Pileuleuyan, Kang Dingding! - Darpan

 

Prof. Dr. Dingding Haerudin, M.Pd. Sumber poto: Facebook.

Ti barang mimiti kuliah ogé geus kaajar ku Kang Dingding téh. Tangtu baé harita mah kuring teu nyebut Akang, da ka guru. Ngan sainget kuring, mun ngobrol jeung mahasiswa anjeunna mah sok ngaakangkeun baé. Bisa jadi lantaran waktu kuring mimiti kuliah, anjeunna karék sataun diangkat jadi dosén. Kuring asup ka Jurusan Basa Sunda IKIP Bandung (ayeuna jadi UPI) téh Agustus 1989, ari anjeunna diangkat jadi dosén taun 1988, sarta mimiti ngaasisténan dina bulan Maret 1989.

Ti keur barang tepung ogé jalmina teu weléh soméah jeung daréhdéh. Asa can kungsi ningali Kang Dingding ambek nepi ka budal émosi anu kaleuleuwihi. Malah lamun ningali nu papaséaan téh, anjeunna mah milih calik, teu réa koméntar. Sikepna kitu téh, enya baheula, lain baé matak resep batur, tapi jadi ‘pesona’ anu ngalantarankeun anjeunna réa dipikaresep ku mahasiswi. Aya nu nepi ka ngudag-ngudag sagala. Ongkoh apan anjeunna mah dedeg sampé rupa hadé. Munasabah kana kituna téh. Tapi da anjeunna mah teu weléh kalem, tara kabawa ku sakaba-kaba.

Inget baé, hiji mangsa kudu ngawakilan jurusan miang ka Makassar keur nungkulan Musyawarah Mahasiswa Bahasa dan Sastra Daerah (émbriona Imbasadi—Ikatan Mahasiswa Bahasa Daerah Indonesia), di Universitas Hasanuddin. Nu rék diiangkeun limaan. Tapi ongkos nu kakumpulkeun ukur mahi keur tiluaneun. Kuring jeung ketua himpunan harita rada hoghag, milih saha nu kudu bolay indit, disaksian ku Kang Dingding. Nempo nu hoghag téh anjeunna mah calik wé, bari imut.

Dina rupa-rupa urusan, kawasna anjeunna mah leuwih milih sikep sineger tengah. Katingalina mémang kawas teu boga pamadegan anu jelas. Tapi bawirasa éta nu jadi kaunggulan Kang Dingding mah. Sikep kituna téh sakapeung jadi rawayan di antara pihak anu béda paham. Lamun aya dua pihak anu papaséaan atawa béda pamadegan, nya anjeunna anu sok ngarukunkeun jeung nengahanana téh. Ku diplomasi anu jadi kaahlianana, kadang-kadang nu teu alakur téh gancang pacantélna.

Sakaterang mah nya Kang Dingding deuih nu sok jadi “diplomat” Jurusan Basa Sunda UPI ogé. Upama aya anu ngiritik Jurusan Basa Sunda, atawa aya warga jurusan anu keur gétréng jeung pihak séjén, nya Kang Dingding anu niiskeunana. Dibélaan kudu nepungan itu nepungan ieu, nepi ka siap jeung dicarékanana, sangkan masalah jadi bérés roés. Éta téh nu kabandungan mah lain sakali dua kali. Cara gaulna anu logor, henteu bauan, sarta utamana mah pujieun batur, ngalantarankeun diplomasina dina ngabéréskeun masalah tara gagal.

Dina urusan nulungan batur deuih kacaturkeun soléhna Kang Dingding téh. Réa kolégana, mahasiswana, atawa saha baé anu sok mundut bantosan anjeunna, boh sacara pribadi boh sacara lembaga, teu weléh dipayunan jeung diusahakeun. 

Kuring nyaksian pisan, aya penerbit nu ngahaja ngadeuheus ka anjeunna, ménta bukuna dipangéditkeun sangkan lolos penilaian di Disdik. Ku anjeunna mah dipayunan, padahal harita anjeunna masih anggota tim penulis buku di penerbit séjén. Éta kaputusanana téh yakin lain lantaran anjeunna hawek, tapi niatna hayang nulungan batur. Buahna manjang, anjeunna dipihormat pisan ku éta penerbit. Malah seueur dibantos dina masalah luareun urusan penerbitan.

