![]() |
Joker. AI Image. |
Agustus. Agustusan di mamana. Arak-arakan di mamana. Panggung hiburan jlug-jleg mintonkeun rupa-rupa kamonésan. Agustus. Agustusan hajat saréréa. Ari Agus kalah ngahuhuleng wé hareupeun imahna. Anteng ningali kélébét bandéra.
“Henjung ka lapang, Gus! Tuh, keur meumeujeuhna ramé! Ké soré mah béjana ngobéng di balong Mang Kasja! Tilu kintal! Asal daék ancrub! Maenya teu meunang hiji-hiji acan jang beuleumeun.” Ma Erum ngajanteng lebah lawang panto imah bari tutunjuk ka palebah lapang. Agus ukur ngarérét. Malaweung. Rét deui wé kana bandéra. Ma Erum tiban gogodeg. Kalumaneun ningali incuna kitu peta. Hariwangeun pangpangna mah. Bet teu guyub jeung batur. Mulan-malén indit sakola ka kota, ari sakalina mulang kalah remen hulang-huleng.
“Kumaha ari bajoangna pahlawan téh, Nin?” ceuk Agus bari angger neuteup nu lépét lebah pucuk tihang, angin duka ka mana léosna.
“Na, ari manéh. Nu kitu mah ayana dina buku sajarah! Sajarah! Atawa dina dongéng aki manéh. Jung geura ka aki manéh. Éh, geus euweuh aki manéhna ogé. Geus ka makam acan? Menggeus ah, sok nénéangan nu geus areuweuh.” Ma Erum nu rék kaluar pisan aralna téh jol milu ngalamun. Jarauh panineungan.
“Maenya ayeuna euweuh nu bajoang, Nin, euweuh pahlawan?” Agus ngomongna bari tungkul, bangun nu uleng.
“Ah, lieur manéh mah, Agus. Sakola luhur ka kota téh kalah ngalilieur. Asa mending ulah balik ka lembur ari rék ngalilieur mah. Jung wé paluruh ku sorangan. Tuh, di lapang geura, loba pahlawan. Pahlawan balap karung, pahlawan naék jambe, pahlawan balap kaléci, pahlawan méngbal daster …,” Ma Erum ngocoblak sorangan bari asup ka jero imah.
Agus tanggah, belenyéh nyéréngéh sorangan. Rét ka jero imah, kadéngé kénéh sora ninina kutuk gendeng kapapanjangan. Agus ngarénghap jero. Jung nangtung. Leumpang lalaunan muru ka palebah lapang. Nuturkeun panuduh curuk ninina.
Angin tingkulisik dina dangdaunan, laju ngagelebug. Bandéra ngélébét deui dina saban tihangna, kitu ogé umbul-umbul anu ngajajar kénca katuhueun jalan. Agus leumpang bangun bari ngitung bandéra, ngitung umbul-umbul. Reg lebah pertélon, lempeng ka lapang, méngkol ngénca ka makam. Acan gé nangtukeun léngkah, jol aya motor digerung-gerung tuluy eureun megat pileumpangeunana.
“Ilaing geuning, Gus. Teu nyangka aya di lembur!”
“Jih, Dirga! Heueuh, mungpung libur kuliah, sono ka Nini,” témbal Agus bari mencrong nu méh poporongos. Pantaranana, mamaké jas almamater kampus. Gaya, sirah dibengker beureum-bodas.
“Kabeneran atuh. Hayu milu!” Dirga gentak méngkolkeun motor.
“Ka mana? Ka kampus ilaing? Rék nanaeunan?” Agus riukna bangun horéam.
“Agus, Agus! Ilaing kumaha? Sakitu kuliah di kota! Démo! Kaayaan nagara urang keur riweuh. Pajabat mimiti teu aréling, poho ka rahayat. Ké beurang di dieu gé rék aya démo ka Polrés jeung DPRD,” Dirga tambah morongos, panonna semu beureum.
