![]() |
| Journey. AI Image. |
Panganteur ti Rédaksi:
Bulan Désémber ayeuna, sastra Sunda leungiteun deui salah saurang pangarangna. Tanggal 24 poé Rebo kamari, pangarang Sunda Hadi AKS dipundut ku Nu Maha Kawasa. Hadi AKS—anu ku sobat-sobatna sok digeroan Aka—gumelar di Pandéglang taun 1965. Taun 1984, sabada tamat SPG, nuluykeun sakola ka Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, IKIP Bandung (ayeuna UPI). Sanggeusna lulus kungsi sakeudeung mulang ka tanah Banten. Tapi saterusna tuluy bumetah di tatar Bandung.
Tapak lacakna dina sastra Sunda kawilang natrat. Boh anu mangrupa karya tinulis, boh anu mangrupa kagiatan. Awal taun 1990-an kungsi ngadegkeun Yayasan Bujangga Manik, anu bagerak dina widang literasi basa Sunda. Terus deuih mokalan nyieun kagiatan Pésta Sastra Sunda, babarengan jeung Cécép Burdansyah, Téddi Muhtadin, Darpan katut nu séjénna deui anu pada-pada entragan ngora. Atuh ka dieunakeun ngadegkeun komunitas Saung Sastra Lémbang jeung komunitas Pakarangan.
Sababaraha karya Hadi AKS kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS, D.K. Ardiwinata, Anugrah Soeria Di Radja, jeung Oeton Moechtar. Anu geus medal jadi buku di antarana nyaéta kumpulan carpon Oknum (1998), kumpulan carpon Kalapati (2012), kumpulan sajak Ombak Halimun (2002), jeung kumpulan sajak Tembang Matapoé (2018). Taun 2007 medal novélna, Saéni, anu mindo citak taun 2014. Kumpulan carpon panungtungna, Surat ti Palmira (2022) dilélér hadiah sastra Rancagé taun 2023.
Mimiti resep nulis sabada kuliah di Bandung, taun 1985. Carpon “Dijagragkeun ka Pangadilan” anu midang dina Cacandran bulan Désémber ayeuna ogé kaasup carpon munggaranana. Ieu carpon saméméhna kungsi dimuat dina majalah Manglé no. 1160, édisi Agustus taun 1988. Béda jeung umumna carpon-carpon Hadi AKS anu muhit gaya réalis, carpon “Dijagragkeun ka Pangadilan” mah gayana suréalis bari alégoris. Bisa jadi hal ieu téh ku lantaran harita masih aya dina tahap mancegkeun tatapakan. Tapi henteu ari nepi ka gagal mah. Sabalikna malah. Eusina kawilang teleb ngagambarkeun perlambang lalampahan hirup manusa.
Pamungkas, Rédaksi seja ngahaturkeun nuhun ka ahli waris Hadi AKS, anu tos ngawidian ngamuatkeun ieu carpon. Ogé tansah du’a, mugia almarhum dipaparin tempat anu saé ku Mantenna. Amin ya robbal ‘alamin.
Leumpang sakapeung ngarayap, sakapeung melesat kabawa hiukna jamparing waktu. Leumpang anca kadéséh batur nu tingbelesat paheula-heula moro udaganana. Leumpang gancang mindeng ngahégak dina tonggong dunya nu salawasna mudun jeung nanjak.
Sainget mah ti kampung nu pada nyarebut Kampung Hiji mimiti ngahanca lalampahan téh. Boa ti kampung mana mimitina mah, teu kapapay raratan caritana. Kungsi nananyakeun ka unggal jalma nu amprok di jalan.
“Ari jalan nu kaliwatan ieu, di lembur naon mimitina?”
Aya nu méré jawaban di Kampung Enol. Aya ogé, sarta lolobana nu ngan saukur gideug, tandaning poékeun sarua jeung kuring. Mindeng ngahuleng heula keur ngaléngkah téh, mikiran ti mana ieu jalan asal muasalna. Atawa teu aya tungtungna kitu pédah dunya téh cenah buleud? Boa-boa heueuh meureun tempat pamiangan téh aya di hareup, di tempat nu bakal kasorang.
Patok kilométer hiji geus kaliwatan. Teu lila geus anjog deui ka patok nu kadua. Ti dieu gé bet teu karasa geus anjog deui ka patok nu katilu, kaopat, kalima, kagenep, katujuh jeung kadalapan. Ngarasa capé, gék diuk heula ngadon ngareureuh. Bari ngadayagdag nyarandé ‘na tangkal Kai Waktu, panon anteng neuteup jalan di hareup nu ngembat panjang. Palataran ublug-ablag. Sisi-sisina katempo bangun nu nepung jeung langit warna bulao. Angin ngahiliwir nebak dangdaunan, tingaroyag dibarung ku sorana patingsuméar éstu ngawangun hiji wirahma alam nu éndah. Cep tiis, aya nu neumbag kana awak, bangun nu ngahaja ngébréhkeun nuuskeun késang nu ngagarajag.
