Tapak Lacak D.H. Cannaarts - Atép Kurnia

 

Patung Kuda, Kuningan. AI Image.

Kungsi nulis méméhna téh, najan saeutik. Sausap saulas basa nulis ngeunaan tapak lacak R.A.A. Bratadiwidjaja, Patih Cirebon jeung Sukapurakolot manten, nu kawentar bujangga téa. Nu harita kungsi kasabit-sabit téh Cannaarts. Manéhna téh nu nitah Bratadiwidjaja ngarékam carita pantun Lutung Kasarung.

Sanggeus ngotéktak, nataban sakur pustaka nu nyabit-nyabit ngaran Cannaarts, kakara ray-rayan tapak lacakna. Sihoréng lumayan gedé kontribusina keur panalungtikan kasundaan. Malah bisa jadi, kakolom salah saurang Sundanicus entragan awal, kawas Andries de Wilde, dina paro kahiji abad ka-19.

Ayeuna urang cukcruk raratanana heula. Ngaran lengkepna Dominique Hendrikus Cannaarts, disingget D.H. Cannaarts. Ieu téh kapanggih dina Genealogische en Heraldische Gedenkwaardigheden Betreffende Europeanen op Java (1934) beunang Mr. P.C. Bloys van Treslong Prins. Di dinya ditulis kieu: “Rustplaats van Dominicus Henricus Cannaarts in leven Indisch ambtenaar geb. te Batavia 4 Feb. 1807 overl. te Koeningan 13 January 1864”. Hartina, kurang-leuwih tempat dipendemna D.H. Cannaarts nu basa keur hirupna kungsi jadi amténar Hindia Walanda. Manéhna lahir di Batavia, 4 Pébruari 1807, sah ti dunya di Kuningan, 13 Januari 1864.

Hal éta kajawab dina imexbo.site nu midangkeun tulisan “Het kerkhof van TJIGOEGOER (heden ten dage CIGUGUR)” atawa pajaratan Cigugur. Hartina Cannaarts bisa jadi dipendemna di Cigugur. Di dinya diécéskeun ngeunaan Moeder van Dugteren alias Henriette Geertruida Godefrieda Cannaarts nu maot 21 Juli 1913 turta dimakamkeun di Cigugur. Cenah Henriette téh lahir di Bogor, 2 Januari 1832, anak ti D.H. Cannaarts (Asistén Residén) jeung nyai-nyai Tionghoa, Loa Ga Nio. Satuluyna, Cannaarts kawin ka Catharina Maria (C.M.) Lutgens, nu maot di Kuningan, 22 Maret 1885.

Salian tina éta dua sumber, cukcrukan téh tina koran jeung majalah sajaman. Geura, warta kawinna ka C.M. Lutgens di Bogor, 22 Oktober 1834, kapanggih dina Javasche courant édisi 8 Nopémber 1834. Saméméhna dina Almanak en naamregister van Nederlandsch-Indie ti édisi 1831 nepi ka 1832, D.H. Cannaarts kacatet nganjrek di Distrik Bogor. Ari dina édisi 1833, pangpangna dina daptar “Controleurs over de Landelijke Inkomsten”, kacatet jadi kontrolir kelas tilu di Karesidénan Cirebon. Dina Almanak en naamregister van Nederlandsch-Indie édisi 1847, manéhna masih kacatet di Cirebon. Kalawan catetan, dina édisi 1840 geus naék jadi kelas dua jeung dina édisi 1843 jadi kelas hiji. Salila di Cirebon, manéhna kungsi ngalanggan (“Lijst der Inteekenaren”) Tijdschrift voor Neerland's Indie͏ sakumaha nu kacatet dina taun 1838.

Kakara dina Almanak en naamregister van Nederlandsch-Indie édisi 1848, kanyahoan Cannaarts téh jadi asistén residén Galuh. Harita nu jadi bupatina Radin Tommongong Koesoema di Natta. Ari jaksana Radin Anga Pradja, jeung panghuluna Abdulla Ibrahim. Ari dina édisi 1850, salian ti Cannaarts jadi asistén residén Galuh, bupatina masih Radhen Toemenggoong Aria Koesoema di Natta (katambahan gelar Aria), jaksana diganti ku Radén Arga Koesoema, jeung panghuluna masih Abdoellah Ibrahim.

