![]() |
Depressed Person. AI Image. |
Marno gawéna ngerem baé di jero kamar. Diuk di juru. Kalan-kalan nangtung hareupeun jandéla. Tuluy diuk deui di juru. Nangkeup tuur. Sed diukna ngésér saeutik. Gap ramona kana sirah. Neuteup deui kana jandéla. Jung nantung deui. Lalaunan ngaléngkah. Jen manéhna ngajengjen hareupeun jandéla. Panonna manco kana jandéla. Kawas nyawang ka jauhna. Ras inget kana omongan bapana, bangun ngagedor sirahna.
“No, awéwé téh lain ukur si Marni,” cék bapana bari ngenyot udud anu kari sakenyot deui.
Marno ngeluk cicing.
“Bangga saratna, Bapa mah teu sanggup,” cék bapana nambahan. Lung puntung udud dialungkeun kana téras imah.
Marno masih cicing. Gap manéhna nyokot udud bapana. Cekés, udud téh disundut. Nyot. Serebung haseupna ngelun.
Saheulaanan mah duanana jarempé. Paheneng-heneng. Kurunyung indungna datang bari nyodorkeun kulub hui.
“Hésé ari geus cinta mah,” cék indungna bari ngaléos ka jero deui.
“Kahayang mah sawah anu di Berenggil téh di…,” can ogé bérés ngomong, bapana gancang némpas.
“Moal. Sawah mah moal rék dijual. Rék dahar jeung naon sia téh?!” témpas bapana.
“Da teu jadi nanaon. Kalah ka ngahgar wé,” Marno némbalan.
Giliran bapana anu ngabetem. Rumasa. Puguh enya sawah téh geus lila teu digarap, alatan halodo panjang di lemburna. Kungsi éta ogé kapikiran rék maké désel keur nyedot cai ti walungan, tapi waragadna mahal. Nungguan cur hujan, lain tungguaneun. Nya tungtungna mah sawah téh diantep baé teu dikukumaha.
“Disawahan ogé ogé kalah ka boncos baé ningan,” cék Marno nambahan.
“Na ari sia téh …,” bapana cengkat, ambekanana rénghap-ranjug. Napsuna ngagedur. Méh baé kalepasan neunggeul budakna. Untungna kadéngé sora panci ragrag. Bangun jadi tangara supaya ulah kalepasan. Léos bapana asup ka jero.
Marno hookeun. Leungeunna ngeleper. Nyot udut téh dikenyot ku manéhna, tapi haseupna teu kakenyot-kenyot. Nyot deui, tapi tetep euweuh haseup anu kakenyot. Manahoréng ududna geus pareum. Lung udud téh dialungkeun. Gap ramona kana sirah. Jung manéhna nangtung, tuluy indit.
Anu dijugjug téh warung Bi Entin. Da kitu bakuna, mun baluweng pikir datang, lumpatna ka warung Bi Entin. Ngadon ngudud bari ngalangeu. Ras ka Marni, awéwé hiji-hijina anu ngeusian simpé haténa. Lain anyar pinanggih jeung Marni téh. Cék barudak ayeuna mah Marni téh cinta munggaranana. Marni téh meunang nyirian ti SD kénéh. Kari-kari ku bapana dititah néangan anu séjén.
“Ari ngomong téh dapon engab!” pokna humandeuar. Tayohna mah meupeus keuyang, nyarita ka dirina sorangan.
“Ka saha éta téh, Jang Marno? Ka Ibi?” cék Bi Entin anu norojol ti pangkéng.
“Éh, Ibi,” cék Marno bangun anu kagebahkeun, “sanés ka Ibi.”
“Ka saha atuh? Ka Néng Marni?” cék Bi Entin rada ngaheureuyan.
Nyéh manéhna nyéréngéh. Pipina katingal rada beureum, kaéraan.
“Sanés atuh Bi, piraku ...,” teu dituluykeun ku manéhna, da kaburu kapotong ku Bi Entin.
