![]() |
Mundinglaya ngayonan Jonggrang Kalapitung. AI Image. |
Anu pangheulana dipaluruh téh ngaran lemburna. Cenah gé, “Ia tinggal di Nagrog, Cisitu, Kecamatan Situraja. Di desa itu ada tiga orang jurupantun yaitu Ki Aceng Tamadipura, Ki Sjahri, dan Ki Ca'i, padahal di desa-desa tetangganya yang dekat tidak ada.” Kitu anu kaunggel dina buku Mundinglaya Di Kusumah, Carita Pantun Sunda (Dépdikbud, 1986), beunang nranskripsi PPP & FS. Ngan ari dina otobiografi Ajip Rosidi mah, Hidup Tanpa Ijazah (Pustaka Jaya, 2008), Ki Acéng téh disebutkeunana ti Corénda. Antara Nagrog jeung Corénda téh mémang saampar kénéh. Malah sadésa. Kaasupna Désa Situmekar. Ngan ari Cisitu mah geus ti béh ditu mula status administratifna robah jadi kacamatan.
Bisi baé nu maca teu apal, ti taun 1969 nepi ka taun 1972, Ajip Rosidi suargi kungsi ngadegkeun sarta mingpin PPP & FS (Proyék Penelitian Pantun dan Folklor Sunda). Ieu badan panalungtikan téh widang garapan utamana nyaéta ngadokuméntasikeun carita pantun kana wangun audio (rékaman). Kurang leuwih aya 30 judul carita pantun anu dirékam téh, sarta 16 di antarana ditranskripsi kana wangun tulisan. Tina hasil transkripsi sawaréh tuluy dimedalkeun jadi buku ku Dépdikbud. Upamana baé carita pantun Badak Pamalang, Lutung Leutik, Mundinglaya Di Kusumah, jeung Panggung Karaton.
Salah saurang juru pantun anu carita pantunna dirékam téh nyaéta Ki Acéng Tamadipura. Kurang leuwih aya lima judul pantun ti Ki Acéng anu dirékam ku PPP & FS. Di antarana carita pantun Sri Sadana atawa Sulanjana, Budak Manjor, Panggung Karaton, Ciung Wanara, jeung Mundinglaya di Kusumah.
Barang srog ka wewengkon Nagrog, mimiti tatanya téh ka tukang parkir di jongko Tahu Sari Alam Cisitu. Ménta dianteur ka imah RW. Anjog ka nu dituju, hanjakal keur suwung. Ukur aya pamajikanana. Bisina disaha-saha, tuluy baé sorangan nikukur, nyebut ngaran jeung pamaksudan rék tetelepék sual kasenian pantun di wewengkon Cisitu. Pangpangna nanyakeun, naha ari di Cisitu aya kénéh tukang pantun?
“Ah, sakaterang mah tos teu aya. Kapungkur mah Pa Acéng anu sok mantun téh. Saurna abdi gé. Da teu kantos tepang. Tos lami pisan maotna ogé,” témbal Wawan, tukang parkir anu nganteur.
“Putrana Pa Acéng mah aya anu jarumeneng kénéh. Aya saurang anu linggihna di Cipangrumasan. Jenenganana Unang,” ceuk Bu RW nambahan.
Sanggeusna amitan, tuluy muru ka tempat panuduhan. Kabeneran anu dituju keur nyampak. Ti dinya mah laju gunem catur.
***
Lembur Cipangrumasan téh perenahna tonggoheun jalan. Geus misah désa jeung Nagrog mah. Kaasupna ka wewengkon Désa Linggajaya, Kacamatan Cisitu. Di Cipangrumasan téh Pa Unang can lila nganjrekna, karék sawelas taun. Bubuhan lawas pisan ninggalkeun Sumedang, aya kana opat puluh taunna. Kungsi sabondoroyot bubuara di wewengkon Naringgul, Cianjur. Tuluy ngumbara ka Jakarta jeung ka Lampung.
“Pun lanceuk sareng pun adi mah ayeuna ogé masih di Naringgul. Malihan pun lanceuk mah, nyaéta Kang Umang, kantos janten kuwu Cinerang. Ari pun adi janten juru tulis di Margasari,” pokna.
Sanajan geus kurang déngé, tapi ingetanana mah kawilang seukeut kénéh. Bari ngenyot Djarum Coklat, Pa Unang tuluy ngadongéngkeun lalakon Ki Acéng Tamadipura, bapana, anu baheula kungsi jadi tukang pantun.
![]() |
Pa Unang, basa diwawancara. Foto: Cacandran. |
Sarua jeung katerangan anu nyampak dina buku wedalan Dépdikbud, Pa Unang ogé nyebutkeun yén Ki Acéng téh lahirna taun 1910. Anak ti Ki Madhapi jeung Éyang Icih. Ki Madhapi bibit buitna ti Sukawening, Garut. Ari Éyang Icih ti Cirebon. Duanana anjogna ka Cisitu téh bisa disebut ngumbara. Indung bapana Éyang Icih nyaéta Nini Tajimun jeung Aki Suma. Nini Tajimun keur ngorana kaceluk béntang ronggéng.
Ki Madhapi jeung Éyang Icih anakna bereyek aya 16 urang. Ki Acéng téh anu katilu ti handap. Keur budakna kungsi ngambeu sakola désa (Vervolgschool). Sabataé, da Ki Madhapi di Cisituna téh kaasup patani sugih. Lega sawah rayap embé domba. Ceuk katerangan dina buku Dépdikbud satuluyna, Ki Acéng téh “Pada tahun 1927-1928 ia pernah bekerja di Jakarta. Pada tahun itulah matanya menjadi buta.” Ngan ari ceuk Pa Unang mah inditna Ki Acéng ka Jakarta téh (Batavia baheula mah) bari kakaburan, lantaran ngadukeun domba bapana nepi ka potong tandukna. Lolongna ogé lain lantaran panyakit, tapi alatan teluh ganggaong.
