![]() |
| Jan Jacob Meijer. Sumber: De Hollandsche Revue No. 7 (1926) |
Baheula kungsi nulis ngeunaan J.J. Meijer dina majalah Manglé. Ngan baheula mah réa katuna, sabab tong waka tempat jeung titimangsa gumelarna, dalah ngaran papanjangna J.J. Meijer ogé teu kapapay. Tapi ayeuna mah béda deui. Sabab réa data nu anyar nu geus diunggah sarta beunang dipaké pikeun nganyahokeun sarsilah J.J. Meijer kalawan jinek jeung buleud.
Pustaka nu pangtétélana tina tulisan “Jan Jacob Meijer” beunang Marie C. Van Zeggelen nu dimuat dina De Hollandsche Revue No. 7 (1926). Tina judulna ogé geus nonggérak yén ngaran papanjangna J.J. Meijer téh Jan Jacob Meijer. Saméméh nepikeun beubeunangan Van Zeggelen, bisa diilikan tina situs-situs sarsilah pikeun nganyahokeun Jan Jacob Meijer téh. Antarana tina situs genealogieonline.nl.
Tina éta situs kanyahoan yén Jan Jacob Meijer téh lahir di Batavia, 17 April 1857. Indung-bapana Jacob Lodewijk Meijer jeung Anna Maria Henriette de Sha. Pagawéanana minangka “Controleur Tweede Klasse” (kontrolir kelas dua). Manéhna kungsi kawin dua kali, nyaéta ka Anna Marie Lawson di Bussum, Noord-Holland (12 Maret 1891) jeung ka Anna Maria Wielandt Bakker di Surabaya (9 Désémber 1907). Maotna dina taun 1926, basa umurna nincak 68 taun.
Den Javanicus
Ayeuna urang balik deui ka tulisan Marie C. Van Zeggelen. Kaharti ayeuna mah, naon kontéks éta tulisan. Éta tulisan minangka nékrologi atawa tulisan pangéling-éling maotna J.J. Meijer dina taun 1926.
Geura urang papay. Ceuk Van Zeggelen, Jan Jacob Meijer téh lahirna dina taun 1957. Bapana Jacob Lodewijk Meijer teureuh Portugis jeung Marie Henriette de Sha turunan Prancis. Alhasil, cenah gumulungna getih Portugis jeung Prancis dirina katut pangalaman keur leutikna di Hindia, ngalantarankeun J.J. Meijer jadi tokoh nu munasabah disebut minangka “J.J. Meijer den Javanicus” (J.J. Meijer sang ahli Jawa).
Ceuk Van Zeggelen, kasang tukang J.J. Meijer ngalantarankeun manéhna téréh pisan ngawasa basa Prancis katut basa-basa Timur. Karirna dimimitian dina umur 20 taun (1877), basa manéhna diangkat jadi jurutulis di Sékretariat Umum di Bogor. Dina taun 1878, Meijer diangkat jadi pagawé di Semarang sarta calon kontrolir. Dua taun sanggeusna (1880), Meijer jadi kontrolir saheulaanan di Tegal jeung jadi kontrolir kelas dua di Tegal (1883).
Kakara dina taun 1885, J.J. Meijer ditempatkeun di Tatar Sunda. Harita manéhna diangkat kontrolir kelas dua di Gunung Kancana, Afdeling Lebak, Karesidénan Banten. Genep taun ti harita (1891), Meijer diangkat jadi kontrolir kelas hiji di Gubog, Karesidénan Semarang. Tuluy ka Ungaran dina taun 1892 jeung ka Kediri taun 1896. Ti dinya jadi asistén residén Wonogiri di Karesidénan Surakarta. Dina taun 1900, dipindahkeun jadi asistén residén di Brebes, Karesidénan Tegal, jeung dina taun 1902 jadi asistén residén di Banyumas. Kalawan paméntana sorangan J.J. Meijer pangsiun dina taun 1908.
