Nagri Tirakat - Lan Ting-yuan

 

The Chinese and Gautama Buddha. AI Image.

Panganteur ti Rédaksi:

Dina édisi Juli ayeuna, Cacandran midangkeun deui carita tarjamahan tina sastra Cina klasik. Judulna dina basa Inggris nyaéta “Hungerland”. Judul aslina dina basa Cina henteu kapaluruh. Ieu carita milu dimuatkeun dina buku Stories of Old China (1958), meunang narjamahkeun Dr. W.W. Yén. 

Ngeunaan pangarangna ukur saeutik anu kaungkab. Lan Ting-yuan (atawa Lan Ding Yuan) lahir sabudeureun taun 1680, maotna taun 1733. Salian ti nulis rupa-rupa karangan, kungsi jadi pajabat daérah dina jaman Dinasti Manchu. 



Lamun urang maca carita-carita jaman baheula, taya deui anu remen kacatur téh lian ti Nagri Gemah Ripah jeung Nagri Loh Jinawi, katut rupaning lalakon lalampahan para satria anu ngalalana ka éta nagri. Henteu réa anu apal, salian ti éta dua nagara kaceluk saenyana aya deui nagara séjén anu katelah Nagri Tirakat. Lebah hirup kumbuh, adat kabiasaan, hawa, jeung kaayaan alamna, prah baé jeung nagara-nagara séjénna. Ngan hiji anu béda téh. Rahayatna kacida ngajénanana kana martabat, kaluhungan budi, katut kamulyaan cita-cita. Nya teu matak hémeng saupama di Nagri Tirakat mah jalma luhung tur wijaksana téh teu weléh diugung-ugung. Sabalikna, ka jalma kasar atawa ka jalma munapék mah cuana moal aya.

Ratusan taun kalarung, kacaturkeun aya dua urang naléndra adi-lanceuk, nyaéta Pangéran Po Yi jeung Pangéran Su Chi, nampik susuguh kadaharan ti kaisar anu anyar diistrénan. Ti dinya duanana tuluy lunta ka Nagri Tirakat. Bet kabeneran manggih pangabetah. Malah saterusna ku rahayat di éta nagara duanana dijenengkeun raja. Sakur kawijakan nagara, kaasup nampa atawa nampik jalma-jalma anu nyaba ka éta nagara, nya Po Yi jeung Pangéran Su Chi anu boga hak mutuskeunana.

Dina hiji mangsa, nalika Kong Hu Cu sareng murid-muridna ngayakeun lalampahan ka nagri-nagri kuna, di satengahing perjalanan ti Nagri Wéi ka Nagri Chén anjeunna ngalangkung heula ka Nagri Tirakat. Ti lebah wates nagara ogé rombongan téh geus pada mapag pada ngabagéakeun. Malah dina wangkongan satuluyna, Pangéran Po Yi jeung Pangéran Su Chi satengah maksa ka pangersa Kong Hu Cu, supaya kersa dijenengkeun raja di éta nagara. Tapi ku pangersa ditolak kalayan lemes. Malar Pangéran Po Yi jeung Pangéran Su Chi henteu kuciwa atawa kasigeung haténa, antukna rombongan Kong Hu Cu mukim heula di éta nagara tujuh poé lilana. Malah saterusna murid-muridna anu kasohor, kayaning Tsengtsu jeung Tsussu, sok matuh nganjang ka Nagri Tirakat bari satengah nyamur. Aya kalana dina sabulan téh nepi ka salapan kali datang, kalan-kalan nganjrek di dinya salila dua poé, sarta lila ti lila mah jadi loma jeung dua urang pangéran anu ngokolakeun nagara.

Ari dina mangsa séjénna, aya hiji pajabat kasohor ti Nagri Chi, nyaéta Chén Chung-tse, anu keur kateumbleuhan ku rupa-rupa tuduhan, datang ka Nagri Tirakat seja ménta panyalindungan bari miharep bisa nyobat dalit jeung Pangéran. Tapi ku Po Yi tuluy diseungseurikeun bari dijejeléh, sarta saterusna diusir sina indit.

“Ka dulur sorangan gé apan sampéan mah hianat, malah téga ngantep indung katalangsara,” pokna bari seuri semu ngahina. “Kaula mah teu butuh jalma kitu patut.”