Satuluyna dina édisi 1851 nepi ka 1860, D.H. Cannaarts kacatet nganjrek di Batavia. Harita manéhna kacatet digawé di “Wees- en Boedelkamer en Sequester” atawa déwan wali, harta warisan, jeung kurator sitaan. Sedengkeun dina koran ditétélakeun diangkatna Cannaarts tina asistén residén Galuh jadi anggota saheulaanan déwan wali di Batavia (“tijdelijk lid bij de weeskamer te Batavia”) téh diwartakeun dina awal Méi 1850 (Javasche courant, 8 Méi 1850). Nu ngagantina di Galuh nyaéta J.E. W.A. Lange (Javasche courant, 6 Juli 1850). Satuluyna, kalawan paméntana sorangan, Cannaarts eureun digawé di déwan wali dina 1854 (Samarangsch advertentie-blad, 1 Séptémber 1854). Pangsiunna tina dines pamaréntah mah kakara taun 1858 (De Oostpost, 12 Agustus 1858).

Ari iber maotna antarana kapidangkeun dina Javasche courant édisi 27 Januari 1864 jeung 30 Januari 1864. Di dinya C.M. Cannaarts (née Lutgens) katut H.G.G. Holmberg de Beckfelt mertélakeun yén sanggeus gering ngalanglayung salila-lia, D.H. Cannaarts nu keur hirupna jadi amténar Hindia Walanda sah ti dunya, 13 Januari 1864.

Sakitu sausap saulas riwayat hirupna mah. Ayeuna urang titénan naon pangna D.H. Cannaarts bisa dikolomkeun salah saurang Sundanicus entragan awal kawas Andries de Wilde. Ngan nu matak hélok mah méh kabéh kontribusina pikeun kasundaan kakakara mucunghul dina taun 1845, waktu jadi kontrolir di Kuningan. Geura nya urang téték.

Kahiji, aya patula-patalina jeung budidaya kuda di Hindia Walanda. Ngeunaan hal ieu kapanggih dina tulisan beunang Stampa, nu ngajabat “de 1e Luitenant der Kavallerie, Adjudant van den Kommandant van het Indisch leger” (létnan hiji kavaleri sarta jadi ajudan komandan tentara Hindia). Judul tulisanana “De Paarden in Nederlandsch Oost-Indie” (kuda di Hindia Walanda), dimuat dina Militaire Spectator: Tijdschrift voor het Nederlandsche leger, Jrg 14, No. 8 (1846).

Dina tulisan nu dianggeuskeun di “Batavia, Maart 1845”, Stampa ngécéskeun yén di Hindia Walanda téh aya tujuh ras kuda asli, nyaéta “Het Makassaarsche paard” (kuda Makassar), “Het Bimaneesche” (kuda Bima), “Het Timoresche, Rottinesche en Sandelwoodsche” (kuda Timor, Roti jeung Sandel), “Het Battakpaard van Sumatra” (kuda Batak ti Sumatra), “Het gewone Javasche en het Preanger-paard” (kuda Jawa biasa jeung kuda Priangan), “Het Koeninganger” (kuda Kuningan), jeung “Het Kadoesche paard” (kuda Kedu).

Nu aya gantar kakaitanana jeung Cannaarts nyaéta kuda Kuningan. Ceuk Stampa, dumasar katitén jeung bantuan Residén Cirebon Ament, manéhna meunang raratan kuda Kuningan ti Cannaarts, nu harita jadi kontrolir pepelakan di Kuningan (“Aan de welwillende bemoeijing van den heer Ament, resident van Cheribon, heb ik de volgende inlichtingen omtrent dit ras, door den heer Cannaarts, controleur van cultures te Koeningang gegeven, te danken”).

Demi katerangan nu ditepikeun ku Cannaarts téh ngeunaan gambaran kuda Kuningan. Éta kuda cenah kuda leutik, ngan awakna kaasup proporsional. Huluna pondok jeung rubak. Bagian bujurna leuwih rubak jeung buleud batan umumna kuda di Batavia. Umumna bumiputra percaya ras kuda Kuningan téh asalna campuran antara jaluna kuda Semprani jeung bikangna kuda lokal. Cenah bumiputra mah nepi ka harita gé sok nungtun kuda bikang ka pasir atawa gunung leutik nu disebut Bongkirit. Ceuk kapercayaan, Bongkirit téh tempat matuhna kuda Semprani jaluna téa, najan teu katingali bungkeuleukanana mah.