Sanggeus mulan-malén dines di “Binnenlands Bestuur” (pamaréntahan jero nagara, pangpangna keur kalangan Eropah), J.J. Meijer tetep renggenek di Walanda. Ceuk Van Zeggelen, sajeroning di Hindia, Meijer remen nulis boh keur koran boh keur majalah. Ngan basa geus marén cenah manéhna bisa museurkeun paniténna kana studi basa-basa Timur atawa ngamekarkeun dirina minangka hiji Javanicus. Sabab sanggeus henteu jadi pajabat kolonial di Hindia, J.J. Meijer jadi dosén keur mahasiswa Indologi jeung hukum adat Hindia di Den Haag.
Saméméh marén, dina taun 1907, J.J. Meijer diangkat jadi anggota komisi hukum adat babarengan jeung Prof. C. van Vollenhoven, guru besar Universitas Leiden. Dina taun 1910, Meijer dilantik jadi jurutarjamah resmi basa-basa Jawa di Mahkamah Agung Walanda. Harita manéhna réa nulis, nuluykeun hanca di Hindia, pangpangna dina majalah Koloniaal Weekblad, Indische Gids, Indië Oud en Nieuw, Hindia Poetra, jeung Indische Mercuur.
Pangajén anu katampa ku J.J. Meijer antarana aya “het Legioen van eer wegens buitengewone verdiensten aan Frankrijk” (Legiun pangajén alatan jasana nu luar biasa pikeun Prancis), “de Kambodja orde” (Orde Kamboja), “de orde van den Draak van Annam” (Orde Naga Annam), jeung “de Palmes d'Academie” (Palmes d’Académie alatan tulisan-tulisanana dina basa Prancis). Éta tulisan-tulisan pamungkasna pangpangan dimuat dina Quinzaine Coloniale. Ari Orde Kamboja lantaran jasana pikeun Musée Guimet di Paris, mangrupa 14 arca Buddha tina parunggu.
Ngulik Urang Parahiang
Lantaran ieu tulisan museurna kana J.J. Meijer minangka salah saurang nu ngulik Baduy, sebutan “Een Javanicus” ti Marie C. Van Zeggelen téh teu laku. Van Zeggelen mémang nyabit-nyabit Meijer nu ngulik Baduy dina tulisanana. Ceuk Van Zeggelen, basa Meijer dipindahkeun ka Lebak, manéhna milu ngayakeun panalungtikan babarengan jeung dokter Julius Jacobs. Hasilna buku De Badoej’s beunang Dr. Jul. Jacobs jeung J. J. Meijer, diterbitkeun ku Koninklijk Instituut voor Taal-, Land- en Volkenkunde van Nederlandsch-Indië (KITLV, Institut Karajaan pikeun Basa, Géografi, jeung Etnis di Hindia Walanda).
Salah sahiji beubeunangan Jacobs-Meijer téh némbongkeun yén masarakat nu ditalungtikna leuwih milih disebut “Oerang Parahiang” batan sebutan “Bedoei” atawa “Bedoeinen” tetelahanana urang luar. Cenah, nu matak ahéng mah, masarakat saperti Urang Parahiang nu hirup di salah sahiji wewengkon Jawa sarta aya dina wates jeung Karesidénan Priangan nu ramé, mampuh mertahankeun dirina salila mangabad-abad. Taya saurang ogé nu enya-enya mikanyaho Urang Parahiang, sabab nu salila harita aya, ukur dugaan-dugaan sarta gambaran kaliru nu nyebut Baduy téa. Padahal ngan kahalangan ku pager tatangkalan baé. Kitu kayaanana nepi ka taun 1888, waktu Meijer, Jacobs, katut saurang deui, asup ka wewengkon Parahiang téh.
Jurutungtik nu tiluan téh meunang bantuan ti Bupati Lebak minangka perantara antara urang Eropah jeung masarakat Baduy. Pikeun Dokter Jacobs, Urang Parahiang matak narik tina jihat médis, sedengkeun pikeun Kontrolir Meijer tina sisi linguistik, sabab cenah basa masarakatna geus kaisolasi salila mangabad-abad méh beresih tina pangaruh luar.
