![]() |
Women in Pink. AI Image. |
Beuki lila, manéhna beuki ngarasa gegebegan. Horéam nyanghareupanana, padahal tetep kudu dilakonan. Sok sanajan dibangbalérkeun, angger haténa teu tingtrim.
Mun wenang, manéhna hayang mundurkeun wanci. Betah, betah kénéh hirup dina kamulyaan nu meunang kuru cileuh kentél peujit. Tisusut tidungdung néangan jalan sangkan kulawargana aya dina karaharjaan. Enya, apanan pangna bisa kieu téh meunang matéakeun salakina nu tihothat béak karep. Sakapeung nandonkeun jati dirina, bari notorékeun manéh. Enya, nyucud! Loba nu ngomong, pajar téh tunggul dirarud catang dirumpak. Salakina teu galideur ku nu ngajarebéngan, nu ngagorah nepi ka ngabudah. Komo sindir sampir malipir mah, teu ieuh dipikir. Bener-bener kudu kandel jejebir! Wayahna meungpeun carang.
Rét, kana almenak, cua! Hayang ngajejewét nepi ka rajét. Dua minggu deui, manéhna kudu ninggalkeun ieu tempat. Ninggalkeun rohang demi rohang nu neundeun réwuan katineung. Ninggalkeun taman nu asri, para badéga, juru ladén. Bener, manéhna téh praméswari nu nyakrawati di ieu kaputrén.
Boa isuk jaganing géto mah moal aya nu dagdag-dégdég mangmawakeun kantong bari ngiclik tukangeun. Mun masamoan, moal aya nu tuturubun ngabagéakeun. Kabéh teu weléh hormat, manggut, ajrih. Sakapeung maké jeung kokompodan sagala. Manéhna ngagerentes.
Ayeuna geus waktuna. Manéhna élékésékéng, jiga ucing kaduruk buntut. Moal poho nepi ka iraha ogé. Harita basa salakina karék diistrénan, bari biwir ngaliwey semu ngahampas, Ibu Sepuh nyarita, “Omat, tong poho di purwadaksi, teu kudu bur-bér hayang katangar. Omongan dijaga, ati-ati tur nastiti! Inget, pangna bisa kieu téh, saha nu boga jasa? Kabéh gé ngaliwatan didieu!” cenah bari nepak dada.
Hirupna asa kajiret, katalikung hutang budi nu ngukuntit diri. Asa dikokop téh lain bohong, nyerina liwat saking. Mun pareng adu hareupan di pasamoan, sasalaman téh karasana tamba henteu teuing, da riuk pasémonna gé datar. Taya soméah béar marahmay, ngarérét ukur ku juru panon. Peurih, Gusti ...! Alah batan dipaut hinis, asa disapirakeun!
“Bu, saur Séspri Andhika, lima puluh lima menit deui kedah tos siap. Ciosna nganggo cindung atanapi badé disanggul?” Noni, juru rias manéhna, meuraykeun lamunan.
“Dicindung wé, nu pulas kayas, améh mawa hégar. Sabenerna teu parurun ieu téh. Dalah dikumaha, paturay tineung kudu dipungkas pinuh kaludeung,” pokna halon.
Sapuluh taun nyicingan ieu kamar, geus apal sagalana. Teuteupna eunteup ‘na angkrék bulan léopard. “Geulis, tapi gagah angkrék téh. Uing bisa jiga manéh, kitu?” cenah bari rumahuh.
“Aya nu kirang, Bu? Panitih rantayna cios nganggo nu ieu?” Noni némbongkeun kaparigelanana mapantes Bu Ageung. Kitu biasana disebut ku para pagawéna. Ari ku incu jeung barudakna, ditelahna téh Éyang Putri.
“Ganti ku nu mata rubi mérah darah merpati! Pokona poé ieu Ibu hayang katingali gonjréng. Noni, ieu bulu mata palsuna asa ipis teuing,” pokna bari ngadeukeutkeun panon kana eunteung.
“Mangga, Bu. Urang gentos ku nu langkung dramatis, d curl.” Getapan, abong ahlina.
Teu jiga biasana Bu Ageung hayang midang leuwih gandang. Biasana dangdananana sederhana, deukeut ka sahinasna. Pédah geus waktuna manjing lekasan kitu? Meureunan, dina poé-poé panungtung, hayang némbongkeun saha sajatina diri manéhna! Noni ngagerentes.
Ibu Ageung nangtung, memener lépé samping batik tulis sogan wahyu tumurun. Dangdan dikabaya lengkep jiga kieu téh, nu kagenep kalina. Munggaran, basa manéhna réndéngan. Terus basa ngadahupkeun tilu kadeudeuhna, pelantikan, jeung ayeuna.
Kabaya brukat bulao langit mungkus awakna nu sedengan. Pendék henteu, jangkung henteu. Salindang pulas kayas sahéab, selopna buludru, sasetél jeung kantong pulas kayas magénta. Nambahan sieup, tegep!
“Gusti ..., pasihan abdi kakiatan!” gumerendeng. Leungeunna menerkeun cindung nu ngadadak ngalogoran lebah beuheungna. Noni surti, geuwat dibebener. Katémbong rapih deui.
