![]() |
| Darwis. AI Image. |
AL KUR’AN
Lambaran kitab nu paripurna,
ditulis deui dina sanubari
ku hurup, kecap, kalimah, tanda
baca tur basa nu persis sampurna.
ditulis deui dina sanubari
ku hurup, kecap, kalimah, tanda
baca tur basa nu persis sampurna.
2026
CAMPAKA DILAGA*
CAMPAKA DILAGA*
Metik cahaya tina sagagang campaka,
ipukan mushonif di patamanan Sempur.
Nyeuseup sawarga tina saranggeuy campaka,
nyingraykeun lalangsé langit nu ngempur.
ipukan mushonif di patamanan Sempur.
Nyeuseup sawarga tina saranggeuy campaka,
nyingraykeun lalangsé langit nu ngempur.
2026
*Kitab karangan Syékh Tubagus Ahmad Bakri (Mama Sempur)
AL KARATONIYAH*
AL KARATONIYAH*
Dina tihang karaton, ditatah bener jeung salah.
Lalaunan ngaderes sanajan bari dipaparah.
Beurang-peuting, tésis-antitésis, puisi-antipuisi,
taya lian ti tajali salapan puluh salapan asma Ilahi.
Lalaunan ngaderes sanajan bari dipaparah.
Beurang-peuting, tésis-antitésis, puisi-antipuisi,
taya lian ti tajali salapan puluh salapan asma Ilahi.
2026
*Kitab karangan Syékh Tubagus Ahmad Bakri (Mama Sempur)
FAWAID AL MUBTADI*
FAWAID AL MUBTADI*
Neuleuman lautan pangaweruh
mushonif nu wushul ka langit katujuh.
Beuki karasa diri nu tolol jeung pasék,
masih wangkelang jeung munapék.
mushonif nu wushul ka langit katujuh.
Beuki karasa diri nu tolol jeung pasék,
masih wangkelang jeung munapék.
2026
*Kitab karangan Syékh Tubagus Ahmad Bakri (Mama Sempur)
TAFRIHUL KHOTIR
TAFRIHUL KHOTIR
Lampah hirup tur karomah, ukur cacap
lambaranana, sedeng eusina can kaalap.
Ngaji jagat leutik can hatam sapisan.
Jirim jeung jisim luput teu kasurahan.
lambaranana, sedeng eusina can kaalap.
Ngaji jagat leutik can hatam sapisan.
Jirim jeung jisim luput teu kasurahan.
2026
PRAYOGA ADIWISASTRA, lahir di Purwakarta, 18 Januari 1992. Alumni Jurusan Basa Sunda UPI Bandung. Nulis pangpangna dina wangun sajak, carpon, jeung éséy. Dimuat dina majalah Manglé, tabloid Galura, jeung koran Pikiran Rakyat. Ayeuna cekel gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 2 Sukatani, Purwakarta.


0 Komentar