Nya di dieu pisan Meijer bisa manggihan enas-enasna basa Sunda téh. Kitu deui sajarahna, sabab taya rékaman tinulis. Lalakon baheula Urang Parahiang hirup dina pantun nu diturunkeun ti jalma-jalma, minangka carita sasakala atawa sajarah nu ditembangkeun. Aya kira-kira sapuluh carita pantun nu beunang dirékam ku Meijer. Samalah ceuk Dokter Jacobs mah éta carita-carita pantun téh némbongkeun yén urang Baduy téh turunan ti Karajaan Pajajaran, sabab sakabéh eusina aya gantar kakaitanana jeung kajayaan éta karajaan, saméméh Islam asup ka Pulo Jawa. Ku kituna, cenah, urang Baduy téh bisa dianggap nu ngaragem agama Hindu sarta mencilkeun manéh demi mertahankeun kapercayaanana, sarta lain asli urang Karajaan Banten.
Cindekna, keur buku De Badoej’s, Dr. Jul. Jacobs midangkeun déskripsi étnologis, sedengkeun J.J. Meijer nulis bagian basa jeung kasusastraan urang Baduy. Di dinya, Meijer midangkeun sawatara carita pantun nu ditarjamahkeun kalawan naratif.
Jalan ka Baduy
Pertanyaanana, kumaha carana J.J. Meijer bisa ngulik basa katut kasusastraan urang Baduy? Salah sahiji jawabanana lantaran Meijer jadi anggota komunitas ilmiah, boh di Hindia boh di Walanda. Di Hindia, J.J. Meijer kacatet aktif jadi anggota Het Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (BGKW, Beungkeutan Batavia pikeun Seni jeung Pangaweruh). Sedengkeun di Walanda manéhna aktif minangka anggota KITLV.
Bukti kagiatan Meijer di BGKW, pangpangna anu aya patula-patalina jeung ulikan Baduy, bisa kacukcruk dina Notulen van de Algemeene en Directie-vergaderingen van het Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (Notlensi Rapat Umum jeung Direksi BGKW atau bisa disingget NBG) édisi taun 1886 nepi ka taun 1889.
Dina NBG 1886 (medal taun 1887) masih kacatet yén Rapat Pangurus BGKW tanggal 5 Januari 1886, ngabahas surat Residén Tegal nu mikeun koléksi titinggal purbakala nu asalna ti Onderafdeling Boemiajoe sarta dihadiahkeun ku J.J. Meijer, kaasup artefak parunggu, beusi, batu, gagarabah, koin Tiongkok, lémpéng tambaga prasasti Jawa, jeung fragmén parunggu. Kitu deui dina rapat 2 Pébruari 1886, masih kacatet J.J. Meijer minangka kontrolir di Tegal, nyumbangkeun lémpéngan tambaga ukuran panjang 26,5 cm rubakna 3,2 cm nu eusina prasasti aksara anyar.
Demi dina taun 1886 ka tompérnakeun, geus kacatet aktivitas Meijer di Gunung Kancana, Lebak. Buktina dina NBG 1886 karékam yén Rapat Pangurus BGKW tanggal 7 Désémber 1886, ngabahas surat J.J. Meijer tanggal 21 Nopémber 1886 nu nanyakeun naha dina koléksi naskah BGKW aya pantun-pantun Baduy anu sababaraha taun saméméhna geus ditulis dumasar kana paménta asistén residén Lebak. Mun aya, cenah, manéhna rék nginjeum keur pakéeun. Mun euweuh, cenah, Meijer rék narékahan nuliskeun deui.
Ceuk pangakuan Meijer, sajeroning campur gaul jeung urang Baduy, manéhna teu kungsi ningali urang Baduy maké baju tina agel (agal, serat kulit tangkal). Ngan manéhna nyebutkeun di wewengkon Tegal kungsi ningali bahan gantung tempat pakéan ditinun sarta bahanna tina daun hoé pélah, nu réa kapanggih di Banten Kidul. Antukna Pangurus BGKW méré kalaluasaan ka Meijer pikeun nuliskeun pantun-pantun Baduy jeung mikeun salinanana keur BGKW, mun koléksina mémang can aya dina koléksi naskah BGKW.
