![]() |
| Halteu. AI Image. |
Panganteur ti Rédaksi
Sabada anyar kénéh sastra Sunda ditilar ku Hadi AKS, bulan Januari ayeuna bet disusul ku Rudi Riadi, anu mulang ka alam kalanggengan tanggal 11 Januari kamari. Rudi Riadi lahir bulan Pébruari taun 1971. Taun 1991 kuliah ka Jurusan Basa Daérah IKIP Bandung nepi ka tamatna. Nya basa keur kuliah mimiti resep tulas-tulis téh. Sawatara karanganana dimuat dina majalah Manglé, tabloid Galura, koran Tribun Jabar, Pikiran Rakyat, jeung Galamedia. Bukuna anu geus medal kumpulan fiksi mini Lalaki jeung Tihang Listrik (2019).
Taun 1998 nepi ka 2001 téh bisa disebutkeun minangka puncak produktivitasna Rudi Riadi dina nulis. Carpon-carponna loba anu dimuat dina majalah Manglé. Kaasup carpon “Batur Meuntas” anu midang dina Cacandran bulan ayeuna, saméméhna kungsi dimuat dina majalah Manglé nomer 1756, édisi bulan April taun 2000. Malah nya basa taun 2000 ogé Rudi Riadi dilélér hadiah LBSS pikeun carpon jeung éséy.
Pamungkas, mugia baé almarhum dipaparin tempat anu pangsaéna ku Allah Swt. Amin ya robbal ‘alamin.
Ti Bapa asana, manggih omongan beresih henteuna titincakan téh karasana saupama urang geus nincak ti nu saméméhna. Lamun kakara hanjat tina leutak, taneuh kebul gé bakal karasa beresih. Pon kitu deui bakal karasa kotorna mun tas turun tina karpét.
Karandapan pisan ku sorangan. Mangsa bubujangan hirup sorangan. Teu ieuh rumahuh. Nyorang boga batur hirup, sagala pangabutuh dipupujuhkeun. Sasat hirup dikawulaaan. Sagala disadiakeun. Témpo nyorangan deui kawas ayeuna, maké wanoh jeung kecap kukulutus. Hayang ulah ngalaman heula boga batur. Ngarumas ku taneuh kebul, da puguh tina leutak langsung mancal kana karpét.
Poé ieu, munggaran digawé deui sanggeus ménta cuti saminggu ka atasan. Poé munggaran rék indit ngantor bari taya nu manglicinkeun, nu nyodorkeun cikopi, jeung nu ngamantégaan roti.
Kasauran indung harita mah dianggap angin baé. “Lain pibatureun, Jang.” Da puguh haté geus karungkup ku halimun duriat. Panon kalimpudan ku asih jasmani. Mana horéng kolot mah leuwih seukeut nénjo galagat. Nilik gurat kawanitaan pibatureun hirup anakna, teu wungkul tina sieupna pamulu jeung paripolah, tapi ogé tina jihat kapribadian nu nyumput. Salila sataun mah asa meunang ti omongan indung harita. Saméméh kuring balik ti luar kota salila sabulan, manggihan kuntung roko jeung sapatu lalaki, lain sapatu kuring.
Diwuwuh ku ngung-ngéngna béja jeung tingkecewisna tatangga. Antukna ngabedahkeun balong kasabaran. Ngajurung laku nepungan KUA. Nyieun putusan. Putusan nyieun “urut”. Dibarung ku rasa meungpeung. Meungpeung can boga turunan, nu dina ayana baris leuwih ngabanggakeun pikeun mungkas hubungan rumah tangga.
Hal éta pisan nu nyababkeun ménta cuti saminggu téh. Nganteur heula kahayang haté. Ngahiangkeun kamarudah. Keuna ku babasan murag bulu bitis. Ngalanglang saban tempat nu payus dijugjugan. Ngarucu harepan-harepan anyar, bari nyéndér kana kecap sugan jeung sugan. Sugan aya nu daék ngaganti nu leungit. Dina kanyataanana, nu ceuk batur “jodo mah jorok” téh éstu apik kacida. Sari-sari nyamuni di satukangeun gurat nasib. Atawa meureun saminggu mah lain waktu nu cukup?
Anapon kitu, nepi ka béakna jatah cuti téh harepan mah can pareum.
***
Moal kasamaran masing geus kasaput ku mangsa puluhan taun ogé. Karang handapeun panonna nu moal matak poho téh. Ukur pangling ku kulitna. Nu asalna hideung santen jadi semu umyang. Bati hadé piara.
