![]() |
R. Aria Bratadiwijaya. Sumber: Djawa Vol. 9 1929. |
Radén Aria Bratadiwijaya téh kaasup bujangga Sunda nu kawentar pisan. Karyana nu napel dina ingetan urang Sunda nyaéta guguritan “Asmarandana Lahir Batin”. Éta guguritan sakapeung sok disebut ogé guguritan “Éling-éling”, pédah ungkara padalisan kahijina unina “Éling-éling mangka éling”. Kaasup rumpaka guguritan anu kasohor. Da ceuk katerangan dina Énsiklopédi Sunda (2000: 66), “Yang sangat terkenal ialah Asmarandana Lahir Batin karya R. A. Bratadiwijaya yang bait pertamanya (lih. contoh) dipakai sebagai hafalan untuk menyanyikan lagu Asmarandana”. Ieu guguritan “Éling-éling mangka éling” téh dipaké bahan ajar ngahaleuangkeun pupuh Asmarandana di sakola utamana dina mangsa saméméh Perang Dunya 2.
Hanjakalna, data biografi ngeunaan pangarangna mah henteu pati kaungkab. Ceuk katerangan dina Énsiklopédi Sunda deui (2000: 128), “Bratadiwijaya pernah menjadi Patih di Mangunreja, tetapi tidak diperoleh data yang lebih banyak. Diperkirakan dia hidup pada bagian akhir abad ke-19”.
Ku lantaran ipis data biografina, nya ku wasilah ieu tulisan rék dicobaan ngahunyudkeun sesemplékan informasi beunang ngundeur tina koran-koran jeung pustaka lawas lianna, pangpangna tina koran Walanda abad ka-19. Malah mandar bisa nyaangan, copélna bisa ngeuyeuban riwayat singget Radén Aria Bratadiwijaya.
Ngaran Aslina Abubakar bin Akhir
Sumber primér ngeunaan biografi singget Radén Aria Bratadiwidjaja kapanggih dina naskah Cod. Sund. 35 ex. legato C. Snouck Hurgronje koléksi Universiteitsbibliotheek Leiden. Sorangan ngan bisa terang sotéh sanggeus maca tulisan “Het Soendasche Pantoen-Verhaal Loetoengkasaroeng” (Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, Deel 99, 1940) beunang R.A. Kern.
Éta naskah téh dijudulan “Ijeu tjarita Loetoengkasaroeng” nu dimimitian ku: “Kami erek diadjar ngidoeng mantoen ngahoedang waijang, tjarita ngawaijang silokakeun ngoektjroek lakoe”. Cindekna, éta naskah téh transkripsi carita pantun Lutung Kasarung.
Sedengkeun dina bagian manggalana (kolofon) kabaca kieu: “tina lagam pantoen noe ngaran Aki Kriawatjana di Dessa Darma Koeningan ditjangkok koe kersana noe ngajasa kangdjeng Toean D.H. Cannaarts netkala djadi controleur der landelijke incomsten en Cultures di Koeningan, sagendingna aki pantoen ditjandak koe toelisan Aksara Djawa, noe dipiwarang noelis magang andjeuna wasta Aboebakar noedjoe tahoen 1845”.
Hartina éta naskah hasil transkripsi Abubakar taun 1845 tina carita pantun nu digalantangkeun Aki Kriawatjana di Désa Darma, Kuningan. Nu boga hadas transkripsi éta carita pantun téh nya D.H. Cannaarts nu harita jeneng kontrolir di Kuningan. Harita Abubakar digawé magang, bisa jadi di kantorna kontrolir, ditulisna maké aksara Jawa atawa Cacarakan.