Nincak taun 1887, beuki réa jasa J.J. Meijer keur BGKW téh. Dina NBG 1887 (medal taun 1888), kacatet dina Rapat Pangurus BGKW tanggal 1 Pébruari 1887, Meijer mikeun dua naskah ti Banten. Satuluyna dina Rapat Pangurus BGKW tanggal 8 Nopémber 1887, manéhna kacatet mikeun barang-barang étnologi ti Karesidénan Banten, ngaliwatan Mr. J.A. van der Chijs.
Dina NBG 1888 (1889) kapanggih deui raratan Meijer keur ulikan Baduy. Dina Rapat Pangurus BGKW tanggal 3 April 1888, disebutkeun yén tanggal 31 Maret 1888, Meijer nyuratan ka BGKW, maksudna nawaran keur ngumpulkeun barang-barang anu aya gantar kakaitanana jeung laki rabi urang Baduy, keur museum BGKW. Atuh pangurus BGKW bungah nu aya, sarta ngabagéakeun pisan niat Meijer.
Hiji deui tina NBG 1889 (1890). Tanggal 4 Januari 1889, Meijer nanyakeun ka pangurus BGKW naha manéhna bisa nginjeum naskah Malayu jeung Sunda tina koléksi perpustakaan BGKW nu eusina ngeunaan ajaran-ajaran Naqsyabandiyah, Qadiriyah, Syattariyah, jeung sajabana. Dina Rapat Pangurus tanggal 8 Januari 1889 diputuskeun sangkan Dr. J. L. A. Brandes nyusul tepus kahayang Meijer.
Dina rapat Rapat Pangurus tanggal 5 Pébruari 1889, kanyahoan yén Meijer téh tulus nginjeum opat carita pantun tina koléksi BGKW sarta geus dipulangkeun deui. Ngan dina Rapat Pangurus tanggal 9 Maret 1889 diputuskeun yén G. Schieker, Anrooij, J.J. Meijer, Mr. A.J. Reitsburgh, M.C. H. M. Le Roux, dipupus tina kaanggotan BGKW lantaran pindah tempat nganjrek, maot, atawa alatan paménta sorangan. Dina kontéks Meijer, kakolom kana pindah panganjrekan.
Kitu sarsilah pangna J.J. Meijer bisa ngulik basa katut sastra Sunda nu kapanggih ti Baduy téh, pangpangna palebah ulikanana ngeunaan carita pantun.
Basa Sunda
Mun ditengetan deui kalawan gemet, karya-karya J.J. Meijer anu aya patula-patalina jeung basa katut sastra Urang Parahiang téh aya lima karangan. Nu opat dimuat dina jurnal wedalan KITLV, Bijdragen tot de Taal-, Land- en Volkenkunde van Neerlandsch Indie (BKI). Dina BKI Vol 39, No 1 (1890) dimuat “Bijdrage tot de Kennis van het Bantensch Dialect der Soendaneesche Taal” jeung “Proeve van Zuid-Bantensche Poëzie”. Dina Vol 40, No 1 (1891) kamuat tulisanana “Badoejsche Pantoenverhalen” jeung “Tjarita Ki-Asdoera”. Nu hiji deui mangrupa buku De Badoeij’s (1891) beunang babarengan téa jeung Jul. Jacobs.
Mun diruntuykeun, “Bijdrage tot de Kennis van het Bantensch Dialect der Soendaneesche Taal” réngsé ditulis di Den Haag, Januari 1890. “Proeve van Zuid-Bantensche Poëzie” di Den Haag, April 1890. Bagian keur buku De Badoeij’s, bérésna di Bussum, Juli 1890. “Tjarita Ki-Asdoera” réngséna di Bussum, Agustus 1890. Hiji deui, “Badoejsche Pantoenverhalen” ditulisna di Bussum, Oktober 1890. Alhasil, kabéh tulisan J.J. Meijer anu aya patula-patalina jeung basa katut sastra urang Baduy ditulis dina taun 1890 di Den Haag jeung Bussum, saméméh pruk jatukrami jeung Anna Marie Lawson dina Maret 1891 jeung saméméh mancén gawé jadi kontrolir kelas hiji di Gubog, Karesidénan Semarang.