“Yeuh, Jang. Ulah diantep, geura-geura ka balé nyungcung!” cék Bi Entin masih ngaheureuyan, “kawantu anu ieu kasép, itu geulis. Matak kayungyun, pikabitaeun batur. Lah kacipta mun engké boga budak ogé. Mun lalaki pasti kasépna. Mun awéwé pasti geulisna,” cék Bi Entin bari nyéréngéh seuri.
Marno bungah bungangang. Irungna méh baé rebéh. Tuluy pikiranana nyipta-nyipta. Dirina keur aya di balé nyungcung, duaan jeung Marni. Marni digaun bodas, disanggul. Manéhna maké jas sarwa bodas. Ras nyipta-nyipta keur panganténan. Tuluy boga budak dua, lalucu. Lalaki jeung awéwé. Enya baé kasep jeung geulis.
“Yeuh, kalah ngalamun,” cék Bi Entin bari nepak taktak Marno.
Marno nyéréngéh.
“Engké ogé ngalaman,” cék Bi Entin.
“Si Bibi mah, kalah digeuingkeun atuh. Cik kopina, Bi!” cék Marno miceun kaéra.
“Tah kitu. Sareng ududna Jang?”
Marno unggeuk.
“Sabungkus, Jang?” cék Bi Entin semu seuri.
“Sabatang wé, Bi.”
“His, piraku salaki Néng Marni ududna sabatang. Isin atuh.”
“Heug atuh, sabungkus,” cék Marno rada ngosom, tapi haténa mah bungah kacida pédah disebut salaki Néng Marni.
Di lembur, Marni téh béntangna. Réa lalaki anu hayang ka manéhna. Ngan kitu téa, saratna teu énténg. Bapana anu kitu téa mah, da jinisna mah teu hayang itu-ieu. Kungsi éta ogé aya lalaki anu ngumaha ka bapana, cenah saratna rék dicumponan. Tapi, budakna anu embungeun. Bapana ogé teu bisa maksa, da kitu kasapukanana. Kudu ka lalaki anu dipikahayang ku manéhna, pék baé perkara saratna mah kumaha bapana.
Nya ukur ka Marno, Néng Marni méré haténa. Ka lalaki séjén mah henteu. Sakalina aya anu ngaheureuyan, ku Marni tara dilayanan. Kituna téh ka unggal lalaki—iwal ka Marno. Tapi deuih Marno mah tara ngaheureuyan. Upama panggih ogé ukur balaham-béléhém, teu nu lalaki, teu nu awéwéna. Mun jonghok, ngobrol ogé tara papanjangan. Ukur saperluna, sakadar munahan kasono duanana. Ku sabab kitu, duanana pada-pada nyidem kakangen anu jero. Nyidem galécok dina puseuring ati séwang-séwang.
Ari kembang-kembang kanyaah antara Marno jeung Marni téh geus mangkak waktu duanana di SD kénéh. Ngan nincak ka SMP, Marni milu transmigrasi jeung indung bapana. Kembang asih anu mangkak téh lalaunan ligar. Tapi teu sakabéhna ngarangrangan, aya kénéh seungitna. Ku sabab kitu, waktu aya béja Marni balik deui ka lemburna, Marno gé milu rurusuhan balik ka lembur.
“Pa, ti ngawitan ayeuna abdi badé lirén,” cék Marno bari nyodorkeun id card.
Anu disebut bapa téh bati ngahuleng, teu lémék teu nyarék. Marno tuluy indit. Nya taya deui tujuan manéhna iwal ti balik deui ka lembur. Hayang tepung deui jeung Marni. Hayang nyiram deui kaasih anu aya kénéh dina atina. Malar mangkak deui, beuki nyambuang.