Panonpoé tunggang gunung. Jung nangtung ngahanca deui lalampahan nu masih kénéh panjang. Patok kilométer nu kasalapan kaliwatan. Ti dinya leumpang rada digancangan. Jog anjog ka patok nu kasapuluh, sabelas, dua belas, tilu belas, opat belas jeung lima belas. Hiuk sora angin ngagelebug. Beuki lila beuki tarik, laju muter, bleg angin puyuh lilimbungan ngagulung awak sorangan. Bus aya nu abus kana liang ceuli. Ngong hiji sora.
“Anjeun jadi utusan!”
“Baruk, jadi utusan? Utusan ti saha?” Jempling taya jawaban.
“Ari ieu kuring ti mana, rék ka mana?” pok deui nanya rada tarik. Ngon deui hiji sora ngabéjaan. Leng ngahuleng, laju sirah teu karasa unggut-unggutan.
“Ari ieu jalan ti mana mimitina?” pok deui ngagorowok. Ngong deui sora nu tadi, ngajéntrékeun.
“Euh ... ti dinya nyah mimitina téh?” Sirah unggut-unggutan nu kadua kalina. Awak ngadak-ngadak karasa seger. Léngkah beuki gancang, nepi ka teu karasa mun leumpang geus nepi ka patok nu katujuh belas.
“Ké ... ké …, mun ti dinya mimitina, naha ieu jalan rék ka dinya deui anjogna? Atawa terus baé taya tungtungna? Enya, pasti moal aya tungtungna ku sabab ieu dunya cék para ahli élmu bumi gé wangunna buleud. Jadi, lamun aya tungtungna gé pasti meureun di tempat asal téa. Logikana mah, mun nyieun hiji titik dina buah jeruk, tuluy éta buah jeruk dipuirkeun, pasti éta titik bakal balik deui-balik deui ka urutna. Jadi yakin ayeuna mah ieu kuring pasti baris anjog deui ka hiji tempat pamiangan nu baheula. Lamun kitu ... naon hartina atuh ieu lalampahan téh?
“Apan pikeun jadi utusan téa.”
“Enya, sual ieu nu can kaharti gé, cing jentrekeun!”
“Anjeun diutus pikeun jadi pamingpin di ieu dunya!”
“Hah, jadi pamingpin? Apan kuring mah teu boga bekel nanaon?”
“Boga, anjeun dibekelan akal jeung pikiran nu ngabédakeun anjeun ti mahluk séjén.”
Nepi ka patok nu kadua puluh, jog ka hiji parapatan nu jalanna tingarembat ka dalapan pongpok angin. Plang narabeng di masing-masing jalan. Tulisan ngajareblag nuduhkeun jalan katut kateranganana. Jalan Beureum bakal anjog ka tempat anu. Jalan Bodas nuju ka kota anu. Di Jalan Hideung bakal panggih jeung tempat anu, jeung sajabana. Di lebah dieu jalma katempo paburencayna. Milih jalan luyu jeung pilihanana séwang-séwangan. Teu aya, teu aya tanda perboden, teu aya nu dipahing ka jalan mana-mana ogé.
Sawatara lila ngan ukur bisa ngajengjen. Hémeng nempo kaayaan, bingung jalan mana nu kudu disorang. Panon teu eureun olohok mata simeuteun, neuteup jalma nu ngaleut ngabandaleut, laju paburencay milih jalan séwang-séwangan. Lolobana maréngkol nyorang jalan nu disebut Jalan Hideung. Ari Jalan Bodas, éstu nu pangjemplingna coréngcang ku jalma. Ka mana atuh ieu kuring? Milu baé kitu, milu jeung batur nu mangréwu-réwu milih Jalan Hideung? Matak resep meureun mun ka dinya mah. Jalanna pikangeunaheun, ngabulungbung matak genah nu lalampah. Rét kana tulisan nu nuduhkeun katerangan tempat tujuanana, bulu punduk ngadak-ngadak racung harirup. Rét ka Jalan Bodas, leuh matak paur, jalanna rumpil, boa pinuh ku cucuk rurungga ogé. Matak keueung deuih ku sabab tiiseun ku jalma.
