| Bumi Adat Cikondang |
Situs Bumi Adat Cikondang téh perenahna di Désa Lamajang, Kacamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Ti puseur Kota Bandung mah ngidul, kira-kira 38 km. Merlukeun waktu perjalanan 1-2 jam. Tempatna kaitung asri tur basajan. Handapeun suku Gunung Tilu, PLTA Lamajang, PLTA Cikalong, jeung aya dina DAS Cisangkuy nu ngamuhara ka Citarum.
Bumi Adat téh aya di pangkidulna, nyanghareup ngalér ka lebah padumukan nu kaitung gegek. Imah masarakatna mayakpak di lamping pasir, posisina undak-undakan ti handap ka luhur. Wangunan imahna aya nu geus permanén, aya ogé nu sémi permanén.
Ukur Bumi Adat nu wangunanana masih kénéh tradisional téh. Sabudeureunana tatangkalan ngararoyom, pangiuhan récét sora rupaning manuk leuweung. Di sawah lebak, kapireng sora kokoprak nu ranteng ngeundeuk-ngeundeuk bebegig, dikenyed-kenyed ku patani nu tungguna, nambahan waas kaayaan.
Can aya sumber nu pasti ngeunaan asal-usul tempatna. Tapi ceuk katerangan sesepuh di dinya, cenah ieu kampung téh geus ngadeg ti abad ka-16. Asalna masarakat huma nu hirupna pundah-pindah (nomaden). Saprak sumebar agama Islam, masarakatna jadi robah pola hirupna tur ngagem agama Islam. Cenah, nu nyebarkeunana nyaéta Séh Muhammad—teureuh wali Cirebon—nu makamna kacida dipupusti ku masarakatna.
Sedengkeun robahna kabiasaan ngahuma kana nyawah mitembeyan taun 1911. Hal éta téh dimimitian ku tarékah masarakatna nyieun solokan pikeun nyaian sawah. Satuluyna Cikondang mekar jadi kampung nu lengkep jeung tradisi katut tata aturan pamaréntahanana.
Taun 1942, Cikondang kungsi kahuruan. Cenah alatan obor nu poho dipareuman di salah sahiji imah. Antukna ngarémbét ngarérab imah séjénna. Nu nyésa ukur saimah, nu satuluyna dipupusti tur dijadikeun cagar budaya, nyaéta Bumi Adat téa.
Kiwari Cikondang dikokolakeun ku tilu sesepuh kampung. Kahiji nyaéta ketua adat sakaligus wawakil Disparbud Kabupatén Bandung, nu ngokolakeun pamaréntahan katut kamasarakatan. Kadua nyaéta tetua adat sakaligus wawakil Kompepar (Kelompok Penggerak Pariwisata) Kabupatén Bandung, nu ngokolakeun poténsi jeung informasi wisata. Katiluna nyaéta kuncén lulugu nu ngokolakeun Bumi Adat jeung kagiatan ritual budaya.
Husus pikeun kuncén, cenah nu nyepengna kudu boga garis katurunan sarta weruh kana élmu tatanén katut palintangan. Biasana sacara turun-tumurun diwaris cingcin wulung jeung gelar Anom. Anapon kuncén-kuncénna di antarana Ma Empuh, Akung, Anom Idil, Anom Emit Sumitra jeung Maman, Anom Rukman (1962-1982), Anom Rumya jeung Émén (1982-2003), Anom Darman (2003-2005), Anom Samsa (2005-2009), jeung Anom Djuhana (2009-kiwari).
Kaayaan Tempat
Lega situs Bumi Adat téh kurang leuwih tilu héktar, ngawengku lahan padumukan, lahan tatanén, Bumi Adat, jeung leuweung tutupan nu kacida dikaramatkeunana—sok disebut ogé leuweung awisan atawa tarikolot. Anu disebut bumi adat téh nyaéta wangunan imah Sunda buhun ukuran genep ka sapuluh méter. Suhunanana maké potongan jolopong. Hateupna maké injuk jeung talahab, disambung maké wuwung. Panto hareupna buka palayu (panto nu sajajar jeung salah sahiji bagian hateup). Ari lanténa tina palupuh wulung. Kolongna disangga ku tatapakan batu nu teu pati jangkung.
Rohangan imah dibagi opat, nyaéta patengahan, pangkéng, goah, jeung tepas. Di jerona pereték ku rupaning pakakas rumah tangga nu bahanna dipahing tina beling atawa palastik. Ari dapur mah tempatna misah di luar, ngaréndéng jeung pamoéan katut paranjé. Anu unik, pantona ngan aya hiji, jandéla lima, sarta jumlah sarigsigna aya salapan. Cenah éta itungan jumlah téh aya silokana.
Salian ti imah, aya sababaraha titilar séjénna nu nyampak di sabudeureun Bumi Adat. Béh kidul aya tampian anu kuluwungna aya dua, bari béda sumber caina, nyaéta ti Gunung Tilu jeung ti Cisangkuy. Di béh kalér aya leuit. Ari di kulonna aya saung lisung, sarta di gigireunana diwangun Balé Paséban Budaya Karukunan minangka tempat gempungan.
Rada jauh ti dinya, di béh kidul, aya leuweung tutupan anu ogé jadi makam luluhur kampung, nyaéta Séh Muhammad, Ma Empuh minangka kuncén munggaran, katut garwana. Leuweungna euyeub ku tatangkalan kahot, kayaning kibeusi, kihonjé, kimenyan, kikacapi, kicareuh, gadog, kanyéré, hamérang, hanggasa, jaringao, kamuning, jati, waregu, lamé, kaliagé jeung réa-réa deui.
