Kafé Purnama - Nazarudin Azhar

 

Kerkop. AI Image.


Reup peuting, sagala rupana geus rapih. Méja-méja geus dipapaés lilin-lilin beureum, nu tinggal nyeungeut mun méjana engké aya nu ngeusian. Saheulaanan kaayaan di ieu kafé ukur kacaangan sésa beurang. Seungit kamper meleber ti unggal jandéla nu muka sabot hiliwir angin sareupna nyimpang ka ieu rohang, ngadu sari jeung selengseng rupaning kembang samoja nu ngajajar di buruan. 

Di luar, hawa tiris mimiti ngancik di antara kuburan-kuburan nu kaciri matak tingtrim. Parentul tetenggerna jiga jajaran mahluk nu keur mujasmédi, pangger nyekel rusiah sakur nu karandapan ku pangeusi kubur séwang-séwangan. 

Tuan Willem geus nyiapkeun rupa-rupa idangan di dapur. Leuwih loba ti batan peuting-peuting biasa, mun rék nyorang peutingan purnama jiga ayeuna. Manéhna taliti pisan ngolah ménu nu geus jadi kaparigelanana ti saratus lima puluh taun ka tukang, ti saprak jadi koki Tuan Asistén Résidén, tepi ka pangsiun sanggeus almarhum, tuluy muka ieu kafé pikeun sakur pangeusi komplék. 

Kuring apal pisan kana kabinangkitan Tuan Willem. Nyipta kulinér anyar tina bahan-bahan nu nyampak, jadi ménu nu pinuh ku cita rasa. Biasana bahan-bahan téh sok geus nyampak di réa makam, diteundeun ku jalma-jalma nu harirup, nu tuluy diarah ku kuring, dibawa ka dapur pikeun diolah sangkan saluyu jeung seléra urang komplék. Mindeng deuih ka ieu tempat gé nu ngirim susuguh. Rupa-rupa kadaharan jeung kekembangan, surutu, jeung dupa nu dikirim ku duka saha. Tangtuna gé ku nu masih kénéh araya di kieuna, nu dina peuting-peuting husus jiga peutingan Kaliwon, tingdarekul harusu naker, tepi ka kafé maleman Kaliwon mah kapaksa diliburkeun. Duka naraon maksudna kitu peta, nu puguh mah ngaganggu kana kasenangan pangeusi komplék nu jadi langganan ieu kafé, tempat hiji-hijina pikeun maranéhna bisa meunang hiburan. 

Enya, teu kabéh bahan meunangna gampang, da réa ogé nu kudu disiar, utamana bahan-bahan nu takeran hanyirna atawa hangruna kudu leuwih mirasa pikeun létah jalma nu geus almarhum. Pikeun pangabutuhna nu éta, Tuan Willem sok ngahajakeun pesen ti sababaraha urang arwah padagang nu biasa meunang barang ti tempat-tempat patapaan nu dikawasa ku para siluman. Duka kumaha ngala barangna, ngaranna tukang balantik mah najan geus jadi arwah gé tangtu boga rupa-rupa cara. 

 Najan digawé di dieu téh can lila pisan, tapi kuring geus wanoh ka sababaraha urang langganan satia nu sok datang pikeun nyiar panglipur di ieu kafé. Nyukakeun katunggarana ku inuman atawa kadaharan nu can kungsi kasampeur dina mangsa keur hirupna. 

Kalan-kalan nu datang téh ngabubuhan, jiga sababaraha waktu ka tukang, basa sakompi tentara kompeni datang curak-curak dahar jeung nginum bir pikeun nyumputkeun kasedihna séwang-séwang lantaran can bisa mulang ka nagrina. Ngarawih patarik-tarik, nu tuluy ditungtungan ku tingsalegruk careurik bari nyarambat indungna. Mun geus kitu, kuring sok miharep sangkan gancang-gancang beurang, sangkan maranéhna geuwat marulang deui ka kuburna séwang-séwang. 

