Urang Sunda Munggah Haji – Tatang Sumarsono

 

Ka'bah. AI Image.

Tina pangalaman munggah haji taun 2018


Ka Mekah bari Balantik Rancatan

Mulan-malén angkleung-angkleungan meuntasan sagara, saméméh anjog ka Palabuan Jedah, Saudi Arabia. Enya, apan jaman baréto mah jarah ka Tanah Suci téh ukur ngandelkeun kapal laut, malah béh dituna pisan mah—dina keur jaman kolonial—maké kapal layar anu majuna ngandelkeun gelebugna angin. Ti barang miang tepi ka labuh jangkar téh bisa bubulanan. Cacak geus maké kapal anu ngagunakeun tanaga mesin gé angger waé teu kurang ti dua minggu.

Kitu anu karandapan ku KH Agus Salim (65 taun), urang Bogor, anu munggaran munggah haji dina taun 1971. “Harita karék umur tujuh welas taunan, jaman keur jadi santri,” pokna.

Ngobrol jeung Pa Haji téh di Arofah, saméméh indit deui ka Mudzalifah, dina usum haji taun 2018. 

Loba pangalamanana dina urusan perhajian, sabab mindeng bulak-balik ka Tanah Suci. Mun diitung, geus leuwih ti tilu puluh kali ngalaksanakeun ibadah haji. Mana komo mun dijumlah-jamléh jeung umroh mah. Éta waé, ti taun 1987 tepi ka ayeuna, Pa Agus saban taun jarah ka Tanah Suci, nganteur jama’ah anu harayangeun dipingpin ibadah ku dirina.

“Indit ka Mekah anu kadua, dina taun 1978, kana kapal udara. Maké pesawat Garuda DC 10. Nya mun dibandingkeun jeung anu saméméhna mah, tangtu waé leuwih gancang, najan teu kawas ayeuna. Jaman harita mah ti Jakarta tepi ka Bandara Jedah téh butuh waktu kurang leuwih dua welas jam, da pesawatna sok transit heula. Mun teu di Médan, biasana di Singapura. Ari ayeuna mah apan cukup ku salapan jam,” pokna deui.

Taun 1971, ongkos kapal laut ka Mekah Rp300 rébu. “Tapi ari setor ka bank mah kudu 320 rébu. Istilahna téh: meuli heula kapal. Harita, harga emas per gramna asana mah ukur 250 rupia. Pikeun nyumponan ongkos téh loba nu ngajual heula sawah atawa kebon,” ceuk ieu kiyai anu kungsi jadi pangurus NU Jabar téh. Jaman harita mah, saréal (duit Arab) téh pangajina kurang ti dua ratus rupia. 

Taun 1978, ONH anu kudu dibayar ku saban jama’ah téh antara 700 tepi ka 800 rébu. Ka dieunakeun mah terus nérékél. Kiwari, cenah ceuk itungan pamaréntah, waragad saban jama’ah téh kana 60 jutaan. Mana komo ONH Plus mah, leuwih ti dua tikeleunana. Enya, anu miluan ONH Plus mah apan di dituna rada dibédakeun, misalna waé waktuna leuwih singget, lain opat puluh poé, tapi cukup ku dua minggu.

Kapal anu ngakut jama’ah calon haji ti Tanjung Priuk téh miangna tanggal 2 Romadon. Lalampahan angkleung-angkleunganana aya kana dua mingguna. Sakapeung nyimpang heula ka palabuan anu kaliwatan—biasana mah ari rék ngala cai beresih keur kaperluan sapopoé di kapal.

Sakur bebekelan jama’ah diwadahan kana peti anu ilaharna sok disebut “sahara”. Lian ti éta, aya deuih anu diwadahan kana tingkem, biasana dijieunna tina hoé atawa awi bagian hinisna wungkul. Nya tangtuna ogé kudu wedel, da kapoé-kahujanan bari remen kabuntang-banting di perjalanan.

Lebah bekel anu dibawa, tangtu kudu loba deuih. Anu utama mah nya dahareun anu tahan lila, boh asakan boh atahan. Béas mah geus pasti mawa, kitu deui deungeun sangu garingan. Apan mulan-malén lalampahanana ogé, antara opat tepi ka genep bulan. Malah sok aya nu mawa kasur sagala. “Mun geus cunduk ka Jedah, kasur téh sok loba anu terus dijarual,” cenah.