Urang lembur mah geus pada apal yén Marni téh bébénéna Marno. Malah saréréa gé pada apal yén balik deuina Marno ka lembur téh lain pédah hayang neruskeun pagawéan bapana kana nyawah. Tapi aya anu dianjing cai. Marni anu salila ieu hirup dina ciciptanana, baris kasorang dina lalakon anu nyata. Nya ti harita kénéh Marno téh langsung ngumaha ka bapana Marni. Marno gilig rék ngawin Marni. Ti harita ogé, saréréa pada apal yén Marno baris ngadahup ka Marni. Marno kacida bungahna, kitu ogé Marni.
Perkara saratna, ku Marno ogé geus disanggupan. Ngan manéhna ménta lolongkrang waktu keur nyumponanana. Harita bapa Marni nyatujuan. Puguh Marno mah aya tungguaneun, aya arepkeuneun, nya hasil sawah téa.
Hanjakalna naon anu geus dirarancang, iber anu geus nerekab ka sakur urang lembur, ngadadak sirna. Ari anu jadi sababna, hasil tina nyawah téh teu mucekil. Malah boborotna ogé leuwih-leuwih. Rugi gedé. Paré téh geus diapik-apik, témpo rék ngeusi, katarajang ku hama wereng. Saeutik anu kapulukna. Harita Marno kapaksa ngumaha ka bapana Marni, supaya ménta lolongkrang waktu deui. Bapana Marni nyatujuan, lantaran anu teu tulus kawin téh lain baé Marno jeung Marni, tapi anu séjén ogé sarua.
Taun kadua giliran halodo panjang anu narajang. Enya ogé teu kawas taun saméméhna, tapi hasil ngajual paré téh dipaké keur nutupan modal. Puguh walurat pisan cai di lemburna téh. Kudu ngadésel. Lain sakali dua kali ngadéselna. Nu matak duit hasil ngajual paré téh béak keur nutupan hutang.
Taun ieu gé kitu, halodo téh bangun panjang nerekab di lemburna. Bapana teu bisa ngagarap sawah. Lain teu bisa maksakeun, tapi geus teu boga modalna, kawantu hutang taun saméméhna can katutup kabéh. Nya kapaksa Marno kudu nunda deui kahayangna keur ngawin Marni.
Keur Marno mah kaayaan kitu téh lain baé soal teu jadina kawin ka Marni, tapi manéhna ogé asa kawiwirangan. Keun ari Marni mah, da narimakeun. Wirangna mah ku urang lembur. Kapan iber manéhna rék ngawin Marni téh sakitu gemprakna.
“Ih, geuning aya pangantén di dieu,” cék Mang Inod anu kakara datang, gék diuk. Marno teu némbal, ukur nyéréngéh minangka némbalanana.
“Hawa téh asa ku nyongkab-nyongkab teuing, nya. Moal boa kitu pihujaneun?” cék Mang Iwan bari ngelapkeun baju kana beungeutna. Gék manéhna gé diuk, dituturkeun ku Mang Idoy.
“Lah, pihujaneun kumaha. Kamari panas sakitu tarikna, hujan mah angger jajauheun,” témbal Mang Idoy.
“Pilasuteun deui ieu mah pepelakan téh!” cék Mang Inod nambahan.
“Kaya kieu mah maju jurang, mundur jungkrang,” Mang Idoy némbalan.
“Maksudna kumaha, Doy? Teu ngarti,” cék Mang Iwan.
“Heueuh, kapan mun diteruskeun melak pisakumahaeun modalna. Can tangtu deui ké hasilna bakal mucekil. Kumaha mun boncos deui? Rugi deui baé. Ari rék diantepkeun, sidik geus kagok kaluar modal,” cék Mang Idoy nerangkeun.
“Rék pesen naon ieu téh?” cék Bi Entin anu norojol ti pangkéng, “hayoh waé ngadon luh-lah.”
“Lain luh-lah, Bi. Ieu mah kitu buktina. Maju jurang, mundur jungkrang,” cék Mang Idoy.
“Naon éta téh hartina?” Bi Entin nanya.
“Lah kitu wé pokona mah. Menggeus ah, cik kopi jeung ududna,” cék Mang Idoy méngkolkeun omongan.
