Sakitan - Lugiena De

 

Jason Voorhees. AI Image.

Mun téa mah tiheula kuring bungah ku promosi jabatan, taya lian lantaran gajih jadi undak, bari pagawéan henteu pati beurat. Sédna ti éta, bisa rada tutah-titah, henteu ukur purah nadah curuk batur. Bubuhan boga bawahan sababaraha guruntul. Atuh rohangan ogé jadi nenggang sorangan. Mun aya sabangsaning rupat-rapat, diuk téh teu weléh dihaturanan di palih girang.

Teu leuwih ti kitu nu karasa basa kuring diangkat jadi kepala.

Lain, lain bungah lantaran aya honor TSTG (ti sisi, ti gigir), atawa lantaran bisa basilat ngagasab duit nagara. Mun enya aya nu boga anggapan kitu, tai ka hulu-hulu. Boloho, odob, tolol! Nganggap kabéh jalma sarua paranjang kokodna. Apan sidik kuring mah bisa nempatan jabatan kapala téh ladang berjoang. Ngaliwatan évaluasi kinerja, uji kompeténsi, penilaian rékam jejak, jeung teuing naon deui.

Tapi, nu teu nyangka, éta nempo batur bet asa jadi béda. Da geura wé, nu asalna unggal panggih sok baketut jadi marurah imut. Nu tara nanya-nanya acan jadi gepyak akuan. Nu beuheungna jagreug kawas bagong ujug-ujug tingsolongkrong. 

“Wilujeng, Bapa! Wilujeng, Ayi! Wilujeng, Akang!”

“Reugreug salira janten kepala mah. Asa aya puntanganeun.”

“Omat, upami aya waktos ameng ka rorompok. Ulah henteu. Urang ngobrol bari nguseup.”

Malah Bapa Berenuk mah, salah saurang pingpinan di bagian séjén, nepi ka ngahaja datang nepungan. Sakitu tiheula mah ana disalaman ogé sok ngalieus miceun beungeut.

“Akang bingah pisan ningal Ayi majeng karirna. Ti basa éta kénéh ogé Akang mah tos cop lelembutan. Mémang ukur Ayi anu cocog nempatan ieu jabatan. Anu pangpangna, Akang ngaraos aya réncang pakumaha. Mugia baé urang tiasa silih bantosan saupami aya karerepet,” cenah.

Dipikir-pikir, boa enya méméhna mah panon sorangan anu salah nénjo. Tétéla geuningan alam dunya téh sakieu éndahna. Langit katempo cangra. Mangpirang sora lir simfoni musik klasik.

Kitu deui si manéhna, randa méncrang panyileukan anu dinesna di protokolér instansi. (Kungsi boga salaki ka perwira pulisi. Maot bunuh diri. Pasalna: ngalambang sari.) Manéhna jadi sok ngahajakeun ngaliwat ka hareupeun. 

“Bapa mah mani tara naros ka abdi téh. Sakitu ari dina acara ku abdi sok diabsén,” pokna bari ngelétan.

Inget basa balik dilantik. Nyimpang ka imah kolot, niat rék munjungan, ari pék geus nyampak pésta sukuran. Dina méja ngampar idangan. Guramé jeung bakakak teu sirikna ngabarak. Malah aya kambing guling sagala.

“Mamah kagungan artos ti mana?” pok téh bari kerung.

“Ulah sok korét ari geus jadi kepala mah. Komo ieu ka kolot,” kalah mapatahan.

Pagétona, indung ngocal-ngocal hayang meuli Hérmés. Ari bapa jadi unggah adat tina Dji Sam Soe jeung Kawa-Kawa kana Hibiki jeung Cohiba. 

Lima poé ti harita, teu gugur teu angin lanceuk ujug-ujug nga-WA. Padahal taun-taun tara patanya alatan kungsi paséa rongkah.

“Balaka baé, Aa téh rumasa dosa ka Apang. Geus lila hayang ménta dihampura. Ngan can werat waé. Muga-muga urusan nu baheula henteu jadi kapapanjangan. Da jeung saha deui atuh urang téh silih pikanyaah, silih tulungan, ari lain jeung dulur sorangan?”

Ku kuring dibales rada panjang. Intina sarua bungah lantaran geus bisa silih lubarkeun. 

“Aa téh rék nguliahkeun si cikal. Sugan Apang bisa diinjeuman,” pokna dina WA saterusna. 

Teu loba omong, geuwat ditransfer.

Di imah ogé pamajikan jadi resep midang. Dasterna tali hiji. Malah sok ngahaja disungkab-singkab bari seuri.

“Liburan yu, Pap, ka Singapura. Kamarna ulah ngahiji jeung barudak. Agar bisa sepuasnya,” cenah bari gék dina lahunan.

Kapaksa diturut. Kukurilingan di nagri sagedé pelok. Balikna angkaribung ku balanjaan.

“Yi Apang mah can katingal gentos mobil ningan. Ulah kawon ku nu sanés atuh, Yi,” omong Bapa Berenuk dina hiji poé. Ka dituna tuluy haharéwosan perkara pengajuan anggaran, bari direumbeuy ku omat-omatan.

Komo éta lamun geus datang dunungan, Bapa Kepala Daérah. Sasatna kudu sagala disayagikeun. Di kantor dadak sakala parasmanan. Acan deuih ngamplopan. Mangkaning ari sakalina sumping téh sok ngabring. Ti mimiti supir, aparat pengawal, ajudan, fungsionaris partéy, dedengkot ormas, anggota déwan, ah … loba wé cindekna mah. Kitu deui lamun usum pamariksaan. Kapaksa sok ruwal-rawél heula, dapon aya keur panyocokna. 

