![]() |
Korsi Roda. AI Image. |
Sora anu ngajerit kadéngé ti toilét panungtung, toilét disabilitas. Toilét kantor dinas pendidikan téh ngajajar aya lima rohang. Dua rohang toilét lalaki, dua rohang keur awéwé, sarohang deui husus keur disabilitas. Sarkam anu keur ngahihidan awak ku dudukuy samak nuuskeun késang bari ngareureuhkeun tuur balas kukurilingan luak-lieuk. Euweuh saurang nu lian iwal manéhna. Sarkam mandeg mayong. Panonna rut-rét tina panto toilét kana balon daganganana. Balon Sponge Bob konéng hideung nyengir siga ngaléléwé.
Anu ngajerit kadéngé deui. Leuwih laun semu humarurung. Sarkam nguniang. Ret-ret balon ditalian dihijikeun. Gidig Sarkam ngadeukeutan toilét nyekelan balon bari culang-cileung.
“Saha di jero? Ku naon?” Sarkam neuteup seukeut kana panto.
“Abdi, tijalikeuh.” Sidik sora awéwé, pantesna téh bari muringis.
“Buka atuh selot pantona!”
“Teu tiasa, teu kadongkang. Abdina ngagolér teu tiasa gugah.”
“Ngésod tiasa?”
“Henteu,” ngalengis.
“Leuh, kumaha atuh? Dicokél ku rokrak? Atanapi ku payung. Nyandak payung teu?”
“Teu aya.”
Sarkam garo-garo teu ateul. Panonna ngulincer néangan régang atawa rokrak. Manggih awi sagedé cinggir meujeuhna panjang. Sup kana handapeun panto.
“Cobian cokél ku ieu!”
“Aduh!”
“Deuh, punten! Keuna kana naon?”
Teu némbal. Kadéngé kulutrak-keletrék.
“Paksakeun!”
Lumayan lila. Sarkam mereketkeun caréham.
Leungeunna rarasaeun tadi basa ngasupkeun awi. Asa dédéngéeun aduhna. Keuna kana naon, nya? Keukeuh.
Kulutrak, bray! Sarkam calangap.
“Dévi!”
Babaturan sakelas waktu Sarkam sakola di SMP téh mencrong. Nyidik-nyidik saterusna mah ngeuyeumbeu bangun anu ménta tulung. Dévi nyangsaya, awakna katindihan korsi roda. Sarkam ngaderegdeg.
“Kumahakeun?” Sarkam rada baluar-balieur. Antara ragab jeung sieun salah peta. Katambah posisi Dévi ngaliarkeun imajinasi. Dévi ranggah, Sarkam ngasongkeun leungeun. Dévi muntang, Sarkam karacam-keureuceum. Dévi ugal-ugil, Sarkam neureuy ciduh. Najan hésé béléké teu burung salamet. Dévi geus merenah dina korsi rodana disurung ka luar toilét. Bajuna baraseuh rapet nyitak awak ditu-di dieu.
“Punten, pangnyandakkeun switer dina mobil!” Dévi ngasongkeun konci.
Switer héjo nya empuk nya seungit téh diseuseup. Asa ngambung Dévi anu bogana, béntang kelas, pangintipan barudak lalaki begér anu teu boga cara nyalurkeun hormon téstostéron.
“Geuning?” Sarkam nunjuk kana korsi roda. Rénghapna maju ka rerep semu ngahanju alatan kaduhung naha switer maké waka dipaké. Asa leungiteun téténjoan.
“Nya éta awon milik abdi mah. Asam urat tinggi, ngajaul teu tiasa dierém, tos badé sataun. Padahal tedaeun dijagi, olah raga sok maksakeun. Duka atuh,” Dévi ngalengis.
“Damel di mana?” Sarkam béak piomongeun.
“Nganggur puguhan. Mung nuju diajar usaha aalitan,” Dévi imut maur. “Neraskeun bisnis papah minangkana mah.”
Sarkam seuri. Manéhna apal kumaha jugalana usaha bapana Dévi.
“Sarkam damel di mana? Nuju naon di dieu?”
“Héhé … icalan.”
“Icalan naon? Palih mana kiosna?”
Sarkam rungah-ringeuh. Kakara engeuh balonna euweuh. Luak-lieuk tatanggahan, bréh Sponge Bob jeung Upin Ipin tinggaritek diulinkeun angin. Tali rapiana ngait kana dahan tangkal flamboyan. Dévi nungkup biwir, kapireng nyikikik dipengkek.
Ngobrol sakeudeung, tunya-tanya kulawarga jeung babaturan anu inget ngaranna. Dévi amitan. Sihoréng nyetir sorangan. Mobilna geus dimodifikasi. Sanajan Sarkam kéképéhan, Dévi keukeuh. Amplop kandel dibebeskeun kana saku kaméja Sarkam.
“Ngagentosan Sponge Bob saparakanca,” cenah.
Sarkam balik ngagandeuang. Pésakna merekis. Amplop ti Dévi mahi keur résiko dapur genep bulaneun ka hareup.
“Engké deui pami lirén nguriling, istirahatna payuneun deui jamban, Kang,” ceuk Rasih pamajikanana bari ngaheuheuh basa didongéngan tuluy dipasrahan amplop téh.
“Ari nanaon téh!” Sarkam ngagebés.
