Hadi AKS dina Panineungan - Tatang Sumarsono

 

Hadi AKS. AI Image.

Loba anu kagét waktu ngadéngé Ahmad Hadi (lahir di Pandéglang, 1965) tilar dunya téh, poé Rebo, tanggal 24 Désémbér 2025, di RSUD Lémbang. Asa diheulang, duméh dianggap teu méré heula tangara ti anggalna. Naha asana téh bet ujug-ujug? Enya, tuda katempo dina sapopoéna mah bangun nu jagjag Hadi téh. Sawatara poé ti lebaran taun ayeuna, Hadi nganjang ka imah kuring, ka Cibiru, kuateun kénéh nyetiran da. Éta gé manéhna nyaritakeun kasakit, cenah aya masalah dina jajantungna. Tapina ngobrol kituna téh bari seuseurian, jeung ngepluk udud.

“Dicarék ku dokter ogé, tapi da kumaha atuh,” kitu pokna dina perkara udud.

Harita Hadi nganjangna bareng jeung garwana, Ai Koraliati, katut budakna nu pangais bungsu, Agi. Ngobrol ngalér-ngidul ti wanci asar tepi ka bada magrib. Hadi nyebutkeun yén sakeudeung deui téréh pangsiun.

Biasana dina poé-poé lebaran, Hadi sarimbit sok nyimpang ka Cibiru. Éta téh bari sakalian indit rék silaturahmi ka pamatuhan mertuana, di Kadungora, Garut. Atuh kuring sorangan sok rajeun nganjang ka pamatuhanana, boh jaman di Ciburial boh sanggeusna pindah ka Cikolé.

Jaman Hadi keur lalagasan kénéh, kuring kungsi diajakan ka lemburna, di Cigeulis. Kaitung jauh ti dayeuh Kabupatén Pandéglang téh, da perenahna ampir ka sisi laut nu nyanghareup ka Pulo Rakata. Cenah, jaman keur jumenengna, ramana téh (Abdul Karim) kungsi jeneng jaro atawa kapala désa. Jadi, keur ukuran di lemburna mah kolotna Hadi téh lain si itu, si éta. Kasebutna jaro di Banten anu masih kénéh pageuh nyekel tradisi téa, kudu masagi dina sagala rupana, wabil husus dina urusan ulma-élmu kanuragan, urusan jumpa-jampé, jeung kasaktén katut kawedukan—cindekna mah kudu jadi jagoan, da mun teu kitu mah moal manjang kapaké ku masarakatna.

“Atuh meureun élmuna turun ka Hadi,” ceuk kuring.

“Nyéta henteu, Kang,” témbalna bari nyéréngéh.

Enya da, najan teureuh Banten pituin, Hadi mah teu katémbong teureugeus, komo mun bari perenges. Teu katempo tangtungan jawara, boh dina potongan awak boh dina keureutan beungeut.

Ukur semet deukeut dina harti wawuh jeung Hadi téh, henteu dalit sakulah-sakolih atawa sahakan-sainum, atawa mindeng tepi ka mondok-moék, bubuhan dina umur kaitung ganjor. Ti antara pangarang Sunda, anu leuwih deukeut jeung Hadi mah Darpan katut Cécép Burdansyah. Jeung nu dua éta mah katémbong raketna Hadi téh, keur mah deuih umurna teu géséh jauh.

Hadi ka kuring nyebutna Akang, atuh kuring ka manéhna cukup ku nyebut ngaran. Ngan ka dieunakeun, sanggeus papada kolot, nyebut téh sok ditambahan jadi Mang Hadi—minangkana mah ngaemangkeun barudak.

Enya, loba nu kaleungitan ku tilarna Hadi téh, utamana sobat-sobatna katut maranéhna anu mikaresep atawa jijibrugan dina sastra Sunda. Sakanyaho, dina kahirupan sastra Sunda kiwari, Hadi kaasup anu ancrub total. Hal éta katangén dina kagiatanana katut hasil-hasil karyana. Kituna téh bari leukeun nuyun ka para calon pangarang jeung pangarang yunior, dina bagbagan nyieun karangan. Hadi mah mémang kaimpungan ku maranéhna, mana komo sanggeus ramé jaman médsos. Dina mangsa saméméh nilar, Hadi keur sumanget jeung haget ngokolakeun Pakalangan jeung Pakarangan, minangka sarana diajar ngarang.

