Nadah sakeclak hikmah
tina salodong lahang.
Ninggur peueut hirup
tina sadapuran kawung.
tina sadapuran kawung.
Nyadap sadapan nyawa,
nété sigay muru sawarga.
nété sigay muru sawarga.
2025
ARIEL TATUM DINA SACANGKIR KAPAL API
ARIEL TATUM DINA SACANGKIR KAPAL API
Kapal nu balayar dina sacangkir kopi,
geus kalebuh lebah umpalan pikir.
Biwir cangkir nu dileguk, lir basisir
nu melengkung, gugup diambung rusiah.
Waktu ngarandeg lir muara nu dibendung,
mangsa iklan sumulusup dina keteg jajantung.
Dina méja mahoni, aya bubuk kopi nu hambur,
kawas sésa sajarah Adrian Van Ommen.
mangsa iklan sumulusup dina keteg jajantung.
Dina méja mahoni, aya bubuk kopi nu hambur,
kawas sésa sajarah Adrian Van Ommen.
“Taun 1696, sirung kopi renung ku usum.
Di mana Ariel Tatum?”
Karungu pananya nu sangsi,
namper dina dedek wanci.
Di mana Ariel Tatum?”
Karungu pananya nu sangsi,
namper dina dedek wanci.
2025
ANGEUN BATU PENINAH BAHATI KITSAO
Handapeun bulan Mombasa,
Peninah terus ngaduk angeun batu
di kota nu leungiteun leungeun.
Peninah terus ngaduk angeun batu
di kota nu leungiteun leungeun.
“Kami nyiptakeun sajarah nu kadua.”
Saméméh ngageubra, di juru kamar,
cimata jeung rasa lapar dalapan anak
sakadar dijawab ku saséndok sabar.
cimata jeung rasa lapar dalapan anak
sakadar dijawab ku saséndok sabar.
Manéhna ngimpi, gapura gading
disipuh lukut, marékplékan lalaunan,
kawas kulit kota nu ngarangrangan.
disipuh lukut, marékplékan lalaunan,
kawas kulit kota nu ngarangrangan.
Handapeun bulan Mombasa,
pamatuk peuting macokan kota,
tapi manusa taya nu nyarita.
pamatuk peuting macokan kota,
tapi manusa taya nu nyarita.
2025
SAKEUREUT ROTI
SAKEUREUT ROTI
Lebah istal nu samar, tapak ladam
Rocinante bet kawas hurup “D” jeung “U”,
ngawangun kecap “Dulcinea”
Rocinante bet kawas hurup “D” jeung “U”,
ngawangun kecap “Dulcinea”
“Dulcinea, kasabaran lir kembang samangka
nu ngarambat dina pager kawat.”
Cahaya pastél mulas kebon gandum,
tapi tenung jadi mantéga nu liket
dina sakeureut roti majnun.
tapi tenung jadi mantéga nu liket
dina sakeureut roti majnun.
Sancho Panza nyarita,
manéhna kungsi ningali hiji lalaki,
jajantungna batu, matana kasumba.
manéhna kungsi ningali hiji lalaki,
jajantungna batu, matana kasumba.
Sakali deui Sancho Panza nyarita,
“Don Quixote, cinta atawa ngimpi
sakadar delusi di langit kirmizi.”
2025
PRAYOGA ADIWISASTRA, lahir di Purwakarta, 18 Januari 1992. Alumni Jurusan Basa Sunda UPI Bandung. Nulis pangpangna dina wangun sajak, carpon, jeung éséy. Dimuat dina majalah Manglé, tabloid Galura, jeung koran Pikiran Rakyat. Ayeuna cekel gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 2 Sukatani, Purwakarta.
0 Komentar