![]() |
| Pangantén. AI Image. |
SILALATU
Aya kénéh ibing nu ulin
Teu anggang tina tungtung guligah seuneu
Ruhakna rasa nu teu tuah teu dosa.
Ruhakna rasa nu teu tuah teu dosa.
Aya kénéh réréma angin
Ukel nyawang igel ringkang seug rigig
Usikna teu langkung gending pamirig.
Hégarmanah, 2017-2025
TEA HOUSE II
TEA HOUSE II
Girimis gé ngeclakkeun cimata
Digisik simpé. Angin laun ngupahan lebah pudunan
Wekel nuyun halimun.
Digisik simpé. Angin laun ngupahan lebah pudunan
Wekel nuyun halimun.
Di dieu carinakdak lampu kota
Teuing ku nampeu. Asa enya urang rék lubar
Nyalabarkeun sakur kakelar.
Teuing ku nampeu. Asa enya urang rék lubar
Nyalabarkeun sakur kakelar.
Girimis gé ngeclakkeun cimata
Sawaréh ninggang kana awak
Saleuwihna murag boa di mana.
Sawaréh ninggang kana awak
Saleuwihna murag boa di mana.
Bandung, 2019
KACINDEKAN
KACINDEKAN
Mangsi téh geuning peureutan mangsa
Nu diteueulkeun ku ramo-ramo nasib, lalaunan
Kana lalambaran rusiah Pangéran.
Nu diteueulkeun ku ramo-ramo nasib, lalaunan
Kana lalambaran rusiah Pangéran.
Keretas téh kutan amparan rasa
Saha waé wenang nincak, kaasup kahayang sorangan
Najan parungpang jadi babatang.
Saha waé wenang nincak, kaasup kahayang sorangan
Najan parungpang jadi babatang.
Hégarmanah, 2025
DINA JERO SAJAK
DINA JERO SAJAK
Hawar-hawar nu sumegruk
Halon dina jero sajak. Bet sada si hinghing aing
Nu kasampak ngan aksara, kecap jeung ungkara
Balem teu walakaya.
Halon dina jero sajak. Bet sada si hinghing aing
Nu kasampak ngan aksara, kecap jeung ungkara
Balem teu walakaya.
Lapat-lapat bet ngolébat
Giras dina jero sajak. Bet kawas si rigig kuring
Nu kapanggih ngan rasa, lampah jeung lalakon
Sarwa nyidem kapeurih.
Giras dina jero sajak. Bet kawas si rigig kuring
Nu kapanggih ngan rasa, lampah jeung lalakon
Sarwa nyidem kapeurih.
Hégarmanah, 2025
BUAH ANGGUR
BUAH ANGGUR
Heureuy nanya jeroning haté, ka buah anggur nu meuhpeuy
raweuy antara daun jeung areuy. Katoong tina lawang pager
pakarangan gedong sigrong. “Hak saha lamun pareng asak?”
manéhna imut kareueut tuluy leungit bareng jeung gerbang
nu meundeut. Mindingan antara héjo lamuk lamunan jeung
bungur-hideung warna katineung kuring.

Bandung, 2026
AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Dumuk di Cililin. Sajak-sajakna dimuat dina Manglé, Cupumanik, Kabar Priangan, Galura, jeung Galamedia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS. Buku kumpulan sajakna Hariweusweus Leuweung Pineus (2013). Kiwari sapopoéna salian ti nulis sajak, ogé nulis rumpaka lagu jeung ngoléksi wayang golék.

0 Komentar