Sumerah Budah - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

 

Panon. AI Image.



SUMERAH BUDAH

Diri sakeclak cai lebahing mili wanci
Nu hayang tujul tinemu jeung sagara
Téga nilar sungapan mapay walungan
Luas mikancang riak nyorang gulidag 

Ari paniatan téh genclangna girang
Sing hérang-hérang rasa mikambang 
Sedeng pangrobéda téh kiruhna hilir
Sing malibir-malipir pikir sumingkir

Saparat leuleuy-tarik nunutur kamalir
Geuningan teu kateguh helabna takdir
Kapegat ulekan kabéngbat umpalan
Kabawa séah caah jeung sarah jaman

Mun téa kasoran méméh anjog muara
Wowotan wayah teu pinanggih sagara
Kudu bibilasan mikeun sakujur keclak
Sanajan nu nyésa kari sumerah budah 

2019





PITAPAK RIAK

Pamiangan kapan kebat cai nu manjang
Ngangkleungkeun ketak dina pitapak riak
Dina halon lumakon dina séah lumampah
Dina ngalarung jeung dilarungkeun waktu

Nasib nu suni sakapeung muni jero leuwi
Atawa lana ngaraas kadar saban babantar
Mikeukeuh ngawasa girang jeung landeuh
Geuning ngababandang sakur nu euweuh

Pangbalikan kapan rasiah niskala gulidag
Ngoléabkeun polah dina umpalan sadrah
Taya léok jeung ulekan nu bisa dipungkir
Usik-malik gumilir saparat kamalir takdir

Tepung muara bet micangcam huluwotan
Angkanan mulang ngadongkang genclang 
Tapi patékadan lawas kajaraman jaman
Ngaléngléong dina réka perdaya mangsa

2019





UJUNG PANANJUNG

Ahirna ngaligincing ka ujung pananjung
Kalunta-lunta nyusud kiblat panungtung
Wuri-wuri hayang mulang ka huluwotan
Kapengkuhan gati dikakaya guruh laut

Geuningan impian nu lawas diguratkeun 
Mungkas lita diséblok salantisan lambak
Bongan lawas ngamomoré rohman-rohim
Raga nganiaya sukma nu lana kagunasika

Ngijir kayakinan baris ngamalir ka hilir 
Tapi kokotor kalah ngiruhan ka girang
Raga ngadigjaya sukma nawu kateudaya
Sasar pangjugjugan samar pangsujudan

Sakaparan-paran nyungsi sajatining suci
Sésa harepan kari heruk sukma di basisir 
Raga nu majar jamuga ngambah mangsa
Ukur sasiki keusik dina amparan kikisik

2019





PURA SAGARA

Sagara teuing ku sadrah jadi ambahan
Pamayang turun-unggah saban mangsa
Lumampar balayar ngajejengkar kadar
Ngamudikeun harepan nu teu suda-suda

Ngalilita saban lidig nasib dina kikisik
Mupus saban lacak tapak kalunta-lunta
Nuluk saban nu balabuh jeung kalebuh
Sapapanjang pasang-surud galura hirup

Sagara teuing ku jembar jadi amparan
Ruruntuk parahu ngababatang bagang
Bangkarak jukung-jukung burakrakan
Dina héman réma ombak jeung lambak

Sagara wujud pura angin hiur-limbung
Pasini cai lawungna asih basisir-muara
Kalawan iklas kiruh dijadikeun genyas
Laju halon nyéka lalakon nu katambias

2019





KELIR BASISIR

Kaagungan gumiwang maha warna
Patepungna tirakat cai jeung cahaya
Takbir lawas muni basisir nela sagara 
Kamayangan saban séah jeung galura

Langgeng jadi marakbak pangsujudan
Keur kasatuhuan matapoé jeung bulan 
Turta talkin angin ngadawamkeun hiur
Dina arakan méga dina riakan lambak

Kaagungan sinangling jatining kelir
Sapapanjang beurang guluburna paul
Sapaparat peuting ngempurna bungur
Dina bulak ombak dina guruh tanjung

Kapanggeran ngan sagara nu miboga
Kajejeman ngan karang nu mibanda
Wirid hibar balébat dikir gebur layung
Narawangan saban medal jeung surup

2019





KUNGKUNG JUKUNG

Maranéhna tanggohna jiwa-jiwa laut
Na gumilap lambak na gurilap ombak
Nalukkeun teluk meruhkeun tanjung 
Pati gumulung sakungkung jukung 

Nyawang langit neguh rasiah alam
Neuteup cai norah nu bakal tumiba
Ngubek arug hirup nu tilem-timbul
Neuleuman nasib ti usum ka usum

Maranéhna teuasna jiwa-jiwa karang
Na bedas jajatén na gangas papastén
Dipuraga samudra dipergasa mangsa
Lawas dibuntang-banting angin barat 

Negarkeun jukung ku teger kayakinan
Pantrang nilar kamudi najan katambias
Najan rangsak layar najan ajur jangkar
Najan hanjat-turun saukur mapag kala

2019






ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di Cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon. Dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016), kumpulan fiksimini Hégak (2017), kumpulan sajak Kalangkang Ringkang (2021), jeung kumpulan sajak Urat Jagat (2025). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN Jatinangor. Matuh di Tanjungsari.

Posting Komentar

0 Komentar