![]() |
| Ajag. AI Image. |
Bulan Maret ayeuna Cacandran midangkeun deui carpon tarjamahan beunangna HH Munro, anu dina karanganana sok maké sandiasma Saki. Ieu pangarang Inggris téh ngaran lengkepna Hector Hugh Munro. Lahir di Myanmar taun 1870. Maot di Prancis taun 1916, dina médan Perang Dunya I. Najan umurna kawilang pondok, tapi kaasup produktif nulis carpon. Bukuna anu kasohor di antarana The Open Window. Carpon “Nu Mareuntas” ditarjamahkeun tina “The Interlopers”.
Di hiji leuweung gulampéng wétan Pagunungan Karpatia, dina wanci peuting mangsa usum tiris salju, hiji lalaki kasampak keur ngajega. Panon jeung ceulina rancingeus ngawaskeun, lir anu keur ngadago-dago sato boroan asup kana panénjo jeung congo bedilna. Tapi, lain sato saenyana anu harita keur didodoho ku manéhna téh; Ulrich von Gradwitz keur ngadodoho jelema.
Tanah leuweung di dinya téh bogana kulawarga Gradwitz, kawilang lega sarta loba sasatoanana. Lebah watesna aya lamping heureut, anu saenyana mah henteu gedé hartina ku lantaran henteu cocog dipaké moro, katurug-turug arang langka aya sato ngulampreng ka dinya. Tapi, éta lahan satalapok peucang téh ku manéhna kacida dijagana. Baheula, jaman akina jumeneng kénéh, éta lahan téh kungsi jadi sengkéta jeung kulawarga tatanggana. Malah tug ka unggah balé watangan sagala. Sanajan dina ahirna putusan pangadilan nyebutkeun yén lahan téh sah milik akina, tapi itu henteu tarima. Antukna lamun datang usum moro sasatoan teu weléh timbul riributan. Ka dituna papaséaan beuki ngabengkahan, malah manjang nepi ka tilu generasi. Tina asalna gétréng parebut lahan, pamustunganana jadi satru bubuyutan. Pikeun Ulrich pribadi, taya deui jalma anu dipikaijid tur diarep-arep cilaka lian ti Georg Znaeym, ahli waris ti kulawarga lawanna anu sok ngaranjah ka tanah boga manéhna. Padahal da lamun téa mah duanana henteu katutuluyan ngukut kaceuceub, pacogrégan anu geus hurung taun-taun téh bisa jadi bakal pareum sorangan, atawa sahenteuna dibadamikeun. Tapi teu kitu mungguh dina kabuktianana mah. Ti bubudak kénéh antara duanana geus silih pikangéwa. Datang mangsa sawawa teu weléh silih du’akeun: sing cilaka … sing silaka. Nepi ka ayeuna pisan, dina wanci peuting nu ngahiwiwik ku angin tiris, Ulrich mepek baladna ka sisi leuweung bari samakta. Lain rék moro sato, tapi ngadodoho tukang ngaranjah anu ceuk erongan manéhna jolna téh ti tanah peuntaseunana.
Sabot keur anteng ngawaskeun, kabireungeuh aya uncal lulumpatan kawas aya nu ngudag-ngudag. Padahal dina usum angin tiris kawas kieu mah biasana sok nyarumput. Teg baé haténa nyangka aya nu datang. Sarta ku saliwatan gé geus kateguh ti béh mana jolna. Lalaunan manéhna ingkah ti tempat ngumpul balad-baladna di luhur pasir, laju turun sosorompod ka lebah lamping anu rékép ku tatangkalan. Panonna seukeut ngintip ka lebah tatangkalan, bari satékah polah nyidik-nyidik sora satengahing hiur angin jeung rekétna dadahanan. Mun seug anu datang téh Georg Znaeym. Adu hareupan jeung manéhna di ieu leuweung, dina kaayaan poék tur simpé, jauh ka ditu-ka dieu, bari geus karuhan taya nu nyaksian, ceuk manéhna ngagerentes. Ari pék sabot manéhna malipir ke lebah tangkal beech gedé, srog téh jeung jelemana pisan!
Reg duanana tingrarengkog, laju silih teuteup seukeut. Taya nu engab najan sakecap. Itu ieu taki-taki nyekel bedil. Kaceuceub nguniang deui. Niat maéhan ujug-ujug ras kapikiran. Lolongkrang pikeun nutugkeun dendam teu burung datang. Tapi, duanana bet ras deui, mungguhing ceuk norma mah kalah kumaha waé ogé teu meunang sagawayah maéhan. Iwal ti pikeun ngabéla kahormatan. Ujug-ujug aya ingetan kitu dina pikiran duanana. Antukna sabil. Paheneng-heneng. Itu ieu taya nu usik. Sabot kitu, dorokdok téh éta tangkal beech gedé anu aya di dinya rungkad kadudut angin ngagelebug. Gebru ninggang duanana. Éstuning taya anu bisa ngagiwar.