Nu satuluyna, informasi nu kapanggih téh beuki nétélakeun saha saenyana ari Abubakar. Cenah gé: “beh dijeuna diparingan djenengan Raden Wangsadipradja krana djadi djoeroetoelis controleur tahoen 1847. Di tahoen 1848 dilandi djenengan Raden Atmadibrata djadi djoeroetoelis Assistent Resident Galoeh. Di tahoen 1865 djadi Raden Demang Atmadibrata dina wedana Gegesiklor Tjirebon. Di tahoen 1875 dikoernia madali perak dina wadana Losari Tjirebon. Di tahoen 1891 dilandi djenengan Raden Demang Brata diwidjaja dina Patih Tjirebon. Di tahoen 1892 dikoernia galaran Raden Aria Bratadiwidjaja dina Patih Tjirebon. Di tahoen 1897 dikoernia Bintang Mas ageng, baroek diseboet Groote Goude Ster, dina Patih afdeeling Soekapoerakolot Preangan”. Bari dina tungtungna dibéré katerangan: “saestoe Aboebakar bin Achir”.
Jadi mun dibalikan deui, nu nranskripsi carita pantun téh ngaranna Abubakar bin Akhir, anu dina taun 1845 kakara magang. Taun 1847 ngaranna robah jadi Radén Wangsadipraja waktu jadi jurutulis kontrolir. Satuluyna taun 1848 ganti deui ngaran jadi Radén Atmadibrata basa jadi jurutulis asistén résidén Galuh. Robah ngaran deui jadi Radén Demang Atmadibrata basa jadi wadana Gegesiklor di Karésidénan Cirebon (1865), meunang medali pérak basa jadi wadana Losari (1875), ngaranna robah jadi Radén Demang Bratadiwijaya basa jadi patih Cirebon (1891), meunang gelar Aria (1892), meunang Groote Goude Ster atawa béntang emas (1897) basa jadi patih Afdeling Sukapurakolot. Kalawan catetan: gedé kamungkinan éta manggala ditulisna ku Bratadiwidjaja téh béh dieu.
Sanggeus R.A. Kern nu kungsi nulis ngeunaan éta naskah katut Bratadiwijaya, aya F.S. Eringa dina Loetoeng Kasaroeng: een mythologisch verhaal uit West-Java (1949) jeung R. Dendadikusuma dina “R.A. Bratadiwidjaja” (Budaja: Kalawarti Djawatan Kabudajan Djawa-Kulon No. 17, tt).
Meunang Titél Adviseur-honorair voor Soendasche Zaken
Ayeuna urang cukcruk koran-koran lawas keur ngémbohan katerangan dina naskah. Dina De Locomotief édisi 18 Pébruari 1875 ditétélakeun yén Raden Demang Atmadibrata nu jadi Demang van Lossari téh diangkat jadi anggota pangadilan di Jawa jeung Madura. Tuluy diangkat jadi patih Cirebon dina 1879 nu asalna wadana Losari (De Locomotief, 2 Agustus 1879). Taun hareupna diangkat jadi anggota komisi sakola bumiputra di Cirebon (De Locomotief, 4 Pébruari 1880).
Ari dina Bataviaasch Nieuwsblad édisi 15 Juli 1887, diterangkeun yén ahir bulan Juli 1887, Patih Cirebon Radén Demang Atmadibrata rék miéling 40 taun dines di pamaréntahan. Ceuk nu nulis laporan nu maké sandiasma Tjerimai, tina 40 taun gawé téh Atmadibrata kungsi jadi wadana salila 24 taun di Karésidénan Cirebon ditambah 9 taun jadi patih di dinya. Salila éta manéhna kungsi mancén gawé dina rupaning komisi, bari angger nalingakeun hubungan antara bupati jeung jaksa. Panglélér nu salila ieu katampa ku Atmadibrata kakara medali béntang pérak.
Tina éta laporan, urang bisa nyindekkeun yén Radén Aria Bratadiwijaya téh dinesna ti mimiti 1887 dikurangan 40 taun, hartina dina taun 1847. Hartina deui, antara 1845-1847 gawé manéhna tacan kaitung lantaran masih magang.
Warta satuluyna, Radén Demang Atmadibrata, Patih Cirebon, meunang paidin pikeun maké jeung nulis ngaranna jadi Radén Demang Bratadiwijaya ti mimiti Nopémber 1891 (Bataviaasch Nieuwsblad, 21 Nopémber 1891). Satuluyna Tjerimai ngalaporkeun yén dina poé Salasa isuk-isuk, Bratadiwidjaja meunang titél aria, jadi ngaran lengkepna téh Radén Aria Bratadiwijaya. Ceuk De Locomotief (2 Séptémber 1892), éta béwara diémbarkeun ku Résidén Cirebon dina basa Malayu. Satuluyna diwilujengkeun ku Bupati Cirebon dina basa Jawa.