Dina panganteur “Bijdrage tot de Kennis van het Bantensch Dialect der Soendaneesche Taal”, Meijer nétélakeun yén éta tulisan miang tina pamanggih S. Coolsma dina panganteur kamus Sunda-Walanda beunangna. Coolsma nyebutkeun tacan réa dipikanyaho ngeunaan basa di Priangan jeung Bogor, komo deui basa nu aya di Jampang, Karawang, jeung Banten. Éta pamanggih Coolsma nu ngajurung Meijer pikeun ngumpulkeun kosa kecap Banten nu tacan aya dina kamus Coolsma.
Demi cara ngumpulkeunna, Meijer gunem catur langsung jeung nu boga basana. Pangpangna nu dikumpulkeun ku manéhna téh dialék di Afdeling Lebak, Afdeling Pandeglang, Afdeling Caringin, jeung Distrik Cikande nu ngawates jeung Tangerang. Mun teu kérok ngitung, kabéhanana aya 477 kecap asal nu beunang dikumpulkeun ku Meijer. Pangpangna nu réa téh kosa kecap anu aya patalina jeung ngaran-ngaran lauk laut nu kapanggih di Labuan jeung Caringin, kayaning ajahan, babalak, bagad, bahar, balida, bangbangan, banjar, bélang, bélap, béntong, bibilak, bilis, bobondol, bulan-bulan, burunuk, boncél, datawalang, jajambéan, jalidin, japuh, jeuray, jilulut, jinaka, jeung sajabana ti éta.
Dina panganteur “Proeve van Zuid-Bantensche Poëzie”, Meijer nyebutkeun yén urang Banten Kidul mibanda sipat puitis jeung musikal. Kalangan terpelajarna ngan mikanyaho Wawacan Séh, nyaéta biografi Seh Abdoelkadir Djaëlani, nu naratas Tarékat Qadariyah jeung panyalindungan kaom jajaluk. Mun patani urang Banten Kidul panén, sok ngariung jeung maca Séh. Mun keur salsé, pikeun ngeusian lolongkrang waktu, patani téh sok tetembangan susualan (sisindiran), nu kungsi kacatet ku Dr. van Hoëvell dina Tijdschrift van Nederlandsch Indië taun 1845.
Dumasar informasi ti Raden Toemenggoeng Soerijanataningrat, Bupati Lebak, Meijer jadi nyaho yén kawas sisindiran jeung bangbalikan, umumna susualan ngawengku opat padalisan, nu unggal padalisanana ngandung dalapan engang. Padalisan kahiji ngawirahma jeung padalisan katilu, jeung padalisan kadua ngawirahma jeung padalisan kaopat. Nu matak, ceuk Meijer, susualan téh mirip jeung pantun Melayu di Batavia. Susualan téh réa jadi répértoar ogél, pangangklung, tukang calung, jeung doblang.
Demi nu hasil ngumpulkeun Meijer, cenah, sawaréh meunang nuliskeun manéhna sorangan, sawaréh deui meunang nyatetkeun jurutulis kontrolir, Agoes Raksa Atmadja, langsung tina lisan rayat atawa ti jurutembang kuriling. Meijer ngawatesanan kana sakur susualan nu teu cawokah, sabab nu kasar teuing mah teu diasupkeun. Cindekna, dina éta karangan Meijer ngumpulkeun conto-conto susualan nu aya di Banten Kidul.
Carita Pantun Baduy
Ari keur buku De Badoeij’s, J.J. Meijer nulis bagian “Taal- en Letterkunde” (basa jeung kasusastraan). Antarana aya pedaran nu dijudulan “I. Het Badoejsch dialect in vergelijking met het Preangersch”, “II. Verschil tusschen de spreektaal en de taal der pantoens”, “III. De pantoenverhalen”, “IV. Korte analyse de pantoenverhalen”, “V. Inhoud der pantoenverhalen”, jeung “VI. De litterarische waarde der pantoenverhalen”.