Lian ti dahareun, sok aya deuih anu mawa barang dagangkeuneun. Anu arinditna ti Pulo Jawa, biasana sok mawa batik. Aya deuih nu mawa menyan. “Malah nu mawara rancatan gé aya,” ceuk Pa Haji.

Rancatan?

“Enya, rancatan paranti nanggung. Bahanna tina awi tali. Meunang ngaraut dihadé-hadé,” témbalna. Mawana gé lain hiji-dua, tapi puluhan. Apan jang jualeun.

Jama’ah calon haji arinditna ti lembur masing-masing téh dina bulan Rewah. Poé-poé awal puasa téh geus ngangkleung dina kapal. Jadi mun lalampahan balayar dua mingguan, cunduk ka Arab téh geus rék nincak tanggal lilikuran.

“Najan urang geus cunduk ka Palabuan Jedah, tapi teu bisa langsung ngajugjug ka Mekah. Panitia haji di Mekah karék bisa narima jama’ah dina bulan Sawal. Atuh urang téh kudu indit heula ka Madinah, ngadon lebaran di ditu.”

Jama’ah anu turun di Jedah terus diakut kana beus ka Madinah. Ceuk Pa Haji, disebutna beus Internat. Baheulana mah, saméméh usum mobil, geus pasti arinditna téh laleumpang. Mun teu kitu, nya kana onta atawa kana kaldé. Kasawang bangga jeung ripuhna, da apan sakitu jauhna, anggangna aya kana opat ratus kilométerna, bari kudu nyorang upluk-aplakna sagara keusik paselang jeung gunung batu anu panas ngabebetrak.


Towaf Pabaliut jeung Kaldé

Kayaan di Mekah jaman harita jauh tangeh mun dibandingkeun jeung ayeuna. Wawangunan Masjidil Harom tacan salega kiwari tur mampuh nampung jutaan jama’ah. Jaman harita mah, ceuk Pa Haji, sakapeung di tempat towaf gé sok rajeun pabaliut jeung kaldé. Kitu deui di Jabal Qubais masih kénéh sok aya anjing kalana-kulunu.

Ari anu disebut pamondokan jama’ah, ukur imah penduduk anu kondisina lolobana mah geus barutut. Anu ngokolakeun jama’ah salila aya di Mekah téh disebutna “syéh”. Ceuk Pa Agus, dina jaman harita, taun 1970-an, anu kawentar téh Syéh Hasan Betawi. Tina ngaran gé geus kateguh, pasti lain pituin Arab, tapi urang Batawi nu geus lila mukim di ditu. Pamondokan bogana Syéh Hasan kaitung gedé, sarta nampeu ka Masjidil Harom.

“Enya, apan jaman harita mah tacan tingjungkiring hotél tingkat kawas ayeuna. Sabudeureun Masjidil Harom téh masih kénéh loba imah penduduk anu biasana sok diséwa-séwakeun ka jama’ah haji. Ayeuna mah geus areuweuh, da apan geus salin jinis jadi babagian wangunan Masjidil Harom,” pokna. Istilah Pa Agus mah, imah geus ditelegan masjid!

Jumlah jama’ah ti saban nagara ogé apan terus ningkat, tepi ka pamaréntah Saudi ngaluarkeun aturan kuota. Taun 2018, jama’ah anu tumplek di Mekah téh leuwih ti dua juta. Jama’ah ti Indonésia aya kana 220 rébuna. Nya, kurang leuwih sapuluh persén tina jumlah sakabéhna.

Kondisi Masjidil Harom ogé terus diropéa. Lain waé dilegaan, tapi deuih wangunanana ditingkatkeun. Malah, cenah, tepi ka taun 2030 mah bakal diwangun tepi ka sapuluh tingkat. Per tingkatna kira-kira mampuh nampung sajuta jama’ah.

Ngan ceuk Pa Agus anu geus remen munggah haji, “Anu paling berkesan mah angger waé munggah haji anu mimiti. Ayeuna, mun nempo sarana tempat ibadah haji anu geus sakieu hébatna, tapi ari dina haté mah sok nyarita: asa lain kieu Arofah anu kaalaman baheula mah. Mémang, suasana geus loba nu robah. Baréto, kesanna téh Ka’bah asa karasa simana, malah deukeut-deukeut ka geueuman. Ari ayeuna mah apan dina keur towaf gé remen kaganggu ku anu maraké HP.”