“Jang Marno!” cék Mang Inod.
Marno anu ti tadi huleng jentul téh kagareuwahkeun.
“Éta sawah anu di Berenggil jadina dikumahakeun?”
“Duka Mang, ngantosan ti bapa wé,” cék Marno némbal.
“Ké sakedap, ieu téh Jang Marno anu badé nikah ka Néng Marni, sanés?” cék Mang Iwan nanya.
Minangka jawabanana Marno ukur unggeuk. Henteu ari pok mah.
“Leuh, téréh ngawinkeun geuning si Kasta téh,” cék Mang Idoy.
Marno ukur nyéréngéh.
“Tenang Jang, urusan gutang-gotong kasur sareng lomari mah, keun ké ku Amang. Anu nungtun domba tos aya, tuh Mang Iwan,” cék Mang Inod bari nunjuk ka Mang Iwan. Mang Iwan bati ngagebegna baé, da teu apal kumaha mimitina.
“Tah, urusan udud mah urang pasrahkeun ka Bi Entin. Saurna sanggem lima slop baé mah, nya Ceu?” cék Mang Iwan bari ngadilak ka Bi Entin anu kakara jol mawa kopi.
“Teu harayang teuing! Kondangan maké udud. Hayoh engké téh béak ku manéh,” cék Bi Entin némpas.
“Enya Ceu, si Iwan mah ari udud téh kawas sepur, euweuh eureunna. Ngelepus waé,” cék Mang Idoy milu nimbrung.
“His, mending gé kawas sepur, réa untungna keur Bi Entin. Batan manéh, ngudud sabatang, ngopi saregot, ari cicing di dieu panglilana. Rugi deuleu ka Bi Entin!” cék Mang Iwan malik nyureng. Mang Idoy ukur ngahéhéh, seuri konéng.
“Lah, saruana, untung manahoréng. Mang Iwan gé ngudud ukur sabatang, nganjukna lima batang. Rugi ka kami, Mang Iwan!” cék Bi Entin némpas deui. Ger anu séjén saleuseurian deui.
“Éh, naha ieu téh jadi kana bab utang piutang,” cék Mang Iwan. “Meungpeung aya panganténna. Jang Marno, jadi pastina sasih naon nikah ka Néng Marni téh? Emang mah tos teu kiat yeuh, hayang ngabringkeun anu iring-iringan.”
“Réngsé Rayagung, Mang,” cék Marno.
“Alhamdulillah,” cék saréréa rampak.
“Téréh geuning, Jang,” cék Mang Inod nandeskeun.
Teu bisa disumputkeun. Haté Marno lain gumbira, tapi beuki guligah. Inggis jeung risi. Pangpangna mah dina engké bolay deuina, manéhna pasti kawiwirangan. Teuing kudu disimpen di mana beungeutna. Ana geus kieu mah manéhna ogé ngarumas. Réa léngkah anu salah dipilampah ku manéhna. Ras kana pagawéanana tiheula di kota. Ras ka dirékturna anu sakitu nyaah ka manéhna.
Harita mah teu kapikir ku Marno gé. Puguh poék mun soal Marni mah. Enya ogé cinta, horéng napsu anu diheulakeunana. Ana geus inget ka dinya mah, rasa hanjakal téh beuki ngandelan baé. Ayeuna Marno teu gawé. Ukur ngandelkeun sawah hiji-hijina. Sakapeung mah Marno sok nyeungseurikeun dirina. Nyeungseurikan nasibna. Boa mun harita marno sabar. Nahan napsuna, jalan carita téh tangtu bakal béda.
Kacipta ku Marno ogé, mun harita teu rurusuhan kaluar gawé. Boa Marni téh geus jadi pamajikanana. Malah Marno nyipta-nyipta Marni téh dibawa ka kota, cicing di kontrakanana. Meureun Marno ogé moal mindeng paséa jeung bapana. Moal mindeng pacéntal-céntal omongan jeung indungna. Kahanjakal téh kakara karasa ayeuna.
