![]() |
| Budak. AI Image. |
PANINEUNGAN
Palangsiang urang geus tepi tungtungna. Sabada nunda harepan dina lambar-lambar kahirupan sangkan tinekanan. Waktu karasa téréh, teuing pédah ditututur ku ringkang tina impian-impian riwan, atawa waktu geus cunduk kana usum muguran. Tapi kapan urang masih hayang netepkeun teuteup kana ingetan duaan, sanajan anjeun kudu tuhu kana unggal kajadian.
Lainna urang bakal nuluykeun nyiar pamustungan? Néang ka satukangeun lalangsé jaman. Waktu karasa lila, teuing pédah tacan wawuh kana panineungan-panineungan séjén, atawa waktu kendat maluruh mangsa-mangsa nu tacan kaliwat. Duaan kuduna urang madakeun kahayang kana ketug jajantung séwang-séwangan, sanajan anjeun kudu ninggalkeun bagian tina kahirupan sangkan ngajirim diri sorangan.
Ayeuna getih jeung cimata taya bédana, duanana kaluar tina sungapan raheut. Laju ngabalungbang mapay-mapay pipir wanci. Aya nu keur ngaruag unggal adegan-adegan, aya nu keur ngaruntagkeun pigura-pigura kahirupan. Panineungan-panineungan séjén mimiti ngaruang dirina sorangan, sanajan anjeun masih anteng ngudaran jarum-jarum waktu sangkan teu nalikung jalan urang nu masih panjang.
2014
TALKIN(G)
Di ieu patamanan kuring nyarita, sorangan. Nyambungkeun sakur karémpan jeung kahéman nu lawas midang. Manuk ngahaleuangkeun lagu haleungheum. Boa hujan lain tangara langit nu raheut. Duaan kuduna urang ngungkab-ngungkabkeun kasono dina sambuang samoja, nu lila teu ngarekahkeun dirina saméméh datangna pamustungan.
Di ieu patamanan kuring masih nyarita, sorangan. Sedeng anjeun anteng ngabetem di satukangeun batu paésan. Urang masih bisa nyingraykeun kamelang jeung kahariwang. Tonggérét manjangkeun tembang midangdam. Boa cipanon lain tangara katunggara. Duaan kuduna urang nu ngawurkeun kembang-kembang eros nu haharéwosan di patamanan.
Di dieu, kuring ngalapalkeun doa-doa rompang, ayat nu kari ruruhitna. Anjeun tibra dina lahunan kalanggengan. Saenyana antara kuring jeung anjeun teu jauh bédana. Teneuh nu saukur titincakan, keur anjeun minangka pangsaréan.
2015
THE LONG AND WINDING ROAD
: The Beatles
THE LONG AND WINDING ROAD
: The Beatles
Katigin mirupa angin ngajeungkalan panjangna jalan
Atawa julang nu ngapak numbakan lalampahan
Urang masih kénéh liwung ku pasampangan
Waktu milih katuhu lain nimu pamustungan
Bet kalah panggih deui pasampangan
Atawa julang nu ngapak numbakan lalampahan
Urang masih kénéh liwung ku pasampangan
Waktu milih katuhu lain nimu pamustungan
Bet kalah panggih deui pasampangan
Urang moal waka apal kana tungtung pangumbaraan
Sabab késang jeung cimata wungkul ngaspal kahirupan
Basa harepan mirupa konci nu néang panto panganjogan
Urang anteng ngetrokan panto-panto nu lila ditulakan
Bari pupuntenan di hareupeun buruan jaman
Sabab késang jeung cimata wungkul ngaspal kahirupan
Basa harepan mirupa konci nu néang panto panganjogan
Urang anteng ngetrokan panto-panto nu lila ditulakan
Bari pupuntenan di hareupeun buruan jaman
2020
RUMAH SAKIT
RUMAH SAKIT
Anaking,
Taun ayeuna anjeun boga adi
Lamun harita utun ayeuna inji
Taya bédana
Lamun harita utun ayeuna inji
Taya bédana
Anjeun diais satutas bersih tina kokotor
Ari inji ayeuna keur tibra dina inkubator
Taya bédana
Ari inji ayeuna keur tibra dina inkubator
Taya bédana
Sabab sakapeung leuwih réa du'a
Di rumah sakit tibatan di masigit
Jeung di dieu leuwih réa harepan
Tibatan di pajaratan
Di rumah sakit tibatan di masigit
Jeung di dieu leuwih réa harepan
Tibatan di pajaratan
2026
MUHAMAD FAISAL, lahir di Bogor taun 1994. Kungsi kuliah di Jurusan Basa Sunda, UPI Bandung. Sawatara tulisanana dimuat dina Manglé jeung Tribun Jabar. Cepeng gawé jadi guru di SMAN 1 Cisarua, Bogor.

0 Komentar