Nyah Ulrich beunta. Kasampak keur ngagolér. Leungeunna sabeulah katindihan awakna. Ari leungeunna anu hiji deui kaheumpikan dahan. Sukuna ogé duanana kagencét tangkal. Untungna téh henteu nepi ka remek, lantaran katahan ku sapatu paranti moro anu kawilang wedel. Tapi boro-boro bisa usik. Beungeutna karasa peurih urut kasabet régang. Getih nyurucud kana panon. Manéhna peupeureudeuyan ngiceup sangkan rada awas meueusan ka sabudeureun. Bréh Georg Znaeym gigireunana pisan, ngabebengkang bari roroésan, sarua pada-pada teu nangan. Rangrang katut sesemplékan dahan paburantak di sakurilingna.
Kajurung ku kabungah lantaran masih kénéh hirup, bari kapegung ongkoh bubuhan teu bisa usik pisan, antukna Ulrich muji sukur dibarung kutuk gendeng. Georg anu panonna mimiti kalimpudan getih tuluy eureun roroésanana. Nyéh biwirna seuri ngajejeléh.
“Hirup kénéh geuning silaing, euy? Padahal mah lain modar sakalian. Ngan kétang hirup gé da kalah kagencét tangkal,” pokna ngékéak. “Kagencét pisan! Heuheu! Pikaseurieun, Sadérék Ulrich von Gradwitz katinggang tangkal di tanahna meunang maling. Adil pisan!” Ceuleukeuteuk seuri ngajejeléh deui.
“Tanah aing ieu mah! Aing cilaka di tanah boga sorangan!”Ulrich nyentak. “Deuleukeun mun balad aing daratang, sia bakal ngarasa hanjakal ku lantaran geus wawanianan moro sato dina tanah batur!”
Sanggeus ngaheneng sakedapan, pok Georg nyarita tenang. “Yakin kitu balad silaing bakal bisaeun nulungan? Aing gé di dieu téh henteu sorangan. Balad aing bakal anjog leuwih tiheula. Lamun engké balad aing nulungan, moal hésé ngagulingkeun tangkal kana awak silaing. Balad silaing datang, silaing mah kasampak geus ngajéhjér paéh katinggang tangkal. Tenang, ké aing bakal ngalayad ka imah sia minangka tanda béla sungkawa.”
Ulrich teu éléh géléng, pok ngancam, “Hadé tah ideu sia téh. Tapi balad aing geus dibéré instruksi supaya nyusul sapuluh menit deui. Ayeuna tujuh menit geus kaliwat. Lamun engké balad aing datang nulungan, ideu sia ku aing bakal dilaksanakeun. Ngan ku lantaran sia paéhna keur maling di tanah aing, teu sudi aing mah lamun kudu béla sungkawa ka imah sia.”
“Hadé tah!” Georg nyarita tatag. “Urang tutugkeun urusan urang di dieu. Sia jeung balad sia, aing jeung balad aing. Nu séjén hamo aya nu pipilueun. Sing geuwat modar sia, sing asup naraka!”
“Sia gé sing geuwat modar! Asup naraka sia! Tukang ngaranjah tanah batur!”
Duanana nyarita kitu téh saenyana bari ngarasa cangcaya lamun baladna bakal gancang nulungan. Boh Ulrich boh Georg, pikiranana diririwaan ku kamungkinan: kumaha lamun balad musuhna anu datang pangheulanana? Taya nu bisa mastikeun. Saha anu datang pangheulana éta mah ukur sual untung-untungan.
Capé ugal-ugil ngusikkeun awak, antukna duanana ngalempréh béakeun tanaga. Bari lungsé leungeun Ulrich susur-sasar kana saku mantelna, nénéangan botol anggur. Gap kacekel, hésé béléké manéhna muka tutup botol. Lekik diinum. Aya ku nikmat! Sanajan hawa tiris can nepi puncakna, bari salju ogé masih kénéh carang, tapi pangaruh anggur karasa matak haneut tur seger kana awak. Rét manéhna ka lebah Georg anu keur nahan kanyeri. Bet timbul rasa karunya.
“Lamun ieu botol dialungkeun ka dinya bakal kasanggap moal?” Ulrich ujug-ujug pok kitu. “Mending gé urang nginum. Urusan saha anu bakal paéh tiheula mah tong teuing dipikiran.”
“Hésé, panon gé seuseut neuleu. Barina ogé déwék mah tara nginum jeung musuh!” Georg ngajawab.