“Atuh moal milu balap karung jeung ngobéng ari kitu mah?” ceuk Agus masih ngajanteng, beuki telik nyidik-nyidik nu hantem ngagerung-gerung motor.
“Mahasiswa kudu bajoang jang rahayat, Gus! Hayuuuu!” Dirga metot leungeun Agus semu maksa.
“Bajoang?” sora Agus laun. Sora nu éléh ku sora knalpot. Teu lila Agus nurut, clak kana motor. Gerung … gerung. Belesur ninggalkeun lembur Goropak. Sapanjang jalan Agus méh peureum bari nangkeup tipepereket. Dirga ngebut.
Bray Agus beunta. Alun-alun Kawali. Cekiiit! Dirga ngerém ngadadak. Méngkol, asup ka alun-alun. Laun mapayan roda anu daragang. Reg hareupeun tukang kembang api.
“Ato!” Agus méh ngagorowok barang nénjo anu dagangna.
“Euleuh, Agus! Ka mana waé urang kota téh, mani ngampleng tara mulang ka lembur? Milu atuh uing ka kota, Gus!” Ato sarua atohna, malah mah semu anu rék ngarontok mun teu kaburu dipegat ku Dirga. Dirga jeung Ato rusuh ka jero jongko.
Agus ningalian sabudeureun. Nu daragang sawaréh mah tingharuleng taya nu jajan, sawaréh pakepuk ngaladangan. Di jero alun-alun, barudak leutik arulin momobilan, nguseup, ngagambar. Kolotna aranteng ngoprék hapé. Popotoan. Lebah wadah runtah, aya nu keur kokoréh milihan runtah nu tuluy diasupkeun kana karung bekelna. Aya nu bari mamawa budak bolon ololého. Panon budakna rét deui-rét deui kana cocooan jeung kaulinan nu neba di mamana. Panonna bangun kabita, panonna cumalimba.
“Ripuh hirup di lembur mah. Tapi da kumaha deui, dileukeunan wé,” Ato jol ngaheruk sabot Dirga geus clak deui kana motor, katénjo mawa ransel ayeuna mah.
“Tenang, To. Mahasiswa keur bajoang jang rahayat,” Dirga morongos deui waé bari ngacungkeun peureup. Ato ngarérét ka Agus, méré isarah ku leungeun nyapertikeun anu nginum tuluy curuk napel kana tarang. Agus tibang nyéréngéh. Gugupay méméh motor ngabelesur deui.
Agus tipepereket peureum, tapi kalah bréh beungeut Ato, beungeut anu ngoréhan runtah. Beungeut-beungeut anu bangun ripuh jeung nandangan tunggara. Beungeut anu sapopoé bajoang jang kulawargana. Bajoang! Babakti! Gerentes Agus.
Bray deui geus Buniseuri. Macét. Dirga sésélékét. Horéng aya hélaran. Arak-arakan sapanjang jalan. Ayeuh-ayeuhan. Rupa-rupa kamonésan. Bebegig Sukamantri, Wayang Landung, jeung réa deui kesenian hélaran lianna. Nu lalajo noyék kénca katuhueun jalan. Rét ka nu nabeuh bedug nunutur abringan bebegig sapanjang jalan. Luut-léét nepi ka buligir, dibanjuran ku baladna. Ih, taya kacapé. Teu réngrot-réngrot. Sanajan panonpoé mimiti mentrang. Panas ti langit, panas tina aspal.
Agus nengetan réngkak paripolah anu marotah di jalan. Geus lain rusiah deui, buruh jang kasenian téh teu sabaraha, tapi maranéhna tohtohan alahbatan naon, babakti jang kasenianana. Bajoang! Agus neureuy ciduh.
Dirga gawéna ukur purungas-porongos ka saban nu ngahalangan laju motorna. Knalpot digurang-gerung. Méh-méhan aya nu ngadagor ku panakol bedug. Tapi teu burung bisa leupas ogé tina macét. Gerung. Belesur. Reup Agus peureum deui. Bruh-bréh.