Manéhna geus diuk dina korsi tunggu halteu basa kuring jol téh. Kawasna kuring nu pangheulana nangénan, da waktu kuring turun tina béca téh manéhna keur ngusapan budakna.
Maké switer rajut pulas coklat. Kerah kandel dijocongkeun. Ka handapna calana kulot. Kéncaeunana, tas gedé nu dina beuteungna aya tulisan “diadora”. Metet ku eusi, papakéan kawasna. Katuhueunana budak téa. Awéwé kira lima taunan. Keur lulucuna. Budak mah maké jakét bahan misty pulas kulawu nu di hareupna aya gambar Micky Mouse keur seuri. Dicalana kayas nu tilu parapat, sawarna jeung topi “tersayang” nu nutupan sabagian buukna.
Sorot panon budak nu ngagenyas, pasalia pisan jeung sorot panon indungna nu kawas tas ceurik.
Sanggeus nyakuan karcis, kuring nyampeurkeun manéhna. Katangén nyidik-nyidik heula. Panonna nu tapak beueus bangun sérab neuteup kuring. Teu lila siga nu kagentak ingetanana.
“Geuning aya di dieu?” pok téh bari nyolongkrong.
“Muhun,“ témbalna bari nampanan leungeun. Sorana beurat. Imutna maksa. Katempo ngageter lebah juru biwirna. Najan kitu, kuring manggihan deui imut puluhan taun ka tukang.
“Nu kasabaraha?” tanya téh bari nyawél gado budak. Budak nyusup kana lahunan indungna. Asa-asa ka budak téh, asa wawuh kana keureutanana. Teu siga indungna sidik gé.
“Nembé hiji,” témbalna.
Kantong badag dipindahkeun ka kolong korsi tunggu, di antara dua sukuna. Méré lolongkrang pikeun diuk saurangeun. Keur kuring tangtuna. Sampo Rejoice nyambuang tina buukna nu ngarumbay seret cangkéng. Beuki ngoréjatkeun ingetan. Lain ku seungit sampona, tapi ku seungit buukna nu baheula. Nu teu disampoan.
Keur di Cileunyi, mangsa dicalana pondok beureum, kuring mindeng babarengan jeung manéhna téh. Indungna sok nyieunan awug keur ka warung-warung. Bapana mah prah baé jeung urang dinya nu sarua pada-pada cacah tukang nyawah. Warga anyar kulawargana téh. Bubuara ti lembur séjén. Nyicingan imah panggung, tukangeun pisan imah kulawarga kuring.
Matakna nyorang jeung kecap “wanoh”. Waktu kuring kelas opat manéhna datang téh. Teu cara ayeuna, nu disebut wawanohan téh aya acarana. Apal ngaranna téh pédah ti indungna, bapana, atawa lanceuk-lanceukna nu mindeng nyebut ngaranna mun ngageroan. Da adina mah sok ngageroan tétéh.
Di masjid gigireun imah, mun keur ngaji, mimiti apal ka manéhna téh. Masjid leutik, ukur dipaké ngaji ku barudak pantaran kuring. Awéwé lalaki ngahiji teu dipindingan. Guru ngajina saurang, Kang Adé ngaranna.
Béda sataun jeung manéhna téh. Kuring kelas opat. Mun indit jeung balik sakola téh keur mimiti mah langka bareng. Kelas tilu mah bagilir jeung kelas dua, isuk beurang. Saminggu séwang. Da rohangan kelas saeutik kénéh. Kelas opat ka ditu mah bagian isuk terus.
Témpo manéhna bagian isuk gé tara remen bareng ari lain kabeneran tepung di jalan mah. Da teu niat nyampeur atawa disampeur najan imahna tukangeun ogé.
Nincak kuring kelas lima kakara mindeng bareng téh. Boh indit atawa balikna. Sok ngahaja noong heula kana liang konci panto tukang nu nembus ka imah panggungna. Mun sapatuna nyampak kénéh di gololodog, ngahaja can waka indit. Nungguan manéhna nyium leungeun kolotna.
Teu nungguan ditémbalan ku kolotna, langsung baé manéhna jingjrit ka jalan. Dina tonggong ngadaplok tas warna beureum. Sabeulah leungeunna ngajingjing kantong kérésék badag, eusina awug titipkeunan ka kantin sakola. Mun geus kitu mah kakara kuring nyusul tukangeunana, saratus méteran. Biasana manéhna sok ngalieuk bari imut. Leumpangna dikendoran, ambéh kasusul. Mun geus bareng, jingjingan kérésék téh sok dileupaskeun sabeulah, miharep sangkan kuring daék milu ngajingjing. Tara dipungpang.