Tapi ari dina urusan ngabéla basa Sunda hususna, jeung basa daérah umumna, sikep Kang Dingding teges pisan. Anjeunna lain baé dosén anu tugasna mémang nyebarkeun élmu basa jeung sastra di Jurusan Basa Sunda UPI Bandung. Éta tugas pokona téh ngajurung kawajiban jeung tanggung jawabna pikeun milu makihikeun hirup-huripna basa Sunda. Tanggung jawabna lain baé ngajalankeun profésionalisme, tapi diwewegan ogé ku idéalisme anu pengkuh.

Teu saeutik ketak jeung usaha Kang Dingding dina ngahirup-huripkeun basa Sunda téh. Ti mimiti ngajar, nalungtik jeung ngajalankeun pangabdian ka masarakat sakumaha pancén anjeunna ngalaksanakeun Tri Darma Paguron luhur, nepi ka milu nyusun buku pangajaran, jadi pangurus organisasi kabasaan jeung kabudayaan, atawa mun perlu milu turun ka jalan merjuangkeun nasib jeung ngabéla basa Sunda.

Taun 2013, waktu pangajaran basa Sunda dilebur kana pangajaran Seni Budaya, Kang Dingding milu turun ka jalan. Milu kana abringan anu démo, ngagabung jeung mahasiswa katut tokoh budaya sangkan pangajaran basa Sunda teu dileungitkeun. Ti mimiti ngariung di buruan Gedong Saté, nepi ka ngajorag ka Senayan.

Harita di Gedong Saté kuring kabagéan orasi. Jojorowokan téh ditungtungan ku basa kasar keur nyontokeun kumaha genahna nyarita ku basa Sunda maké ragam kasar waktu keur ambek. Maksud téh bari hayang sakalian nyarékan nu rék ngadudut pangajaran basa Sunda dina kurikulum. Barang undur ti hareupeun mimbar, Kang Dingding nyampeurkeun bari pokna halon, “Alus, Akang satuju!”

Sababaraha kali kuring bareng satim sareng anjeunna dina ngarang buku pangajaran. Kungsi ogé anjeunna jadi anggota tim penilai buku. Waktu mindeng kaondang jadi narasumber di Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Disdik Jabar, ogé sababaraha kali sasarengan sareng anjeunna. Tara aya pagawéan anu dianjuk atawa teu anggeus. Di FTBI anjeunna ogé kaulem jadi juri ti unsur akademisi. Geus puguh di tim juri kagiatan Apresiasi Bahasa, Sastra, dan Kesenian BPBDK mah, sasat anjeunna pisan anu sok jadi kordinatorna.

Anjeunna ogé aktip di Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Ti mimiti jadi anggota pangurus nepi ka jadi sekretaris. Malah di Ikabudi (Ikatan Dosen Budaya Daerah Indonesia) mah anjeunna masih aktif jadi ketua. Kitu deui di UPI Bandung, karir anjeunna tuluy nanjung, jadi ketua jurusan, jadi wakil dékan fakultas, malah saterusna jadi guru besar kalawan nyangking gelar profésor dina taun 2024.

Salawasna katingal jagjag. Hégar waé, sok sanajan ka dieunakeun mah katingal rarayna rada kemong. Sasaha gé pasti nyangka éta téh perbawa umur. Teu weléh daréhdéh, teu weléh soméah. Mun aya kakeuheul tara ieuh loba dibudalkeun. Sasat jadi tempat curhat saréréa, lantaran kabageuranana sarta émpatina kana masalah batur.

Anu matak réa anu teu nyangka upama anjeunna kawartoskeun teu damang wales téh. Komo bari nandangan panyawat anu sakitu matak ngerikna. 

Waktu dilayad ka bumina di Cijerah, anjeunna masih sempet heureuy, “Meureun Akang téh loba dosa. Mugi-mugi ieu panyawat janten kiparat,” kitu saurna bari ngahéhéh. Kuring ukur mairan supados anjeunna sabar dina nandangan kasakit. Anjeunna katingal sadrah pisan, taya riuk aral subaha.

Waktu nampa béja dina WA majar anjeunna ngantunkeun, ping 17 Méi 2025 kamari, bet rus-ras kagagas. Gusti, pangnampanankeun éta sukma nu nilar raga. Mugi Kang Dingding diparengkeun pinanggih kabagjaan anu langgeng di sawarga Salira!




DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Pangarang, nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Sababaraha kali karangan basa Sundana dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Buku kumpulan carponna, Nu Harayang Dihargaan, dilélér hadiah sastra Rancagé taun 1999. Sapopoéna mancén tugas jadi pengawas di lingkungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 

Posting Komentar

0 Komentar