![]() |
| Tolstoy. AI Image. |
Tangka disesel-sesel nyimpenna ogé. Dibebeskeun kana tas. Ditindihan ku jékét jeung berkas-berkas naskah, supaya teu kaciri. Tapi angger geuning, hésé dibunikeunana. Bubuhan aya kana sapuluhna buku anu dibeuli téh. Enya, buku. Meunang ngaborong ti paméran. Kabeneran anyar tas gajihan. Sabataé baé mun rada kokomoan téh. Malah mun teu ras inget ka pamajikan mah kawasna kana bakal korédas duit téh.
Tadi gé sapanjang meulian buku téh haté mah teu weléh inget ka manéhna. Antukna jadi mandeg mayong. Ditimbang-timbang deui, bari nguriling, nyirian buku mana waé anu sakirana rék dibeuli. Sanggeus dicirian, bari diapalkeun harga-hargana, kakara baé éksékusi. Créng babayar di unggal lapak. Kaluar ti tempat paméran téh teu wudu angkaribung. Aya kana dua kilo mah kawasna. Bes waé sapuluhanana kana kantong. Tug ka kaciri buheukeu, kawas beuteung munding.
Lain ku nanaon disumput-sumput téh. Sok baeud mun kanyahoan ku pamajikan mah. Keuheuleun tayohna, hayoh waé meulian buku. Da enya atuh, erak di imah téh tangka pajejel ku buku. Dalah lomari jeung bupét ogé méh béak dipaké nunda buku. Sok jejebris pamajikan mah. Da jadi teu bisa dipaké nunda barang nu séjén. Mangka imah téh leutik. Malah sanggeus bupét pinuh, buku téh tuluy ékspansi ka luhureunana, milu ngaréndéng jeung tipi. Terus kana méja kamar. Patutumpuk. Wadah kosmétik manéhna kapaksa ngéléhan, disilibkeun kana jero lomari baju.
Jeung anu pangpangna, matak hambur duit. Éta nu remen ngalantarankeun pamajikan baeud téh. Najan henteu ari nepi ka nyongcay pangabutuh sapopoé mah. Duit balanja angger tara kurang.
“Atos atuh, Pa. Ieu gé tos seueur. Ulah méséran waé buku. Tuh, angguran mah mésér acuk budak. Karunya, tos parungsat. Mamah deui butuh blus jeung kaos sangsang. Blénder gé urang téh teu gaduh. Teras deuih kedah mésér deui gelas. Tos séép, pareupeus ku si Adé. Acan deuih cai, béas, listrik ...,” cenah mani néngtéréwéléng, basa harita kuring keur gégéléhéan bari maca buku. Teu ieuh diwaro. Ukur dirérét meueusan.
“Jeung deuih ari tilas maca téh ulah jorok. Éntépan deui. Ieu mah cul dina kasur, dina méja makan, dina korsi tepas. Mani lieur ningalina ogé. Lebah disosoék ku si Adé, atawa kabanjur cai, kakara ngambek,” pokna deui, kawas kacang ninggang kajang.
Enya, rumasa éta mah. Sok padu cul di mana baé. Rarasaeun di imah sorangan, moal nepi ka leungit aya nu nyokot. Tapi da kumaha atuh, bubuhan adat kakurung ku iga téa. Atawa mémang kitu umumna tabéat kutu buku mah? Bubuhan ari ngobrol jeung babaturan anu sarua jurig maca, ampir kabéh tara parimpén nunda. Lur wéh urut maca téh. Tampolanana poho neundeun. Lebah hayang nuluykeun hanca maca, atuh kokotéténgan sorangan. Mun geus kitu, kuring mah tara ieuh nanyakeun ka pamajikan. Da geus nyaho pasti bakal malikkeun.
“Pan Bapa nu macana ogé. Barina Mamah mah tara ngurus buku. Buku, buku Bapa. Bet nanyakeun ka Mamah sagala!”
Dipikir-pikir, lebah dinyana mah horéng enya rada ahéng. Maksud téh lebah pasipatan. Rada teu parok jeung pamajikan. Ras inget ka si Adam, babaturan kuliah baheula. Bet kabeneran boga pamajikan téh si éta mah sarua kutu buku. Sarua resep tulas-tulis, deuih. Atuh bisa kompak. Meuli buku téh tara teuing dipaké protés. Cék cohagna, pikeun maranéhna mah buku téh jadi pangabutuh nomer hiji. Ari meunang THR usum lebaran, pasti lumpatna kana buku. Urusan kupat, kuéh, jeung baju lebaran mah tara ieuh dipikiran, cenah.