Balikna nya kitu deuih. Mun kelasna diajar kénéh, kuring sok maledogan heula tangkal kupa hareupeun sakola. Ngabring balikna mah. Pisah-pisah mun geus nepi ka imah kolotna séwang-séwang. Lebah pertélon mah, duaan deui baé leumpang téh. Nutug ka kidulkeun.
Ari ka sakola, nyorang jalan jajahan, nanjak nu ka dituna bras ka Gunung Manglayang. Can diaspalan harita mah, karék diawuran batu sagedé-gedé peureup. Kitu gé ukur nepi ka balé désa. Ka dituna mah éstu taneuh beureum nu paselang jeung jukut carang.
Lebah nu can dibatuan mah sok laleueur jeung jareblog mun peutingna tas hujan téh. Nu matak leungeunna sok muntang kana taktak atawa nyepengan kana tali kantong kuring nu disoléndangkeun. Mun teu kitu, nya kana beubeur kuring muntanganana téh. Pareng nepi ka tegalan jukut, sapatu nu geus barelok ku taneuh ledok téh sok dikosod-kosodkeun kana jukut. Bari ngosodkeun sapatu, leungeunna muntang kana taktak kuring. Teu bisa disebut nompo mun manéhna keur ngosodkeun sapatu téh. Da aya gigireun. Ngan nu sidik mah, sawaréh buukna ngarumbay kana beungeut kuring. Nojosan pipi.
Lebah pertélon simpangan antara ka cékdam jeung ka sakola aya susukan nu rubakna kira tilu métér. Cukangna ku gombong dua teukteuk. Leucir pisan cukang téh mun peutingna tas ngecrek mah. Cihujan nyarakclakan tina sisi-sisina. Ku kuring sok dipangmeuntaskeun. Biasana kuring di hareupeun, leumpang ngagusur suku bari nyangigir da paur tisolédat. Manéhna nyusul tukangeun. Ridu ku babawaan. Bari ngagusur sukuna téh, manéhna sok nyepengan kana pigeulang kuring. Tipepereket. Atawa kuring nu sok nyepeng pigeulangna. Geus nepi mah kokosod deui baé. Meresihan sapatu kana jukut. Buukna nojosan pipi.
Rajeun mentegeg mun peutingna teu hujan téh.
Satuluyna mah manéhna sok ngahaja nyampeur. Pokna gé, “Ambéh aya nu mangmeuntaskeun.” Indungna mah séjén deui basana téh, “Ambéh aya batur meuntas.”
Sarua baé meureun hartina mah.
Sakali mangsa, Kang Adé ngajak barudak pangajian ulin ka cékdam. Poé Ahad harita téh. Indit ngabring ngaliwatan jalan jajahan, ngaliwatan cukang téa. Barudak awéwé dipangmeuntaskeun ku Kang Adé, kaasup manéhna. Nyorang jalan nu gurawés jeung belok mah, barudak téh dibantuan ku Kang Adé.
Teu kungsi ngarasa ngéwa ka Kang Adé.
Mindeng megat lebah lawang panto bari ngasongkeun pincukan daun cau. Awug. Kalapana anyar marud, mubul kénéh, can rapet jeung gula beureum. Ngomongna mah keur indung kuring ti indungna.
Euweuh nu istiméwa ti poé ka poé téh. Kitu jeung kitu baé. Tapi karasana teu matak bosen. Malah mah waktu téh asa nyérélék naker. Kakara sadar yén “moal salilana” téh basa lembur dipénta jadi lahan proyék perumahan pejabat. Teu ieuh matak geunjleung keur warga mah. Pasrah baé. Tumarima kana aturan di luhur. Tanah dibeuli kalawan hasil kamupakatan. Kuring sakulawarga mah harita gé langsung pindah ka kota. Harita téh kuring geus kelas genep. Kuring bet ngarasa asa diteungteuinganan ku kahirupan.
Mangsa-mangsa rék papisah téh nyorang sosobatan jeung paratna peuting. Lewang pabaur liwung. Nepi ka hiji waktu, indit bareng ka sakola kawas sasari. Peutingna teu hujan, tapi manéhna teu leupas tina muntangan kana taktak kuring. Nyorang cukang nu teu leueur ogé, manéhna bet maké nyepengan sagala kana pigeulang. Lebah tegalan, kuring jeung manéhna nyelang ngarandeg siga nu hayang ngosodkeun sapatu. Ukur paheneng-heneng, da puguh sapatu teu belok ku taneuh. Manahoréng éta mah ukur “prosési” paturay tineung baé.