Bray deui geus alun-alun Ciamis. Pareng air mancurna mancer bangun anu mapagkeun. Dirga markir motor saregna. Rusuh ngajak meuntasan alun-alun luhur. Jalma geus tinggarimbung. Dirga gancang asup kana rombongan anu maraké jas almamater, katénjo mikeun ransel ka baladna. Laju tingjorowok ngaalokan anu keur anteng orasi hareupeun gedung DPRD.
Agus misahkeun manéh, nyarandé lebah pager anu ngawates ka Masjid Agung. Nyérangkeun anu keur motah démontrasi, beuki lila beuki loba waé. Aparat katingali paciweuh. Satpol PP, pulisi, tentara, tihothat ngajagaan.
Papada bajoang! Gerentes haté Agus. Rét kana kélébét bandéra hareupeun pendopo bupati. Langit rada aleum. Sabubuhan manuk bondol hiber bangun kagareuwahkeun, rabeng siga sampur pulas hideung meuntasan alun-alun.
Peledug haseup. Gur-ger. Nu démo beuki maceuh. Batu tingbelewer. Ngangsreg ti ditu-ti dieu.
Agus bet ngarasa réa panon anu rancingeus ngintip saban nu usik di sabudeureun anu demontrasi, sabudeureun alun-alun. Rerencepan manéhna leumpang ngajauhan. Ngajanteng peuntaseun bandéra nu laun leungiteun kélébétna, bangun anu ngulahék, lépét kana tihang anu agréng.
Agus meuntas. Leuwih deukeut kana tihang bandéra. Malik ningali anu masih campuh. Haseup beuki meledug. Tééét! Sora klakson. Horéng aya élep eureun. Andalas. Supirna gugupay.
“Hayu, Gus! Montong cicing di dieu!”
“Ipan! Sugan téh saha!” Agus bet kalacat wé kana élep. Bangun kasirep, duka lamun keueung ningali nu campuh.
“Sakeudeung deui bakal loba nu ditéwak. Rusuh. Di mamana, Gus! Lain di dieu wungkul. Tingali, bangkar jalan ogé. Euweuh panumpang hiji-hiji acan.”
Agus ngahuleng. Nu bajoang téh anu mana, atuh? Anu ditéwakan atawa anu néwakan? Atawa nu pengkuh babakti dina jalanna? Anu mana sabenerna ari pahlawan téh?
“Ih, kalah ngalamun! Siga anu teu sono panggih jeung babaturan. Atawa urang kota mah kitu, hirup sorangan?” Ipan ngaguwar-giwar setir bari ngabarakatak. Agus milu seuri bangun anu ngaheueuhkeun.
Barégbég, Buniseuri, Kawali. Ipan ngocoblak ka mana-mendi. Agus ukur ngahuhuleng nempoan kélébét bandéra sapanjang jalan. Haténa galécok. Bruh-bréh beungeut Dirga, Ato, nu mulung runtah, nu nabeuh bedug, nu démo, aparat, Ipan .…
“Rék turun di mana? Sok urang anteurkeun!” Ipan noél nu uleng.
“Astana Gedé!” témbal Agus nu bangun kagareuwahkeun.
“Batur démo, agustusan. Ieu kalah arék bras ka makam. Rék naeun? Nyekar?” Ipan gogodeg.
“Maluruh pahlawan!”
Ipan ngabarakatak bari nincak gas.***
Kedungpanjang, 2025.
TONI LESMANA, lahir di Sumedang taun 1976. Nulis puisi jeung prosa dina basa Sunda jeung Indonésia. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS taun 2006, 2008, jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal dina basa Sunda nyaéta kumpulan carpon Carita Lain Caritakeuneun (2013). Ari dina basa Indonésia nyaéta Jam Malam Kota Merah (2012), Kepala-Kepala di Pekarangan (2015), Tamasya Kota Pernia (2018), Tamasya Cikaracak (2017), jeung Peta dalam Rumah (2020). Kiwari dumuk di Ciamis.
0 Komentar