Ciri-ciri kuda Kuningan nu diasongkeun ku Cannaarts, umumna maké kosa kecap Sunda. Di antarana huluna sangloep mayat, matana ngembang étjéng, ceulina moeloes tiengas, beuheungna walang gepoek, dadana dada kebo, suku hareupna lemes, awakna malapagedang (malapah gedang), bujurna baligo satoegel, pingping tukangna pienping gazier (pingping kasir), buntutna kembang glaga (kembang galagah), susurina ipis, liang irungna rebéh, huntuna semoetongar (semu tonggar), jeung biwirna teu pati kedewil. Pulas nu pangdipikaresepna hideung jeung coklat kolot. Sedengkeun nu pangteudipikaresepna nu pulas konéng belut. Kitu deui pulas hawuk teu dipikaresep, da wungkul dipaké ku lurah-lurah baé. 

Ti dinya urang jadi meunang gambaran, bisa jadi D.H. Cannaarts téh ngayakeun panalingaan langsung ka bangsa bumiputra nu ngingu kuda Kuningan. Moal boa manéhna ogé ngumpulkeun kosa kecap Sunda nu patula-patali jeung tagogna kuda Kuningan. Kitu deui kapercayaan bangsa bumiputra kana bibit-buit éta kuda, milu dicatet deuih. Kitu téa mah kaharti, da Cannaarts téh boga kakawasaan. Manéhna kontrolir nu tangtuna dipikagimir, boh ku para ménak boh ku cacah kuricakan. Ieu téh sanggeus manéhna meunang paménta ti dununganana, Residén Cirebon Ament, nu dipinangsaraya ku Stampa.

Nu kadua, aya patalina jeung basa Sunda. Nu ieu mah kapanggih tina tulisan W.R. van Hoevell, “Bijdrage tot de Kennis der Badoeinen, in het Zuiden der Residentie Bantam” nu dimuat dina Tijdschrift voor Neerland’s Indie, jrg. 7, deel 4 (1845). Sakumaha nu kasawang tina judulna, éta tulisan medar pangaweruh ngeunaan urang Baduy di kiduleun Karesidénan Banten. Jero-jerona mah ngadadar lalampahan W.R. van Hoevell ka Baduy dina bulan Juni 1845. 

Ceuk van Hoevell, tilu taun méméhna (1842), nalika aya di Karesidénan Banten, manéhna satékah polah ngawujudkeun kahayangna nyaba ka Baduy. Hanjakal, harita mah can bisa katedunan. Dina Juni 1845, lolongkrangna teu burung cunduk (“Drie Jaren geleden in de residentie Bantam mij bevindende, stelde ik alle mogelijke pogingen in ’t werk, om aan die begeerte te voldoen, maar mogt mijn wensch niet vervuld zien. In de maand Junij 1845 bood zich daartoe eindelijk de gelegenheid aan”). Rombongan nu maturanana aya Asistén Residén Warung Gunung H. van Noord Borski, Kontrolir Lebak J. W. Kloprogge, jeung Bupati Banten Kidul, Radén Adipati Karta Nata Negara.

Nu matak narik, informasi nu kakumpulkeun ku W.R. van Hoevell ngeunaan urang Baduy kawasna ditepikeun maké basa Sunda. Harita tangtu van Hoevell teu bisaeun basa Sunda. Nu matak, tarjamahan dokumén nu ditulis dina basa urang Baduy, nu kapanggih dina tulisanana, dipercayakeun ka D.H. Cannaarts, kontrolir kelas hiji di Kuningan, Karesidénan Cirebon, nu heubeul di Tatar Sunda, katut kagumatian enggoning diajar kasundaan, tabah pisan kana basa Sunda, sarta bisa neuleuman talari parantina (“De vertaling der stukken, in de taal der Badoeinen geschreven, welke men in dit opstel zal aantreffen, heb ik in handen gesteld van den heer D. H. Cannaarts, Controleur der 1ste klasse te Koeningan in de residentie Cheribon, een man, die door zijn langdurig verblijf in de Soenda-landen, en de naauwkeurigheid waarmeê bij de Soendanezen heeft bestusteerd, hunne taal volkomen verstaat, en in hunne zeden en gewoonten geheel is doorgedrongen”).