Ceuk Meijer, hubungan manéhna jeung urang Baduy mawa kayakinan yén urang Baduy téh turunan jalma-jalma nu basa Karajaan Pajajaran runtuh lalumpatan ka Banten Kidul. Salila leuwih ti opat abad, urang Baduy hirup di luar pergaulan jeung lingkungan sabudeureunana, bisa pisan mencilkeun manéh.
Tina jihat basana, Meijer manggihan yén urang Baduy kungsi maké umpak-umpak basa atawa undak-usuk basa sakumaha nu kapanggih ku manéhna tina carita pantun, antarana tina lalakon Langga Sari aya kecap rama, ibu, piderekan misan, putra, pawistri, matur, calik, padaleman, lanceuk, pawarang, anděg patih ngemban timbalan dalěm. Tina lalakon Raden Tegal kapanggih kecap kula nu dipaké ku panakawan, jompong nu dipaké keur ka gusti, unjukan, pangawulaan, tuan kuring, pangapunten, pikersaeun, mastaka, raka, nginang, jeung linggih.
Satuluyna tina lalakon Kuda Wangi aya kecap carogé, panonpoé, nangis, jeung ngalemar. Dina lalakon Paksi Keuling aya kecap langkung, ngersakeun, jeung palay. Tina lalakon Kidang Panandri kapanggih kecap jenengan, payunan. Tina lalakon Panambang Sari aya kecap kakasih, diparek, badan kuring. Dina lalakon Bima Wayang, Meijer manggihan ungkara “Kaka koela Raden Lambang Sari teu aja di boemi.”
Ceuk Meijer, tina conto-conto téa bisa dicindekkeun yén bédana umpak-umpak basa mémang kungsi aya di Baduy, ngan tuluy leungit balukar tina kaayaan khas nu geus kaalaman ku urang Baduy mangabad-abad. Sabab, cenah, taya hiji ogé kecap lemes nu kapanggih deui dina basa lisan urang Baduy harita.
Dina pedaran pantun, Meijer ngadadar struktur, analisis, eusi, ajén carita pantun sarta nyebutkeun judul-judulna nu kungsi dirékam ku manéhna. Cenah, Meijer hasil nuliskeun sapuluh carita pantun langsung ti jurupantun Baduy nu béda-béda, nyaéta lalakon Ranggah Séna, Koeda Gandar, Langga Sari, Koeda Wangi, Kidang Panandri, Bima Wajang, Radén Tegal, Gadjah Loemantang, Paksi Keling, jeung Panambang Sari. Tina carita-carita séjénna, Meijer ngan manggihan judul-judulna baé, nyaéta Badak Singa, Tjijoeng Wanara, Kidang Panandjoeng, Loetoeng Kasaroeng, jeung Matang Djaja.
Dina tungtung tulisanana, Meijer nganuhunkeun ka Prof. Dr. H. Kern (guru besar di Universitas Leiden), Dr. Th. C. L. Wijnmalen (pustakawan perpustakaan karajaan jeung sékretaris KITLV di Den Haag), S. Coolsma (Direktur Rumah Zending di Rotterdam), W. van Gelder (urut kapala Kweekschool Bandung, nu keur cuti di Walanda), katut Dr. J.K. Jacobs (Perwira Kaséhatan kelas I Angkatan Darat Hindia Walanda, nu mantuan sajeroning ngulik Baduy jeung flora nu kapanggih harita).
Dina panganteur “Tjarita Ki Asdoera”, Meijer nyebutkeun yén bédana dialék Banten Kidul jeung dialék Priangan téh henteu gedé, kaasup nu kapanggih dina Carita Ki Asdura. Ki Asdura téh cenah patani biasa nu ngarangkep minangka paninggaran, urang Désa Panyacaran. Minangka tukang moro maung. Ngaran Ki Asdura geus kawentar ka unggal distrik nu aya di Banten Kidul jeung Banten Kulon. Samalah dihalormat boh ku rayat boh ku ménak ogé.