Béda jeung pamajikan. Henteu ari ngéwa mah kana buku téh. Ngan teu kabita wé kawasna téh. Baheula gé, jaman keur kuliah kénéh, kakara daék nyepeng buku téh lamun aya tugas kuliah. Dititah ngarésénsi ku dosén, upamana. Atawa ku lantaran kudu préséntasi. Kakara daék néangan atawa meuli sorangan.
Padahal saenyana cukang lantaran kuring baheula bisa wawuh jeung manéhna téh alatan buku. Poho deui, duka meunang tugas naon harita manéhna. Nu sidik mah buku anu ditéanganana geus euweuh di Palasari. Kitu deui di toko buku séjénna. Antukna lah-lahan nginjeum ka kuring. Inget baé, basa keur mimiti nganjang, manéhna teu eureun ngarérétan rohangan kamar kosan bari bangun hareugeueun. Asa hémeng meureunan, lantaran kamar téh sakurilingna ampir béak dipaké nunda buku, tug ka ngagugunung ka luhur.
Tina tadina nginjeum sakali, ka dituna jadi larbek, bulak-balik ka kosan. Komo sanggeusna bobogohan mah. Méh unggal poé idek liherna téh. Malah dina pamustunganana, tugas-tugas kuliah manéhna nya ku kuring dihancana. Bubuhan ari nginjeum buku ogé, isukanana sok geus ngurunyung deui ka kosan.
“Lieur, ah. Teu kahartos geuningan,” cenah. Angger deuih, dina pasémon anu pikarunyaeun. Mélankolis.
“Ari Néng resep buku naon atuh? Mani sagala lieur,” tanya téh bari nyengir. Tapi kituna téh bari angger tugasna mah digawéan ku kuring.
“Buku Laskar Pelangi, A. Atawa Ayat-Ayat Cinta,” cenah bari seuri.
Duka kumaha, harita mah kuring bet jorojoy hayang ngaheureuyan.
“Ieu gé ramé, Néng. Teu éléh ku Ayat-Ayat Cinta,” pok téh bari ngasongkeun novél Enny Arrow.
Dibawa. Ngan isukna dipulangkeun deui bari tuluy ngagebug kana tonggong.
Osok éta gé kuring nganaséhatan. Ari maca buku mah ulah pipilih, cekéng téh. Ulah dijojoan anu pikaresepeunana wungkul. Da éta mah sipatna ukur hiburan. Saupama lalajo tipi téa mah ulah sinétron wungkul anu ditagogan téh. Warta berita ogé penting, ngarah apal naon anu kajadian di luar. Lamun urang resep maca buku, tangtu nalar urang bakal kaasah. Uteuk bakal seukeut. Bakal bisa mikir kritis, moal gampang percaya atawa katipu ku batur. Saupama teu ngarti kana eusina, nya kudu diajar ngarti, ulah cééhan.
Tapi angger, tumpukan buku téh ku manéhna mah samet dipelong. Kawas nu hémeng, naon sababna kabogohna resep-resep teuing ngoléksi buku. Bari angger manéhna sorangan bangun nu teu bisa neuleuman. Émbohna, sakapeung buku téh sok dibukaan, bari diilikan eusina sakeudeung. Reremenna nya ukur dipelong tumpukan buku téh, atawa disarandéan ari pareng keur nganjang ka kosan.
Kungsi sakali mangsa mah manéhna kalepasan nyarandé kana tumpukan buku. Na atuh, ari burulu téh buku ngaburusut, ninggang kana sirahna. Mangka aya puluhna, bari kararandel. Kuring seuseurian semu ditahan. Ari manéhna baeud, bari ngusapan tarangna anu bancunur semu héjo.
Tilu taun bobogohan jeung manéhna téh. Cinta kampus téa. Manéhna kuliah teu burung lungsur-langsar. Peunteun-peunteun dina ijasahna aralus. Kitu deui peunteun skripsina, anu ku kuring digawéanana ukur saminggu. Sanggeus diwisuda, pruk wé kawin. Rumah tangga jeung kuring, nepi ka dipercaya boga budak hiji.
Ari ras ka dinya, enya, buku téh jadi cukang jodo antara kuring jeung manéhna. Jadi cukang anu ngalantarankeun kuliah manéhna lancar. Tapi kuring ogé sok tumanya: naon saenyana anu ngalantarankeun manéhna daék dipihukum ku kuring? Sidik éta mah cukangna lain alatan buku. Malah saenyana pamajikan mah kaasup teu surti. Padahal pikeun kuring mah, anu ti keur kuliah kénéh resep kana tulas-tulis, buku téh kacida pentingna. Malah nya ti dinya pisan rejeki téh ngocorna. Boh anu mangrupa gajih bulanan, royalti, atawa honor. Ti mimiti anu nominalna ukur ratusan rébu, nepi ka anu puluhan juta.