Teu sirikna beureum beungeut dipoksangkeun kitu téh, laju ngabéngbéos ngusap birit bari pinuh ku kaéra. 

Aya deui bangsawan séjénna ti Dinasti Han, nyaéta Chou Ya-fu, anu kacida mikagumna kana prinsip-prinsip kalinuhungan budi di Nagri Tirakat. Manéhna tuluy ngécagkeun jabatanana di Nagri Han, laju lumaku badarat ka Nagri Tirakat, bari haténa kebek miharep ditarima jadi tamu nagara. Tapi ti batan ngabagéakeun mah Pangéran Po Yi kalah kerung nu aya, bari pok nyarita yén Chou Ya-fu teu leuwih ti jalma biasa anu teu pantes cicing di éta nagara. Ngan ku lantaran geus kagok aya di dinya, asa teu hadé lamun manéhna tuluy diusir, nya antukna dipangnyieunkeun sasaungan di luareun gerbang kota. Tapi ku sakitu gé Chou Ya-fu asa geus kaalem. Bagjana kabina-bina.

Saterusna teu lila ti harita ka Nagri Tirakat ujug-ujug datang pajabat korup anu ngaranna Téng Tung. Sabada raja anyar diistrénan, kabéh rajakayana dibeslah ku nagara.

“Gableg kénéh beungeut silaing wawanianan datang ka dieu! Naha silaing teu apal kana kalinuhungan jeung kamulyaan ieu nagara?! Silaing rék ngahina ka kami?!” Pangéran Po Yi jeung Pangéran Su Chi ngagidir bakating ku ambek.

Duanana tuluy maréntah ka gulang-gulang supaya miceun éta jalma ka luar wates nagara, laju sina ditugel jangga ku logojo. 

Pikeun Nagri Tirakat mah éta kajadian téh lir ibarat kokotor. Antukna Pangéran Po Yi jeung Pangéran Su Chi ngondang Tao Yuan-ming, bujangga sastra anu ogé jeneng hakim adil palamarta, sangkan ngaberesihan deui cahara nagara ku kaluhuran akal budina. Tao Yuan-ming nyanggupan, malah tuluy ménta eureun tina jabatan hakimna. Sanggeus pindah ka Nagri Tirakat, manéhna nyobat dalit jeung pangéran. Ngan abong enya bujangga, angger baé tabé’atna téh tara betah cicing di hiji tempat, leuwih resep bébas bari teu kasungkeret ku kakuduan. Sawaktu-waktu manéhna sok nyaba nepungan Wang Wu-kung, sobat dalitna di séjén nagara. Nya ku Pangéran Po Yi jeung Pangéran Su Chi tuluy dima’lum, sarta lebah indit jeung datangna teu weléh dijurung tur dibagéakeun ku paroman anu soméah. 

Dina mangsa séjénna aya deui kajadian. Kaisar Wu ti Nagri Liang kabur ka Nagri Tirakat, pikeun nyingkahan babaruntakan Tumenggung Ching. Tapi ku Pangéran henteu diidanan asup ka jero kota. Bagénda Kaisar tug ka sujud di hareupeun panto gerbang sangkan dibéré panyalindungan. Pangéran Po Yi jeung Pangéran Su Chi léah haténa. Bagénda Kaisar diidinan asup. Nyawana salamet teu nepi ka ditelasan ku pasukan Tumenggung Ching.

Tapi ku ayana éta kajadian téh Pangéran Po Yi jadi ngarasa hariwang, paur lamun nagarana dijieun panglumpatan ku jalma-jalma korban intrik pulitik katut anu kuciwa ku perkara dunya barana. Antukna Pangéran ngayakeun gempungan jeung sakabéh rahayat, tuluy ngarobah aturan narima sémah ku cara nyieun sarat-sarat anyar anu leuwih beurat, sarta ngutus pirang mata-mata pikeun nalingakeun sakur jalan liliwatan ka jero nagara. Saupama anu nganjang téh para pandita, jalma wijaksana, pahlawan jeung kaom sinatria, anak anu babakti ka kolotna, menteri anu satia ka rajana, atawa jalma-jalma jujur tur linuhung, kabéhanana dibagéakeun bari kacida dihormatna. Tapi lamun anu datang téh jalma jahat, saméméh anjog ka lebah gerbang kota ogé geus ditelasan mantén. Jalma-jalma beunghar teu boga adab katut para buronan pulitik anu datangna téh bari semu éra atawa anu sama sakali teu boga kaéra, langsung diusir sapajodogan.

