Hadi AKS: Antara Ombak jeung Halimun - Darpan

 

Sawatara buku karya Hadi AKS.

Tengah peuting, kira jam hijian, geus asup ka tanggal 24 Désémber 2025, Ahmad Hadi bin Abdul Karim ngantunkeun di RSUD Lémbang, Bandung Barat. Loba nu mileuleuyankeun. Munasabah lantaran Hadi AKS, kitu sandiasmana, geus réa ngagelarkeun tapak dina kamekaran sastra Sunda modéren. Hadi lain baé kurung-karang winangun sajak, carpon, novel, drama, atawa éséy. Nu leuwih penting ti éta, Hadi geus mawa latar, sumanget (spirit), jeung warna Banten dina kalang kumbuh sastra Sunda nu mekar di Priangan.

Hadi tuluy dikurebkeun di Kadungora, Garut. Sasat di jantungna Priangan. Anjeunna istirah di dinya, sabada sataun katompérnakeun nandangan kasakit. Lahir di pasisian Pandéglang, Banten, dipendem di Kadungora, Garut. Lir ngagambarkeun hirup jeung cintana dina kalang sastra Sunda.

1.

Teu bisa dipungkir lamun sastra Sunda modéren hirupna museur di Priangan. Kitu deui sastrawan, kritikus, jeung nu maracana loba nu marangkuk di Priangan. Média anu mublikasikeun sastra ogé loba medal di Priangan.

Ieu téh aya patalina jeung sajarah. Ti saprak urang Walanda bisa ngaidéntifikasi deui basa Sunda sanggeus sakitu lilana kasumputkeun atawa kakubur, anu jadi puseur panitén maranéhna téh nyaéta basa Sunda anu hirup di Priangan. Para misionaris, panalungtik, jeung pejabat kolonial Walanda kungsi nimbang-nimbang basa Sunda wewengkon Cianjur pikeun jadi basa Sunda lulugu. Antukna, basa Sunda wewengkon Bandung jeung sabudeureunana anu tuluy ditetepkeun jadi basa Sunda lulugu.

Éta putusan pamaréntah kolonial téh teu robah nepi ka ayeuna. Kamus Basa Sunda anu disusun, minangka calecer basa Sunda lulugu, nyaéta kamus anu ngawadahan basa Sunda Bandung jeung sabudeureunana téa. Malah lamun urang rék jujur, basa Sunda lulugu nu diajarkeun di sakola ayeuna, nyaéta basa Sunda Bandung atawa Priangan.

Nya kasang tukang sajarah éta anu ngalantarankeun hirup-huripna sastra Sunda ogé museur di Priangan. Sastrawan anu narulis dina basa Sunda umumna lahir di Priangan. Kaitung saeutik pangarang-pangarang sastra Sunda anu lahir jeung nganjrek di luar Priangan. Malah saupama aya sastrawan atawa pangarang anu lahir di luar Priangan tuluy nulis karya sastra, umumna mah ngarang maké basa Sunda lulugu.

Dina proses kréatifna ogé bisa dipaluruh lamun éta sastrawan atawa pangarang nu lahir di luar Priangan téh umumna mah boga kasang tukang atikan ti Jurusan Sunda, atawa boga tingkat adaptasi anu hadé dina ngagunakeun basa Sunda lulugu. Aya ogé kasus-kasus pangarang anu ngarang tur nganjrek di luar Priangan téh saenyana urang Priangan anu ngumbara ka luar.

Ku hal éta jadi kalumrahan, mun karya sastra Sunda mah warna Prianganana leuwih dominan, batan warna-warna wewengkon luareunana. Tur lamun aya karya-karya anu némbongkeun warna di luar warna Priangan, jadi anomali. Tapi ieu anomali téh jadi kaistiméwaan, lantaran dina dunya sastra mah warna-warna anu némbongkeun anti mainstream atawa némbongkeun warna lokal anu kentel jadi babandingan anu penting.