Marno kacida sadrah. Haténa beuki waé sumpeg. Asa bingung kudu ka mana. Warung Bi Entin gé geus teu kawas saméméhna. Teu deui mawa katingtriman. Tapi boa leungitna katingtriman téh lantaran dileungitkeun ku Marno sorangan. Marno anu ngahaja nyiptakeun ilusina. Rék ngawin Marni ayeuna-ayeuna.
“Jadi sabaraha Bi?” cék Marno sanggeus sawatara lila ngahuleng.
“Atos waé, Jang?Janten 20 Jang,” cék Bi Entin.
Marno teu ngajawab. Song Marno ngasongkeun duit, Bi Entin nampanan, tuluy mulangan.
Marno tuluy ngaléos. Indit bari teu pamit. Saréréa ukur nyérangkeun ti kaanggangan. Katingali Marno leumpangna ngagidig. Bus asup kana gang gigir imah Mang Husna. Tuluy kaluar, ka jalan anu rada gedé. Ti dinya manéhna méngkol ka kénca. Bus deui asup ka pakarangan masigit. Rét ka beula katuhu. Jen, manéhna ngajengjen di dinya, rada lila. Tampolanana mah hayang ningal Marni, najan ukur sarérétan. Tuluy leumpang deui, balik deui ka jalan anu tadi, ka jalan anu gedé. Ti dinya tuluy leumpang ka kulonkeun muru ka imahna. Rada nenggang imahna téh. Deukeut ka sawah anu hayang dijual ku manéhna, tapi bapana teu mikeun.
Waktu nepi ka imahna, teu langsung asup. Ngadon diuk heula di téras. Cekés udud téh disundut. Serebung haseupna ngelun ka luhur. Rasa melangna beuki ngandelan. Rus-ras ka ditu, ka dieu. Pangpangna mah inggis ka bapana Marni, narima panglamar ti nu séjén. Inggis Marni teu sabar, tuluy kalah narima lalaki séjén. Puguh réa anu ngadodohona. Marno beuki baluweng. Paromanna beuki marungkawut. Pikiranana beuki pakujut.
Sabot manéhna ngahuleng, teu katangén bapana kaluar ti imah. Tuluy diuk di gigireunana.
“No, taun ieu sawah rék digarap deui ku bapa. Bieu bapa nganjuk ti Haji Jana keur modalna. Sugan parek rejekina, hasilna mucekil,” cék bapana rada leuleuy.
Marno teu ngajawab. Manéhna ukur ngabetem. Duanana paheneng-heneng.
Sawah téh digarap deui. Tapi lain untung, kalah beuki buntung. Paré teu kaala, modal teu katutup. Sawah dijabel ku Haji Jana, lantaran teu bisa nutupan hutangna. Kawas geus jadi nasibna. Bapa Marno jadi mindeng huleng jentul. Kitu deui Marno, tapi teu bisa majar kumaha. Kawantu manéhna kudu nandangan wiwirang. Jangji ka Marni katut iber ka urang lembur anu majar rék ngawin Marni, ngadadak ajur.
Iber téh ganti. Marno teu tulus kawin ka Marni. Iber téh beuki nerekab ka sakuliah lembur. Marno tara bijil ti imah. Gawéna huleng jentul baé. Mimindengna mah ngerem baé di kamarna. Embung kaluar. Marno anu gedé rasa, abong boga sawah rada lega. Tapi dina ahirna, kajiret kana kaayaan anu teu pasti. Paré teu kaala. Modal geus sakitu boborotna. Hutang di mana-mana. Sawah dijabel ku Haji Jana. Kawin ka Marni? Kalah ngadon éra ku saréréa.
Marno beuki ngahuleng. Beuki mikiran, kalah beuki baluweng. Kalah sumpeg kana haténa. Teuteupna kosong, neuteup kana jandéla kamarna. Ramona masih nyagap sirah. Lalaunan Marno hudang. Wanci ngagayuh ka peuting. Marno tuluy luncat tina jandéla.