“Pun bapa téh nikahna opat kali. Istrina anu kahiji Ma Éoh. Ti dieu mah teu kagungan putra. Nya pipirakan. Kirang langkung taun 1940-an, basa nuju ngaduda, kantos patelak sareng batur salembur alatan istri. Meureun itu téh ngarasa kasaingan. Malah dugi ka jogolna. Itu dugi ka tobros pipina ku pun bapa. Ari heuleut teu lami ti dinya, basa pun bapa nuju macul, aya leutak mécrét kana socana. Digisik téh bet tuluy bukekeng. Dicandak lalandong ka Cicéndo, Bandung. Kalah bucat socana téh. Nya teu ningal baé saterasna mah,” pokna ngadongéng.
Teu lila ti sanggeusna lolong, Ki Acéng tuluy guguru pantun ka tukang pantun urang Cibeureum, Sumedang. Pa Unang poho deui saha ngaranna. Ngan ari ceuk katerangan dina buku mah Ki Madrani. Ti dinya tuluy kawin deui jeung Ma Rukmi. Boga budak dua. Tapi ku lantaran sok salingkuh duit, bret pegat deui. Pruk Ki Acéng kawin deui ka Ma Iteng. Teu boga budak. Pegat deui. Awal taun 1950-an kawin deui jeung Ma Saptirah anu umurna ganjor 25 taun. Kakara lana rumah tangga jeung pamajikan anu kaopat mah. Nepi ka boga budak salapan. Anu kahiji jeung anu kadua parondok umur. Anu katilu Pa Umang, lahir taun 1954. Ari Pa Unang budak kaopat, lahirna taun 1957.
Lamun Ki Acéng aya anu nanggap mantun, nya Pa Umang jeung Pa Unang anu sok nganganteurna téh. Kaasup basa sababaraha kali dipénta mantun ku Ajip Rosidi di Bandung. Inditna ka ditu téh dibaturan ku Pa Umang jeung Pa Unang.
“Émut kénéh Bapa gé, Pa Ajip téh bumina di Gang Asmi nomer 20, sabudeureun Kebon Kalapa. Putrana téh di antarana Uga, Undang, sareng Bada,” cenah.
Salian ti ka Bandung, kungsi ogé diondang mantun ka Jatiwangi jeung ka Taman Ismail Marzuki. Cukangna nya saha deui lamun lain Ajip Rosidi. Ceuk katerangan dina Hidup Tanpa Ijazah, Ki Acéng mimiti ditanggap mantun ku Ajip Rosidi téh taun 1959, basa salametan lahirna Uga Percéka. Harita Ajip Rosidi keur nganjrek di Sumedang.
Ka Ki Ca’i jeung Ki Syahri gé Pa Unang apaleun. Ngan cenah pantun anu sok dipidangkeun ku Ki Ca’i jeung Ki Syahri mah pantun beton, lain pantun buhun. Pantun beton téh nyaéta pantun wanda anyar, anu mimiti populér awal taun 1950-an. Waditrana sok ditambahan maké gamelan—malah cenah maké sindén sagala. Salian ti éta, lalakon anu dipidangkeunana henteu gembleng, tapi ukur mangrupa sinopsisna wungkul. Nu matak bisa réngsé dina dangka waktu dua-tilu jam.
Tina ladang mantun téh Ki Acéng teu wudu bisa ngabayuan kulawarga. Malah bisa disebut leuwih ti cukup. Da cenah tina sakali mantun téh honorna bisa nepi ka Rp10.000,00. Minangka babandingan, buruh kuli macul jaman harita sapoéna ukur lima ratus pérak.
Pertengahan taun 1960-an, Ki Acéng kungsi boga murid duaan, nyaéta Mang Uhab urang Karédok jeung Mang Warna urang Cihanyir. Sarua deuih duanana ogé lolong. Malah cenah Ma Saptirah ogé milu ngajarkeun jentréng kacapina. Ngan Pa Unang teu apaleun, naha ari Mang Uhab jeung Mang Warna kungsi nurunkeun deui élmuna ka batur atawa henteu. Nu sidik mah boh Mang Uhab boh Mang Warna, duanana geus taya di kieuna.
“Raka Bapa ogé, Kang Umang, kantos diajar mantun. Mung teu nuluy,” pokna deui nambahan.
Taun 1970, Pa Acéng jeung kulawargana pindah ka Naringgul nuturkeun kapilanceukna Ma Saptirah, nyaéta Pa Sukahya, anu harita jeneng tentara. Pindah ka Naringgul téh duméh Pa Sukahya dina jaman gorombolan kungsi ditugaskeun di dinya. Bet kaparengkeun manggih pangabetah. Antukna taun 1968 Pa Sukahya tuluy tumetep di Naringgul. Nya saterusna ngajak Ki Acéng. Bring baé indit sapiri ump. Di Naringgul tuluy muka lahan tatanén. Ngan sataun ti harita, Ki Acéng mah balik deui ka Cisitu. Basana téh embung maot di pangumbaraan. Kawas nu terus rasa. Da taun 1973, Ki Acéng Tamadipura tilar dunya. Dimakamkeunana di astana Cikopéng, Kacamatan Cisitu.
“Hanjakal, Bapa ogé teu kagungan potona. Ngan di antawis putra-putra Ki Acéng, nya Bapa anu pangnyeplésna téh,” omong Pa Unang. (Lugiena De)
0 Komentar