Kawuwuh meunang béja, pajarkeun manéhna mah teu pindah sakolana téh. Hartina manéhna mah masih kénéh sok meuntas ka cukang nu éta. Sok ngosodkeun kénéh sapatu kana jukut di tegalan. Saha nu maturan manéhna mun kuring geus teu maturan?
Namperna kalangkang manéhna kuat ka taun-taun. Ukur ku rosana kahirupan baé sigana nu nyababkeun rada kapapalérkeun téh. Ditambah wangun kadéwasaan nu terus tumuwuh sacara teu sadar. Anapon kitu, kasebut palér téh lain hartina poho.
Ayeuna panggih deui jeung manéhna di halteu Haur Pugur, dibarung ku haté anu geus béda keretegna. Mun nempo kana panonna nu ceuleuyeu, riuk paromanna nu alum, tur kantong badagna nu pinuh ku pakéan, geus moal salah, manéhna gé keur ngalaman nasib nu sarua jeung kuring: nyorangan. Atawa rék nyorangan.
Paingan ceuk bujangga, salah sahiji “kalangenan” Pangéran mah sok nepungkeun deui dua waruga nu kungsi silih jugjugan rasa. Nepungkeun deui lalakon nu kungsi kadalon-dalon. Nepungkeun sagalana. Carita lawas jeung kakangen.
Rada nyasab panineungan téh sidik gé. Buukna nu baheula kungsi nojosan pipi bet ngalangkangan deui. Karasa deui nyecep ramona nu mindeng diranggeum, basa tadi pataréma. Karasa deui tipepereketna basa muntangan sabot meuntas cukang.
Mun ras kana omonganana baheula, “Ambéh aya nu mangmeuntaskeun,” sasat ayeuna mah meureun béda hartina. Najan enya keur dina suasana “hujan” dina haté séwang-séwang.
Naon atuh cukangna? Nya meureun ku nyorangan téa. Nyorangan kuring. Nyorangan manéhna. Teu kalis ku ukur lalakon mangsa keur dicalana pondok. Sarua baé nu ngaranna panineungan mah, halteu panungtungan rasa.
Inggis cau ambon dikorangan. Rumasa jadi lalaki leumpeuh yuni. Tapi da teu kitu, mun nempo tina sikepna. Kekecapan marelag dina tikoro. Manéhna siga nu keur namperkeun deui ingetan. Ngotéktak deui lalakon-lalakon lawasna nu geus mangtaun-taun dihandeuleum sieum.
Teu ilahar apanan, ongkoh panggih jeung sobat heubeul, sedengkeun kekecapan bet arancin. Ari lain ku pédah kungsi silih teuleuman rasa mah.
Bongan amprok atuh, lalakon siga rék dituluykeun. Atawa ngababakan deui, bari dilalakonkeun ku tokoh nu sarua. Bédana ukur pédah manéhna geus buntutan. Teu jadi hahalang. Malah budak téh bisa jadi alesan kuat pikeun silih jugjugan haté.
Mun ieu nu jadi cukang, sing ulah leucir sangkan teu tisolédat. Samar tuda ayeuna mah, saha nu mangmeuntaskeun jeung nu dipangmeuntaskeun téh. Bener ceuk indungna harita, “Aya batur meuntas.”
“Nyalira?” manéhna nanya. Dina sora nu angger beurat. Dina imut nu angger maksakeun. Giliran kuring nu kudu ngalenyepan pananyana. Naha manéhna nanyakeun kitu téh pikeun méré lolongkrang ka kuring sangkan ngahartikeun kecap “nyalira” ku kasurtian nu leuwih jero? Lebah dieu kudu wijaksana méré jawaban.
Tapi teu tulus ngajawab téh. Kaburu datang lalaki nu semu rusuh ngarawél kantong badag handapeun manéhna.
“Tong cios kana karéta, Mah. Bapa bieu nambut mobil ka Mang Didi. Énggal tos ngarantosan!” ceuk éta lalaki. Budak turun tina korsi tunggu bari gegeroan, bapa-bapaan.
Manéhna cengkat semu seunggah. Méméh ngaléos nyelang heula ngalieuk ka kuring.
“Apa ngantunkeun. Nyungkeun pidu’ana,” pokna.
Paingan asa-asa ka budak téh. Kana keureutanana. Da sidik atuh, lalaki nu bieu rusuh ngarawél tas badag téh Kang Adé. Guru ngaji baheula.
Kari kuring nu ceuleuheuk, nyaksian nu cikénéh kajadian. Kajadian sakocépat nu muyarkeun sakabéh panineungan jeung harepan.
Nu ngaran patepung téh, ukur patepung baé.
Bandung, 2000

0 Komentar