Ari carita nu ditepikeun ka Meijer, ku Ki Asdura ditepikeun di hareupeun Wadana Parung Kujang. Ku lantaran jeung ménak-ménak téh kaitung landes, jadi Ki Asdura bisa nyerep basa lemes jeung bisa ngaroko di hareupeun ménak deuih. Carana ngomong sarua baé antara ka Wadana Parung Kujang, ka para bupati Banten Kidul jeung Banten Kulon, ka Asistén Residén Caringin A.E. van der Meulen nu bisaeun basa Sunda, katut ka Meijer ogé.
Hiji deui, tina panganteur “Badoejsche Pantoenverhalen”, urang meunang gambaran cara Meijer ngumpulkeun carita pantun. Asalna, cenah, basa manéhna masih jadi kontrolir Afdeling Gunung Kancana, ana dines ka Onderdistrict Bojong Manik, Distrik Parung Kujang, sok tara cicing di pasanggrahan, da euweuh. Manéhna leuwih milih ngarereb di Sereweh, Désa Kebon Cau. Pangpangna di imah Djoeragan atawa Jaro Alwan, bapana kapala désa. Nya di Sereweh pisan Meijer bisa wawanohan langsung jeung urang Baduy, ku lantaran Désa Kebon Cau téh wates jeung Kanékés, tempat nganjrekna urang Baduy.
Nu matak éta téh, cenah, ngajurung Meijer pikeun leuwih mikanyaho Baduy. Basa Meijer tepi ka Sereweh, ngarah rada haneuteun, beurangna, Alwan nabeuh angklung, ari peutingna ngulem jurupantun. Ceuk Meijer, najan harita manéhna saeutik pisan ngarti kana naon-naon nu ditepikeun ku juru pantun, sabab manéhna can aya sabulan dipindahkeun ti Jawa Tengah, carita pantun téh matak tibelat. Mélodi pantun nu mélankolis aya maunatan. Nu matak, enya-enya Meijer ngabandunganana sarta nitah para pagawé bumiputra nu marenganana nepikeun deui eusi caritana ku basa Malayu nu kaharti ku Meijer.
Satuluyna, unggal ka Sereweh, Meijer sok ngulem jurupantun ti Kanékés. Aya Towa Yasti, Ayah Jasini, Ayah Sarsimin, Pangantén Akwin (nu nepungan Meijer dibarengan ku Ayah Jaeni, kokolot pangasuh ti Cikeusik, nu cenah datangna téh kalawan asmana Kaka Girang nu nanyakeun kaséhatan Meijer, padahal sabenerna diutus ku puunna pikeun nalungtik naon sabenerna nu dipigawé ku Meijer di Sereweh).
Laun-laun mucunghul karep Meijer pikeun miboga éta salinan-salinan carita pantun. Da ceuk manéhna mah bisa jadi éta carita-carita mangrupa sarana nu hadé pisan pikeun diajar basa Sunda. Bawahan bumiputrana kungsi nyarita yén Asistén Residén Baak kungsi nitah nuliskeun carita pantun keur BGKW. Nya Meijer ngontak diréksi BGKW, ngan cenah carita pantun téh geus euweuh dina koléksi naskah BGKW. Ku kituna, Meijer kajurung pikeun nyatetkeun carita pantun, ngarah henteu musna.
Sanggeus hasil ngolo urang Baduy sangkan datang ka imah kontrolir di Gunung Kancana, ngaliwatan jasana Juragan Alwan, Meijer nugaskeun jurutulisna, Agoes Raksa Atmadja, pikeun nuliskeun kecap demi kecap naon-naon nu ditembangkeun ku jurupantun. Sanggeus kitu, téks beunang nulis Agoes dipariksa kalawan gemet ku Meijer, tuluy disalin deui ku manéhna.
Sakitu tah lalakon Jan Jacob Meijer nu ngulik Urang Parahiang téh. Nya mun dibandingkeun jeung tulisan méméhna nu dimuat dina majalah Manglé, tulisan anu digarap ayeuna téh bisa jadi leuwih lengkep. Lantaran ngaran papanjangna, kasang tukangna, jeung karierna, beuki kapanggih. Kitu deui prosés J.J. Meijer mimitina ngulik basa katut sastra Sunda, kaasup asal-muasalna bisa ngarékam carita pantun Sunda ti Baduy.

0 Komentar