“Enya, mending ka Jalan Hideung mun hayang ramé mah, bakal resep bisa éak-éakan jeung pada batur.”
“Mending ka Jalan Bodas, sanajan rumpil, engké bakal panggih jeung jalan nu ngabulungbung leuwih éndah. Di dinya ogé ayana bekel pikeun jadi pamingpin, bekel pikeun jaga mun mulang ka tempat asal.”
Tinggerendeng-tinggerendeng dua rupa sora jeroeun dada. Angger kénéh awak mah ngajengjen bari ngadédéngékeun éta sora nu keur padungdeng silih témpas. Nu ngajak méngkol ka Jalan Hideung keukeuh bangun nu pohara kuatna ngabebetot awak sorangan. Ari sora nu ngajak ka Jalan Bodas, najan enya teu pati mindeng, tapi mun nyarita asa leuwih ngeunah kadéngéna tur kaharti ku uteuk.
Aéh enya, apan kuring téh cenah dibekelan akal jeung pikiran, di mana éta téh nya?
“Kuring aya di dieu,” cék sora jeroeun dada.
“Heueuh, cik nyarita ka dinyah, kuring tulungan!” ngong akal nyarita.
“Pilih Jalan Bodas, sabab éta tugas anjeun."
Teu talangké deui turta teu maliré batur, léos wéh ka Jalan Bodas!
Sapanjang jalan—ku sabab teu loba jalma nu ngulampréng ka dinya—laluasa neuteup jalma nu mangréwu-réwu téa ngaguruh di Jalan Hideung. Ma’lum teu jauh, pernahna mah ngaréndéng Jalan Bodas jeung Jalan Hideung téh. Atuh sabataé nempo kalakuan jalma jeung ngadédéngékeun omonganana téh. Aya nu ragot baé kadéngéna paséa sapanjang jalan. Masinikeun duit, masinikeun harta, masinikeun pangkat jeung sagala rupa. Loba di antarana nu tuluy pagétréng silih tonjok silih dupak. Nu unggul ajrag-ajragan nepakan dada, ari nu éléh ngajoprak jadi bangké nu nyarahcal sapanjang jalan. Fantastis, hiji pamandangan nu éstu matak ketir!
Jalma téh sato cék maranéhna mah. Bisa diadu-adu, bisa dikékéak, bisa dialungkeun ka sisi jalan atawa ngahaja dileyekan mun ragana geus teu nyawaan. Ajén kamanusaan éstu ditincakan atawa dialungkaun ka mana boa.
Lega Jalan Hideung téh, ngabulungbung kénéh sanajan pangeusina geus réwuan gé. Béda jeung jalan nu keur disorang ku kuring, rumpil, sakapeung kapaksa kudu sésélékét nyingkahan cucuk nu ranggap di sakurilingeun. Mungguh matak aral, hayang ngaléos nyimpang nyingkahan cucuk rurungga téa. Babari kituna mah mun hayang pindah pileumpangan téh. Ma’lum jalan ngaréndéng salawasna, teu beda jeung dua garis nu diguratkeun sajajar ‘na kertas bodas. Loba jalan simpangan nu brasna ka Jalan Hideung téh. Moal kudu harésé deui, ku sababaraha léngkah ogé bakal nepi, bakal bisa pabaur ilubiung jeung jalma nu ngaguruh réwuan téa.
Bari ngeluk tungkul nyorang jalan tincakeun, jero dada paguneman nyoara deui. Lir dua kakuatan mahnét nu kuat pabetot-betot, éta paguneman sakapeung nyeuneu ngabalukarkeun perang batin nu rongkah. Nu hiji keukeuh ngajakan nyimpang, sedeng nu hiji deui—sora akal téa—teteg weweg ngayonanana. Sanajan kitu teu burung ari kadéséh mah turta léngkah geus méh-méhan ngaléos nyimpang.
Sawatara lila, bréh patok kilométer di sisi jalan, angka 50. Leng ngahuleng. Gancang mun kitu mah leumpang téh. Julaeu tanggah, neuteup panonpoé, pas luhureun sirah. Hartina geus satengah poé lalampahan téh. Geus nyorang jalan nu jauhna 50 kilométer. Leng deui ngahuleng, nginget-nginget lalakon nu geus kasorang. Ras inget kana haréwos nu kungsi kadéngé. “Manéh dijieun utusan pikeun jadi pamingpin. Dibéré akal jeung pikiran pikeun nyiar pibekeleun mun jaga miang ka tempat asal.” Ari aing geus meunang naon di sajeroning lalampahan ieu téh? Geus boga ketak naon salaku pamingpin téh? Naha cukup mingpin téh ngan ka diri sorangan? Enya, aing kosong molongpong kénéh. Aing cangkang kénéh nu ngagarubang. Kakara bisa neuteup batur bari jeung poho nelek-nelek diri sorangan. Kakara bisa nempokeun batur nu tigebrus bari jeung teu bisa nulunganana. Kakara bisa ngadéngé batur nu ngajerit kalindih ngocéak kadupak, bari jeung teu bisa ngungkulan jalma nu ngakayana.