**
Jrut Marno turun. Rurat-rérét ka sakurilingna. Enyaan lemburna geus matak pangling. Pangpangna ku dug-degna pabrik. Teu karasa geus dua belas taun manéhna cicing di kota. Pangpangna mah hayang ngalubarkeun kabéh katineung ka Marni. Tapi ana dipohokeun téh kalah beuki manteng baé. Balik ka lembur ogé nu sidik mah hayang nyacapkeun kasono. Hayang méakkeun kapanasaran. Ngarah haténa tingtrim teu cumantél waé ka Marni.
Enya ogé manéhna geus rumah tangga, malah geus boga budak. Geus lain-lainna deui, tapi haté leutikna mah angger teu bisa dipapalérkeun. Teu bisa disieuhkeun. Nya kudu dicacapkeun. Ngarah lubar. Marno ukur hayang apal Marni ayeuna kumaha. Ukur hayang ningali sarérétan. Ukur hayang apal jeung saha-sahana. Hayang apal geus boga budak sabaraha. Geus apal mah rék indit deui ka kota. Moal rék balik deui ka lemburna.
Muru ka lemburna ti jalan raya téh bisa ku leumpang. Ngan harita mah Marno milih kana ojég, dadakuna hayang gancang nepi. Lain urut imahna anu mimiti dijugjug téh. Tapi warung Bi Entin. Keur Marno mah warung Bi Entin téh lain ukur tempat ngopi jeung ngudud wungkul, tapi aya nu leuwih ti éta. Warung Bi Entin téh kungsi jadi imahna nu kadua. Jadi tempat miceun sagala kasumpeg haténa.
Anjog Marno ka warung Bi Entin. Beuki pepek ayeuna mah daganganana ogé. Teu ukur emih, kopi, udud, jeung goréngan. Aya seblak jeung jus ogé. Kitu deui anu jarajan, réréana mah anu maké saragam. Saragam pabrik. Barang gék diuk ogé, Bi Entin mah kawas anu teu sidikkeun ka Marno. Disangkana téh tamu baé. Malah nanyana ogé ku basa Indonesia.
“Mau pesen apa, Cép?”
Marno ukur nyéréngéh, seuri kapiasem.
Rada ngahuleng manéhna ningali polah Marno. Ngan teuteupna beuki teleb, kawas anu nyidikkeun. Teu lila, kakara pok.
“Geuning, Jang Marno! Asa lawas pisan.”
“Muhun, Bi,” témbal Marno pondok.
Bi Entin kalah ngajeten, lir anu keur ngemu omongan. Kawasna réa anu hayang ditanyakeun. Rada lila ngobrol jeung Bi Entin téh, ti mimiti nanya kumaha kahirupanana ayeuna, perkara kota tempat Marno cicing, perkara lembur anu beuki maju, nepi ka ahirna ngobrolkeun Marni. Nya ti Bi Entin ogé Marno téh ahirna apal, yén Marni téh geus teu cicing di lembur deui. Ku bapa jeung indungna geus diihlaskeun. Cék Bi Entin mah saprak Marno indit ka kota, Marni gé ngejat indit ka Arab. Ngan samulangna ti Arab, Marni jadi mindeng huleng jentul. Tuluyna jadi mindeng abur-aburan. Ayeuna téh geus kalima kalina Marni euweuh di lembur. Duka ka mana, taya anu apal.
Basa ngadéngé kitu, Marno kitu asa kapeupeuh angen. Dadak sakala aya hinis anu nurihan haténa. Angot waktu Bi Entin ngaharéwos ka Marno.
“Marni téh kurang saeundan, No.”
Balik ka kota téh asa ngalayang. Asa kari rorongkong. Ras ka nasib dirina. Ras ka nasib Marni. Dina jero beus, jirim Marni bet kasawang kokolébatan dina rintakan hujan panganggeusan.***
Lémbang, 2025
0 Komentar