Kuring geus sayaga pikeun mapag nu datang, di sisieun panto. Sikep nu dicontokeun ku Tuan Willem téh kuring kudu ajeg nangtung, tapi ulah kaciri kaku. Tuluy kudu rengkuh mun aya langgan nu datang, nganteur ka lebah méja nu dipilihna, nyeungeut lilin, sarta némbongkeun buku ménu, nungguan tepi ka si langgan milih dahareun nu dipikahayangna. Adab jongos nu teu weléh dilaksanakeun kalayan daria.

Peuting ieu nu pangheulana datang téh Lara. Noni Walanda nu biasa maké pakéan tina satén bodas, erokna nu ngembang dipapaés rénda brukat motif kembang trawangan. Buukna nu konéng emas digelungkeun, basajan, tapi teu ngurangan kageulisanana. Di sabudeureun panonna aya guliweng hideung, tapak kasedih nu mawa sari, adu manis jeung irungna nu mancung, tur biwirna nu haropak pias. 

“Hugo can aya deui nyimpang,” ceuk kuring sanggeus merenahkeun manéhna dina korsi deukeut jandéla. “Mudah-mudahan peuting ieu,” cekéng pikeun ngahibur manéhna.

Manéhna ngarahuh, katunggarana beuki atra, manis. 

Kuring nyeungeut lilin. Léos ka dapur, balik deui mawa sagelas bir beureum kentel nu langsung ditunda di hareupeun manéhna. 

Geus kitu mah kuring balik deui ka tempat sayaga. 

Lara geus aya puluhna taun sok datang ka ieu kafé, miharep tepung deui jeung Hugo nu baheula kungsi jangji rék nepungan deui samulangna ti pangperangan. Ukur di ieu tempat manéhna bisa ngadagoan, miharep geter asihna masih nyambung jeung nu dipikangen. Tapi lebeng. Lara ukur bisa midangdam, di lautan kasatiaan nu tan wates wangen. 

Tuan Willem muter lagu “Waarom treur je zo mijn liefste” dina gramofon. Surti yén lagu ieu nu cocog pikeun Lara, nganteur lamunan éndahna nu pinuh ku kanalangsa. 

Basa dirérét, pasemon Lara beuki aleum. Kuring miharep manéhna ngagupayan, jiga basa harita manéhna hayang dibaturan dangsa, sangkan bisa nyumputkeun kasedihna dina dada kuring. Tapi kiwari manéhna keur anteng melong ka luareun jandéla. 

Terus terang, mun geus datang manéhna, sagala nu dipigawé ku kuring karasa hampang. Najan mun keur ngaladénan nu lian mah sok asa puraga tamba kadengda, da kadaria kuring kabetot ku manéhna. Tapi sakumaha adab jongos nu geus lila kapiara, kuring teu bisa miharep nu leuwih ti nu bisa kaimpleng. Kuring lain Hugo, jajaka nu duka kumaha dedeganana, nu salila ieu dipiharepna.

Jul-jol nu datang, ngadon nyalsé di ieu kafé. Najan kuring teu yakin yén maranéhna boga kasibukan sakumaha keur hirupna, tapi ningali pasemon maranéhna kuring boga kacindekan yén taya saurang gé nu bener-bener bisa leupas tina katunggara. Saréréa miharep bisa manggihan panglipur dina sakur ménu kulinér nu disayagikeun ku Tuan Willem, dina sora musik nu bisa ngaludang sésa implengan.

Di ieu komplék, réréana nu dipendem téh urang Walanda. Tapi aya ogé sababaraha urang Cina jeung pribumi, utamana mah ti kulawarga ningrat. Upamana nu anyar datang, kuring sok nyebut manéhna Tuan Radén. Dibaju béskap, maké blangkon, dijarik réréng parang rusak. Najan jiga urang Jawa, tapi ngaranna Radén Wiramangsa, ménak Sunda nu tetep ngaménak sanajan geus béda alam. Manéhna milih méja deukeut méja Lara. Ngahanakeun pisan. Tapi kuring teu bisa kumaha, lian ti ngaladénan kahayangna. Peuting ieu manéhna pesen ménu husus, dua sloki getih hayam camani. Inuman mahal nu tuluy dipamérkeun ka Lara, ku cara nawaran nu gayana éstu matak murel. 