Kagiatan Ritual
Aya lima kagiatan ritual budaya nu dianggap penting ku masarakat Cikondang téh, nyaéta wuku taun, ngaruat lembur atawa hajat lembur, ngaruat kandang hayam, rasulan, ngabungbang, jeung tirakatan. Wuku taun atawa séléh taun dilaksanakeunana dina bulan Muaharam, tempatna di Bumi Adat. Tujuanana lian ti mapag taun anyar Hijriyah, ogé minangka sukuran tina rupaning hasil tatanén jeung ingon-ingon.
Acarana dimimitian ku nutu lulugu di saung lisung tanggal 11 Muharam. Néma kana nyadiakeun dadahut, nyaéta rupa-rupa kaperluan jeung kadaharan pikeun acara puncak. Ti mimiti sasadiaan takir (wadah rurujakan), konca (wadah kaolahan), pontrang (wadah kulub beubeutian), susudi (wadah deungeun sangu), tumpeng, nepi ka ngadegkeun balandongan tanggal 13 Muharam. Tumpeng anu dijieun jumlahna kudu aya 43 congcot, anu dibagi deui jadi 3 tumpeng lulugu jeung 40 tumpeng pangiring. Tumpeng lulugu ogé henteu sarua. Aya anu dijieunna tina béas huma sarta dieusian bakakak hayam anu buluna hawuk, aya tumpeng tina béas sawah anu dieusian bakakak hayam camani, jeung tumpeng ketan anu dieusian bakakak hayam bodas.
Dina acara puncak tanggal 15 Muharam, kagiatanana téh nyaéta ritual bubuka, ijaban, ngaraksikan (wejangan ti sesepuh kampung jeung tokoh agama), riung tumpeng, nabeuh goong rénténg, jeung dipungkas ku ritual panutup. Gamelanana disebut koromong (gamelan tina parunggu anu ngawengku dua goong, kolénang, kenong, saron, jeung kecrék). Baheulana ieu gamelan téh dipaké pikeun mapag pangagung. Tapi kiwari mah geus tara ditabeuh deui, ukur disimpen ku salah saurang sesepuh kampung. Aya ahéng, euweuh nu bisa nyindekkeun laras naon anu dipaké dina éta gamelan téh. Atuh lagu-laguna ogé kaitung husus, ukur bisa mawakeun salapan lagu, nyaéta “Pangjajap”, “Panyaréséhan”, “Panimbang”, “Balé Bandung”, “Deungkleung”, “Angin-anginan”, “Manuk Leuweung”, “Boyong”, jeung “Galumpit”.
Peutingna, kagiatan téh nyambung kana ngabungbang, nyaéta jarah ka makam luluhur di leuweung tutupan. Néma kana ngumbah barang pusaka, nabeuh tarawangsa, jeung beluk. Aya sababaraha judul wawacan anu sok dipintonkeun dina beluk, di antarana Wawacan Barjah, Wawacan Ogin, Wawacan Samaun, Wawacan Ahmad Muhammad, jeung Wawacan Muslimin Muslimat. Kabéhanana ditulis dina aksara Arab Pégon.
Ari anu disebut ngaruat lembur atawa hajat lembur, eusina téh salametan sangkan lembur jeung pangeusina dijauhkeun tina musibat. Biasana diayakeun sataun sakali, unggal bulan Sapar. Waktuna poé Salasa atawa Kemis, ti jam sabelas beurang nepi ka jam tilu.
Tuluy deuih aya anu disebut ngaruat kandang hayam. Ieu mah diayakeunana lamun aya warga anu rék nyieun kandang hayam. Tempatna dina tanah nu rék diadegkeun kadang hayam. Ka dieunakeun, ieu kagiatan téh sok dilaksanakeun ku unggal warga nu rék ngamimitian ngawangun imah atawa jamban.
Rasulan mah salametan pikeun miéling karuhun nu geus ngadegkeun éta lembur. Biasana diayakeun dina bulan silih Mulud, dina poé Salasa atawa Kemis, waktuna antara bada salat magrib jeung isa.
Ari ngabungbang mah kagiatanana tara dilaksanakeun babarengan, tapi sok ku masing-masing warga baé, ngan kudu dina waktu nu mareng. Biasana dina tanggal 14 Mulud mangsa bulan purnama. Nu ngayakeun ngabungbang nyaéta warga nu boga maksud atawa kahayang. Upamana, hayang boga pagawéan netep, hayang buru-buru meunang jodo, hayang lungsur-langsar nyanghareupan hiji perkara penting dina kahirupan, jeung sajabana.
Sedengkeun tirakatan, hartina meresihan diri ku cara tapakur bari cicing misahkeun diri di tempat nu suni, jauh ti batur. Ieu kagiatan ogé dilaksanakan ku warga nu boga maksud atawa kahayang baé. Ieu kagiatan tuluy tumuluy dipigawé nepi ka kahayangna tinekanan. Biasana dibarengan ku puasa nu diluyukeun jeung poé lahirna. Upamana, mun lahir poé Kemis, puasa kudu dimimitian ti poé Rebo, jeung bukana dina poé Kemis deui.
Masarakat Cikondang téh réa nu kasabna kana tani, dagang, buruh pabrik, jeung nyieunan karajinan. Di dieu ogé hirup rupa-rupa kasenian, upamana tarawangsa, beluk, bangkong réang, réog, penca silat, calung, degung, jeung kacapi suling. (Ari Andriansyah)
0 Komentar