Hareupeun eunteung, aya tangtungan hiji wanoja kolot kalapa. Wanoja nu ditakdirkeun jadi buah ati hiji pangagung. Sapuluh taun diugung-ugung, dipigandrung kawula alit nepi ka nanjung.
“Noni, ieu panon ibu katingalina asa ceuleuyeu jeung kumpeu kieu. Cik, tambahan sédow beureum tambaga saulas mah. Baé rada ménor ogé, ah! Ongkoh euweuh Ibu Sepuh ieuh, no problémo!” kituna téh bari seuri leutik.
“Hapunten anu kasuhun, Bu, atos cekap sanggem abdi mah, bilih medok teuing. Engké awon upami kasorot kaméra.”
“Enya, kétah. Bisi dibuli deui ku para nétisen. Naha maranéhna téh déwa, kitu? Nyacampah batur téh sangeunahna. Ké, kumpeu ceuleuyeu mah perbawa haté nu marojéngja meureunan, nya?” malik neuteup Noni. Nu diteuteup ukur seuri maur, asa ngahelas ningali Ibu Ageung ayeuna. Kajeun diteger-teger gé, moal beunang disumputkeun kaguligahna. Kahariwangna nyanghareupan harénghéngna ieu nagri beuki rosa. Noni apal luar jerona dununganana. Indung nu béak dengkak jadi taméng anak-anakna. Puasa naon waé dilakonan, ditambah mati geni keur hurip jeung hirupna barudak.
“Noni, hampura ibu, nya! Sok bahé carék, mindeng néngtéréwélang, bentik curuk balas nunjuk capétang balas miwarang.” Panonna halimunan. Noni ngaranggeum leungeun Ibu Ageung, ngok diambung. Ngan sakitu-kituna, taya kecap nu kedal.
“Ibu, diantos ku Bapa di payun!” Mayor Asni ngiberan.
Bari rada kalékéd, manéhna bijil ti kamar. Séspri Andhika geus nyampak. Song mikeun kertas.
“Bilih ngadadak aya nu miwarang salira biantara, abdi tos ngadamel konsépna. Dina mobil tiasa diaos heula. Upami aya nu kirang, mangga ditambihan waé. Tetep séhat sareng sumanget nya, Bu!”
Di hareup, geus ngabagug mobil nu rék mawa Ibu Ageung muru ka Senayan. Salakina geus aya di jero. Roman kaguligah atra kagambar. “Béhna mah sarua jeung uing geuning,” gerendengna.
Mayor Asni rikat mukakeun panto mobil. Paneuteup salakina ngoétan rasa. Handapeun panonna aya tanda ngaguliweng semu hideung. “Moal beunang dipaling, pasti sapeupeuting gulinggasahan teu daék ngerejep,” gumerentes. Sakedapan taya nu nyoara, anteng dina lamunan séwang-séwangan.
Walk away, and live
A life thats full with no regrat
Dont look back at me
Just tray to forget
Why build a dream that cannot come true
So be strong, Rich the stars now
Walk away walk on
Matt Monroe ngéngklokan karungsing maranéhanana.
“Sakeudeung deui nepi. Omat ulah némbongkeun lara brangta. Kudu bisa nahan, ronjatkeun ajén diri!” salakina ngaharéwos.
Diiring ku Mayor Asni jeung Sespri Andhika, Ibu Ageung milang léngkah. Leumpangna alon, rintih. Sora selopna silih témpas jeung dag-dig-dug sora jajantungna. Batinna norowéco, “Di Gedung Nusantara ieu, uing rék mungkas adegan. Geus tamat geuning lalakon téh. Tapi moal rék leungiteun udagan!”
Acara sérémonial lekasan. Aya rasa pagaliwota. Kasedih, kabungah, jeung kareueus dalit ngahiji.
Manéhna nyeungceum angkeuhan dina galindengna hariring hiji indung. Sugan jeung sugan tuturus nu ditancebkeun jadi tempat ngarambat petétan, malah mandar kaala hasilna.
Piligenti nu ngawilujengkeun, rangkul pageuh ngudarkeun kabéh bangbaluh. Imutna, teuteupna, ngemu sagala carita. Satékah polah neger-neger manéh sangkan cimata henteu bedah.
Rentang-rentang nyampeurkeun Soratés, incu kameumeutna. Didangdanan nyeta-nyeta putra mahkota Koréa. Nangkeup bonéka gedé, laju ngadeukeutan, “Héy, Éyang Putri ...! Éyang kesayangan Atés, love you!” Leungeunna ranggah. Pluk, bonéka la baba ragrag. “Pupu papa ..., pupu papa ...!” disada nyakakak.
Para tamu nu aya mésem, kagugu. Laju silih rérét, ngoréhan jawaban. Salila ieu, nu jadi ganjelan jeung kahareneg pasuliwer dina pikir jeung tanya.
Sidoarum, Yogyakarta Nopémber 2024
NÉNA CUNARA, pituin urang Ciwidéy. Gumelar ka alam dunya di Bandung genep puluh genep taun kalarung. Kiwari bumén-bumén di Yogyakarta. Sababaraha karanganana midang dina Galamédia, Manglé, Pikiran Rakyat, jeung ayobandung.com. Bukuna anu geus medal kumpulan fiksimini basa Sunda Nyai Gonjing, jeung antologi sajak Sora ti Puseur Kahéman.
0 Komentar