“Kurang cantik, Pang, maén téh. Kadé, ulah hantem-hanteman teuing ngedukan ti goah. Mangpaatkeun lélang jabatan jeung lélang proyék,” omong hiji pajabat senior, bari saterusna ngasongkeun calon keur lélang.

Henteu, sing demina gé, henteu niat curaling tadina mah. Tapi dina pamustunganana loba duit anu brul-brol kaluar. Laporan taunan ukur judulna, da eusina mah éstuning malulu manipulasi.

Tapi dipikir-pikir, kagok borontok kapalang édan. Maenya aing sorangan teu ngasaan? Saeutik-loba, dosana sarua. Mending ngahajakeun sakalian. 

“Pamajikan mah, Pang, ibarat piyama. Ukur keur pakéeun di imah wungkul. Di luar mah kudu ganti, atuh,” ki sobat ngangsonan, basa hiji mangsa manéhna datang rék ménta tulung lantaran kudu nutupan BOS sakola.

Antukna si randa méncrang dipihukum. Siri, bari teu sirikna dibuni-buni. Ipekahna: imah agréng di perumahan élit katut Vios Hybrid hiji.

Atuh sabulan saméméh ditahan, kuring ngagelar pésta sukuran. Nyao sukuran naon. Nu sidik sakur koléha jeung kawawuhan mah taya nu kaliwat diondang. 

“Di ieu kota mah teu aya hiji ogé pajabat anu balabahna kawas Bapa Apang Burangrang. Komo kana kagiatan kasenian mah,” omong hiji jalma, anu sok nikukur nyebut dirina budayawan, dina riungan.

“Pokona mah, Pa Apang, wangsul ti dieu abdi bakal nyerat panjang perkawis salira dina média,” wartawan bodrék ngéngklokan. 

Tapi teu euweuheun deuih nu ngomongkeun ogé. Sakitu nu boga hadasna aya di dinya, kolu wani tingkecewis tukangeun. Ngadon meureupan dina jero saku.

“Wuah, pajabat waduk! Tataian ngayakeun sukuran. Da moal ti mana deui duitna mah …,” omong nu hiji.

“Pamajikanana ogé beuki hurung-hérang ayeuna mah. Jaba ari datang ka kantor sok loba paningkahna, wani nyarékan bawahan,” omong nu séjén.

“Sakeudeung deui ogé ditekuk BPK geura. Da geus ramé gosipna. Dasar bangsat nagara!” omong nu némbalan.

Tapi éta nu tingkecewis kitu téh geuningan ari baranghakanna mah badis nu kokoro manggih mulud. Céplakna tarik. Seurina nyakakak. Kitu deui lebah balikna. Amplop anu geus meunang nyadiakeun angger disakuan. Oléh-oléhna dijingjing. Lebokeunana digiwing. Méméh ngaléos popoyongkodan sasalaman bari nuhun-nuhunan. Malah aya nu tuluy sun tangan.

Sarta dina pamustunganana, éta béja teu ngeunah téh teu burung tul-tél ka mana-mana. Nu haruwas-haréwos beuki harus. Kaasup di kantor sorangan. Apang Burangrang, pajabat ésélon anyar, kaceluk korup, beuki kana duit.

“Kadé Pang, euy! Geus masuk radar,” ucing gering ti inspéktorat ngahaja datang nepungan. Balikna teu poho dikeupeulan.

Sarta ti saprak harita ogé jalma-jalma jadi rarobah budina. Malah pikacuaeunana asa leuwih-leuwih ti mimiti. Teu kurang-kurang anu tadina larbek jadi embung ditepungan. Anu tadina tingsolongkrong jadi paheula-heula tinglaléos. Cindekna asa ganti kaca mata, ti nu tadina béngras cangra jadi rumeuk hideung.

“Kadé Pang, Bapa mah teu kungsi ngadidik Apang jadi maling. Sing inget kana kahormatan kulawarga,” omong bapa bari nyerebungkeun haseup surutu sarta ngucrek-ngucrek whisky dina gelas.

Kitu deui lanceuk anu gawéna tuksel barangpénta, teu petot nyalahkeun najan ukur ngaliwatan WA. “Kaharti meureun nya, naon sababna urang baheula patelak? Apang téh sok dapon hayang ngeunah, bari poho kana moral jeung étika,” omongna.

“Pokona upami dugi ka urusan jeung hukum, abdi mah alim kacacandak,” omong si randa méncrang (aéh, geus dikawin kétang ayeuna mah), bari geuwat ngasupkeun sértifikat imah, BPKB mobil, jeung perhiasan kana kantong.

Mana komo pamajikan mah. Da ku taksiran béja kuring kawin deui ogé geus nepi ka manéhna. Nyao saha anu ngabocorkeun. Antukna gugatan cerai asup ka pangadilan. Barudak, surat-surat asét, katut mobil dua dibekel ka imah mitoha. Atuh basa kuring titis tulis dirompian beureum ngora, dijebloskeun ka panjara, sakali ogé manéhna teu kungsi ngelol ngalongok.

Tah kitu, pamiarsa, dongéng kuring jadi sakitan téh. 

Mun téa mah ayeuna kuring dianggap jalma sésa, dihina disisia, ditulis ngajeblag dina média, disebut koruptor garong nagara, kuring banget narima. Enya, rumasa! Tapi paneda mah ulah kabéh teuing diteumbleuhkeun ka kuring. Ulah, ulah kabéh diteumbleuhkeun ka kuring!

(Disangling tina carpon “The Confession” karya Anton Chekhov.)



LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, naskah drama, tug ka buku pangajaran. Tilu kali dilélér hadiah LBSS (2006, 2013, 2022). Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016). Ayeuna ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Ari matuh di Kacamatan Selaawi, Garut.

Posting Komentar

0 Komentar