Dina tanggal 28 Maret 1894, diémbarkeun yén Met-zelfstandige Patih Cianjur Radén Demang Suriaja Negara dicalonkeun jadi Zelfstandige Patih Tasikmalaya, kitu deui zelfstandige Patih Sukapurakolot Radén Rangga Wira Tanu Wangsa. Pikeun ngeusian nu lowong, Wadana Sérang Mas Sastra Winangun, Hoofdjaksa Cirebon Radén Condro Kusumo, Hoofdjaksa Batavia Radén Mas Prawiro di Ningrat, katut Patih Cirebon Radén Aria Bratadiwijaya ngalalamar. Cenah dibandingkeun Hoofdjaksa Cirebon, Résidén Cirebon leuwih mikaresep ka patih Cirebon, lantaran ambisina gedé, aktif pisan, getol pisan, jeung pangbaktina pikeun merjuangkeun kapentingan nagara gedé pisan sarta salila ieu kapaké jadi kapala polisi (Soerabaijasch Handelsblad, 28 Maret 1894).
Bisa jadi ku lantaran aya rékoméndasi ti Résidén Cirebon, antukna Bratadiwijaya kaselir jadi Patih Afdeling Sukapurakolot dina April 1904 (Java-bode, 9 April 1894). Satuluyna dina De Preanger-bode édisi 31 Méi 1897 diwawarkeun yén engké tanggal 1 Agustus 1897, Patih Sukapurakolot, Bratadiwijaya, bakal miéling 50 taun dines di pamaréntahan. Pikeun éta kapereluan, sajumlahing jalma bakal ngumpulkeun derma ti babaturan katut kulawedet Bratadiwijaya pikeun supenirna nu dibikeun ninggang dina 1 Agustus 1897. Ari dina 3 Agustus 1897 diwawarkeun yén Bratadiwijaya téh dilélér gouden ster atawa béntang emas (De Locomotief, 3 Agustus 1897).
Ti mimiti 30 Séptémber 1901, Bratadiwijaya marén tina Patih van Soekapoerakolot, Regentschap Soekapoera, Preanger-Regentschappen téh. Minangka panghargaan kana kasatiaan katut jasa-jasana, manéhna dilélér gelar “adviseur-honorair voor Soendasche zaken” atawa jurunaséhat keur urusan basa Sunda. Ari nu ngagantina jadi Patih Sukapurakolot nyaéta wadana Gunungparang, Regentschap Tjiandjoer, Radén Rangga Suria Tanu Widiaya (Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie, 10 Séptémber 1901).
Sababaraha bulan satuluyna, ti Tasikmalaya, dititimangsaan 25 April 1902, Radén Aria Wangsadipraja, Radén Adinata, Radén Bratadiwireja, Radén Cakranagara, Radén Brata Wijaya, Radén Atmadibrata, jeung Radén Cakradipraja ngawawarkeun yén Radén Aria Bratadiwijaya, gepensionneerd zelfstandig Patih der afdeeling Soekapoerakolot, Adviseur Honorair voor Soendasche zaken, geus sah ti dunya alatan gering lila.
Basa Radén Bratadiwijaya (sic!), mantri Kabupatén Bandung diangkat jadi Jaksa Cianjur, ditétélakeun yén manéhna anakna Radén Aria Bratadiwijaya. Dina laporan nu dimuat dina De Preanger-bode (11 Maret 1903) ditétélakeun yén sanggeus pangsiun, Bratadiwijaya tetep tumetep di ibu kota Afdeling Tasikmalaya. Pikeun ngahormat nu pangsiun téa, pamaréntah ngangkat Bratadiwijaya jadi adviseur honorair in de Soendasche zaken, bari teu digajih. Di Tasikmalayana téh cenah ngan sababaraha bulan baé da kaburu maot.