Hadi AKS, sastrawan Sunda anu kaitung produktif, kaasup salah saurang anu jol ti luar Priangan téa. Anjeunna lahir di Cikeusik, Pandéglang, Banten. Nepi ka SPG (satata jeung SMA), sakola di Banten. Ti dinya nuluykeun kuliah ka Jurusan Sunda IKIP Bandung. Lebah ngarang karya sastra, Hadi sok ngahaja ngangkat basa lokal jeung kahirupan masarakat luareun Priangan.

2.

Hadi lahir di Citapis 16 Mei 1965. Nepi ka SMA, Hadi hirup di lemburna, Pandéglang, Banten. Karek salulusna ti SPGN Pandéglang taun 1984, Hadi ngumbara ka Bandung, kuliah di Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda IKIP. Minatna kana kurung-karang dilakonan sabada milu kursus ngarang di Caraka Sundanologi taun 1986. Tapi kana tulas-tulis mah geus dilakonan ti taun 1985 kénéh. Karepna hayang jadi pangarang, dirojong ku karesepna kana maca.

Karanganana anu mimiti dipublikasikeun nyaéta sajak, judulna “Bandéra Hideung”, anu dimuat dina kalawarta Kudjang. Ari carponna anu mimiti dipublikasikeun nyaéta “Nu Mulang Pasosoré” dimuat dina majalah Katumbiri. Ti dinya karangan-karanganana merul. Nepi ka pupusna tanggal 24 Désémber 2025, karyana nu bacacar dina koran jeung majalah, dina média online, atawa nu mangrupa buku, geus jadi pananda mun Hadi AKS pangarang anu kaitung produktif sarta ngawarnaan kana sastra Sunda modéren. Kitu deui karya-karya non sastrana, utamana buku-buku pangajaran, diaku jeung diparaké ku balaréa.

Sabada kungsi nampa rupa-rupa hadiah sastra, taun 2023, Hadi kasinugrahan hadiah sastra Rancagé ti Yayasan Kebudayaan Rancagé keur buku kumpulan carponna, Surat ti Palmira. Hadiah sastra Rancagé téh apan kaitung gedé géngsina keur sastra daérah mah. Geus sawadina Hadi AKS kasinugrahan éta hadiah, sabab karangan-karanganana dina sastra Sunda mah apan kaitung nyongcolang. Enya gé hadiah Rancagé dilélérkeun keur karangan buku anu medal taun harita, tapi keur Hadi AKS hadiah Rancagé jadi simbol pangajén keur dirina anu geus bobolokot dina dunya sastra Sunda salila puluhan taun.

Lian ti jadi pangarang, Hadi ogé jadi guru. Mimitina di Pandéglang, tuluy pindah ka Lémbang, Bandung. Karirna dina ngaguruan ogé kawilang nyongcolang, utamana lamun diukur tina karancagéna ngajar nepi ka kasinugrahan Hadiah Hardjapamekas taun 2024, sarta carana ngatik ngadidik barudak nepi ka jadi pinunjul dina rupa-rupa pasanggiri. Lian ti éta, tina pangalamanana jadi guru, Hadi geus ngahasilkeun buku pangajaran basa Sunda, atawa buku-buku pangdeudeul kawas Peperenian, Panggelar Sastra, Saripati Basa Sunda, Tatarucingan, Euy!, jeung réa-réa deui.

Karancagéna dina neuleuman dunya sastra jeung dunya atikan, ditémbongkeun ogé ku cara nyiptakeun naskah pikeun panggung pintonan. Boh keur kaperluan kasenian, boh keur kaperluan atikan. Di antarana ku manggungkeun téater, monolog, atawa dramatisasi sastra, nyieun grup pupujian “El Nadom”, ngadegkeun Saung Sastra Lémbang, ngokolakeun komunitas Pakalangan jeung Pakarangan, sarta teu kaitung nyiptakeun kamonésan di panggung jeung di tempat-tempat umum. Hiji mangsa, dina raraga ngareuah-reuah Poe Basa Indung, Hadi turun naék beus kota keur macakeun sajak, pikeun ngahudangkeun kasadaran masarakat ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoéna.