Dina urusan kasenian—hususna sastra, Hadi kaasup anu loba kabisana. Geus puguh nyarpon jeung nyajak, dalah nyieun naskah jeung nyutradaraan sandiwara gé sok dipigawé. Kitu deui dina urusan musik katut seni sora, jeung ngagambar deuih, ku manéhna kungsi dipaju. Cenah, cita-citana jaman keur masih sakola di SPG Pandéglang mah hayang jadi penyanyi dangdut.

Tina sajumlahing pangarang Sunda, lolobana mah jolna ti Priangan. Éta pangna ku ayana Hadi anu pituin teureuh Banten téh dipiharep sastra Sunda bakal tambah lega ambahanana. Tina karya pangarang Sunda teureuh Banten sahenteuna bakal aya warna lokal Banten, boh dina ngagunakeun basana boh dina nyokot séting carita. Hadi gé kitu, sawatara karyana—anu paling nenggang novel Saéni, karasa kentel suasana Bantenna (kasinugrahan hadiah sastra dina pasanggiri novel nu diayakeun ku majalah Manglé).

Mun dipancakakikeun mah kuring ka Hadi téh perenah adi—enya, adi angkatan di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah. Tapina, najan papada kuliah di IKIP Bandung, jeung Hadi téh teu kungsi tepung, mana komo babarengan di kampus mah. Tuda géséhna umur gé kaitung jauh, ampir kana sapuluh taunna. Waktu Hadi mimiti asup kuliah, taun 1984, kuring mah geus aya taunna jadi alumni. 

Mimiti tepung téh taun 1988, waktu rék lumangsung Kongrés Basa Sunda (KBS) di Cipayung, Bogor. Harita Hadi datang nepungan panitia di sekretariat, Kampus Unpas Jalan Tamansari. Maksudna mah hayang didaptarkeun jadi pamilon. Malah inditna gé mun diajakan mah, cenah, rék milu kana mobil panitia.

“Enya, heug atuh. Didagoan waé di dieu,” omong kuring bari disebutkeun jadwal inditna rombongan panitia.

Sonagar budak téh, ceuk dina haté. Da asa euweuh mahasiswa lianna mah anu hayang diajakan jadi pamilon KBS. Ari ieu ujug-ujug ngurunyung nepungan panitia. Nyebut budak sotéh pédah wé ka sahandapeun. Hadi teu ubral-obrol panjang, ukur nyaritakeun yén manéhna sok mantuan masarkeun majalah Manglé di jurusan.

Ti satutasna KBS, pleng waé teu kungsi panggih deui. Ngan saterusna kuring sok manggihan karanganana dina Manglé, maké ngaran Hadi AKS. Geus paroho deui ari anu dikarangna mah, ngan cenah Hadi téh sok miluan diajar ngarang di Caraka Sundanologi anu diasuh ku Kang Adang S. Henteu kungsi kapapay, naon waé beubeunangan tina diajar ngarang di Caraka téh. Ngan bangunna mah Hadi teu lila diajar ngarang ka Kang Adang téh. Kitu deui bangunna mah henteu terus dalit jeung papada anggota Caraka lianna.

Mimiti mindeng panggih jeung sok rajeun ngobrol téh sanggeusna Hadi sok miluan ancrub kana kagiatan sastra Sunda, di antarana nu dikokolakeun ku PP-SS. Lian ti éta, Hadi sok miluan mun kuring sabatur-batur keur ruang-riung di penerbit Geger Sunten, bogana Taufik Faturohman. Komo sanggeusna Hadi diajakan nyusun buku pangajaran basa Sunda mah. Mun teu kitu, tepung téh di rédaksi Manglé atawa di koran Sunda Galura.

Ti harita ogé geus katangén, Hadi gedé karep kana urusan kagiatan nu patali jeung sastra Sunda. Malah saterusna Hadi ngadegkeun jeung ngokolakeun Kleup Buku Bujangga Manik, di antarana babarengan jeung T. Bachtiar. Kungsi ngayakeun acara pésta sastra di Gedong Kasenian Rumentang Siang katut Gedong YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan), ngageder aya kana samingguna. 

