Para Utusan - Agus Sugianto

 

Kandaga. AI Image.

Kawas adegan dina hiji carpon, aya orok beureum palid dina kandaga luhureun walungan Cibodas. Ngangkleung ngageuleuyeung laun dina cai anu kiruh coklat semu hideung pinuh ku runtah sagala rupa. Saliwat mah siga koper kulit nenggang tina runtah séjén. Malah lamun disidik-sidik mah runtah anu séjén téh siga anu nyaringkah, ngéléhan méré jalan keur palidna kandaga. Kalan-kalan nyandet kana batu tapi teu lila sok murilit laju ngangkleung deui maju ka hilir.

Kapanggih ku Badri, ruruntuk ketua ormas anu dipecat lantaran kasus ijasah palsu. Badri anu teu boga kaahlian, konéksi, jeung modal, iwal kawani, kapaksa ngeureuyeuh ngaheurap, masang jaring atawa masang badodon di walungan Cibodas.

“Mémang aya kénéh laukan?” ceuk Yudi, baturna, sekrétaris karang taruna anu kiwari réa ngaligeuhna, ti saprak lahan piduiteun tina ngasup-ngasupkeun karyawan ka pabrik ditutup rapet ku gubernur anyar. 

“Na’ saha anu ngala lauk?” Badri seuri. “Déwék mah ngaheurap, masang badodon, jeung masang jaring téh lain ngala lauk, da moal pimeunangeun. Déwék mah ngala runtah. Sakitu nyayeudna apan. Diala dipilihan. Nya sok aya anu bisa dipaké, beunang dijual lulumayanan. Kai-kai dikumpulkeun, disuluhkeun, dijual ka tukang surabi. Pakéan jeung cocooan barudak dikaloakkeun. Korsi, payung, dispénser dirongsok.”

“Pernah meunang nu ahéng?” Yudi panasaran.

“Kungsi meunang bungkusan eusina calana jero. Teuing pakét anu murag, teuing ngahaja dibalangkeun ku kurirna. Meunang gitar country, dicoba ditawarkeun ka toko barang antik. Diduitan sakieu!” Badri ngacungkeun ramo lima.

“Lima ratus rébu?”

“Lima juta.”

Yudi buncelik. Teu nyangka pagawéan siga kitu bisa jadi pakasaban anu lain lumayan. Melentis rasa sirik dina haténa.

“Pernah meunang obat sarénténg. Dibawa ka apoték, langsung créng teu ditawar deui, bari diharéwosan lamun aya kénéh sina langsung dikadinyakeun.”

Rasa sirik dina haté Yudi anu kakara melentis téh langsung morontod.

Ku Badri kandaga téh diangkat, dibawa ka jero saung paranti manéhna baranggawé misah-misahkeun runtah, nunda runtah meunang milihan saméméh diduitkeun atawa ngareureuhkeun kacapé. Orok roroésan bari sura-seuri. Sukuna nolol sabeulah, ramo-ramona mani barahono. Bedongna tina samping batik lurik Pakalongan. Kandaga téh ditilaman kaén buludru biru. 

Badri ngaheneng. Pikiranana pinuh ku rupa-rupa pertanyaan, ieu orok rék dikumahakeun. Dikukut ku sorangan, horéam ngurus. Asa geus wareg ngurus budak saopat-opat baheula. Kari-kari ayeuna mangsa barudakna geus karurénan maenya ngurusanan budak deui. Dipasrahkeun ka panti asuhan, sangheuk aras-urusna, sieun teu amanah deuih pantina. Dijual, dijual ka saha. Malaur ngondang mamala ka dituna. Katambah orok téh siga komaraan. Kawas lain turunan jalma samanéa. Katara tina keureutan beungeut, sorot panon, jeung tanda dina antara halisna. Kawas aya gambar buleud rérégéan paul sagedé kaléci. Sakapeung ngelemeng, kadang-kadang atra jelas, kalan-kalan ilang sapisan, kawas anu nuturkeun riuk pamulu beungeut. 