Nitis deuih ka kulawargana. Ka istrina (Ai Koraliati) jeung putrana (Rangga Rahadian/Angga, Agi, jeung Gia), papada kungsi ngaramékeun panggung téater, sastra, atawa pasanggiri. Ieu kulawarga seniman téh, utamana sabada ngadegkeun Saung Sastra Lémbang, geus ngahasilkeun rupa-rupa préstasi. Murid-murid Hadi jeung Ai, loba nu jaradi pinunjul pasanggiri maca sajak atawa monolog. Dina panggung FLS2N, barudak didikan Saung Sastra Lémbang sababaraha kali jadi juara di tingkat nasional.

Pangalamanana dina organisasi gé kaitung euyeub jeung natrat. Ti keur mahasiswa kénéh, Hadi aktif jadi panitia Kongrés Basa Sunda, Pésta Sastra Sunda, ngokolakeun Klub Buku Bujangga Manik, sarta jadi pangurus aktif Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS).

3.

Minangka urang Banten anu tuluy ngumbara ka Bandung, tur ngabaktikeun hirup dina dunya sastra Sunda, Hadi kajiret dina dua dunya. Dunya kahiji nyaéta dunya panineunganana nalika hirup di banjar karang pamidanganana. Dunya kadua nyaéta dunya anu keur disorang di wewengkon Priangan.

Mun nilik kana prosés kréatifna dina kurung-karang, dunya kadua jadi tatapakan Hadi keur ngawangun prosés kapangaranganana. Sabada tatapakan kawangun, antarana ku cara ngulik basa jeung sastra Sunda lulugu di lingkungan akademis, wangwangan jeung imajinasi Hadi ngalayang ka jauhna, ka asal muasalna. Kanyataan yén Hadi teu bisa poho ka Banten minangka banjar karang pamidanganana, jeung ngalakonan hirup nu dikeureuyeuh bari jauh ti lembur, mangtaun-taun ngaganggayong pikiranana.

Éta dua dunya anu salawasna ngajiret dirina téh kalawan alus pisan diébréhkeun dina judul buku kumpulan sajakna: Ombak Halimun (2002). Di Citapis, lemburna, Hadi dalit jeung ombak, jeung basisir, jeung laut, jeung pamayang, atawa jeung kahirupan masarakat Banten nu sacara kultural leuwih kasar, poksang, tur ngagalura. Di Bandung, Hadi nineung ku halimun, sarta geus ngabetot jiwa jeung cintana ka alam anyar nu sing sarwa ahéng: gunung, leuweung, halimun, murub mubyarna kota, jeung kahirupan masarakat Priangan anu leuwih ngagalindeng.

Cindekna, Hadi kajiret antara ombak jeung halimun. Nu hiji jadi panineungan anu nganteng, nu hiji jadi katineungna anu ngagelenggeng. Dina situasi kawas kitu, Hadi ngahual-hualkeun gagasan jeung karyana anu kontras. Kawas aya dua sisi anu bisa diobah-obah sakumaha kahayang dirina. Nalika nyaritakeun lemburna, karasa nuansa jeung sumanget masarakat Banten anu cenderung garihal jeung teges. Nalika nyaritakeun alam Priangan, Hadi siga keur ngulinkeun batin anu lemes jeung gaya anu ngagalindeng. Dina hiji waktu Hadi mintonkeun ombak, dina waktu séjén mintonkeun halimun.