Mungguh éta sora-sora batin asa naranjangan diri sorangan. Asa didakwa, asa dijagragkeun di hareupeun méja pangadilan. Tadina mah cék rarasaan asa geus bener, asa sugema milih Jalan Bodas ieu téh. Asa bagja ku sabab sorangan baris panggih jeung jalan nu ngabulungbung. Baris panggih jeung pibekeleun mun jaga iang ka tempat asal. Geus buleud tadina mah éta kayakinan téh. Ari ayeuna bet asa béda, asa sabil ku sabab teu reureuh disasaak ku sora batin nu naranjangan téa, nganaha-naha, malah sakapeung ngajejeléh karasana.
Naha aing bet sosoranganan teu ngajak batur milih jalan ieu téh? Naha aing teu tuhu kana amanat mun geus diutus pikeun jadi pamingpin? Naha ngan ukur bisa jadi panongton drama kahirupan, basa maranéhna silih tonjok silih dupak jeung pada baturna? Naha …? Naha …? Réwuan naha, réwuan pananya gumulung jadi hiji nu ngabalukarkeun datangna kapaur jeung kakeueung nu pohara gedéna. Awak ngadak-ngadak ngadarégdég kawas nu muriang.
Teu lila gelebug angin tarik ti beulah kulon. Tatangkalan tingaroyag. Bumi eundeur gunjlang-génjlong. Angin ngagerung beuki tarik. Séor, séor réwuan kalakay karabut. Bleg angin puyuh lilimbungan. Awak ngadak-ngadak karasa hampang, ngoléang bareng jeung rewuan kalakay. Goak sungut ngagoak.
“Hukuman naon nu baris tumiba ka kuring …? Hukuman naon nu baris tumiba ka kuring …?”
Jempling taya nu némbal. Sora dilegleg angin nu ngagerung. Dunya muter, awak muir ku beuki lila jeung beuki ngapung ka awun-awun. Lir kasedot ku kakuatan gaib, raga beuki tarik ngapung ka alak pauI.
Gubrag di hiji tempat!
Luak-lieuk, kaayaan jadi ahéng. Réwuan jalma ngaliud di hiji tempat. Ngagimbung bangun nu keur ngantri nungguan panggilan. Jung nangtung, laju nyampeurkeun ngadeukeutan. Dina leungeunna katempo aya buku catetan séwang-séwangan.
“Aya naon ieu téh?” pok téh nanya ka salah saurang.
“Nungguan dipanggil,” témbal manéhna pondok. Rét deui-rét deui manéhna macaan buku catetanana. Paromanna pias bangun nu tagiwur pikiran.
“Panggilan naon?” cekéng deui panasaran.
“Panggilan sidang!” témbalna semu ngaharéwos. Leng ngahuleng basa ngadéngé kekecapan sidang. Aya perkara nanahaon kitu ieu téh kabéh jalma kudu disidang? Catetan naon deuih éta nu dibaraca ku maranéhna? Cék haténa ngagerentes.
“Ari anjeun mawa catetan naon?” Gebeg ngagebeg, basa ditanya kitu.
“Kuring sarua jadi dakwaan?” pok téh malik nanya.
“Kabéh, sakur jalma bakal meunang dakwaan!” témbalna bari neuteup ngayakinkeun. Luk sorangan tungkul, cugup-cagap kana saku, goréhél kertas catetan.
“Geuning kuring gé meunang catetan?” cekéng ngomong sorangan. Angen ngadak-ngadak ratug tutunggulan. Kaketir, kapaur jeung kakeueung, jul-jol mimiti datang némbongan. Saha nu geus ngajagragkeun aing ka ieu pangadilan? Dosa naon nu ngabalukarkeun aing anjog ka ieu tempat?
“Saha …? Saha …? Apan aing mah keur lalampahan jadi utusan pikeun mingpin mahluk di dunya?” Gogorowokan, tapi weléh taya nu némbalan. Kabéh jalma sibuk ku urusanana séwang-séwangan.
Giliran sorangan dipanggil. Bus ka hiji rohangan ... bray caang narawangan …, dunya jeung sakur mahluk nu kumelendang!!!***

0 Komentar