Ulrich ngahuleng sawatara jongjongan bari ngadédéngékeun sora angin peuting nu ngahiur taya reureuhna. Lila ti lila bet aya sora anu mingkin anteb dina jero haténa. Sora haté sabot nyeueung musuhna anu keur humaregung nahan kanyeri, anu ogé sarua keur karandapan ku manéhna. Sora haté anu ngalantarankeun sakur kaceuceub jeung kangéwa mimiti leyur lir salju usum semi.
“Lur,” pok Ulrich deui, “mun balad sampéan pangheulana datang, pék baé masing rék maténi kuring ogé. Tapi kuring mah asana robah pikiran. Mun balad kuring datang, sampéan ogé sarua bakal ditulungan. Dipikir-pikir mah bet asa belegug nakeranan urang hirup dipaké maséakeun tanah anu henteu sabaraha legana, bari tatangkalanana ogé kalah ka nyilakakeun. Ayeuna urang ngagolér di dieu, heueuh, jadi kapikir, urang téh mémang belegug; saenyana loba hal séjén anu leuwih ajénan ti batan marebutkeun wates tanah. Mun sampéan ihlas ngalubarkeun mumusuhan urang, kuring daék jadi sobat sampéan.”
Didago-dago aya ngajawab, tapi Georg Znaeym bet lila teu kadéngé nyoara. Tug ka ku Ulrich disangka kapiuhan. Tapi antukna pok Georg nyarita lalaunan bari tipegat-pegat.
“Tada teuing bakal geunjleungna balaréa lamun nyakisan urang naék kuda babarengan ka alun-alun pasar. Sakitu masarakat mah can pernah sakali ogé nempo urang silih tanya. Tapi heueuh, demi répéh-rapihna kaayaan, demi balad-balad urang, leuwih hadé urang pungkas nepi ka dieu mumusuhan téh. Sarta lamun ayeuna urang silih lubarkeun, éstuning muklis karana kaweningan haté urang sorangan, lain alatan pipilueunana batur kana urusan urang. Saupama engké aya pésta perayaan, urang silih ondang. Sarta ti samet ayeuna, kuring moal deui-deui meuntas ngadon moro kana tanah sampéan. Iwal ti lamun sampéan sorangan anu ngogan. Atuh sampéan ogé ulah nolak lamun engké ku kuring diajak bebedil ka ranca anu loba manukna. Dulur, taya hiji ogé jalma anu bisa ngiruhan niat urang pikeun hirup sauyunan. Mémang enya, saumur hirup kuring ogé ukur béak dipaké mikangéwa sampéan. Tapi ayeuna, kuring ogé sarua robah pipikiran. Sampéan geus nawaran anggur dina mangsa keur cilaka. Beu ka dieu, ti samet ayeuna urang sosobatan.”
Jep deui jempé sajongjonan. Duanana tinghareneng nyurahan kajadian anu keur karandapan, anu sama sakali henteu disangka-sangka ti anggalna. Jeroning simpéna leuweung katut angin anu teu eureun ngahiur nebak tatangkalan, duanana teu weléh ngadago-dago datangna bantuan. Duanana miharep lamun anu datang pangheulana téh baladna sorangan, sangkan jadi tanda kahormatan duméh geus bisa nulungan urut satru bubuyutan, anu ayeuna geus ihlas ngikrarkeun sosobatan.
Basa angin rada leler meueusan, pok Ulrich nyarita ngajak ngagorowok babarengan. “Sugan kadéngéeun ari kaayaanana rada tenang mah.”
“Asa samar bakal nepi sorana. Sakitu loba tatangkalan ngahalangan. Tapi kétang, euweuh salahna lamun dicobaan.”
Gorowok duanana marénta tulung sababaraha kali.
“Sok, babarengan deui.” Gorowok deui tinggorowok.
“Euweuh nu datang,” ceuk Georg semu peura.
Leng tingharuleng deui. Tapi Ulrich tuluy curinghak bari ngagero, “Itu aya nu daratang! Ti lebah jalan liliwateun kuring tadi.”
Duanana ngagorowok deui.
“Kadéngéeun! Tuh, geuning areureun, neuteup ka dieu. Tuh, lalumpatan ayeuna mah.”
“Sabaraha urang?” Georg nanya.
“Teu tétéla. Duka salapan, duka sapuluh urang.”
“Balad sampéan tangtuna ogé. Da balad kuring mah ukur aya tujuhan.”
“Lalumpatan ka dieu. Emh, aya ku satia!”
“Bener balad sampéan?” Georg nanya deui. “Balad sampéan lain?” deui-deui nanya, ku lantaran Ulrich kalah bangun nu soak.
“Lain,” jawabna bari nyengir semu pias.
“Nya saha atuh?” Georg nempo semu kerung.
“Ajag. Cilaka!”

0 Komentar