Sanajan aya sawatara karya-karyana anu kaluar tina kahirupan masarakat Banten jeung Priangan, tapi umumna karya Hadi ngahadirkeun dua dunyana anu teu bisa dipisahkeun atawa dilésotkeun salah sahijina. Dina buku Oknum (1998), dina situasi ingetanana seger kénéh ka lembur, Hadi loba nyaritakeun kaayaan lemburna tapi kentel kénéh maké gaya tutur Priangan. Tapi dina novel Saéni, Hadi siga hayang mulangkeun ingetan ka Banten sagemblengna. Gaya tuturna leuwih garihal. Tapi dina kumpulan puisi Ombak Halimun (2002), Hadi katalimbeng jeung kaganggayong deui ku dua dunya. Tah, dina kumpulan carpon Kalapati (2012) mah Hadi leuwih némbongkeun jiwa Prianganana. Kitu deui dina Tembang Matapoé (2018), pangarang geus ngajanggélék jadi urang Prianganana, méh baé taya sari-sari urang basisir.

Dua dunya Hadi kitu téh ditandeskeun ku pedaran juri Hadiah Sastra Rancagé waktu buku kumpulan carpon Hadi, Surat ti Palmira (2022), diputuskeun pikeun dilélér hadiah Rancagé taun 2023. Ceuk juri téh: “Cerita-cerita péndék dikelompokkan menjadi dua bagian. Bagian pertama memuat 10 cerpén yang kebanyakan téma ceritanya tentang kenangan dalam latar kehidupan pesisir barat Pulau Jawa, melalui gaya bahasa yang kaya dengan dialék Banten. Bagian kedua memuat 7 cerpén yang téma ceritanya menampakkan rasa prihatin terhadap masalah sosial, krisis ékologi, serta masalah kemanusiaan pada umumnya, bukan hanya di sekitar kampungnya sendiri, melainkan di mancanegara dengan mengandalkan bahasa Sunda lulugu. Meskipun dibuat menjadi dua bagian ternyata dapat memperlihatkan ésénsi yang menjadi ciri khas Hadi: terkesan oléh penampakan yang kemudian menyérét ke dalam batin. Walaupun urutannya tidak berdasarkan waktu, cerpén-cerpén dalam buku ini memperlihatkan perkembangan penulisnya.” 

4.

Naon-naon anu geus ditaratas ku Hadi AKS téh gedé gunana keur ulikan sastra Sunda mah. Pangpangna geus ngawarnaan sastra Sunda ku warna lokal anu teu pati museur teuing di Priangan. Hadi lain pangarang munggaran nu naratas jalan béda téh. Saméméh Hadi, aya Ki Umbara ti Kuningan, atawa Ningrum Djulaéha ti Subang. Ngangkat warna jeung gaya lokal, tangtu lain baé bisa ditafsirkeun karancagéan anu bisa nembus wates-wates kagaliban, tapi Sunda téh apan henteu ukur aya di Priangan. Sacara kultural, masyarakat Sunda téh beunghar pisan. Tapi hégémoni basa jeung sastra geus ngalantarankeun usaha ngagali kabeungharan batin jeung kultur masyarakat Sunda téh leuwih museur di Priangan.

Saha baé anu rék nuturkeun tapak lacak Hadi AKS, atawa pangarang lianna anu geus wani ngahualkeun jalan anu béda, tangtu kudu dirojong. Kudu aya anu naratas jeung némbongkeun ihtiar keur ngagambarkeun kabeungharan kultural urang Sunda di saban wewengkon. Lain baé kahirupanana, sumangetna, jeung dinamika sosialna, tapi ogé kudu alus ku basa wewengkonna séwang-séwangan anu jadi ciri mandiri.


Garut, 28 Désémber 2025.




DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Pangarang, nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Sababaraha kali karangan basa Sundana dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Buku kumpulan carponna, Nu Harayang Dihargaan, dilélér hadiah sastra Rancagé taun 1999. Sapopoéna mancén tugas jadi pengawas di lingkungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 


Posting Komentar

0 Komentar