Beuki peuting beuki ramé. Sababaraha urang nu ngahaja patepung di ieu tempat, garogonjakan pikeun nyumputkeun kaguligah séwang-séwang. Lara anteng dina lamunanana. Tuan Radén sababaraha kali gagal ngajak kenalan. 

Nu daratang beuki rupa-rupa. Sababaraha urang témbong tanpadaksa, waruga sésa perang nu maksakeun aub di tengah karaméan deungeun. Nu copong panonna sabeulah, nu sirahna pinuh ku tapak ngaput, jeung rupa-rupa beungeut pikanyerieun tetempoan piligenti datang. 

Musik teu weléh ngamalir tina kucubung gramofon. Sapasang Cina, geus karolot, dangsa di juru rohang. Pamér kageugeut. Kuring miharep Lara ngagupayan, ngajak dangsa pikeun ngalilipur kanalangsana, tapi ....

Di luar samar-samar sora nu tingcorowok, tuluy datang cahaya ngagebur, ngabebela. Nu tinggayabag bodas ngacungkeun obor bari hohoak. Rob dina lawang. Kaayaan ngadadak geumpeur, saréréa kaweur katawuran nyalametkeun diri, pasesedek dina panto ka luar, tapi teu bisa hojah sanggeus tingbelesur batu-batu panas ka jero kafé. 

Kuring gancang néangan Lara, manéhna keur nagog jiga taya tangan pangawasa. Leungeunna dibetot, diajak ka tukang, maksud téh rék diajak kaluar ti panto dapur. Tapi di sakuriling bungking geus éak-éakan nu sarurak. Ngagempur kafé. Seuneu ngagulidag datang, ngaguruh awor jeung nu patingkocéak teu walakaya.

“Ancurkeun, pamusrikan!” ceuk nu saurang, ditémbalan ku jorowok nu lian. Leungeun Lara teu lésot tina cekelan, kuring mubus kana haseup peteng, satékah polah ngaliwatan jalma-jalma nu keur ngabudalkeun amarahna. Panto dapur geus debrah. Lara disangkéh ngajauhan éta tempat. Dibawa ka lebah makamna deukeut gerbang kérkop beulah kalér. 

Lara nangkeup pageuh, can leler kasieunna. Ku kuring diajak diuk dina témbok tetengger, tonggongna diusapan. 

Juringkang nu keur ngaberung katémbong dina latar seuneu nu keur ngancurkeun kafé. Sora jorowokna awor jeung sora seuneu nu ngahuru wangunan heubeul nu salila ieu jadi tempat urang komplék masamoan. Tempat nyiar panglipur tina manjangna siksaan kasono ka nu ditinggalkeun, tur duka iraha bisa palérna. Bréh katémbong nu narajongan tetengger kuburan nu deukeut jeung éta wangunan. Karunya ka pangeusina, duka keur kumaha boa.

Wangunan kafé nu ceuk Tuan Willem baheulana urut imah patugas makam jaman kolonial, teu lila geus tinggal ruruntuk areng jeung lebu. Nu tinggayabag bodas ngalabring arindit deui. 

“Di mana Lara bisa panggih deui jeung manéhna?” Lara nyarita dina sesela inghakna. Beungeutna nu nampeu dipelong. Taya cipanon nu ngeclak, tapi guliweng hideung di handapeun panonna jiga ngalémbéréh. Manéhna nangkeup deui.

“Hugo pasti datang, nepungan Lara,” ceuk kuring, duka nu kasabaraha ratus kalina, nu dina danget ieu karasa pisan seukeutna nurih rarasaan kuring sorangan. 

Di langit purnama ngagebur beureum.


Tamansari, 25 Juni 2025




NAZARUDIN AZHAR, nulis dina basa Indonesia jeung basa Sunda. Sababaraha kali dilélér hadiah sastra LBSS jeung DK Ardiwinata. Buku-bukuna dina basa Sunda nyaéta kumpulan sajak Ngabungbang (2012), kumpulan carpon Lagu Cinta jeung Sajabana (2021), jeung kumpulan naskah drama Satru (2025). Buku kumpulan sajakna, Miang (2017), dilélér hadiah sastra Rancagé. Lahir sarta matuh di Tasikmalaya.  

Posting Komentar

0 Komentar