Bingung teu manggih pijawabeun kudu dikumahakeun, Badri ngaitkeun heurap kana paku parantina dina tihang saung. Regeyeng kandaga eusi orok téh dipangku dibawa balik.

“Meunang naon, euy?” Yudi celenggeu tina pager imahna anu kaliwatan.

“Meunang pusaka karamat.” Badri tibang ngarérét terus ngingkig.

Sok kandaga ditunda luhureun méja dina téras. Orok bebelenyéhan, némbongkeun gugusi jeung létahna anu boléas kayas. Kawas anu hayang ngomong, hayang diajak ocon.

“Kénging gitar deui, Kang?” Léha, pamajikan Badri, norojol. “Ari Akang! Budak saha? Meunang ti mana?” Awak Badri digeubig-geubig.

“Teuing anak saha, teuing urang mana. Ngangkleung ka hilir bareng jeung runtah. Ari sugan peti kai baé,” Badri meubeutkeun bujur kana korsi.

“Badé dikumahakeun? Dirorok ku urang? Atanapi urang salabarkeun.” Léha ngadeukeutan kandaga. “Asa bénten budak téh nya, Kang?”

“Puguh nya éta ….”

“Mending lapor ka pangurus. Bisi jadi masalah.” Yudi teu kanyahoan geus ngajega lebah taweuran.

Béja ngeunaan Badri manggih orok di walungan Cibodas langsung nerekab. 

“Moal salah, anak anu ngageugeuh Cibodas. Tangara walungan kudu dirawat,” ceuk kokolot lembur.

“Saha deui anu ngageugeuh Cibodas lian ti Badri?”

“Bisaan kituna mah. Anak sorangan diakukeun ngangkleung. Karunya si Léha wé, dibobodo katempuhan ngurus anak maru.”

Ceuk pangurus, orok kudu dibéwarakeun, diémbarkeun dina médsos. Bari nungguan aya anu datang tur ngaku kulawargana, orok diurus ku Badri. Lamun euweuh waé anu ngaku, teu langkung Badri rék dikukut atawa dipasrahkeun ka dinas sosial. 

Warga jadi boga kabiasaan anyar nunggu-nunggu, ngintip-ngintip aya anu datang ngalongok orok atawa henteu.

Dina hiji poé Juma’ah, kakara ogé bubaran anu juma’ahan, rentang-rentang aya anu datang. Dedeganana jangkung leutik tapi ngeusi. Pakulitan hideung meles, irung rada benguk, panon celong bawa ti kudrat, siga sélér bangsa Asia Pakidulan ti Pagunungan Himalaya. 

“Kaula utusan Sang Surya. Seja nyusul teureuh anjeunna anu cenah aya di dieu,” pokna tandes.

“Naha kumaha mimitina?” Badri kerung.

“Ibu Kunti ulin bitis lain wanci. Ninggang Batara Surya balangah, kabéngbat sakadang bitis, aci birahi Sang Batara ngajirim orok dina guha garba Ibu Kunti. Pikeun kamaslahatan sajarah, orok téa dipalidkeun di Walungan Gangga. Ceuk wangsit para déwata, éta orok baris nepi ka dieu.”

Badri jeung pangurus katut anu hadir silih pencrong.

Can eureun anu tingpalencrong, torojol hiji awéwé tengah tuwuh. Nilik dangdanan gamisna anu baruni jeung ngagapuy mah siga-siga ti jajirah sagara keusik.

“Umi malidkeun bayi, tumut kana pidawuh Illahi. Siang wengi dituturkeun ka mana nyoloyongna. Abong jalmi, Umi balangah, jabang bayi leungit teu katitén ka beulah mana méngkolna. Nguping wartos di dieu aya bayi kacandak gulidagna cai. Ana ngawakilan Umi badé mariksa leres henteuna.”

Badri jeung pangurus nepak tarang.

Kurunyung deui aki-aki. Maké iket barangbang semplak, dibaju kamprét hideung, calana komprang, nyorén bedog, dampal sukuna jébrag teu disendal. 