Béh dituna, Cannaarts téh sanggup méré katerangan-katerangan nu gedé mangpaatna keur W.R. van Hoevell enggoning ngalenyepan Baduy kalawan leuwih teleb (“Hij heft wel de goedheid willen hebben, mij eenige ophelderingen mede te deelen, die mij tot beter verstand der zaak van groot nut zijn geweest”).

Tina katerangan nu ditepikeun ku van Hoevell, urang bisa ngiker-ngiker ti iraha Cannaarts ngulik basa Sunda. Mun ningali cukcrukan pagawéanana, sigana manéhna geus diajar basa Sunda ti saprak kacatet nganjrek di Bogor dina taun 1830. Komo deui sanggeus dijungjung lungguh jadi kontrolir di Kuningan mah. Sabab mindeng kudu turni, ngaroris ka wewengkon pagawéanana nu rata-rata masarakatna ngaromong Sunda, tangtu kamampuh kana basa Sunda téh kapaké pisan ku Cannaarts. Nu matak, ceuk van Hoevell geus heubeul ogé. Atuh munasabah basa van Hoevell nyaba ka Baduy jeung perelu ditarjamahkeun kana basa Walanada éta katerangan tina basa Sunda téh, Cannaarts kaselir jadi juru tarjamahna. Ku wasilahna, pangaweruh kolonial kana ayana urang Baduy katut budayana jadi beuki nambahan. Éta téh sabada C.L. Blume nu kungsi ogé nulis ngeunaan Baduy dina taun 1822. 

Hiji deui, aya patalina rékaman carita pantun Lutung Kasarung, nu sarua dipigawé dina taun 1845. Nu ieu mah kapanggihna dina tulisan “Het Soendasche Pantoen-Verhaal Loetoengkasaroeng” beunang R.A. Kern nu dipidangkeun dina Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde van Nederlandsch-Indië, Vol. 4, 1940. Di dinya kapanggih katerangan ti R.A.A. Bratadiwidjaja dina naskah “Cod. Sund. 35 ex. legato C. Snouck Hurgronje, Universiteitsbibliotheek Leiden” nu dijudulan Iyeu Tjarita Loetoengkasaroeng.

Ceuk Bratadiwidjaja, “Ijeu wawatjan lalampahan Loetoeng Kasaroeng. Nja eta Goeroeminda patandjalaseda noe garwaan ka Maha Dewi Poerbasari seuweu Praboe Tjioengwanara Nagara Pakoean Dapoer tina lagam pantoen noe ngaran aki Kriawatjana di dessa Darma Koeningan ditjangkok koe kersana noe ngajasa kangdjeng Toean D. H. Cannaarts netkala djadi controleur der landelijke incomsten en Cultures di Koeningan, sagendingna aki pantoen ditjandak koe toelisan aksara djawa, noe dipiwarang noelis magang andjeuna wasta Aboebakar noedjoe tahoen 1845”.

Hartina, basa Bratadiwidjaja masih magang di Kuningan sarta ngaranna masih Aboebakar, manéhna dititah ngarékam carita pantun Lutung Kasarung ku D.H. Cannaarts. Cara ngarékamna sacara verbatim, nyaéta ana pok Aki Kriawatjana ngagalantang téh langsung dituturkeun diturun ku Aboebakar dina wangun tulisan. Hartina, di dieu aya prosés transmisi tina basa lisan kana basa tinulis, anu ukuran harita mah tangtu bangga pisan. Sabab can aya alat keur ngarékamna nu bisa diputer bulak-balik disetél kawas kiwari. 

Leuwih jauhna, tarékah D.H. Cannaarts téh kaasup tarékah awal ngamumulé warisan budaya Sunda minangka objék tilikan nu pantes dikumpulkeun, dikolom-kolomkeun, disebarkeun, dipikanyaho jeung dilenyepan sangkan jadi dedek angen-angen. Paling henteu keur kaom kolonial anu masih talag-tolog néangan jeung muguhkeun Sunda. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén tarékah Cannaarts téh miheulaan léngkah-léngkah K.F. Holle, J.J. Meijer, Snouck Hurgronje, jeung sajabana.







ATEP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Nulis artikel dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung

Posting Komentar

0 Komentar