Dina kabuktianana, pamaréntah Saudi terus-terusan ngaropéa rupa-rupa sarana ibadah haji. Di Mina, upamana, apan ayeuna mah kémah atawa ténda pikeun ngarereb jama’ah anu mabit téh geus permanén. Mémang ari bentuk jeung bahanna mah masih kénéh disebut ténda, tapi kondisina jauh leuwih alus. Ngan ténda di Arofah anu tacan dipermanénkeun, da mun geus bérés mangsana wukuf mah sok terus dibalongkaran deui. Tah, ari ténda di Mina mah henteu. Kitu deui lebah nyadiakeun cai beresih, ayeuna mah ngan kari muterkeun keran, cai langsung ngocor.

“Taun 1970-an mah, cai nu disadiakeun di Mina téh diakutan kana mobil téngki. Jama’ah nu butuh cai kudu nyokot sorangan. Tapi ari umumna mah sok mareuli waé, cai anu ditanggungan,” ceuk Pa Agus.

Ari nu sok daragang cai téh urang Yaman, cenah. Ditanggung dina blék urut, maké rancatan. “Jama’ah anu daragang rancatan gé dibareulianana téh ku urang Yaman. Kapaké pisan rancatan jieunan urang téh. Alus palebah emplad-empladanana, cenah,” ceuk Pa Agus.

Kawentar baredas urang Yaman mah. Éta waé sahara anu diréréyang ku opat jama’ah, mun ku manéhna mah cukup diangkat ku sorangan.

Jaman harita, harga rancatan téh hijina dua puluh réal. Mun diukur ku pangaji duit jaman harita sarua jeung opat rébu rupia (ayeuna mah sarua jeung dalapan puluh rébu rupia). Jadi mun aya nu mawa 50 rancatan téh hartina bakal meunang duit dua ratus rébu rupia. Tuh, apan bisa keur nambah-nambah ngagentian ongkos kapal. Komo mun mawa saratus, ongkos ka Mekah bisa katutup.

Nya, lumayan waé hasil tina balantik rancatan di Mekah téh.


Mukim di Tanah Suci

Mekah jeung cai zamzam lir gula jeung peueutna. Cai anu sumberna ngan aya di dinya-dinyana, tur prosés kapanggihna ogé matak ahéng—aya dina bagian sajarah Nabi Ibrohim alaihi salam. Sumber caina mimiti kapanggih ku Siti Hajar, waktu Ismail anu keur orok kénéh ngéar waé lantaran hanaang. Mun diukur lilana, duka geus sabaraha puluh abad.

Cai anu dianggap gedé ngandung kaberkahan, sabab tétéla kandungan mineralna leuwih luhur batan sakur cai nu aya di alam dunya. Éta minangka tanda murahing Gusti Nu Maha Suci.

Cai zamzam téh minangka oléh-oléh utama anu marulang ti Tanah Suci, tur umumna dianggap paling luhur ajénna. Apan éta anu pangdianti-antina di lembur gé, ku kulawarga, dulur, baraya, katut tatangga—ceuk paribasana najan ukur kabagian saséndok séwang.

Cai anu dipikabutuh pikeun kagiatan ibadah di Masjidil Harom bisa kacumponan ti dinya. Apan sumurna gé nampeu. Lain pikeun susuci hungkul, tapi deuih pikeun inumeun, malah bawaeun. Tacan kungsi kabéjakeun saat deuih, najan terus-terusan diala jeung dikunjalan gé.

Kasawangna baheula mah ngala cai zamzam téh ditimba, saméméh digunakeun sakumaha mistina ku para jama’ah. Ayeuna mah teu kitu, da geus ngagunakeun cara modéren, nyaéta disedot maké kompa cai, terus dikamalirkeun ngaliwatan pipah. Mun jama’ah butuh cai, nya ngan kari muterkeun keranna waé. Henteu ngan di satempat disadiakeunana gé deuih, keranna ngajajar.

Jerona sumur zamzam téh 42 méter. Dina per detikna, cai anu dikompa ti éta sumur téh 11 nepi ka 19 liter. Komo dina usum haji mah, cai zamzam anu kudu disayagikeun pikeun nyumponan jama’ah téh beuki ningkat. King Abdullah Zamzam Water Factory dina sapoéna ngahasilkeun 200 rébu botol anu eusi per botolna sapuluh liter.

“Baréto mah cai zamzam anu dibagikeun jang inumeun jama’ah téh diwadahan kana kendi anu bagian handapna monyong, maké saringan tina tangkal korma. Urang kudu nandéan ku wadah. Jadi teu bisa makmak-mekmek, da dialas ku anu ngabagikeunana,” ceuk Kiyai Agus Salim. Mun di urang mah meureun ngagunakeun saringan injuk meunang ngala tina tangkal kawung.