Ari soal umur Bratadiwijaya kapanggih dina warta basa miluan acara resépsi Preanger Wedloop-Sociëteit bulan Juli 1896. Ceuk nu nulis laporan dina Java-bode édisi 28 Juli 1896, “Den 75-jarigen patih van Mangoenredja zag ik een pas de six uitvoeren” (Patih Mangunreja nu umurna geus 75 taun mintonkeun tari pas de six). Ku kituna, mun diitung-itung ti 1896 dikurangan 75 taun, hasilna 1821. Alhasil, basa maot téh Bratadiwijaya kurang leuwih umurna geus 81 taun.
Minangka Bujangga Sunda
Sanggeus nranskripsi pantun Lutung Kasarung (1845), tayohna Bratadiwijaya kapangaruhan ku D.H. Cannaarts. Cannaarts disebut-sebut ku Dr. W.R. van Hoëvell (dina Tijdschrift voor Neêrland's Indie, vol. 7, 1845; dina Eringa, 1949): “Kontrolir kelas hiji di Kuningan, Karésidénan Cirebon, lalaki anu ku lantaran heubeul cicingna di Tatar Sunda, sarta ku panalungtikanana ngeunaan urang Sunda, tabah pisan kana basa Sunda, sarta hatam pisan kana talari paranti Sunda.” Atawa bisa jadi kajurung ku ketakna K.F. Holle enggoning matéakeun Sunda.
Nu sidik, basa masih kénéh jadi Patih Cirebon, Bratadiwijaya geus ngamuatkeun karyana, “Asmarandana Lahir Batin”, dina Serat Pananggalan dina Tahun Walanda 1892 (Yus Rusyana & Ami Raksanagara, Puisi Guguritan Sunda, 1980: 50, 256). Serat Pananggalan dina Tahun Walanda téh sarua jeung Serat Pananggalan (Soendaneesche almanak). Ceuk Mikihiro Moriyama (Semangat Baru, 2005: 122, 291), éta téh almanak munggaran dina basa Sunda bari maké aksara Jawa. Munggaran medalna taun 1892 ku Percetakan A. Bisschop di Cirebon. Éta almanak nu eusina kalénder, daptar pagawé pamaréntah jeung sawatara carita téh eureun medal taun 1897 (jilid kagenep).
Hartina, guguritan “Asmarandana Lahir Batin” nu diwangun ku 35 pada jeung 245 padalisan téh medal dina Serat Pananggalan (Soendaneesche almanak) jilid kahiji.
Salian ti éta, dina koléksi naskah Snouck Hurgronje nu dibéré kodeu Or. 7375 atawa Old No. 143 mangrupa 41 suluk dina basa Jawa jeung Sunda ti Cirebon, beunang ngumpulkeun Sultan Adiwijaya jeung Panghulu Abdul Kahar ti Cirebon, sarta dihadiahkeun ku Patih Aria Bratadiwijaya ka Snouck Hurgronje dina 1896. Kiriman éta naskah dibaturan ku surat panganteurna dina basa Sunda (Just Witkam, Inventory of the Oriental Manuscripts of the Library of University of Leiden, Volume 8, 2019).
Satuluyna, dina Mitra noe Tani (1897) dimuat karangan séjénna meunang Bratadiwijaya, judulna “Karangan Panggagas”. Éta téh guguritan nu ditulis pikeun miéling K.F. Holle jeung muji-muji kulawarga R.H. Muhamad Musa, Panghulu Limbangan (Moriyama, 2005: 144, 147). Salian ti éta, Bratadiwijaya nu ngaping sarta bisa jadi nu nyarungsum buku Serat Rama beunang nyundakeun R. Tumenggung Aria Martanagara, sarta dicitak ku G.C.T. van Dorp & Co di Semarang (Moriyama, 2005: 296). Martanagara téh Patih Sukapurakolot nu diganti ku Bratadiwijaya. Ku kituna, bisa jadi aya hubungan dalit antara Bratadiwijaya jeung Martanagara téh.