Tapi sanajan geus aya aturan anyar, ti poé ka poé jalma-jalma anu daratang ka Nagri Tirakat téh mutuh beuki ngabrul. Sok padahal antara anu ditolak jeung anu diidinan asup ka jero kota téh sarua lobana. Jalma-jalma anu diidinan asup saterusna dibagéakeun sarta diwenangkeun liar di jero kota. Tapi anu dibéré kabébasan kawas kitu téh ti unggal-unggal jaman atawa dinasti bisa disebut ukur saeutik, upamana baé Han Yu ti Dinasti Tang jeung Lu Méng-chéng katut Fan Chung-yén ti Dinasti Sung. Ari kaom sarjana jeung jalma-jalma palinter ti jaman modéren mah méh luput pisan taya anu diidinan asup ka Nagri Tirakat.

Sakali mangsa mah kungsi aya ki sobat, nyaéta Wang Yuéh-fu, anu kaparengkeun bisa asup ka Nagri Tirakat, tuluy ngadongéngkeun kumaha éndah jeung pikabetaheunana éta nagara, anu majar moal kahontal ku panon jalma-jalma rendah. Meunang carita kitu ti manéhna, kuring teu ujug-ujug percaya. Tapi saterusna kuring jeung manéhna miang babarengan ka Nagri Tirakat. Beu, jalanna ogé nya tarahal nya nanjak, mutuh matak pasiksak awak. Tapi ari dibarengan ku katigin mah teu burung nepi. Ana bréh, bet asa asup ka alam séjén. Sugrining anu katempo éstuning matak kelar matak pangling. Gunung anu umpak-umpakan, dano anu makplak satungtung deuleu, katut rahayatna anu sok sanajan paromanna daria tapi teu leungit kelir soméahna, sarta saeutik gé teu nyampak pasipatan resep ngawilah-wilah jalma, boh antara nu masakat jeung nu beunghar, boh antara cacah jeung ménak. Panonpoé, bulan, jeung béntang asa leuwih gancang majuna, sarta dunya gé asa leuwih kerep muterna. Lamun keur nangtung di mumunggang, nempo para raja, menteri, jeung bangsawan nagara téh asa teu leuwih ti nempo sireum. Kitu deui nalika nyérangkeun jalma-jalma anu resep nganteur hawa napsuna ku arak mahal sarta kalalanjoanan ngajejel-jejelkeun kadaharan ngareunah kana beuteungna tug ka leungit rasa kamanusaanana, ti batan panas kabita mah bet kalah karunya nu aya.

Kawilang panjang kuring ngawangkong jeung Pangéran Po Yi katut Pangéran Su Chi téh. Duanana tuluy medar sajarah Nagri Tirakat bari nataan saha waé inohong kasohor anu kungsi datang ka dinya, kaasup di antarana Kaisar Shun Agung jeung réa nagarawan kawentar séjénna. Dina pamungkas carita duanana nyindekkeun, yén sakur jalma anu ku Langit ditimbalan takdir mancén tugas nagara, kabéh ogé kudu nyiar heula luang pangalaman ka Nagri Tirakat, sangkan masagi kajembaran budi jeung kaluhungan élmuna. Kuring ukur imut, ngarasa cangcaya kana benerna éta anggapan. 

Tapi teu ngabibisani, kalah kumaha baé ogé kuring nganuhunkeun ka duanana ku lantaran kuring kaasup jalma anu ditarima, sarta ti harita kuring sorangan jadi larbek ka éta nagara, tara waka balik saméméh tukeur pikiran jeung Pangéran, nepi ka kabéhanana ngarasa sugema. Kana sikep wijaksanana anu luar biasa, kuring enya-enya ngajénan sarta kacida mihormatna.

Pamungkas, ka sakur kanca mitra para sarjana, kaom bangsawan jeung nagarawan, sarta anu ngarasa miboga kaluhungan akal jeung kajembaran panalar, kuring seja umajak sangkan enya-enya napakuran ieu carita, sarta nataharkeun diri pikeun nalungtik leuwih jero ngeunaan rupaning kaistiméwaan Nagri Tirakat. 


Posting Komentar

0 Komentar