdég. Nya éra, nya sieun. Mana komo basa maranéhna nitah morosotkeun calana mah, kuring tangka ngagebeg tug ka ampir-ampiran tijengkang. Beu, kudu nyieun akal tarékah ieu mah!

“Pa Tentara, sim kuring mah da pangarang carita pondok, sanés sasaha. Tong teuing diparios nya!”

Tentara anu mariksa neuteup seukeut. “Teu resep maca carita pondok déwék mah. Resep ogé carita anu panjang. Tong loba alesan!”

Sakedapan kaayaan karasa rengkeng. Di tukang pirang-pirang jalma, anu kandaraanana keur ngantri, tumplek marelongkeun. Kadéngé aya anu tinggerendeng ngomongkeun, “Ngérakeun pisan!”

Éta tentara anu teu resep carita pondok téh nangtung kénéh hareupeun, bari leungeunna nyenyekel popongkol. Panonna anu kaciri ngemu karudet angger neuteup seukeut, kawas nu geus apal kana jero-jerona eusi haté kuring harita. Manéhna sakali deui nitah morosotkeun calana. Ari kuring anggur beuki ngadégdég sieun. Asa rék lenggerek baé kapiuhan. Ah, lahaola wéh nékad.

“Bapa Tentara kantos maos buku The Bus Driver Who Wanted To Be God kénging Étgar Kérét?” 

“Naon? Étgar Kérét dédéngéan téh? Manéh maca Étgar Kérét ogé? Yéh, ari sugan téh urang Paléstina mah teu apaleun. Heueuh, geus atuh, jung kaituh geura maju!”

Lakadalah! Ari diasongan ngaran Étgar Kérét mah, pangarang kasohor ti Israél anu sawatara carita pondokna kungsi kabaca dina tarjamahan basa Arab, teu burung salamet geuningan. Atuh pamustunganana unggal ngaliwat ka pos pamariksaan, éta trik téh tuluy dipaké, ngarah kuring teu dihina deui ku tentara, dititah morosotkeun calana hareupeun jalma réa.

Sapanjang jalan taksi anu ditumpakan majuna teu weléh lalaunan nuturkeun antayan mobil séjénna. Sarta saterusna mobil téh cunduk ka pos pamariksaan di Uyun Al Haramiya. Leungeun gasik ngaluarkeun deui lokét, bari taki-taki bisi meunang deui panghina ti nu mariksa.

Srog deui tentara anu mariksa. Awakna jangkung, buukna pérang. Taksiran mah umurna karék tilu puluhan. Tina panonna anu bulao kuring ujug-ujug bisa ngarampa lamun manéhna ogé sarua resep macaan carpon-carpon Étgar Kérét. Ujug-ujug ras kabayang dina haté, tangtuna éta tentara téh penggemar beratna Étgar Kérét tur kasengsrem pisan ku carpon-carponna Étgar Kérét. Pédé baé antukna mah.

“Saha ngaran?”

“Ziad.”

“Pagawéan?”

“Guru.”

“Rék ka mana?”

“Nablus.”

“Rék naon ka Nablus?”

“Nepungan randa geulis.”

“Nepungan randa geulis? Rék nanahaon?”

“Nya … rék ngobrol baé. Ngobrolkeun kahirupan, ngobrolkeun sastra, jeung nyaaa … ngobrolkeun urusan ranjang ongkoh panginten.”

“Terus?”

“Ngobrolkeun carpon-carpon Étgar Kérét anu pastina mah, Pa!” pok téh tatag.

Kuring tuluy melong ka manéhna, ngarep-ngarep dibébaskeun, atawa sahenteuna dimangsabodokeun. Ari pék si bedul téh bet beuki talété sagala ditanyakeun, bari pananyana beuki ngarendahkeun. Beu, teu matih ayeuna mah ngaran Étgar Kérét téh! Manéhna kalah nitah kuring ngabéjaan supir sangkan mareuman mesin mobil.

Nyel kuring ambek. Saenyana ieu mah ngahina téh. Aing téh pangarang carita pondok! Ké heulaanan kudu daék diutuh-étah ku bebengok tentara!

“Héh, tentara, hampura baé kuring moal nurut kana paréntah andika. Kuring téh pangarang carita pondok, sarta pangarang carita pondok mah narah diparéntah ku tentara!”

Naha atuh, teu antaparah deui kuring tuluy diraponan. Nu ngajejek, nu neunggeul, tingjalebrod kana beungeut, kana beuteung, kana tonggong. Golépak teu inget di bumi alam. Leler-leler téh sanggeusna diriung-riung ku urang Paléstina anu araya di dinya. Regeyeng dipangku, diasupkeun kana mobil, laju dibawa ka rumah sakit.

Lebah gerbang rumah sakit Ramallah, gok deui jeung rombongan tentara anu keur papariksa. Congo bedil tuluy ditodongkeun kana sirah anu lamokot getih.

“Rék ka mana?”

“Rék berobat.”

“Ku naon éta sirah getihan?”

“Digebugan ku jalma-jalma anu teu resepeun kana karangan carita pondok, sarta can kungsi sakali-kali acan maca carita pondok Étgar Kérét.”

“Aéh, Étgar Kérét mah pangarang favorit déwék atuh. Naha geuning silaing apal ka Étgar Kérét?”

“Lah, panjang caritana mah. Ké deui wé didongéngkeunana. Ayeuna mah rék ngubaran sirah heula.”

Di jero rumah sakit, sanggeusna diperenahkeun dina ranjang, bet kabeneran pagigir-gigir téh jeung pasén awéwé geulis. Sirahna sarua tatu getihan.

“Ku naon éta mastaka, Tétéh?” pok téh nanya.

“Digebugan di pos pamariksaan Atara, lantaran abdi nolak dipariksa ku tentara. Asa teu pantes tuda pantar tentara ngarendahkeun ka abdi anu randa, anu badé tepang sareng pangarang kasohor, bari éta pangarang téh tos haat bakal ngangkat lalakon hirup abdi janten novél suréalis.”



Ziad Khadash, pangarang urang Paléstina. Lahir taun 1964 di Beit Nabala, Yérussalém, sarta saterusna pindah ka kamp pangungsian di Jalazoun deukeut Ramallah. Kungsi kuliah sastra Arab di Universitas Yordania tug ka meunang gelar BA. Saterusna cekel gawé jadi guru ngarang di sakola-sakola anu aya di Ramallah. Kumpulan carita pondokna aya 11 buku. Salah sahijina, “The Mistake of the Waiter” dilélér pangajén taun 2015. Carpon “Pangarang anu Baha ka Tentara” judul aslina dina basa Arab nyaéta “Katib Qisat Qasirat La Yunafidh 'Awamir Aljunud”. Ditarjamahkeun kana basa Inggris ku Raphael Cohen jadi “A Short Story Writer Who doesn’t Obey Army Orders”. Sumber karangan tina wéb shortstoryproject.com.

Posting Komentar

0 Komentar