Ku aktivitas nulisna dina basa Sunda, salian ti dilélér gelar Adviseur Honorair voor Soendasche zaken, Bratadiwijaya diaku minangka bujangga Sunda moyan. Di antara anu méré éta gelar nyaéta R. Méméd Sastrahdiprawira dina karanganana, “Over de waardeering der Soendaneesche literatuur” (dina Djawa: Tijdschrift van het Java-instituut Vol.9, 1929). Di dinya Méméd nyebutkeun, satengah abad kamari mangsa jumenengna Panghulu Garut R. Haji Muhamad Musa jeung almarhum Patih Mangunreja nu geus kapopohokeun, R. Aria Bratadiwijaya, sastra Sunda téh geus kawilang luhur kamekaranana (“en de in vergetelheid geraakte Patih van Mangoenredja, R. Aria Bratadiwidjaja leefden, de Soendaneesche letterkunde reeds op een vrij hoogen trap van ontwikkeling stond”).
Ari pangna Bratadiwijaya dianggap bujangga Sunda nu leuwih moyan batan Muhamad Musa ku Méméd, lantaran gaya basana anggun, pilihan kecapna merenah, jero jugjugan rarasaanana (“R. Aria Bratadiwidjaja, heeft stellig den titel van Boedjangga verdiend, want algemeen wordt van hem gezegd, dat hij in sierlijkheid van stijl, in juistheid van woordkeus en in diepte van gevoel de meerdere is van den vermaarden Pangoeloe”). Sakali deui Méméd negeskeun yén munasabah pisan saupama Bratadiwijaya dianggap bujangga, lantaran puisina nyumiratkeun kaéndahan jeung némbongkeun jerona pangjugjugan rasa (“Met recht wordt Patih Bratadiwidjaja dan ook Boedjangga Soenda genoemd, want uit zijn dichtwerk straalt niet alleen schoonheid, doch ook diepzinnigheid”).
Ngan cenah, salian ti odeu keur Holle nu dimuat dina Mitra noe Tani jilid XIII, réa karya Bratadiwidjaja nu laleungitan. Karyana nu dipikanyaho téh ngan guguritan Pépéling nu réana 46 pada sarta ditulis dina pupuh Asmarandana. Maksud Méméd nyutat tilu pada guguritan Pépéling atawa Woelang Weweling dina karanganana nyaéta pikeun némbongkeun yén pamanggih nu nyebutkeun puisi atawa prosa Sunda teu boga ajén sastra téh méncog pisan.
Salian Méméd, E.M. Dachlan mindo ngamuat guguritan Asmarandana Lahir Batin dina rubrik “Leleson Dinten Minggoe” dina koran Sipatahoenan kalawan sababaraha kali muat. Sakumaha nu kapanggih dina Sipatahoenan édisi 12 Januari 1935, E.M. Dachlan méré katerangan yén Asmarandana Lahir Batin téh “Warisan Djrg. R. Bratadiwidjaja, Patih Mangoenredja marhoem”. Kitu deui dina rubrik “Ti Para Sandak” (Sinar Pasoendan, 27 Juni 1935), Etjle, nu purah tunggu rubrikna, sabada maca jeung ngamuat guguritan Kadoehoeng Tara Ti Heula, Roemasa Awak téh Hina beunang Siti Djam’ah urang Banjaran (25-6-’35) nyebutkeun “Etjle oge rék miwoelang, noetoer pitoetoer loeloehoer, Arja Bratadiwidjaja”.
Ceuk Etjle, sarua jeung nu disebutkeun ku Méméd, “Arja Mangoenredja Patih, noe kontjara binatara, boedjangga Soenda noe sohor, rinengge sekar kasmaran, sanadjan ngan sapada, tatapi eusina djetoe, moelja lamoen dilenjepan!”
Sakitu baé heula hunyudan katerangan beunang ngundeur tina koran-koran jeung pustaka lawas séjénna téh. Nya paling henteu, ku ieu tulisan urang jadi taram-taram mikawanoh Radén Aria Bratadiwijaya, nu ceuk Méméd mah dina taun 1929 ogé geus kapopohokeun. Sok komo ari kana karyana mah, nu ngan kapanggih hiji, nyaéta guguritan Asmarandana Lahir Batin téa.
ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Nulis artikel dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung.
0 Komentar