Sanajan kuliahna geus lulus, katempona mah Hadi teu waka-waka dibenum jadi guru, atawa meureun tacan niat jadi guru, da masih ijigimbrang di Bandung ngokolakeun rupa-rupa kagiatan sastra Sunda. Cekéng gé enyaan jijibruganana téh. Teu halangan ku pédah geus boga kulawarga. Urusan jadi PNS ogé bangunna teu pati dipiroséa, da ukur sahayuna. Batur saentraganana mah geus baroga SK, tapi Hadi leuwih mentingkeun urusan sastra Sunda, utamana dina kagiatan anu patali jeung prosés kréatif ngarang.

Ti antara réngréngan pangarang Sunda entragan harita, Hadi kaasup anu nenggang. Najan dina urusan produktivitas mah teu pati punjul, karangan jieunan Hadi kaasup baleuneur, boh carponna boh sajakna, malah novelna. Aya di antarana anu dilélér Hadiah Sastra LBSS. Malah saterusna mah, dina taun 2022, buku kumpulan carpon Surat ti Palmira kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé.

Pamustunganana mah Hadi nyokot lolongkrang jadi guru, taun 1993-an asana mah. Ditempatkeunana di Pandéglang, sasatna dititah balik ka lembur sorangan, kawas mangpéngkeun kuya ka leuwi. Tapina geuningan teu lila dines di dituna téh, da terus ménta dipindahkeun ka SMP nu aya di Lémbang, Bandung. Kitu deui garwana anu harita mancén gawé jadi guru di Cikatomas, Kabupatén Tasikmalaya; sarua deuih pindah ka Lémbang, ngan pédah saterusna Ai mah jadi guru SMA.

Padahal anu kungsi kabandungan, salila Hadi jadi guru di Pandéglang, kagiatanana dina urusan ngahirupkeun sastra Sunda geus bisa dipikareueus. Ayana Hadi di Pandéglang bisa dianggap mawa napas anyar dina ngagederna kahirupan sastra.

Sanggeus ngajarna pindah ka Bandung, katempona mah kamotékaran jeung karancagéan Hadi tambah mekar. Bet kabeneran deuih Ai gé sarua pangaresepna kana ngarang katut urusan sastra Sunda lianna. Anu kungsi katangén téh Hadi jeung Ai babarengan nyieun garapan mentaskeun drama dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) nu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari (TSK). Sababaraha kali miluan jadi patandangna téh, tur arasup katégori juara. Dina salah sahiji garapanana, anu jadi pamaén utamana Rangga (budakna anu lalaki). Mémang di lingkungan kulawargana téh beunang disebutkeun sakaresep kana kagiatan sastra. Kaasup budakna anu dua deui adina Rangga—nyaéta Agi jeung Gia.

Dina mangsa-mangsa saterusna Hadi sok katempo mamawa piul (biola). Horéng mémang keur diajar miul, najan kuring tacan kungsi nyaksian Hadi manggung, atawa ngaluarkeun rékaman, ari lain sawates mirig nu maca sajak mah. Terus deuih kungsi resep ngagambar (mun teu salah mah samulangna diajak nganjang ka imah Hardiman di Bali—Hardiman anu lulusan Seni Rupa IKIP Bandung mémang pelukis, salian ti jadi dosén di Universitas Udayana téh). Sarua dina urusan ngagambar gé teu tepi ka jucung. Nya dina ahirna mah Hadi angger jejebloganana dina sastra Sunda.

Hadi ngadegkeun Saung Sastra Lémbang, ngokolakeun Pakarangan anu jadi pangipukan calon pangarang katut pangarang yunior, tur geus katémbong hasilna, lantaran anu marilu aub dina éta wadah loba anu geus mampuh makarya bari hasilna nyongcolang. Getol ngaramékeun pasanggiri, boh pasanggiri ngarang boh pasanggiri dina wangun pagelaran. Dina kagiatan Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N), murid asuhanana kungsi sababaraha kali nyangking juara nasional. Kitu deui dina Piala Réndra, jeung dina kagiatan Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI). 