“Wasta Aki Balangantrang, padumukan di Geger Sunten. Dipiwarang ku dunungan mapay Walungan Citanduy, seja nyusud turunan sinuhun Galuh anu dipalidkeun ku nu julig, dibuang ku nu culika. Kasampak Citanduy bet babanjiran alatan leuweung tutupan béak pada nuaran. Antukna si jabang teu karaas ka lebah mana ngambangna, si bayi henteu kasungsi ka palih mendi palidna,” pokna rengkuh. 

Badri jeung pangurus garo-garo teu ateul.

“Tina tanda di antara dua matana, kaula purna percaya ieu titisan Sang Surya anu geus nyorang umpalan Gangga,” ceuk utusan Asia Pakidulan.

“Nilik tina gugusi sareng létahna, ana hakul yakin ieu bayi kagungan umi. Gugusi sareng létah anu jaga baris ruksak alatan kaléntab ruhak,” ceuk awéwé anu bajuna sagala buni.

“Ari Aki mah hamo kabobodo ténjo kasamaran tingal. Ieu kandaga pakakas karajaan pangawulaan. Tangtu ieu orok teureuh ratu anu jaga baris neruskeun nyekel kalungguhan di karajaan,” Aki tatag nakeranan.

Anu tiluan pacéntal-céntal, keukeuh peuteukeuh dina kayakinan séwang-séwangan yén orok dina kandaga bogana dunungan maranéhanana.

“Hartina andika anu kudu nangtukeun ieu orok anu saha saenyana,” utusan Sang Surya malik ka Badri.

“Tapi kudu kaharti naqli jeung aqlina,” utusan Umi némpas.

“Mangka adil tur wijaksana. Montong cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng,” pokna Aki bari teu weléh rengkuh.

Badri jeung pangurus tingbalieur.

Pecenghul aya nu datang. Awak pendék tapi cangker. Tungtung panon sipitna kaciri leuwih seukeut handapeun halis ngajedig. Sirahna dibeungkeut lawon hideung dua ramo kandelna. Buukna sataktak. Leumpangna dangah. Sapasang pedang dina cangkéng kénca-katuhu.

“Kami utusan Baginda Sulaéman, pikeun ngaréngsékeun pacéngkadan saha sabenerna anu ngapimilik ieu orok anu palid di walungan,” cenah tanpa ditanya. Sérépét ngalugas pedang. Seuseukeut pedang ngagurilap nyambuangkeun hiliwir pati. “Mana orokna? Ku kami rék dibeulah maké pedang katana, dibagi tilu ngarah adil taya anu sisirikan.”

“Léha bawa ka dieu orok téh!” Badri ka pamajikanana. Sorana ngageter, soak sieun salah ketak. 

Léha norojol bari hariweusweus garo singsat. 

“Akang! Budak téh geuning teu aya. Tadi mah ngageubra dina ayunan tos dihuapan. Manawi téh tibra. Ari dilongok geuningan suwung!” Léha rawah-riwih sieun katempuhan.

Badri, Léha, pangurus, jeung para utusan tingkulinting. Sakapeung-kapeungeun tingtarengo kana kandaga molongpong kawas anu teu percaya kana téténjoan. 

Di tungtung lembur, wanci harieum beungeut, sisi mobil anu diparkir handapeun tangkal randu anu nyingkur, dua jelema galuntreng semu haharéwosan.

Deal?” Yudi ngasongkeun leungeun.

“Sip!” ceuk baturna, “lamun aya deui, gancang ngiberan, nya.”

Kerewek duanana sasalaman pageuh pisan. Saterusna kawas wangun gambar silhuét latar wanci geus reup-reupan, aya anu ngasongkeun koper, aya anu masrahkeun orok dina bedongan. Suku budak sabeulah kaciri roroésan, nolol tina bedongan. ***


Agustus 2025


AGUS SUGIANTO, pituin urang Kampung Cibenda, Désa Batusari, Kacamatan Dawuan, Kabupatén Subang. Kiwari ngumbara di Suranenggala, Cirebon, cekel gawé jadi guru bimbingan konséling di SMPN 1 Suranenggala.


Posting Komentar

0 Komentar