Teuing kabawa ku omongan pamajikan, teuing garis nasib Sarkam kudu ngagasrik deui ka lebah dinya. Carita Sarkam papanggih jeung Dévi hareupeun toilét disabilitas kawas anu dibalénan deui, siga bolak-balik gatuk, ngagiclek deui dina titik anu maranti.
Saminggu ti amprok jeung Dévi, Sarkam panggih jeung Halim, sarua batur sakelas keur SMP. Daék samedin, Sarkam teu singna ngahaja reureuh di lebah dinya. Kawas aya tanaga gaib anu metot Sarkam sangkan nguriling tuluy nyarandé kana témbok gedong bank swasta. Pas pisan hareupeunana ngajajar toilét. Kawas di kantor dinas pendidikan, toliét disabilitas perenahna di tungtung. Halim keur culang-cileung. Moal kapalingan da Halim mah babari apalna. Buuk ngeplak bodas, ari pakulitan beungeut hideung meles. Nelah dilandih Sri Kresna ti jaman sakola kénéh. Karérét leungeun katuhuna ngagaplék lépét. Sri Kresna téh kalah ka siga Resi Dorna, tinggal digantélan tasbéh meureun, Sarkam ngagerentes. Baturna anu kungsi jeneng anggota DPRD téh culang-cileung, nunggelis di paraméan.
Geuwat Sarkam nyampeurkeun. Balonna ditalian kana pager beusi bank, tarapti.
“Sarkam?” Balélol.
“Keur naon?” Sarkam malik nanya.
“Tas ti ATM. Hayang ka cai. Jeung alo tadi mah, tapi keur ka mini markét heula. Kalah ngampleng.”
“Rék ka cai? Yu, ku urang dianteur.”
Halim dituyun dibawa ka jero. Mantan ketua OSIS anu perténtang ngritik kawijakan kepala sakola téh sasat ngeteyep apay-apayan.
“Montong ngintip!” Halim buncelik bari nyengir.
“Hadeuh! Hempék sing wareg!” Sarkam ngalieus.
Bérés ti jamban, duaan ngobrol dina bangku di jero bank.
“Minggu itu urang amprok jeung Dévi,” ceuk Sarkam.
“Baruk! Séksi kénéh, teu?”
“Watir puguh gé. Kundang korsi roda.”
“Ku naon?”
“Asam urat cenah geus ampir sataun.”
“Heueuh, ngeunah manéh, Kam. Jagjag belejag bébas ka ditu ka dieu.”
“Tapi ripuh ngagagandong Sponge Bob, ngolo-ngolo budak resep jajan cocooan. Jaba dipolototan ku indungna.”
Halim tuluy cacarita geus tara ka mamana, geus teu bisa nanaon. Kudu baé diaanteur, diurus sagala rupana ku batur.
Alona ngurunyung, Halim amitan. Lep amplop kana saku Sarkam.
“Itung-itung ngupahan nyeri haté dipolotan indungna budak nu beuki jajan cocooan,” pokna.
Saterusna ngaruntuy tepung jeung Héri, Saéful, Méli, Lilis. Sarua hareupeun toilét husus disabilitas. Babaturan anu baheula ginding gandang téh teu waralakaya katarajang panyakit parna anu ngabalukarkeun awakna teu normal. Butuh bantuan sakadar perkara ka pacilingan ogé. Sarua maruji ka Sarkam.
“Alus milik manéh mah,” ceuk Héri.
“Naon jampéna?” ceuk Saéful.
“Mani hayang siga didinya,” ceuk Méli.
“Cik atuh tulungan!” Lilis mah pokna bari ngalimba.
Sarua deuih sok tuluy ngareupeulan, teu beunang diulah-ulah. Anu émprak mah Rasih. Amplop karandel téh dijeujeuhkeun, disimpen bari ngimpleng-ngimpleng kira-kira rék dipaké naon.
“Urang kanggo modal, Kang. Hawatos Akang unggal dinten kukurilingan dagang balon,” pokna.
“Mahi kitu?”
“Langkung ti cekap, atuh. Cobi tingali!” Rasih némbongkeun catetan.
“Urang ngirim Ema atuh di lembur. Asa geus lila ongkoh teu ngalongok.”
Anu disebut ema téh indungna Rasih, mitoha Sarkam. Indung bapa Sarkam mah geus lila tilar dunya. Ema cicing di lemburna, rada jauh, béda kacamatan.
Isukna rebun-rebun Sarkam jeung Rasih miang. Mawa béas sakarung, lauk asin, kuéh kaléng jeung emih instan sakardus, anjeucleu dina élep. Teu ku hanteu élepna mogok satengahing perjalanan. Sisi sawah anu keur sumedeng beukah, mayakpak ngampar nyambung ka lamping gunung anu punclutna siga nyundul ka alak paul. Pamandangan éndah kabina-bina. Di tengah pasawahan aya rumah makan mani badag. Mobil rupa-rupa mérek ngajajar di tempat parkir. Rumah makan téh wuwuh pikabetaheun. Modélna imah panggung, suhunan julang ngapak. Diapit susukan ngagelenggeng canémbrang hérang, luhureun balong anu saab caina ngebul ipis katojo panon poé.
Sarkam nguliat. Cudag-cideug mencrong ka lebah rumah makan. Bréh téh Dévi, Héri, Saéful, Méli jeung Lilis keur saridéngdang. Tepak toél suka bungah seuseurian. Teu nyangsaya dina korsi roda, teu ngagaplék lépét, teu ményon, teu balélol, teu péngkor. ***
0 Komentar