Tapi antara dunya kuring jeung dunya manéhna bet asa hésé nyambungna. Angger sok sambutut mun nyahoeun kuring meuli buku téh. Antukna ari meuli buku téh sok disumputkeun heula. Ditunda dina erak pangtukangna, sina kahalangan ku buku séjén. Atawa nundana ditindihan ku majalah atawa buku séjén. Kumaha baé carana, dapon teu katingalieun ku pamajikan. Ké lamun geus rada lila, kakara dikaluarkeun hiji-hiji.
“Tuh nya, tos mésér buku deui baé!” Sok kitu nyaritana téh, lamun manéhna nempo buku anyar.
Geuwat baé kuring ngabohong. “Sanés, ieu mah pamasihan.” Atawa, “Buku kénging mésér tipayun ieu mah.”
Tapi ka béh dieunakeun mah manéhna kaciri semu teu percaya. Bubuhan beuki lila buku téh gancang pisan ngalobaanana, kawas nu baranahan sorangan.
“Tuh, buruan payun teu acan dipager. Ku Bapa mah kalah diantep. Jandéla kamar mandi deuih kedah dipasangan blower. Ulah haben waé méséran buku,” ceuk manéhna basa kuring balik gawé.
“Ah, keun wé heula, Mah. Da moal aya bangsat ieuh. Jandéla kamar mandi ogé asana tos cukup véntilasina mah,” témbal kuring sahayuna.
“Ngéwa wé, maenya imah teu dipager,” témpasna.
Kuring ukur cicing. Lain teu sapuk kana pamanggih pamajikan. Tapi asana can penting-penting teuing. Keun wé heula, engké deui.
Hiji mangsa, sanggeusna balik gawé, gura-giru mulang ka imah. Beuteung geus karasa lapar. Anjog ka imah, tétéla pamajikan euweuh. Can balik ti sakola meureunan, gerentes téh. Budak gé euweuh. Keur arulin jeung babaturanana kawasna mah. Basa mukakeun panto rohangan gawé, bet ras inget kana buku anu minggu kamari dibeuli. Panasaran hayang muka. Meungpeung keur euweuh pamajikan.
Antukna kalah ngaléos ka rohangan gawé. Tuluy néangan buku anu disumputkeun dina erak. Tapi tétéla euweuh. Tarang kerung. Na di mana karah? Kuring ngagerentes. Da inget kénéh, di dinya ditundana téh. Tuluy ditéangan dina lomari. Sarua euweuh. Kitu deui dina bupét. Malah antukna méja di kamar gé teu kaliwat diungkaban. Lebeng. Nyao ka mana. Moal kitu ku pamajikan mah? Asa maenya. Tara ieuh ngungkaban buku manéhna mah.
Antukna gék diuk, ngahuleng, bari nginget-nginget deui di mana buku disimpenna. Tapi da yakin, dina erak disimpenna téh. Béh sisi, dina jajaran pangluhurna. Sakali deui ditéangan. Imeut pisan, dipapay ti kénca ka katuhu. Hih, teu kapanggih. Na ka mana atuh! Maenya dibanjut tuyul mah.
Aya kana satengah jamna nénéangan téh. Ku lantaran beuteung beuki karasa lapar, léos baé ka dapur. Sugan engké gé kapanggih, gerentes téh. Leungeun hideng nyokot piring. Tuluy ngawadahan sangu. Geus kitu mukakeun lomari makan. Ana dibuka, kuring melengek. Euweuh deungeun sangu. Anu aya dina jero lomari téh buku anu anyar dibeuli minggu kamari téa. Dipiringan hiji-hiji, ngajajar. Sakedapan mah ukur ngahuleng. Ngajanteng bari nyekelan piring eusi sangu. Tapi saterusna kuring imut. Kuring seuri. Kuring ngagakgak. Asa kagugu ku polah pamajikan. Kaharti jikan maksud manéh téh, ceuk na haté. Tapi, naha asana téh ….
Buku dicokot hiji. Ditumpangkeun kana sangu. Léos ka patengahan. Gék diuk. Sakedapan piring diteuteup. Tuluy buku téh dibuka plastikna. Gap ku leungeun kénca. Ari leungeun katuhu antaré ngahuapkeun sangu. Bari ngahuap, buku téh dibaca. Buku novél beunangna Leo Tolstoy. Judulna: Rumah Tangga yang Bahagia.
Euweuh nu pikalucueun saenyana eusi buku téh. Tapi sapanjang maca, bari ngahuapkeun sangu, duka ku naon kuring bet umat-imut baé.***


0 Komentar