Ari jeung kuring, Hadi kungsi babarengan ngokolakeun kursus ngarang anu diayakeun ku Yayasan Pusat Kebudayaan, di Jalan Naripan, Bandung. Aya bulanna kagiatan éta téh, sabab waktu lumangsungna saminggu sakali, ari kagiatanana disebut Béngkél Ngarang. Alhamdulillah, aya sawatara urang alumni Béngkél Ngarang anu masih aktif nyieun karangan tepi ka kiwari.

Saterusna remen tepung jeung Hadi téh dina keur mangsa-mangsa awal raména fiksimini, taun 2012-an. Harita maneuh diayakeun riungan di YPK anu kabeneran kuring ogé jadi pangurus éta gedong. Karasa hirupna, tur aya beubeunanganana deuih.

Dina periodeu harita, Hadi kaasup anu ngokojoan. Malah tepi ka daék maca fiksimini dina beus kota—teu béda ti nu keur ngamén. Geus puguh ari aya kagiatan dina panggung sastra mah. Pokona mah total cekéng gé. Teu ngan semet dinya wungkul, basa ramé wacana mata pelajaran basa daérah dipupus tina Kurtilas, nya Hadi ogé anu mokalan ruang-riung rapat di YPK, nepi ka gerna démo di hareupeun Gedong Saté—malah manjang démona nepi ka Senayan.

Lian ti éta, babarengan jeung Hadi téh dina kagiatan nyusun buku pangajaran basa Sunda, deuih, boh anu dikokolakeun ku penerbit Geger Sunten, boh anu ditangkes ku Dinas Pendidikan Jawa Barat. Manjang aya taunna babarengan dina kagiatan éta mah.

Hadi kungsi sakola deui ka pasca sarjana. Lulus, najan cenah elat waktuna. Béda jeung sawatara batur saentraganana, jaradi guruna téh loba nu terus arunggah jabatan, boh jadi kapala sakola boh jadi pengawas, ari Hadi mah bangun kaluli-luli, padahal ari wawasan jeung kaweruhna mah asa kurang kumaha. Hal éta kungsi dipapaykeun ka jinisna.

Ari jawabna téh, “Ah, teu hayang wé, Kang. Jaba ayeuna mah geus téréh pangsiun.” Enya waé, teu kungsi lila ti harita Hadi terus pangsiun. 

Kungsi tepung deui téh di Unpad, nohonan pangondang Prof. Ganjar Kurnia anu ngajakan badami ngeunaan rarancang eusi Manglé sanggeusna dibeuli ku Unpad. Ti dinya pleng teu panggih-panggih deui, bubuhan kuringna geus langka liliaran. Ari malem Rebo kamari bet meunang béja ti Rangga, horéng Hadi asup rumah sakit. Geus dirarancang, isukna kuring rék buru-buru ngalayad ka Lémbang. “Nuhun, Kang,” kitu WA balesan ti Ai. “Ayeuna masih teu acan kénging kamar.”

Ari subuhna, waktu kuring muka WA, bet aya béja susulan, sarua deuih ti Rangga, maké nomer WA bogana Hadi, “Pun bapa tos ngantunkeun ….”

Inna lillahi wa inna ilaihi roji’un. Bet ku teu sangka, padahal geus dirarancang rék dilayad ka rumah sakit.

Wilujeng angkat, Hadi! Mugi tingtrim di kalanggengan, kebek ku rohmat Alloh. Ketak jeung garapan anu geus dilaksanakeun dina ngahirup-huripkeun sastra Sunda, insya Alloh bakal jadi amal soléh, tur bakal aya anu neruskeun pataréma hanca.

Amin.





TATANG SUMARSONO, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 neruskeun sakola ka IKIP Bandung, Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda. Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Bukuna anu geus medal aya 66 judul, ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna. Kungsi sababaraha kali meunang hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Muchtar. Novel barudakna, Si Pasér, dilélér hadiah Samsudi taun 1993. Ari novel Demung Janggala jeung Galuring Gending dilélér hadiah sastra Racagé taun 1994 jeung taun 2002.

Posting Komentar

0 Komentar