Najan lahan di Mekah téh kalolobaanana gunung batu, bari langka pisan tatangkalan, tapi cai mah teu kakurangan. Nya ari pikeun kaperluan MCK di maktab atawa di hotél mah, cenah, dicumponanana ku cai laut anu geus disuling, diakutan kana mobil téngki ukuran 30 ton. Cai pikeun kaperluan di Mina, di Arofah, jeung di Mudzalifah gé sarua meunang ngakutan. Da meureun pimanaeun mun kudu nyieun sumur mah.

Dina ngalaksanakeun puncakna ibadah haji, jama’ah anu jutaan téh aya waktuna ngumpul di hiji tempat. Tanggal 8 Zulhijjah geus mimiti ngarereb di Mina (pikeun anu ngalaksanakeun tarwiyah mah). Isukna kudu wukuf di Arofah. Maju ka peuting arindit deui ka Mudzalifah. Jama’ah anu ngarereb di Mina aya anu tilu peuting: malem tanggal 9, 11, jeung 12 (malem 10 mah apan mabit di Mudzalifah). 

Lantaran jumlah jama’ah ti taun ka taun terus nambahan, wewengkon anu dipaké pangrereban di Mina téh terus-terusan dilegaan. Ayeuna waé lahan anu dipaké ngarereb di Mina téh geus ampir adek ka Mudzalifah. Mun diukurna ti tempat jumroh mah anggangna aya kana genep kilométerna. Dina kondisi lahan tambah ngalegaan, kasawang kumaha banggana lebah nyadiakeun cai pikeun nyumponan pangabutuh jama’ah. 

Di Mina mah raména ukur dina usum haji hungkul. Luareun éta mah beunang disebutkeun taya pangeusina. Ukur rajegna rébuan kémah anu mayakpak satungtung deuleu. Ari di Arofah mah, téndana henteu permanén, da mun geus bérés wukuf mah terus dibalongkaran deui.

“Baréto mah dina taun 1970-an, pikeun konsumsi di Arofah téh, syéh maktab nyadiakeun sapi peunciteun jama’ah. Atuh nambah pagawéan, da kudu meuncit jeung ngarecah sapi heula,” ceuk Pa Agus Salim.

Ari ngasakanana kumaha?

“Ah, umumna mah dibareuleum kitu waé. Paling ukur dikécapan minangka bungbuna mah,” témbalna. Ari béasna mah apan saban jama’ah gé mawa.


Tukang Cukur Hojih

Ceuk Pa Agus, lantaran jaman baréto mah ngalaksanakeun ibadah haji téh sakitu ampleng-amplenganana, antara opat tepi ka genep bulan, biasana anu sok mareunang panghasilan tambahan téh anu bisa nyukur jeung ngurut atawa mijet.

“Tah, waktu keur masih kénéh aya dina kapal, anu lilana dua mingguan téa, tukang pijet mah sok loba nu ngangkir. Apan lumayan meunang buruhan. Kitu deui anu bisa nyukuran bari mawa pakakasna, boh keur di Madinah boh keur di Mekah sok aya anu muka kios cukur dadakan. Ari tempat nyukuranana mah cukup dariuk dina peti sahara waé, ditapelan ku keretas minangka mérek atawa plangna. Pokona tukang urut jeung tukang cukur mah hojih wé.”

Saréngséna ibadah haji, lain hartina bisa langsung mulang, da gumantung kana jadwal kapal balayar. “Paling gancang karék dina bulan Muharam bisa balik téh. Malah bisa geus liwat. Jadi ku ancer-ancer mah genep bulan lilana ibadah haji jeung di perjalananana téh,” pokna.

Éta pangna sok aya anu tara langsung balik gé, tapi terus mukim. Jadi balikna téh dina taun hareupna, atawa mungkin waé mukimna meunang sababaraha taun. Waktu salila aya di Mekah téh umumna mah sok dimangpaatkeun pikeun neuleuman élmu agama.




TATANG SUMARSONO, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 neruskeun sakola ka IKIP Bandung, Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda. Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Bukuna anu geus medal aya 66 judul, ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna. Kungsi sababaraha kali meunang hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Muchtar. Novel barudakna, Si Pasér, dilélér hadiah Samsudi taun 1993. Ari novel Demung Janggala jeung Galuring Gending dilélér hadiah sastra Racagé taun 1994 jeung taun 2002.

Posting Komentar

0 Komentar